Anda di halaman 1dari 7

SAKADANG KUYA & SAKADANG M*NYET

NGALA NANGKA"

Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet Ngala Nangka

Kacaritaheun sakadang monyet jeung sakadang kuya keur sarare disisi


hutan deukeut walungan, dina tangkal kiara. Sakadang kuya mah sare
dihandap disela-sela akar, ari sakadang monyet mah sare dina dahan anu
panghandapna, teu pajauh.
Maksud teh ngameh bisa bari ngobrol memeh sare, atawa bisa silih
geuingkeun bisi aya nanaon. Dug weh duanana sare mani tibra. Teungah
peuting sakadang monyet nyaring, terus ngahudangkeun sakadang kuya.
"Sakadang kuya, sakadang kuya.." ceuk sakadang monyet "naon sakadang
kuya" tembal sakadang monyet "kuring ngimpi manggih tangkal nangka anu
buahna geus arasak, dina mimpi teh katingali deuih tempatna dimana" ceuk
sakadang monyet "dimana ?" ceuk sakadang kuya.
"Diteungah leuweung" ceuk monyet "keun atuh isuk wang teang, ayeunamah
sare deui we da peuting keneh." tembal kuya ari geus kitu teh dug weh
sakadang monyet mah langsung sare, meni dug sek. ari sakadang kuya mah
hulang huleng keneh dan hese sare deui.
Keur hulang huleng kitu, sakadang kuya ngadenge sakadang monyet
ngalindur, pokna teh "Ah isukan mah kuurang rek dihakan eta nangka teh
kusorangan, keun we da sakadang kuya mah teu bisaeun naek tangkal ieuh,,
hahaha".
Ngadenge kitu, sakadang kuya ngahuleung, kapikiran caritaan sakadang
monyet keur ngalindur. kapikiran, sok sieun bener. sanggeus rada lila
mikiran, akhirna manehna meunang akal. trus dug weh sare.
Isuk-isuk sakadang monyet geus hudang tuluy ngageuingkeun sakadang
kuya. "Kuya, kuya, geura hudang buru, wang teang nangka tea" ceuk
sakadang monyet "Kela atuh tunduh keneh.." tembal sakadang kuya "Eeh
buru, kaburu kubatur" ceuk sakadang monyet bari ngoyag ngoyag awakna
ngameh hudang.
"Nya hayu atuh ari kitu mah" ceuk sakadang kuya bari lulungu keneh Arindit
weh maranehna teh katempat tangkal nangka nu aya dina mimpi sakadang
monyet. Ari pek teh bener, tangkal nangka eta teh aya.
Ceuk kuya, "Sok atuh monyet gera naek, da urang mah teu bisa naek
tangkal.." "Kela, urang teu bisa ngabedakeun mana nangka nu asak jeung
mana nangka nu atah keneh kuya" ceuk monyet memeh naek Bari seuri dina
hate.
Sakadang kuya ngajawab, "Lamun sorana plek plek plek berarti nangka eta
geus asak, lamun sorana pluk pluk pluk berarti nangka eta atah keneh.."
"Oh heug atuh" ceuk sakadang monyet bari langsung nerekel naek. bari
gagalantungan neangan nangka, dina jero hate na manehna ngomong,
"kuurang mah rek dibere nu atah we sakadang kuya mah, keun we lamun
protes naha mere nu atah, rek dititah naek tangkal we. hahaha"
Terus weh ngalaan nangka si monyet teh, anu sorana plek plek plek mah
diteundeun diluhur keur didahar kusorangan, ari nu sorana pluk pluk pluk
mah dialung-alungkeun kahandap.
Padahal mah nu asak mah lain nu sorana plek plek plek, tapi nu sorana pluk
pluk pluk anu dialung-alungkeun ka si kuya.
Nya puguh we pas sakadang kuya ngadahar nangka teh lainna amis, malah
narapel si geutahna kana awak jeung kana biwir. "Uya, naha nanga urang
mah atah euningan ? ceuk sakadang monyet bari balelol ngomongna da
biwirna pinuh ku geutah.
"Apan maneh anu ngalung-ngalungkeun kahandap mah, urang mah ngan
saukur narima hungkul." bari keur ngadahar nangka teh, tereh beak.
"Ah manehmah tega ka babaturan teh, maenya urang dibere anu atah" bari
cireumbay da teu ngadahar nangka asak.
Akhirna mah sakadang kuya balik bari wareug, ari sadakang monyet mah
indit duka kamana da baeud tea.
"SAKADANG MAUNG JEUNG SAKADANG
BAG*NG"

