Anda di halaman 1dari 10

GAGAK HAYANG KAPUJI

Aya gagak maling dengdeng ti pamoean. Geleber hiber bari ngaheumheum dengdeng tea
kana tangkal dadap sisi lembur. Kabeneran harita katangeneun ku anjing nu kacida
kabitaeunana da puguh kabeukina. Kusabab kitu, ku anjing disampeurkeun. Tapi sanggaus
anjing aya dihandapeun, boro-boro ditanya teu direret-reret acan.
Anjing mikir piakaleun supaya dendeng tea kapimilik ku manehna. Sanggeus manggih
anjing ngomong, Leuh aya manuk alus-alus teuing. Pamatukna panjang bulu hideung tapi
mani lemes kitu. Manuk naon nya ngaranna? Kawasna mah moal aya tandingna
dibandingkeun jeung cendrawasih ge moal eleh.”
Mimitina mah omongan anjing teh teu didenge. Tapi sanggeus aya omongan moal eleh ku
cendrawasih, gagak atoheun pisan. Manehna kungsi beja yen cendrawasih tehmanuk pang
hadena. Tapi ceuk anjing manehna moal eleh".
Kitu nu matak manehna ngarasa ngeunah kupamuji anjing. Malah ceuk pikirna deui asa
haying ngabagi dengdeng jeung anjing. Ngan kusabab hese meulahna kahayangna teu
kalaksanakeun.
Anjing nempo beungeut gagak marahmay sanggeus dipuji ku manehna. Ceuk pikirna pasti
usahana hasil. Ceuk pikirna deui naon hesena muji-muji keur ngahontal
kahayangna.Kusabab kitu pok deui anjing,”Lamun daekeun mah haying nyobat jeung
manuk nu sakitu lucuna. Ngan rumasa sorangan mah sato hina.
Saumur-umur kudu ngadunungan, sare digolodog, rajeun manggih hakaneun oge pasesaan.
Tapi najan teu bisa nyobat oge jeung manuk lucu, atuh ngadenge-ngadenge sorana. Meureun
moal panasaran teuing!”.
Barang ngadenge pamuji anjing anu sakitu ngeunahna, gagak poho keur ngaheumheum
dengdeng, ngan ngong we disada, “Gaak Gaaak” cenah. Atuh barang engab pamatukna
barang pluk we dengdeng tehmurag. Anjing gancang nyantok dengdeng nu murag tea tuluy
dihakan di nu bala.
Gagak nu hanjakaleun mah teu ditolih. Sababaraha jongjonan gagak teh cindekul we dina
dahan bari ngararasakeun teu ngeunahna ku kalakuan anjing. Manehna karek ngarti yen
anjing muji bebeakan tehhaying dengdeng nu keur diheumheum ku manehna.
Ti dinya mah geleber gagak tehhiber kana tangkal kai rek neangan hileud keur ganti
dengdeng nu disantok ku anjing.
WAWALES KA NU TELENGES

