Anda di halaman 1dari 17

1.

GAGAK HAYANG KAPUJI

Aya gagak maling dengdeng ti pamoean. Geleber hiber bari ngaheumheum dengdeng tea
kana tangkal dadap sisi lembur. Kabeneran harita katangeneun ku anjing nu kacida
kabitaeunana da puguh kabeukina. Kusabab kitu, ku anjing disampeurkeun. Tapi
sanggaus anjing aya dihandapeun, boro-boro ditanya teu direret-reret acan.

Anjing mikir piakaleun supaya dendeng tea kapimilik ku manehna. Sanggeus manggih
anjing ngomong, Leuh aya manuk alus-alus teuing. Pamatukna panjang bulu hideung tapi
mani lemes kitu. Manuk naon nya ngaranna? Kawasna mah moal aya tandingna
dibandingkeun jeung cendrawasih ge moal eleh.”

Mimitina mah omongan anjing teh teu didenge. Tapi sanggeus aya omongan moal eleh ku
cendrawasih, gagak atoheun pisan. Manehna kungsi beja yen cendrawasih tehmanuk
pang hadena. Tapi ceuk anjing manehna moal eleh".

Kitu nu matak manehna ngarasa ngeunah kupamuji anjing. Malah ceuk pikirna deui asa
haying ngabagi dengdeng jeung anjing. Ngan kusabab hese meulahna kahayangna teu
kalaksanakeun.

Anjing nempo beungeut gagak marahmay sanggeus dipuji ku manehna. Ceuk pikirna pasti
usahana hasil. Ceuk pikirna deui naon hesena muji-muji keur ngahontal
kahayangna.Kusabab kitu pok deui anjing,”Lamun daekeun mah haying nyobat jeung
manuk nu sakitu lucuna. Ngan rumasa sorangan mah sato hina.

Saumur-umur kudu ngadunungan, sare digolodog, rajeun manggih hakaneun oge


pasesaan. Tapi najan teu bisa nyobat oge jeung manuk lucu, atuh ngadenge-ngadenge
sorana. Meureun moal panasaran teuing!”.

Barang ngadenge pamuji anjing anu sakitu ngeunahna, gagak poho keur ngaheumheum
dengdeng, ngan ngong we disada, “Gaak Gaaak” cenah. Atuh barang engab pamatukna
barang pluk we dengdeng tehmurag. Anjing gancang nyantok dengdeng nu murag tea
tuluy dihakan di nu bala.

Gagak nu hanjakaleun mah teu ditolih. Sababaraha jongjonan gagak teh cindekul we dina
dahan bari ngararasakeun teu ngeunahna ku kalakuan anjing. Manehna karek ngarti yen
anjing muji bebeakan tehhaying dengdeng nu keur diheumheum ku manehna.

Ti dinya mah geleber gagak tehhiber kana tangkal kai rek neangan hileud keur ganti
dengdeng nu disantok ku anjing.
2. WAWALES KA NU TELENGES

Hiji mangsa sakadang puyuh kacida sediheunnana, sabab anakna sadua-dua anu karek
gumuling teu aya dina sayangna. Padahal can lila diparaban.

Sabot indung jeung bapak puyuh ka luar tina sayang rek neangan hakaneun keur anakna,
ari balik anakna geus teu aya. Nu aya teh ngan ukur getih ucrat-acret. Puyuh curiga ka
beurit, sabab cenah geus lila manehna tunghal-tenghol kawas nu keur ngintip.

Malah puyuh meunang beja ti cangehgar nu tara bohong, cenah enya nangenan beurit ka
luar tina sayang puyuh bari sungutna pinuh ku getih. Cangehgar teu bisa nulungan da si
beurit kaburu kabur.

Bakat ku ngenes harita keneh puyuh jalu jeung bikang indit ka sayang alap-alap. Barang
geus panggih derekdek puyuh jalu nyaritakeun kasedih hatena.

Alap-alap nyanggupan mangnaurkeun kasedih puyuh, cenah si beurit rek dijejewet. Ti


harita alap-alap sok nyumput dina tangkal teureup, panonna mah teu weleh gular giler ka
handap nempoan sugan beurit tea ka luar tina sayangna. Kungsi sakali mah alap-alap
nyamber si monyong.

Ngan nu disamber rikat nyumput kana sayangna handapan tunggul. Ti harita nu diincer ku
alap-alap tehteu ka luar deui.

Ari beurit sanggeus rumasa boga dosa ngahakan anak puyuh, bari dirina ngarasa
diancam ku alap-alap, dina hiji peuting kabur. Ngan di perjalanan nyorang wahangan.
Manehna teu biasaeun meuntas.