Sakadang Maung jeung Sakadang Bagong

Kacaritakeun di hiji leuweung ganggong simagongong, aya bagong keur


anakan. Eta bagong teh keur huleng jentul wae bangun ngemu kabingung.
Pangna kitu lantaran poe eta manehna kudu nedunan jangji ka Sakadang
Maung, nyaeta masrahkeun anakna.
Hiji waktu manehna kungsi dikerekeb ku Sakadang Maung. Harita Sakadang
Bagong ceurik. “Sing karunya bae ka kuring, Sakadang Maung! Kuring teh
geus kolot, dagingna oge tangtu nya liat nya kelang.
Kieu bae, engke lamun anak kuring geus lahir, ku kuring rek dibikeun ka
andika. Tangtu dagingna empuk tur pelem.” Ngadenge caritaan Sakadang
Bagong kitu, Sakadang maung teh teu tulus ngerekeb. Hiji waktu manehna
rek datang deui, nagih jangji.
Nya harita, waktu Sakadang Bagong geus anakan, manehna kudu
nyumponan jangjina. Tapi piraku aing rek tega mikeun anak ka Sakadang
Maung? Kumaha akalna sangkan anak aing teu tulus dihakan? Sakadang
Bagong terus uleng mikir, neangan piakaleun.
Keur kitu aya Sakadang Peucang nyampeurkeun. “Ku naon andika bet kawas
nu keur bingung kacida, Sakadang Bagong?” Sakadang Peucang nanya.
Gorolang Sakadang Bagong nyaritakeun ku naon pangna manehna
baluweng poek pipikiran.
Sakadang Peucang ngahuleng sakedapan. Teu lila pok nyarita: “Euh
gampang atuh ari kitu mah. Andika ulah hariwang, keun kumaha kuring bae.
Urang neangan akal sangkan anak Ki Silah salamet tina panandasa
Sakadang Maung. Dagoan heula di dieu, kuring rek neangan Sakadang
Landak!”
Sakadang Peucang ngaleos. Teu lila oge geus ngurunyung deui dibarengan
ku Sakadang Landak. Manehna terus ngajak indit ka hiji guha.
Tepi ka guha nu dituju, sakadang Peucang metakeun akalna. Sakadang
Landak kudu asup ka jero guha, ngaringkuk di nu rada poek.
Buluna anu kawas cucuk teh kudu dipuridingkeun. Sakadang Bagong kudu
cicing di lawang guha, ngabageakeun Sakadang Maung lamun engke
ngurunyung. Ari manehna kadua anak Sakadang Bagong rek nyarumput di
nu buni.
Teu lila Sakadang Maung geus rentang-rentang datang. Ti kajauhan oge
geus ngagerem, nyingsieunan Sakadang Bagong. “Mana anak sampean teh,
Sakadang Bagong?” cek Sakadang Maung bari jungang-jengong.
Sakadang Bagong antare nembalan: “Tuh, di jero guha. Tah geuning katenjo
ti dieu oge, ngaringkuk di juru. Pek ayeuna kuring masrahkeun, nedunan
jangji ka andika. Didaharna ulah dilila-lila, teureuy bae sakaligus, sing ulah
kadenge ceurikna.
Jig geura sampeurkeun, kuring rek indit heula, teu kaduga nenjona.”
Sakadang Maung nenjo rarat-reret ka jero guha. Enya bae katenjoeun aya nu
ngaringkuk di juru. Awahing ku atoh bari teu kuat hayang geura ngerekeb,
gabrug bae nu ngaringkuk teh dirontok, disamualkeun.
Puguh bae cucuk landak teh rungseb manggang sungutna. Sakadang Maung
gegerungan, sungutna baloboran getih. Diutah-utah oge landak teh teu
daekeun kaluar, da cucukna naranceb pageuh pisan. Antukna Sakadang
Maung teh paeh. Sakadang Landak ngurumuy kaluar tina sungutna.
Sakadang Bagong kacida bungaheunana. Anakna salamet. Manehna
nganuhunkeun pisan ka Sakadang Peucang anu geus mere pitulung ka
dirina. Kitu deui ku Sakadang Landak oge manehna kahutangan budi.
Sakadang Peucang jeung Sakadang Landak tuluy arindit deui ninggalkeun
Sakadang Bagong.
Sakadang kuya jeung monyet ngala cabe