Hiji mangsa sakadang puyuh kacida sediheunnana, sabab anakna sadua-dua anu karek gumuling teu
aya dina sayangna. Padahal can lila diparaban.
Sabot indung jeung bapak puyuh ka luar tina sayang rek neangan hakaneun keur anakna, ari balik
anakna geus teu aya. Nu aya teh ngan ukur getih ucrat-acret. Puyuh curiga ka beurit, sabab cenah
geus lila manehna tunghal-tenghol kawas nu keur ngintip.
Malah puyuh meunang beja ti cangehgar nu tara bohong, cenah enya nangenan beurit ka luar tina
sayang puyuh bari sungutna pinuh ku getih. Cangehgar teu bisa nulungan da si beurit kaburu kabur.
Bakat ku ngenes harita keneh puyuh jalu jeung bikang indit ka sayang alap-alap. Barang geus
panggih derekdek puyuh jalu nyaritakeun kasedih hatena.
Alap-alap nyanggupan mangnaurkeun kasedih puyuh, cenah si beurit rek dijejewet. Ti harita alap-
alap sok nyumput dina tangkal teureup, panonna mah teu weleh gular giler ka handap nempoan
sugan beurit tea ka luar tina sayangna. Kungsi sakali mah alap-alap nyamber si monyong.
Ngan nu disamber rikat nyumput kana sayangna handapan tunggul. Ti harita nu diincer ku alap-alap
tehteu ka luar deui.
Ari beurit sanggeus rumasa boga dosa ngahakan anak puyuh, bari dirina ngarasa diancam ku alap-
alap, dina hiji peuting kabur. Ngan di perjalanan nyorang wahangan. Manehna teu biasaeun
meuntas.
Keur huleng jentul di sisi wahangan naha atuh ari gajlok tehbangkong hejo ka hareupeun nana.
Puguh we beurit tehkacida reuwaseunana, disangkana alap-alap ngudag, Ceuk beurit, “Alah
sampean mah ngareureuwas!” .
“Naha make reuwas sakadang beurit, kawas boga dosa!” ceuk bangkong. “Rek kamana ieu tehwayah
kieu geus aya di dieu?” ceuk bangkong deui.
Ngadenge omongan bangkong kitu teh beurit balaham-belehem asa kasindiran. Tungtungna mah
beurit waleh hayang dipangmeuntaskeun, sabab cenah aya perlu ka beulah ditu. Bangkong
nyanggupan ngan cenah kudu isuk dimana geus caang, sabab harita mah poek keneh.
Isukna bangkong nalian suku beurit beulah hareup. Tungtung tali nu sabeulahna deui ditalikeun kana
sukuna beulah tukang. Geus kitu gajlok bangkong ka wahangan atuh beurit kagugusur.
Ti dinya mah soloyong we bangkong ngojay ka tengah wahangan. Puguh we bangkong beurateun
biasana ngojay sorangan ari harita kudu meuntaskeun beurit.
Barang nepi ka tengah-tengah wahangan, bangkong tehhayangngaheureuykeun beurit. Ti dinya
bangkong teh teuleum ka dasar wahangan. Atuh beurit ka bawa. Beurit gogorowokan embung di
bawa teuteuleuman da cenah eungap. Tapi ku bangkong teu didenge, lep teuleun deui.
Ku sabab sababaraha kali di bawa teuleum, tungtungna mah beurit nepi ka hanteuna, paeh. Geus kitu
mah bangkong seuri bari ambang-ambangan.
Keur kitu teu kanyahoan ti tadina, kalayang alap-alap nu ngincer beurit ti kamari, seot nyamber
beurit nu geus jadi bangke, ber dibawa hiber ka awang-awang.
Atuh bangkong ge ka bawa, roroesan paureun, da tara biasa ngapung. Mokaha we poe harita alap-
alap meunang kauntungan. Sanggeus meakeun beurit nu sakitu lintuhna, bibilasna ku bangkong hejo.
Kuda Hade Budi

Aya Maung eukeur mah geus kolot katambah gering, ngalungsar handapeun tangkal kai bari
gegerungan. Sato-sato nu kungsi menang kanyeri ti manehna ngarumpul ngariung nu keur
gegerungan tea.
Ceuk Munding, “Ah siah make gegerungan! Rek nyambat ka saha? Moal aya nu nyaaheun ka sia
mah! Sato jahat!” Munding ngomongna kitu bari ngagadil nu keur gegerungan.
Nempo kalakuan Munding kitu, sakabeh sato nu harita aya di dinya sareuri akey-akeyan.
Kabeh sato nu aya di dinya ngaheureuykeun Maung nu keur sakarat, kajaba sakadang Kuda. Nempo
sato-sato sejen galumbira teh manehna mah ukur gogodeg.
Ceuk Domba, “Kunaon sakadang Kuda kalah gogodeg kitu? Lain tejeh tah si Belang teh ku
sampean! Lain baheula si Belo ditekuk?” Tembal Kuda, “Kaula mah lain teu ngewa kana kalakuan
Maung teh.
Ngan waktu ieu kaayaanana pan keur gering parna. Manehna teh keur sakarat, sakeudeung deui oge
paeh. Kuduna mah sato nur keur sakarat teh ulah dihareureuykeun kitu.
Meureun ceuk batur teh, rajeun aya kawani ka anu keur sakarat!” Sanggeus ngadenge omongan
Kuda kitu, sakur sato nu aya di dinya jempe sarta patinglaleos ka leuweung deui.
Sireum jeung Japati