Keur huleng jentul di sisi wahangan naha atuh ari gajlok tehbangkong hejo ka hareupeun
nana. Puguh we beurit tehkacida reuwaseunana, disangkana alap-alap ngudag, Ceuk
beurit, “Alah sampean mah ngareureuwas!” .

“Naha make reuwas sakadang beurit, kawas boga dosa!” ceuk bangkong. “Rek kamana
ieu tehwayah kieu geus aya di dieu?” ceuk bangkong deui.

Ngadenge omongan bangkong kitu teh beurit balaham-belehem asa kasindiran.


Tungtungna mah beurit waleh hayang dipangmeuntaskeun, sabab cenah aya perlu ka
beulah ditu. Bangkong nyanggupan ngan cenah kudu isuk dimana geus caang, sabab
harita mah poek keneh.

Isukna bangkong nalian suku beurit beulah hareup. Tungtung tali nu sabeulahna deui
ditalikeun kana sukuna beulah tukang. Geus kitu gajlok bangkong ka wahangan atuh
beurit kagugusur.
Ti dinya mah soloyong we bangkong ngojay ka tengah wahangan. Puguh we bangkong
beurateun biasana ngojay sorangan ari harita kudu meuntaskeun beurit.

Barang nepi ka tengah-tengah wahangan, bangkong tehhayangngaheureuykeun beurit. Ti


dinya bangkong teh teuleum ka dasar wahangan. Atuh beurit ka bawa. Beurit
gogorowokan embung di bawa teuteuleuman da cenah eungap. Tapi ku bangkong teu
didenge, lep teuleun deui.

Ku sabab sababaraha kali di bawa teuleum, tungtungna mah beurit nepi ka hanteuna,
paeh. Geus kitu mah bangkong seuri bari ambang-ambangan.

Keur kitu teu kanyahoan ti tadina, kalayang alap-alap nu ngincer beurit ti kamari, seot
nyamber beurit nu geus jadi bangke, ber dibawa hiber ka awang-awang.

Atuh bangkong ge ka bawa, roroesan paureun, da tara biasa ngapung. Mokaha we poe
harita alap-alap meunang kauntungan. Sanggeus meakeun beurit nu sakitu lintuhna,
bibilasna ku bangkong hejo.
3. KUDA HADE BUDI

Aya Maung eukeur mah geus kolot katambah gering, ngalungsar handapeun tangkal kai
bari gegerungan. Sato-sato nu kungsi menang kanyeri ti manehna ngarumpul ngariung nu
keur gegerungan tea.

Ceuk Munding, “Ah siah make gegerungan! Rek nyambat ka saha? Moal aya nu
nyaaheun ka sia mah! Sato jahat!” Munding ngomongna kitu bari ngagadil nu keur
gegerungan.

Nempo kalakuan Munding kitu, sakabeh sato nu harita aya di dinya sareuri akey-akeyan.

Kabeh sato nu aya di dinya ngaheureuykeun Maung nu keur sakarat, kajaba sakadang
Kuda. Nempo sato-sato sejen galumbira teh manehna mah ukur gogodeg.

Ceuk Domba, “Kunaon sakadang Kuda kalah gogodeg kitu? Lain tejeh tah si Belang teh
ku sampean! Lain baheula si Belo ditekuk?” Tembal Kuda, “Kaula mah lain teu ngewa
kana kalakuan Maung teh.

Ngan waktu ieu kaayaanana pan keur gering parna. Manehna teh keur sakarat,
sakeudeung deui oge paeh. Kuduna mah sato nur keur sakarat teh ulah dihareureuykeun
kitu.

Meureun ceuk batur teh, rajeun aya kawani ka anu keur sakarat!” Sanggeus ngadenge
omongan Kuda kitu, sakur sato nu aya di dinya jempe sarta patinglaleos ka leuweung
deui.
4. SAKADANG KUYA JEUNG SAKADANG MONYET NGALA NANGKA

Kacaritaheun sakadang monyet jeung sakadang kuya keur sarare disisi hutan deukeut
walungan, dina tangkal kiara. Sakadang kuya mah sare dihandap disela-sela akar, ari
sakadang monyet mah sare dina dahan anu panghandapna, teu pajauh.

Maksud teh ngameh bisa bari ngobrol memeh sare, atawa bisa silih geuingkeun bisi aya
nanaon. Dug weh duanana sare mani tibra. Teungah peuting sakadang monyet nyaring,
terus ngahudangkeun sakadang kuya.

"Sakadang kuya, sakadang kuya.." ceuk sakadang monyet "naon sakadang kuya" tembal
sakadang monyet "kuring ngimpi manggih tangkal nangka anu buahna geus arasak, dina
mimpi teh katingali deuih tempatna dimana" ceuk sakadang monyet "dimana ?" ceuk
sakadang kuya.