Isuk-isuk sakadang kuya moyan di sisi leuwi. Keur kitu torojol sobatna nya
eta Sakadang Monyet.
“Sakadang Kuya!” Sakadang Monyet ngageroan. “Kuk!” Tembal Sakadang
Kuya. “Sakadang Kuya!” “Kuk!” Sakadang Monyet nyampeurkeun ka
Sakadang Kuya.
“Keur naon Sakadang Kuya?” “Ah keur kieu we, keur moyan.” “Ti batan
cicing kitu mah mending ngala cabe, yu!” “Di mana?” “Di kebon Patani,
mangka cabena geus bareureum.”
“Embung, ah. Sakadang monyet mah sok gandeng.” “Moal, moal gandeng
ayeuna mah.” “Nyaan moal gandeng?” “Moal, nyaan moal gandeng.”
“Hayu atuh ari moal gandeng mah.” Bring atuh Sakadang Monyet jeung
Sakadang Kuya teh indit ka kebon patani. Barang tepi ka kebon, katembong
cabe pelak patani geus arasak mani bareureum euceuy. Sup duanana ka
kebon.
Sakadang Kuya moncor kana pager, ari Sakadang Monyet ngaluncatan
pager. Terus bae ngaralaan cabe, didalahar di dinya keneh. Sakadang Kuya
mani seuhah-seuhah bae ladaeun. Kitu deui sakadang monyet. Keur kitu,
ana gorowok teh Sakadang Monyet ngagorowok. “Seuhah lata-lata!”
Maksudna mah “seuhah lada-lada”.
“Ssst, Sakadang Monyet, ulah gandeng atuh!” Sakadang Monyet henteu
ngawaro. “Seuhah lata-lata!” “Sakadang Monyet! Bisi kadengeeun ku Bapa
Tani.” Tapi Sakadang Monyet api-api teu ngadenge. Gorowok deui
bae. “Seuhah lata-lata!”
Kahariwang Sakadang Kuya kabuktian. Sora Sakadang Monyet anu tarik
kadengeeun ku Bapa Tani ti imahna, anu teu jauh ti kebonna. Bapa Tani
gura-giru lumpat ka kebon. Barang nepi ka kebon, katembong aya monyet
jeung kuya keur ngaweswes bari seuhah ngadaharan cabe.
“Beunang siah nu sok malingan cabe teh!” Bapa Tani ngagorowok bari
lumpat muru ka nu keur ngahakanan cabe. Ngadenge aya nu ngagebah,
gajleng bae Sakadang Monyet ngejat, terekel kana tangkal kai.
“Sakadang Monyet, dagoan!” Sakadang Kuya ngagorowok menta tulung.
Tapi Sakadang Monyet teu malire, teu ngalieuk-ngalieuk acan, terus lumpat
gagalacangan dina tangkal kai. Ari Sakadang Kuya, puguh da teu bisa
lumpat, leumpang ngadedod bae. Kerewek bae ditewak ku Bapa Tani.
“Beunang ayeuna mah nu sok malingan cabe aing teh. Ku aing dipeuncit!”
Ceuk Bapa Tani. Kuya dibawa ka imahna, tuluy dikurungan ku kurung
hayam. Angkanan Pa Tani, isukan kuya rek dipeuncit.
Peutingna, sakadang Monyet rerencepan ngadeukeutan Sakadang Kuya, nu
keur cendekul dina jero kurung. “Ssst, Sakadang Kuya, keur naon?”
Sakadang Monyet nanya.
“Eh, geuning Sakadang Monyet, Puguh kuring teh keur ngararasakeun