Aya sireum rek nginum disisi walungan. Keur ngarayap kahandap, manehna tisoledat. Pluk ragrag
kana cai. Hadena caina rada ngeuyeumbeu pelebah dinya mah. Tapi keukeuh bae ari ngojay kasisi
mah manehna teu bisaeun. Sireum gegeroan, ” tulung, tulung, ieu kuring rek tikerelep, tulungan..!”
Kabeneran aya japati keur cindeten dina dahan kai anu nyodor kaluhureun cai. Kadengeun aya
sireum gegeroan menta tulung. Barang ngareret kahandap, katenjoeun sireum keur kokosehan. Japati
karunyaeun, geleber hibeur bari ngegel daun salambar.
Song diasongkeun daun teh kahareupeun sireum. Sireum tuluy muntang kana daun. Daun kujapati
dibawa ka darat. Sok digolerkeun kana taneuh. Sireum pohara nganuhunkeunana ka japati anu geus
ngaleupaskeun manehanana dina bahaya.
Dina hiji mangsa japati teh cindeten deui dina dahan kai anu nyodor ka walungan tea. Sireum anu
baheula ditulungan ku manehna oge kabeneran aya dihandapeun tangkal. Harita tikajauhan aya
paninggaran nyampeurkeun leumpangna keketeyepan
Teu talangke deui buru-buru sireum nyampeurkeun japati bari ngaharewos ka manehna. ”heh japati,
buru-buru geura hibeur, tuh aya paninggaran keur ngintip.” Panigaran geus ngawengkang bedilna.
Tapi japati kaburu geleber hibeur.
Isukna japati papanggih deui jeung sireum. Ceuk japati: ”Nuhun pisan sakadang sireum, kuring geus
ditulungan ku anjeun, leupas tina balai.” Jawab sireum: ”ari eta mah kapanan kawajiban sarerea,
nulungan batur anu rek meunang cilaka, eta wajib. Komo ieu mah kuring ayeuna hirup keneh teh
lantaran geus ditulungan ku sampean.”
Tah kitu cenah lalakon sireum jeung japati anu akur jeung silih tulungan. Abdi gaduh sisindiran
yeuh.... kieu geura ...!!

" Itu lain langlayangan


Manuk heulang puputeran
Hirup teh henteu sorangan
Kudu daek silih tulung. "
Entog Emas

Kacaritakeun aya saurang patani nu kacida malaratna cicing di hiji saung gubuk nu geus reyot. Mang
Julin patani ngaranna teh. Hirup sapopoena ngan dibaturan ku sakadang entog, hiji-hijina. Mang
Julin kacida nyaaheunana ka eta sakadang entog teh, bubuhan manehna mah teu boga dulur-baraya,
malih garwa mah.
Hiji poe manehna indit ka sawah, isuk-isuk pisan manehna geus indit, kabeneran dititah ku juragan
Lurah pikeun ngabinihan sawahna. Ari digawena mah kapake pisan ku Juragan Lurah teh, kusabab
Mang Julin segut pisan kana gawe nanaon oge. Ari entogna dikencarkeun di buruan gubuk teh, tara
aya hariwangan.
Balik ti sawah wanci sariak layung, Mang Julin kacida laparna. Manehna ngadeuheus ka Pangeran,
“Duh, Gusti... mun paparin abdi beunghar, meureun dahar nanaon oge bisa.. “ . Mang Julin teu dahar
ngan karo uyah. Sanggeus wareg mah manehna tuluy ngampihan entog di juru imah.
Isuk-isuk keneh Mang Julin kahudangkeun ku kingkilaban nu ayana ti juru imah. Panasaran,
manehna tuluy cahya gugurilapan teh disampeurkeun. Manehna teu nyangka yen cahya nu kacida
serabna teh tina kandang entog, singhoreng teh entogna endongan, endogna endog emas.
Mang Julin peupeureudeuyan, nyagap endog teh. Manehna kacida bungahna, eta endog emas, emas
murni. “Bisa dijual ieu mah, ...“ gerentesna.
Poe kadua, kitu deui, entogna ngaluarkeun endog emas deui hiji. Kitu saban poe, sakadang entog teh
endogan endog emas hiji. Nya puguh Mang Julin teh jadi beunghar. Manehna geus boga sawah
sorangan, imah gedong, balong, ternak entog, jeung harta lianna nu mucekil. Entog teh nyaan mawa
rejeki keur Mang Julin.
Hiji poe, Mang Julin ngarasa cape mun kudu unggal poe ngadatangan kandang entog pikeun mawa
endog emas pira hiji teh. Mang Julin sasadiaan bedog keur ngabeleh entog ngarah emasna kabeh
kaluar, jadi manehna teu kudu mawaan unggal poe ka kandang entog.
Ari geus dibeleh entog teh, teu kaciri emas-emasna acan. Malahan entog teh paeh. Mang Julin teu
bisa ngabebenah hartana. Manehna jadi miskin deui sabab unggal poe hartana beak dipake
kabutuhan sapopoena.
(1) BUDAK PAHATU LALIS