"Diteungah leuweung" ceuk monyet "keun atuh isuk wang teang, ayeunamah sare deui we
da peuting keneh." tembal kuya ari geus kitu teh dug weh sakadang monyet mah langsung
sare, meni dug sek. ari sakadang kuya mah hulang huleng keneh dan hese sare deui.

Keur hulang huleng kitu, sakadang kuya ngadenge sakadang monyet ngalindur, pokna teh
"Ah isukan mah kuurang rek dihakan eta nangka teh kusorangan, keun we da sakadang
kuya mah teu bisaeun naek tangkal ieuh,, hahaha".

Ngadenge kitu, sakadang kuya ngahuleung, kapikiran caritaan sakadang monyet keur
ngalindur. kapikiran, sok sieun bener. sanggeus rada lila mikiran, akhirna manehna
meunang akal. trus dug weh sare.

Isuk-isuk sakadang monyet geus hudang tuluy ngageuingkeun sakadang kuya. "Kuya,
kuya, geura hudang buru, wang teang nangka tea" ceuk sakadang monyet "Kela atuh
tunduh keneh.." tembal sakadang kuya "Eeh buru, kaburu kubatur" ceuk sakadang monyet
bari ngoyag ngoyag awakna ngameh hudang.

"Nya hayu atuh ari kitu mah" ceuk sakadang kuya bari lulungu keneh Arindit weh
maranehna teh katempat tangkal nangka nu aya dina mimpi sakadang monyet. Ari pek teh
bener, tangkal nangka eta teh aya.

Ceuk kuya, "Sok atuh monyet gera naek, da urang mah teu bisa naek tangkal.." "Kela,
urang teu bisa ngabedakeun mana nangka nu asak jeung mana nangka nu atah keneh
kuya" ceuk monyet memeh naek Bari seuri dina hate.

Sakadang kuya ngajawab, "Lamun sorana plek plek plek berarti nangka eta geus asak,
lamun sorana pluk pluk pluk berarti nangka eta atah keneh.."
"Oh heug atuh" ceuk sakadang monyet bari langsung nerekel naek. bari gagalantungan
neangan nangka, dina jero hate na manehna ngomong, "kuurang mah rek dibere nu atah
we sakadang kuya mah, keun we lamun protes naha mere nu atah, rek dititah naek
tangkal we. hahaha"

Terus weh ngalaan nangka si monyet teh, anu sorana plek plek plek mah diteundeun
diluhur keur didahar kusorangan, ari nu sorana pluk pluk pluk mah dialung-alungkeun
kahandap.

Padahal mah nu asak mah lain nu sorana plek plek plek, tapi nu sorana pluk pluk pluk anu
dialung-alungkeun ka si kuya.

Nya puguh we pas sakadang kuya ngadahar nangka teh lainna amis, malah narapel si
geutahna kana awak jeung kana biwir. "Uya, naha nanga urang mah atah euningan ?
ceuk sakadang monyet bari balelol ngomongna da biwirna pinuh ku geutah.

"Apan maneh anu ngalung-ngalungkeun kahandap mah, urang mah ngan saukur narima
hungkul." bari keur ngadahar nangka teh, tereh beak.

"Ah manehmah tega ka babaturan teh, maenya urang dibere anu atah" bari cireumbay da
teu ngadahar nangka asak.

Akhirna mah sakadang kuya balik bari wareug, ari sadakang monyet mah indit duka
kamana da baeud tea.
5. SIREUM JEUNG JAPATI

Aya sireum rek nginum disisi walungan. Keur ngarayap kahandap, manehna tisoledat.
Pluk ragrag kana cai. Hadena caina rada ngeuyeumbeu pelebah dinya mah. Tapi keukeuh
bae ari ngojay kasisi mah manehna teu bisaeun. Sireum gegeroan, ” tulung, tulung, ieu
kuring rek tikerelep, tulungan..!”

Kabeneran aya japati keur cindeten dina dahan kai anu nyodor kaluhureun cai.
Kadengeun aya sireum gegeroan menta tulung. Barang ngareret kahandap, katenjoeun
sireum keur kokosehan. Japati karunyaeun, geleber hibeur bari ngegel daun salambar.

Song diasongkeun daun teh kahareupeun sireum. Sireum tuluy muntang kana daun. Daun
kujapati dibawa ka darat. Sok digolerkeun kana taneuh. Sireum pohara nganuhunkeunana
ka japati anu geus ngaleupaskeun manehanana dina bahaya.

Dina hiji mangsa japati teh cindeten deui dina dahan kai anu nyodor ka walungan tea.
Sireum anu baheula ditulungan ku manehna oge kabeneran aya dihandapeun tangkal.
Harita tikajauhan aya paninggaran nyampeurkeun leumpangna keketeyepan

Teu talangke deui buru-buru sireum nyampeurkeun japati bari ngaharewos ka manehna.
”heh japati, buru-buru geura hibeur, tuh aya paninggaran keur ngintip.” Panigaran geus
ngawengkang bedilna. Tapi japati kaburu geleber hibeur.

