Anda di halaman 1dari 2

Nama : Made wedakrisna M.

Kelas : XI IPS 3
Absen : 16

Baruang Ka Nu Ngarora
Malem senen 14 bulan hapit 1291 dibumina Haji Abdul Raup, di Kampung Pasar meuni rame
pisan,kulantaran anakna nyaeta Nyi Rapiah rek di lamar ku Ujang Kusen. Teu lami nyi rapiah jeung ujang
kusen akhirna nikah. Kulantaran maranehna rek mandiri sareng teu ngarepotkeun kolotna,maranehna
pindah ka hiji desa nu jauh tina desa kolotna tinggal. Akhirna maranehna pindah diiringan ku ceurik
kulantaran nyi piah teh teu bisa jauh sareng kolotna,ema na nyi piah nyengceurikan nyi piah supados
nyeungcerikan anu maot. Akhirna nyi piah sareng ujang kusen nepi ka desa di deket gunung nu jauh
timana – mana. Nyi piah tinggal diditu teu pibeutaheun pisan,kulantaran manehna teu biasa tinggal di
tempat nu jauh timana – mana ditambahan diditu nyi piah jauh ti kahidupan mewah nu biasana
manehna jalankeun.

Teu lila, dina hiji waktos nyi piah ngarasa tos teu betah pisan tinggal di imah eta, akhirna Nyi Piah kabur
sareng Abdullah bade ka imah kolotna. Singket carita Nyi Piah sareng Ujang Kusen teh papisah anu
akhirna Nyi Piah nikah ka lalaki anu pernah kaedanan ka Nyi Rapiah eta. Aom Usman lalaki nu dipicinta
Nyi Rapiah oge, tapi teu lila Nyi Piah di candung ku Aom Usman, ceurik weh Nyi Piah kulantaran nyeri
hate jeung nyesel ninggalkeun Ujang Kusen demi si Aom Usman. Tapi Nyi Piah teu bisa naon naon
kulantaran tos jadi takdirna manehna dicandung. Sami jeung Nyi Piah, diluar ditu Ujang Kusen ge jadi
jalma nu teu bener, senggeus papisah jeung Nyi Piah. Manehna jadi lalaki hidung belang sok maen
awewe, mabok jeung ngadu, Tragis kulantaran sikapna nu kos kitu Ujang Kusen di bui.

I. Unsur Intrinsik Novel

1. Judul Novel : Baruang Ka Nu Ngarora

2. Tema : Ngahasut atawa Baruang

3. Latar :

· Tempat : Di bumina Haji Abdul Raup, di Kampung Pasar, Di bumi Nyi Piah, Ujang Kusen, Aom
Usman, Abdullah, Di desa Nyi Piah sareng Ujang Kusen , sareng di Kebon Kopi.

· Waktu : Peuting, buktina aya dina kalimah “Ari peuting harita teuing ku caang bulan,” Jeung
sakabeh waktu oge aya.

· Suasana : Bungah, buktina waktos Nyi Rapiah jeung Ujang Kusen nikah. Emosi, sedih jeung tegang
waktos Nyi Rapiah kabur ti bumina sareng ninggalkeun Ujang Kusen nikah jeung Aom Usman. Nyeri Hate
waktos Ujang Kusen jadi lalaki teu beneur jeng dibui.

4. Galur : Měrělě

5. Sudut Pandang : Urang Ka-3 Serba Nyaho

6. Gaya Bahasa : Ngagunakeun basa Lemes

7. Tokoh Dan Penokohan


a) Nyi Rapiah : Bageur jeung polos awalna, tapi pas kadituna saatos nikah jeung Ujang Kusen,
manehna hianat.

b) Ujang Kusen : Suami nu sabar, tapi kadituna jadi sok ngekang ka nu jadi istri. Saatos pisah jeung Nyi
Rapiah jadi lalaki hidung belang nepika dibui.

c) Aom Usman : Henteu konsisten, bageur tapi jadi licik jeung hianat, jadi ngaduakeun Nyi Rapiah.

d) Nyi Dampi : Rendah Hati, sok mere nu alus ka batur.

e) Haji Abdul Raup : Bageur jeng bijak.

f) Istri Haji Abdul Raup :Penyayang.

g) Haji Samsudin : Bijak.

h) Istri Haji Samsudin : Penyayang.

i) Haji Banisah : Pengasih.

j) Agan Ali : Tokoh sampingan.

k) Abdullah : Imut, tapi rada licik.

l) Haji Tayib : Tokoh sampingan.

8. Amanah Jeung Pesen : “Urang hidup di dunya teh tong gampang kahasut kubatur, boh eta jalma
anu deukeut jeung urang boh nu karek kenal, ulah sampe urang kabawakeun ka jalan nu teu bener.
Lamun urang geus terjerumus kanu teu bener rugi jeung hanjakal anu aya engkena.”

Anda mungkin juga menyukai