kabungah.” “Kabungah naon Sakadang Kuya?” “Nya eta, kuring teh rek
dikawinkeun ka anak Bapa Tani.” “Dikawinkeun ka anak Bapa Tani?” “Enya.”
”Nu bener Sakadang Kuya?”
“Piraku atuh kuring ngabohong ka sobat.” “Ngadenge omongan Sakadang
Kuya kitu, Sakadang Monyet ngahuleng sajongjongan. “Kieu, Sakadang
Kuya, kumaha lamun urang tukeur tempat?” ceuk Sakadang Monyet. “Tukeur
tempat kumaha?” “Enya tukeur tempat.
Sakadang kuya kaluar, kajeun kuring atuh cicing di jero kurung.” “Ah,
embung.” “Kuring mah karunya we ka Sakadang Kuya, sapeupeuting
dikurungan.” “Atuh meureun moal jadi dikawinkeun ka anak Bapa Tani teh.”
Sakadang monyet keukeuh maksa, supaya tukeur tempat. Antukna sakadang
kuya teh eleh deet. “Heug bae tukeur tempat, tapi aya saratna,” ceuk
Sakadang Kuya. “Naon saratna?” “Saratna mah gampang. Samemeh anjeun
asup kana kurung, kuring kudu di alungkeun heula ka leuwi.”
“Enya, enteng atuh kitu mah.” Heunteu talangke, Sakadang Monyet
ngaluarkeun Sakadang Kuya tina kurung hayam, tuluy dibawa kasisi leuwi.
Lung bae Sakadang Kuya teh dialungkeun ka leuwi. Sakadang Monyet buru-
buru balik deui ka imah Bapa Tani.
Sup bae ngurungan maneh ku kurung hayam. Ngadedempes ngadago-dago
beurang, hayang geura buru-buru dikawinkeun ka anak Bapa Tani.
Kocapkeun isukna. “Manehna, ka mana bedog teh? Urang asah,” ceuk Bapa
Tani ka pamajikanana.
“Rek naon Bapana isuk-isuk geus ngasah bedog?” “Itu urang meuncit kuya di
pipir.”
Paguneman Bapa Tani jeung pamajikanana teh kadengeeun ku Sakadang
Monyet. Manehna ngagebeg. Lakadalah, geuning aing teh rek dipeuncit, lain
rek dikawinkeun jeung anak Bapa Tani. Rek kabur, geus kagok.
Kaburu aya anak Bapa Tani nyampeurkeun. Gancang bae atuh Sakadang
Monyet teh papaehan, ngabugigag kawas bangke. Barang srog ka dinya,
anak Bapa Tani gegeroan ka bapana. “Bapa! Bapa!” “Aya naon, Nyai?” “Ieu
geuning nu dina kurung teh lain kuya.” “Naon Nyai?”
“Monyet, jeung siga nu geus paeh deuih!” Bapa Tani nu keur ngasah bedog
cengkat, tuluy nyampeurkeun ka anakna. Enya bae geuning dina kurung teh
aya monyet ngabugigag, lain kuya nu kamari. Kurung dibukakeun, monyet
dialak-ilik.
“Naha bet jadi monyet? Jeung paeh deuih.”
“Enya, eta mani geus jeger kitu,” ceuk pamajikanana mairan. Monyet teh
dicokot ku Bapa Tani, lung bae dialungkeun jauh pisan. Barang gubrag kana
taneuh, korejat monyet teh hudang, berebet lumpat, kalacat bae naek kana
tangkal kai.

Anda mungkin juga menyukai