Isukna japati papanggih deui jeung sireum. Ceuk japati: ”Nuhun pisan sakadang sireum,
kuring geus ditulungan ku anjeun, leupas tina balai.” Jawab sireum: ”ari eta mah kapanan
kawajiban sarerea, nulungan batur anu rek meunang cilaka, eta wajib. Komo ieu mah
kuring ayeuna hirup keneh teh lantaran geus ditulungan ku sampean.”

Tah kitu cenah lalakon sireum jeung japati anu akur jeung silih tulungan. Abdi gaduh
sisindiran yeuh.... kieu geura ...!!

" Itu lain langlayangan

Manuk heulang puputeran

Hirup teh henteu sorangan

Kudu daek silih tulung. "


6. SAKADANG MAUNG JEUNG SAKADANG BAGONG

Kacaritakeun di hiji leuweung ganggong simagongong, aya bagong keur anakan. Eta
bagong teh keur huleng jentul wae bangun ngemu kabingung. Pangna kitu lantaran poe
eta manehna kudu nedunan jangji ka Sakadang Maung, nyaeta masrahkeun anakna.

Hiji waktu manehna kungsi dikerekeb ku Sakadang Maung. Harita Sakadang Bagong
ceurik. “Sing karunya bae ka kuring, Sakadang Maung! Kuring teh geus kolot, dagingna
oge tangtu nya liat nya kelang.

Kieu bae, engke lamun anak kuring geus lahir, ku kuring rek dibikeun ka andika. Tangtu
dagingna empuk tur pelem.” Ngadenge caritaan Sakadang Bagong kitu, Sakadang maung
teh teu tulus ngerekeb. Hiji waktu manehna rek datang deui, nagih jangji.

Nya harita, waktu Sakadang Bagong geus anakan, manehna kudu nyumponan jangjina.
Tapi piraku aing rek tega mikeun anak ka Sakadang Maung? Kumaha akalna sangkan
anak aing teu tulus dihakan? Sakadang Bagong terus uleng mikir, neangan piakaleun.

Keur kitu aya Sakadang Peucang nyampeurkeun. “Ku naon andika bet kawas nu keur
bingung kacida, Sakadang Bagong?” Sakadang Peucang nanya. Gorolang Sakadang
Bagong nyaritakeun ku naon pangna manehna baluweng poek pipikiran.

Sakadang Peucang ngahuleng sakedapan. Teu lila pok nyarita: “Euh gampang atuh ari
kitu mah. Andika ulah hariwang, keun kumaha kuring bae. Urang neangan akal sangkan
anak Ki Silah salamet tina panandasa Sakadang Maung. Dagoan heula di dieu, kuring rek
neangan Sakadang Landak!”

Sakadang Peucang ngaleos. Teu lila oge geus ngurunyung deui dibarengan ku Sakadang
Landak. Manehna terus ngajak indit ka hiji guha.

Tepi ka guha nu dituju, sakadang Peucang metakeun akalna. Sakadang Landak kudu
asup ka jero guha, ngaringkuk di nu rada poek.

Buluna anu kawas cucuk teh kudu dipuridingkeun. Sakadang Bagong kudu cicing di
lawang guha, ngabageakeun Sakadang Maung lamun engke ngurunyung. Ari manehna
kadua anak Sakadang Bagong rek nyarumput di nu buni.

Teu lila Sakadang Maung geus rentang-rentang datang. Ti kajauhan oge geus ngagerem,
nyingsieunan Sakadang Bagong. “Mana anak sampean teh, Sakadang Bagong?” cek
Sakadang Maung bari jungang-jengong.
Sakadang Bagong antare nembalan: “Tuh, di jero guha. Tah geuning katenjo ti dieu oge,
ngaringkuk di juru. Pek ayeuna kuring masrahkeun, nedunan jangji ka andika. Didaharna
ulah dilila-lila, teureuy bae sakaligus, sing ulah kadenge ceurikna.

Jig geura sampeurkeun, kuring rek indit heula, teu kaduga nenjona.” Sakadang Maung
nenjo rarat-reret ka jero guha. Enya bae katenjoeun aya nu ngaringkuk di juru. Awahing ku
atoh bari teu kuat hayang geura ngerekeb, gabrug bae nu ngaringkuk teh dirontok,
disamualkeun.

Puguh bae cucuk landak teh rungseb manggang sungutna. Sakadang Maung
gegerungan, sungutna baloboran getih. Diutah-utah oge landak teh teu daekeun kaluar,
da cucukna naranceb pageuh pisan. Antukna Sakadang Maung teh paeh. Sakadang
Landak ngurumuy kaluar tina sungutna.