Dua budak pahatu lalis


adi lanceuk awéwé lalaki
kasarung di leuweung ganggong
adina ceurik ngalengis
mana jalan geusan balik.

Budak lalaki ngala kupa


leungeunna parigel metik
buah kupa dialungkeun
dipulungan ku adina.

Tina rungkun buni kacida


luar-léor oray sanca
gep ngegél awak adina
nu keur anteng murak kupa.

Jrut turun budak lalaki


ana rét ka sakuriling
Si Nyai ka mana geuning
reuwas kacida teuing.

Manuk Cukrik disada semu nalangsa


“Cukrik, cukrik turih ku pucuk eurih”
pucuk eurih bakal matih
Si Nyai bakal kapanggih.

Geberan ku hihid aing


hihid aing kabuyutan
mawa bayu kahuripan.

“Geber-geber hihid aing


hihid aing kabuyutan
titinggal nini awaking”.

Usik ngulisik raga tangtungan


paripurna hirup waras
ku saktina rasa asih.
(2) BUDAK SAKTI

Budak leutik bisa ngapung


jangjangna kulit salapis
hiberna di langit peuting
ludeung ngambah jomantara
disadana tingkoréak
karesepna bubuahan
nu amis semu kareueut

Budak leutik bisa ngapung


budak nu kacida sakti
nu kitu naon ngarana?
(3) NINI ANTÉH

Di langit bulan nembongan


cahayana hurung ngempur
ngadamaran alam dunya.

Di bulan Nini keur anteng


ngentrung ninun kaén poléng
awak Nini mani bongkok
balas terus baé ninun
meureun geus rebuan taun.

Di bulan Nini bumetah


dibaturan Candramawat
buluna nu tilu warna
watekna matak diasih.
(4) SAMAGAHA

Bulan di langit ngaleungit


meureun disumputkeun naga
bumi alam poék mongkléng.

barudak récét di buruan


sorana patembalan
Samagaha! Samagaha!

Aya kahariwang
dina haté séwang-séwangan
bulan sirna.

Ting berebet barudak ka pipir imah


tutunggulan dina lisung
rampak narakol kohkol
ngusir naga sina nyingkir
naga nyingkah
bulan ngempur
bumi alam caang deui.
(5) SAKADANG MONYÉT MALING CABÉ

Sakadang kuya jeung Sakadang monyét


suka bungah maling cabé
cabé beureum matak uruy
lada haneut kana beuteung.

Seuhah lata-lata, seuhah lata-lata


cabé beureum cabe lada
cabé arasak kacida.

Keur jongjon datang Pa Tani


Sakadang monyét ngabecir
sieun katéwak Pa Tani.

Kuya geuwat gancang nyumput


di tempat nu rada buni
tapi katénjoeun mantén.

Pa Tani bungah kacida


daging kuya rek diolah
lumayan keur deungeun sangu.

Sakadang kuya katéwak


dipangku dibawa balik
dikurung tukangeun imah.

Ngalongok Sakadang monyét


suka bungah ngahilian
cenah bakal dikawinkeun
ka anakna Bapa Tani.

Isukna datang Pa Tani


suka bungah muru kandang
nyorén bedog meunang ngasah.

Pa Tani ambek kacida


nu aya di jero kurung
bangké Sakadang monyét.

Monyét morongkol dicekel


dibalangkeun ka nu bala
monyét cengkat ngaréngkénék
ngabecir lumpatna tarik.

Anda mungkin juga menyukai