Anda di halaman 1dari 4

ANALISIS NOVEL SUNDA

Disusun oleh :

1. Adi Nugraha (01)


2. Fransiskus Xaverius Widianto (10)
3. Marsha Navissa (19)
4. Naila Zadin Hayatussadiyah (28)

SEKOLAH MENENGAH ATAS NEGERI 2 KUNINGAN TAHUN AJARAN 2020/2021

Jalan Arujikartawinata Nomor 16 Telepon : 0232 871063 Faksimil : 0232 871063.

Website http://www.sman2kuningan.sch.id. e-mail:sman2_kuningan@yahoo.co.id

Kuningan - Kode Pos 45511


A. Identitas Buku

Jejer Buku : Si Kabayan Jadi Dukun

Pangarang : Moh. Ambri

Pamedal : PT Kiblat Buku Utama

Tahun Medal : 2008

Kandel : 71 kaca

Panganter : Ajip Rosidi

Desain Sampul : Nana Banna

Nomor ISBN : 095/KBU-G/2002

B. Unsur Instrinsik

Tema : Sosial

Latar

1. Waktos : Beurang

2. Tempat : imah Si Kabayan, leuweung, imah Ki Sodagar, kebon

3. Suasana : Ararambeuk, taregang.

Galur : Maju

Palaku/ Watek Palaku

1. Si Kabayan : Pangedulan, tukang bohong, kasar, baragajul

“Gaplok Kabayan nyabok pamajikanana dua kali” (Kasar)

“Maneh mah lalaki naon, kabisa ngan ngajualan barang


pamajikananan” (Pangedulan)

2. Saikem : Bedegong, gede ambeuk, boga sifat dendam, tukang bohong

“Puas siah, sugan rengkod mangkeluk teh, sakali deui siah!”


(dendam, ambeuk)
“Sangeuk-sangeuk!” (Bedegong)

3. Nyi Hasanah : Tukang bohong, keukeuh

“Embung, Abah, embung, kajeun dipaehan bae, Abah!”


(keukeuh)

4. Agus : Tukang bohong, wanian

“Jajaka tea ngagulung-gulung kertas terus dipake ngaharewos


kana ceuli Nyi Nonoh. Bari nagbejaan yen manehna teh
Agus.” (Bohong)

5. Ki Sodagar : Sombong, sok ngarendahkeun nu teu boga.

“Euh, naon maksud Embok teh. Si Nonoh kudu di kawinkeun


ka si Agus jelema eweh kabecus, euweuh ka gableg.
Galandangan!”

6. Sujiah : Babari kapangaruhan ku batur

“Nyi Nonoh ngagupay ka Sujiah pek ngaharewos.”

7. Tatangga Si kabayan : bageur

Puseur sawangan : Urang katilu / panulis

Amanat : Lamun urang ngalakukeun hiji hal kudu dipikirkeun heula,


bisi hal anu ku urang lakukeun nyebabkeun batur nyeri hate. Tuluy lamun urang niat
nulungan batur, kudu ikhlas.

Ringkesan Buku

Dina buku ieu nyaritakeun si Kabayan anu jadi dukun. Jadi dukun sotenan kapaksa Si
Kabayan mah. Saikem, pamajikanna, nu sasat jadi cukang lantaranna mah. Saikem
hayang males kanyeri ka salakina pedah pernah nampiling manehna. Basa kadatangan
semah ti dayeuh nu neangan dukun lepus, Saikem nyebutkeun yen Si Kabayan teh dukun
anu kamatihanana jeung pang sakti-saktina moal aya tandinganna. Ngan cenah ku
lantaran jalma mahiwal, Si Kabayan tara daek ngaku jadi dukun kajaba mun
ditampilingan heula.

Saenggeus di tampilingan ku deungeun-deungeun bari jeung teu nyaho naon


kasalahanana, Si Kabayan kapaksa daek dititah ngajiad Nyi Hasanah, anak sudagar, anu
katarajang kasakit pireu barang rek dikawinkeun ku bapana. Ari saenyana mah Nyi
Hasanah the pipireuan. Manehna teu suka dikawinkeun ka Haji Latip, da puguh geus
bogoh ka Agus. Agus nyamar jadi pangiring Embah Dukun, nepi ka bisa paamprok jeung
bebenena. Teu lila Nyi Hasanah langsung bisa ngomong deui, ngan orokaya terus dibawa
kabur ku Agus.

Kabayan akhrirna kanyahoan lain dukun asli. Isukna burudul pulisi, kapala-kapala
desa jeung, menak ti dayeuh rek nangkep Si Kabayan. Akhirna Si Kabayan dibawa ka
dayeuh terus diabuskeun ka bui. Pamajikanana datang ka dayeuh nempo Si Kabayan
barik ceurik rumasa salah. Kabayan dibebaskeun ti bui, Kabayan jeung Agus indit ka
imah Sudagar. Menta si Agus diijinan kawin jeung Nyi Hasanah. Ki Haji bapana Nyi
Hasanah teu satuju. Tapi, Nyi Hasanah menta restu ti bapana dikawinkeun jeung Agus.
Kusabab Nyi Hasanah ngan cinta ka Agus saurang. Akhirna Ki Haji mere restu ka
budakna. Agus jeung Nyi Hasanah akhrina kawin jeung hirup bagja.

Kaleuwihan Novel
Jalan caritana runtuy, loba atikan nu bisa dicindeuk tina buku ieu. Salian ti eta, buku
ieu oge ngahibur nu macana ku kalakuan para palaku dina buku “SI Kabayan Jadi
Dukun”. Bahasa nu dianggo nyaeta bahasa sapopoe, babari dibacana.

Kakurangan Novel
Kurang rinci ngajelaskeun ngeunaan panokohanna, contona nu maca kakecoh saha/nu
mana Nyi Hasanah teh. Bahasa nu digunakeun lobana bahasa kasar. Bahasa anu teu patut
diconto.

C. Pangarang Panulis
Moh. Ambri ( Sumedang, 1892 – Jakarta, 1936) sastrawan realis Sunda pinunjul.
Satamatna ti sakola Guru (Kweekschool), diangkat jadi calon guru HIS di Semarang,
dialihkeun ka Tasikmalaya, Sumedang, Purwakarta, Bandung tuluy jadi Guru Sakola
Guru Normal (MormaalSchool) di Purwakarta. Tahun 1931 liren ngawulang diangkat
jadi redaktur Bale Pustaka nepi ka pupusna(1936). Dina kurang leuwih lima taun didamel
Balai Pustaka, anjeunna medalkeun genep judul karangan asli, genep welas judul
tarjamahan katut saduran.

Anda mungkin juga menyukai