Sakadang Bagong kacida bungaheunana. Anakna salamet. Manehna nganuhunkeun


pisan ka Sakadang Peucang anu geus mere pitulung ka dirina. Kitu deui ku Sakadang
Landak oge manehna kahutangan budi. Sakadang Peucang jeung Sakadang Landak tuluy
arindit deui ninggalkeun Sakadang Bagong.
7. SAKADANG KUYA JEUNG MONYET NGALA CABE

Isuk-isuk sakadang kuya moyan di sisi leuwi. Keur kitu torojol sobatna nya eta Sakadang
Monyet.

“Sakadang Kuya!” Sakadang Monyet ngageroan. “Kuk!” Tembal Sakadang Kuya.


“Sakadang Kuya!” “Kuk!” Sakadang Monyet nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.

“Keur naon Sakadang Kuya?” “Ah keur kieu we, keur moyan.” “Ti batan cicing kitu mah
mending ngala cabe, yu!” “Di mana?” “Di kebon Patani, mangka cabena geus
bareureum.”

“Embung, ah. Sakadang monyet mah sok gandeng.” “Moal, moal gandeng ayeuna
mah.” “Nyaan moal gandeng?” “Moal, nyaan moal gandeng.”

“Hayu atuh ari moal gandeng mah.” Bring atuh Sakadang Monyet jeung Sakadang Kuya
teh indit ka kebon patani. Barang tepi ka kebon, katembong cabe pelak patani geus
arasak mani bareureum euceuy. Sup duanana ka kebon.

Sakadang Kuya moncor kana pager, ari Sakadang Monyet ngaluncatan pager. Terus bae
ngaralaan cabe, didalahar di dinya keneh. Sakadang Kuya mani seuhah-seuhah bae
ladaeun. Kitu deui sakadang monyet. Keur kitu, ana gorowok teh Sakadang Monyet
ngagorowok. “Seuhah lata-lata!” Maksudna mah “seuhah lada-lada”.

“Ssst, Sakadang Monyet, ulah gandeng atuh!” Sakadang Monyet henteu ngawaro.
“Seuhah lata-lata!” “Sakadang Monyet! Bisi kadengeeun ku Bapa Tani.” Tapi Sakadang
Monyet api-api teu ngadenge. Gorowok deui bae. “Seuhah lata-lata!”

Kahariwang Sakadang Kuya kabuktian. Sora Sakadang Monyet anu tarik kadengeeun ku
Bapa Tani ti imahna, anu teu jauh ti kebonna. Bapa Tani gura-giru lumpat ka kebon.
Barang nepi ka kebon, katembong aya monyet jeung kuya keur ngaweswes bari seuhah
ngadaharan cabe.

“Beunang siah nu sok malingan cabe teh!” Bapa Tani ngagorowok bari lumpat muru ka nu
keur ngahakanan cabe. Ngadenge aya nu ngagebah, gajleng bae Sakadang Monyet
ngejat, terekel kana tangkal kai.

“Sakadang Monyet, dagoan!” Sakadang Kuya ngagorowok menta tulung. Tapi Sakadang
Monyet teu malire, teu ngalieuk-ngalieuk acan, terus lumpat gagalacangan dina tangkal
kai. Ari Sakadang Kuya, puguh da teu bisa lumpat, leumpang ngadedod bae. Kerewek
bae ditewak ku Bapa Tani.
“Beunang ayeuna mah nu sok malingan cabe aing teh. Ku aing dipeuncit!” Ceuk Bapa
Tani. Kuya dibawa ka imahna, tuluy dikurungan ku kurung hayam. Angkanan Pa Tani,
isukan kuya rek dipeuncit.

Peutingna, sakadang Monyet rerencepan ngadeukeutan Sakadang Kuya, nu keur


cendekul dina jero kurung. “Ssst, Sakadang Kuya, keur naon?” Sakadang Monyet nanya.

“Eh, geuning Sakadang Monyet, Puguh kuring teh keur ngararasakeun kabungah.”
“Kabungah naon Sakadang Kuya?” “Nya eta, kuring teh rek dikawinkeun ka anak Bapa
Tani.” “Dikawinkeun ka anak Bapa Tani?” “Enya.” ”Nu bener Sakadang Kuya?”

“Piraku atuh kuring ngabohong ka sobat.” “Ngadenge omongan Sakadang Kuya kitu,
Sakadang Monyet ngahuleng sajongjongan. “Kieu, Sakadang Kuya, kumaha lamun urang
tukeur tempat?” ceuk Sakadang Monyet. “Tukeur tempat kumaha?” “Enya tukeur tempat.

