Anda di halaman 1dari 3

TUGAS SINOPSIS LALEUR BODAS

                Kuningan Kota pagunungan. Dikuloneun kota aya pasir leutik tapi


resik, dijieun taman kalangenan. Di tengahna aya empang, pancuranna
dirupakeun nanagaan. Caina nyebrot lir naga ngudag mamangsaan. Rupa-
rupa kekembangan diatur selang-surupna, matak lucu katinggalna. Dina
hiji peuting meneran bulan purnama ngebrak caang lir ti beurang, dina
bangku handapeun tangkal campaka, aya nu keur diuk duaan “LILI jeung
BASRI”.
                Saha atuh Lili jeung Basri teh? Lili ari ngaran saenyana mah
Yulipah anak Haji Abu Bakar anu boga pabrik tinun panggedena di
Kuningan. Kaasup jalma jugala, beunghar rea takajarna. Ari Basri anak Haji
Arsad, kasebut jekema jegud, loba sawahna ngaplak bubulakna, kebon
sababaraha luwuk.
                Pukul dua janari, dayeuh Kuningan anu memengna teu rame,
pohara jemplingna, tiiseun nepi ka matak kareueung. Sanajan harita geus
pukul dua, Basri mah acan sare, hatena marungkawut, cuscos sarta
kumalayang. Ngaheneng bari ngajepat dina korsi panjang gigireun ranjang,
panonna beunta tapi teu puguh anu katenjona bari jung nangtung
nyampeurkeun meja tulisna, tret nulis rurusuhn, nulisna teh bari semu
ambek, tuluy ditilep-tilep, ngajugjug ka imah Didi. Teu sakumaha lilana
kurunyung datang deui, barang Didi rek mendetkeun panto katenjoeun aya
kertas sacewir dina mejana. Top dicokot pek dibaca.  Ulah sok bijil I
peuting, bisi cilaka!           Laleur bodas.
                Laleur Bodas? Naon Laleur Bodas teh? Saha nu boga ngaran kitu,
beda ti jelema biasa?  Eta kitu nu tadi ngelemeng tea? Atawa eta mah
picilakaeun anu disebut dina surat? Poek teu kaharti ku akal. Mani rieut
mikiran eta kajadian.tungtungna bus bae ka enggon, ngarimbunan
maneh  ku simbut.     
              Poe minggu isuk-isuk , barang sobari bijil ka tepas , ngalange bari
mikiran surat tea. Saboy kitu jol basri sobat dalit na, rek pamitan ,dume’h
baris indit masantren.  Sanggeus rada lila ngawangkongna ,tuluy sobari
mikun surat ti laleur bodas tea .Ditembongkeun soteh awahing ku geus teu
asa-asa, kawantu geus saraiah .
            Basri nampanan surat teh make rada ngade’gde’g sagala , semu
gugup jeung haying geura nyaho eusina .
Laleur bodas ?
Lakeur bodas neundeun surat dua sapeting reujeung ? bisa  jadi
sajanm reujeung . Saha atuh laleur bodas the ? sobat atawa satru ?wele’h
teu kapikir .
           Surat di baca rurusuhan .
           Mani olohok bawaning heran, bet aya nu nyahoeun kana rahasia
Sumarni jeung Didi . Pok Basri ngomong “ Akang mah asa-asa , ari arek
percaya da kakrak beja . Ari teu percaya bisi enya , sabab moal aya haseup
mun euweuh seneu”.       
                Cunduk waktu dating mangsa, sapu nyere pegat simpai! Basri nu
sapeuting jeput teu sare balas diriung-riung ku sobat-sobatna, geus
ngajanteng hareupeun setasion otobeus. Harita oge ges rea babaturannana
anu daratang, rek mileuleuyankeun dina jungna, sapulih menit deui kana
datangna otobeus, jol Yulipah pasemonna alum, panonna carindul, sigana
bae sapeuting jeput ceurik. Jol otobeus datang, Basri sasalaman ka kabeh
sobat-sobatna. Leungeunna dicekel  ku Lili bari ngomong dumareuda bari
ngasupkeun ali mata berlian kana jariji Basri, geus beres gerung otobeus
indit. Panonna teu lesot ti bebenena, tinggal jeung hiji jelema jangkung
gede nangtung di gigireun Lili, bulu pundukna murinding, angenna
ngadadak tegtegan.
                Basri geus aya di Pasantren Jamanis. Bubuhan anyar pinanggih,
jabat ti tumamu teh hate teu weleh wae nyoreang ka lemburna, babakuna
teu kendat inget ka Lili tunangannana. Hiji mangsa keur ngadaweung
ngabangbang areuy, aya baturna masantren balik ti halteu mawa surat ti
sep halteu keur ka Basri. Eta surat dina tandana sidik Yulipah. Lila pisan