Sakadang kuya kaluar, kajeun kuring atuh cicing di jero kurung.” “Ah, embung.” “Kuring
mah karunya we ka Sakadang Kuya, sapeupeuting dikurungan.” “Atuh meureun moal jadi
dikawinkeun ka anak Bapa Tani teh.”

Sakadang monyet keukeuh maksa, supaya tukeur tempat. Antukna sakadang kuya teh
eleh deet. “Heug bae tukeur tempat, tapi aya saratna,” ceuk Sakadang Kuya. “Naon
saratna?” “Saratna mah gampang. Samemeh anjeun asup kana kurung, kuring kudu di
alungkeun heula ka leuwi.”

“Enya, enteng atuh kitu mah.” Heunteu talangke, Sakadang Monyet ngaluarkeun
Sakadang Kuya tina kurung hayam, tuluy dibawa kasisi leuwi. Lung bae Sakadang Kuya
teh dialungkeun ka leuwi. Sakadang Monyet buru-buru balik deui ka imah Bapa Tani.

Sup bae ngurungan maneh ku kurung hayam. Ngadedempes ngadago-dago beurang,


hayang geura buru-buru dikawinkeun ka anak Bapa Tani. Kocapkeun isukna. “Manehna,
ka mana bedog teh? Urang asah,” ceuk Bapa Tani ka pamajikanana.

“Rek naon Bapana isuk-isuk geus ngasah bedog?” “Itu urang meuncit kuya di pipir.”
Paguneman Bapa Tani jeung pamajikanana teh kadengeeun ku Sakadang Monyet.
Manehna ngagebeg. Lakadalah, geuning aing teh rek dipeuncit, lain rek dikawinkeun
jeung anak Bapa Tani. Rek kabur, geus kagok.

Kaburu aya anak Bapa Tani nyampeurkeun. Gancang bae atuh Sakadang Monyet teh
papaehan, ngabugigag kawas bangke. Barang srog ka dinya, anak Bapa Tani gegeroan
ka bapana. “Bapa! Bapa!” “Aya naon, Nyai?” “Ieu geuning nu dina kurung teh lain
kuya.” “Naon Nyai?”
“Monyet, jeung siga nu geus paeh deuih!” Bapa Tani nu keur ngasah bedog cengkat, tuluy
nyampeurkeun ka anakna. Enya bae geuning dina kurung teh aya monyet ngabugigag,
lain kuya nu kamari. Kurung dibukakeun, monyet dialak-ilik.

“Naha bet jadi monyet? Jeung paeh deuih.”

“Enya, eta mani geus jeger kitu,” ceuk pamajikanana mairan. Monyet teh dicokot ku Bapa
Tani, lung bae dialungkeun jauh pisan. Barang gubrag kana taneuh, korejat monyet teh
hudang, berebet lumpat, kalacat bae naek kana tangkal kai.
8. ENTOG EMAS

Kacaritakeun aya saurang patani nu kacida malaratna cicing di hiji saung gubuk nu geus
reyot. Mang Julin patani ngaranna teh. Hirup sapopoena ngan dibaturan ku sakadang
entog, hiji-hijina. Mang Julin kacida nyaaheunana ka eta sakadang entog teh, bubuhan
manehna mah teu boga dulur-baraya, malih garwa mah.

Hiji poe manehna indit ka sawah, isuk-isuk pisan manehna geus indit, kabeneran dititah ku
juragan Lurah pikeun ngabinihan sawahna. Ari digawena mah kapake pisan ku Juragan
Lurah teh, kusabab Mang Julin segut pisan kana gawe nanaon oge. Ari entogna
dikencarkeun di buruan gubuk teh, tara aya hariwangan.

Balik ti sawah wanci sariak layung, Mang Julin kacida laparna. Manehna ngadeuheus ka
Pangeran, “Duh, Gusti... mun paparin abdi beunghar, meureun dahar nanaon oge bisa.. “ .
Mang Julin teu dahar ngan karo uyah. Sanggeus wareg mah manehna tuluy ngampihan
entog di juru imah.

Isuk-isuk keneh Mang Julin kahudangkeun ku kingkilaban nu ayana ti juru imah.


Panasaran, manehna tuluy cahya gugurilapan teh disampeurkeun. Manehna teu nyangka
yen cahya nu kacida serabna teh tina kandang entog, singhoreng teh entogna endongan,
endogna endog emas.

Mang Julin peupeureudeuyan, nyagap endog teh. Manehna kacida bungahna, eta endog
emas, emas murni. “Bisa dijual ieu mah, ...“ gerentesna.

Poe kadua, kitu deui, entogna ngaluarkeun endog emas deui hiji. Kitu saban poe,
sakadang entog teh endogan endog emas hiji. Nya puguh Mang Julin teh jadi beunghar.
Manehna geus boga sawah sorangan, imah gedong, balong, ternak entog, jeung harta
lianna nu mucekil. Entog teh nyaan mawa rejeki keur Mang Julin.

Hiji poe, Mang Julin ngarasa cape mun kudu unggal poe ngadatangan kandang entog
pikeun mawa endog emas pira hiji teh. Mang Julin sasadiaan bedog keur ngabeleh entog
ngarah emasna kabeh kaluar, jadi manehna teu kudu mawaan unggal poe ka kandang
entog.

Ari geus dibeleh entog teh, teu kaciri emas-emasna acan. Malahan entog teh paeh. Mang
Julin teu bisa ngabebenah hartana. Manehna jadi miskin deui sabab unggal poe hartana
beak dipake kabutuhan sapopoena.
9. GAJAH ELEH KU SIREUM

Hiji waktu di tegalan di Afrika, aya hiji gajah keur ngadigleu we leumpang ngageyot di
tegalan. Padahal di tegalan nu rek diliwatan ku gajah teh aya sireum lobana mangjuta-juta,
keur digawe nyieun sayang. Kapan di tegalan Afrika mah sireum teh nyarieun sayangna
marucunghul patingrunggunuk. Tampolana ku gedena sayang sireum teh aya nu segede
pasir leutik patingarenclo.

Di jero eta sayang sireum nu lobana jutaan teh ngarendog, baranahan. Jeung lain siga
sireum di urang. Sireum Afrika mah bentukna rek siga sireum tataman lamun di urang.
Galak sabab mun geus ngaronom mangsana, bakal amburadul. Singa, zebra oge teu
mangga pulia mun geus dironom ku eta sireum mah.

Ari minangka alat komunikasina antarsireum teh nya eta “anteneu” opat jiga tanduk.
Lamun hiji sireum Afrika manggihan kadaharan, “anteneuna” tea tingarulang mere kode
jeung soara. Jauhna eta alat teh bisa rebuan meter. Nya kusabab kitu, mun hiji sireum
meunang kahakanan, dina waktu sababaraha menit jutaan sireum bisa nambrong hiji sato
gede, umpamana singa nu geus rerempo atawa zebra, bisa diserang ukur jamjaman kari
tulang-talengna wungkul. Ngagehan ajag.

Basa gajah ngaliwat ka eta tegalan teh, aya nu nangenan nya eta manuk dadali. Manehna
karunyaeun bisi sayang sireum nu keur babareungan dijieun teh digele ku gajah. Nya
gajah teh dibejaan.

“Gajah, kade leumpang teh ulah noyod ka lebah dinya, sabab sireum keur nyarieun
sayang bisi katincak karunya,” ceuk manuk dadali ngingetan.

“Wah na asana teh pira sireum. Katincakan mah paling ge pejet!” gajah nembalanana teh
sombong pisan, asa aing gede, asa aing kuat. Ka nu leutik teh teu ngahargaan pisan.

Kitu deu kadal Afrika ge nu haat ngabejaan ka gajah sangkan ulah noyod bisi nincak
sayang sireum, teu diwaro anggur terus we gajah teh ngadigleu muru jutaan sireum nu
keur parulang anting ngakutan taneuh ti jero lombang.

Na barang anjok kana gundukan imah sireum tea, ngan leye .. leye we sireum nu aya
rewuna teh ditincakan, atuh ngan hos paraeh we da teu kaburu kabur.

Ningali rayatna rebuan paraeh ditincakan ku gajah, raja sireum ambekun pisan. Gajah
ditangtang perang. Gajah ditantang kitu teh lain sadar kana kasalahanana, kalah ka atoh
bari sombong. Manehna seuseurian. Ari sireum nyieun siasat keur perang jeung gajah teh
rewuan sireum teh nyieun lombang nu jeronan salaput gajah.
Dina waktu nu geus ditangtukeun perang dimimitian. Loba sato sejen nu ngalalajoan
perang campuhna antara pasukan sireum jeung gajah teh.

Gajah nyuruntul rek ngaleyek rewuan sireum nu nangtang perang ka gajah. Sireum
ngahajakeun nangtang ti jajalaneun nu geus meunang ngagali tea. Atuh ditangtang kitu
asa dilelewean, gajah teh beuki ambek.

Sebrut nyuruntul ka hareup teu tolih tincakeun. Atuh puguh we barang nepi kana lombang
tea, ngan gurawil we gajah teh asup kana lombang bari tigurawil kana lombang. Gajah
ukur bisa ugal-ugil teu bisaeun hanjat.