ngahulengna, bari rembes cipanonna, teu kuat nandang prihatin,
sakapeung jol sangkaan yen pangna ali dipenta the dumeh Lili rek kawin ka
nu sejen, tapi jol deui pikiran, bisa jadi enya eta ali ditanyakeun ku
indungna lantaran teu nyahoeun keur mikeunna, bisa jadi indungna goreng
sangka.
                Dina hiji peuting Subuta niis bari ,mopoek handapeun tangkal
tanjung sisi empang gigireun imahna. Sabot Subita niis di tukangeun aya
anu dedeheman, dilieuk horeng anu dedeheman the Gapur dituturkeun ku
Gani. Gapur bari sarangah serengeh nyokot bungkusan leutik tina sakuna,
Subita cengkat bari nampanan, berewek eta amplop the disoehkeun, clik
aya nu ragrag ngagurilap kana meja top dicokot diilikan diileng ileng.
Sanggeus surat dibaca, ali teh diilikan deui disorot ku batre.
                Dilihur dicaritakeun yen Didi jeung Subita teh ngandung hate ka
Basri, nyungkelit ati, ambek teu aya bandingna,reh dina hatena keukeuh
nerka yen Basri nu ngadoni ka Sobari. Basri nu jadi pupucuk ribut galagat
wiwirang the. Ku Gapur tanda Lili ditiru enya-enya, dina dua poe geus
nyeples pisan. Sanggeus kitu mah tuluy ngarang surat, anu unina menta ali,
sakumaha nu katampa ku Basri tea.
                Dina wanci nu mustari Lili ngagebeg, lantaran ku manehna kareret
yen Nyimas Yutiah make ali dina jarijina anu sakarupa pisan jeung ali
manehna nu di pake tanda mata ka Basri. Sareret mah sieun samar mani
ngagisik panon sagala, tapi barang haben ditengetan, dilingling dideuleu
maling, tetela teu samar deui, yen ali manehna. Tati siga nu pohara
reuwaseunnana, nenjo Lili ngadadak geuring the teu nyahoeun lantaran
yen ali nu dipake ku manehna.
                Tengah poe keur mejeuhna hareudang bayeungyang, jol badegan
nyodorkeun surat. Barang di buka sihoreng surat ti Subita ngangkir,
lepasna amarah saurna mawur kalangsu, kedal lisan teu merenah.
                Pukul sapuluh Basri geus ngageuleuyeung ninggalkeun Kuningan.
Basri indit the sobari mah teu kabejaan .Kersaning pangeran arek
ngaganjar ka nu sabar , mere ka bungahan ka nu prihatin , poe eta sobari
teh nampa bisluit, di benumkana Mantri Guru Kabayuran bawahan
Jakarta.Minangka sosonoanana , Sobari beuki mindeng bae pulang-anting
na ka haji Asrad.
                   Teu mangkung saminggu ti tas yutiah nikah ka Sobari,Lili d
beresan lu subita.Geus dua taun basri leungit na,dua taun lilidi tinggal keun
ku basri ,teu aya beja-beja na acan.
            Pabeubeurang basri geus datang ka kunungan , ku kolot na ,
babakuna ku indung na meuni di ceung ceurikan bawaning atoh , sast anu
paeh hirup deui.
           Barang aya rajapati di subita tea,basri geus teg bae aya sangka , yen
ka jadian kitu the gara-gara surat maneh na nu niron-niron surat gapur tur
di ulasan ku angsi beureum katut sakiknna.
          Sanggeus pok deui  pok deui menta di hampura sarta ku basri  jeung
lili d hapura pisan, Gani maksakeun imut bari ngomong “Jang Basri, kuring
the boga rahasia . ari panjang n amah ku kuring ditukiskeun dina buku
notes kandel .tadi na mah rek sabisa-bisa di karang di jieun buku, tapi
buktina bet kieu, duka bisa hirup tuluy duka moal! Bukuna ieu dina
handapeun angel.buku ku basri di cokot,maneh na jangji  tangtu baris di
jieun buku.
        Teu lila nu ngelemeng teh  ngadeukeutan ka jandela  bari nyalukan Lili
lalaunan.Basri bijil ti panto hareup rurusuhan ,neupi ka pohoeun
ngoncikeun deui.Kuing kaluar deuipura-pura teu terang naon-naon.Ari
asup deui  rek nyapih Gaur gelut jeung Didi , Kuring pribadi tatu.ajadian
satuluy na ah sarerea  oge tarerang , da lain rasiah deui.  Lili lain ngajawab
kana omongan salakina , kalah ngaheuruk kawas keur aya nu di pikiran. Ari
cengkat neuteup kana beungeut salakina bari nyangkrung cipanon.Maneh
na pada nandang kasedihan.

Anda mungkin juga menyukai