Sireum geus puguh nempo lawanna tigebrus teh teu ngengkekeun deui terus we napuk
nyarocoan. Teu dibere ampun beuki lila sireum teh beuki loba, antukna gajah bobor
karahayuan teu kuat ngalawan sireum nu ceuk ukuran mah sakitu leutikna, lain tandingna.
10. SAKADANG SAPI

Jaman baheula di leuweung sakadang sapi keur ngahuleng, siga nu boga kasusah. Di pkir
saliwat mah asa teu pantes, awak badag, tanaga rosa, tanduk seukeut, tapi naha beut
nguyung siganu aral subaha.

Tah, ayeuna ge, sakadang sapi hulang-huleng bae teh keur mikir, kumaha carana
sangkan hakaneun teu kasoro ku batur. Pangpangna dina usum katiga, jukut jeung
dangdaunan teh mani gararing.

Sangges ngahuleng lila naker, serengeh sakadang sapi seuri. Manehna manggih akal nu
hade kumaha carana sangkan jukut jeung dangdaunan di eta leuweung jadi boga
manehna kabeh.

“Kuring kudu jadi sobat maung sangkan batur sarieuneun”. Kitu ceuk sapi sajeroning
hatena. Geus mikir kitu mah, gidig weh sakadang sapi teh ngagidig rek nepungan maung.

Poe harita keneh, sakadang maung mapay-mapay nu rea jukutan. Kabeh sato di ancam,
yen singsaha nu wani nyatuan di eta leuweung, pinasti baris pinanggih balai. Atuh puguh
we, kabeh sato ge sieun ku ancaman sakadang maung mah.

Kabeh nyaringkah sarta nareangan hakaneun ngalasruk ka jero leuweung nu moal kasaba
ku maung. Tangtu we jadi sarakah. Tapi dalah di kumaha tibatan jadi korban mah.

Seuri we sakadang sapi mah nenjo batur sangsara teh. Dirina senang malang-mulintang
baranghakan euweuh nu ngarewong. Unggal poe manehna mawa batur saurang, aya
embe, aya kuda, aya munding, aya domba, atawa naon we kumaha pamenta maung.

Carana teh di bibita, diolo, dibawa ka tempat nu rea jukut. Puguh we atoheun dibawa ka
tempat parab teh, da hese apan neangan jukut saeutik ge ayeuna mah.

Teu nyahoen keur diparabkeun, gabrug weh dirontok ku maung, terus digusur dibawa ka
dungusna. Mimitina mah euweuh nu nyahoeun kana akal jahat sapi teh.

Sarerea teu nyarangka, yen sapi tega marab-marabkeun batur sorangan pikeun
kapentingan dirina pribadi. Tapi laun-laun mah kanyahoan, yen geuning sapi teh sakitu
jahat, telenges, jeung hawekna.

Atuh puguh we sarerea ngarewaeun pisan ka sapi teh. Malah rea diantarana nu ngancam
rek males. Mindeng sato nu sejen, pangpangna sato nu laleutik patingrariung badami
neangan akal ngahukuman ka sakadang sapi.
Tapi susah da sakadang sapi salawasna di tangtayungan ku sakadang maung nu
mangrupa raja eta leuweung. Saha atuh nu wani ngalawan raja ? tibatan beunang di arah
mah, sakadang sapi kalah beuki sakawenang-wenang, boga rasa euweuh nu wani
ngaganggu.

Sapi ngarasa kawasa. Padahal sarerea ge gimir teh lain ku sapina, tapi ku maungna. Tapi
da Gusti mah Maha Adil. Teu burung datang wawales kanu telenges teh.

Hiji poe datang rombongan paninggaran ka eta leuweung. Patingkedepruk sapatuna,


patingharaok corowokna, patingjaledor bedilna. Sasatoan paburisat lumpat nyalametkeun
dirina.

Tapi aya sawatara nu beunang, di antarana sakadang maung. Teu walakaya geuning
sang raja teh nyanghareupan takdir Gusti mah. Sakadang maung katembak meneran
jajantungna pisan. Atuh jungkel, kerejet-kerejet, hos weh paeh!

Sangges nu maroro marulang, sasatoan tingrariung aya embe, kuda, gajah, jarapah,
domba, munding, banteng, jeung nu lainna. “sakadang maung geus paeh, sakadang sapi
ayeuna mah moal aya nu mangmeunangkeun, hayu ayeuna mah urang hukuman ku
sarerea!” ceuk sakadang domba.

Manehna manehna kacida ambekna ka sakadang sapi, lantaran anak-incuan beak


diparabkeun ka sakadang maung. Lantaran sakanyeri, sakapeurih, bring atuh sarerea
ngajorag ka imah sapi.

Sapi teu walakaya, nepi ka paehna pada ngaraponan. Malah ku sakadang munding mah,
imahna ge diruksak diburak-barik. Awahing ku ijid!

Anda mungkin juga menyukai