@tomysyah_official
Tokoh:
KUJANG SAKTI
Kujang sakti nyaeta kujang nu bisa ngahancurkeun hiji nagara jeung bisa ngajadikeun jalma nu
boga jadi kebal tur sakti. Eta kujang nu jadi rebutan kabeh nagara karajaan. nu nyebabkeun
peperangan dimana-mana.
Semar
Sok bima ku kawla di sing harepan
Bima
Eh badranaya tong luhur, ku aing ratakeun ieu karajaan pancala
Prajurit maju...
semar
nepi ka iraha oge moal di bikeun ieu kujang bimaa....
putra semar demi uma jeung dewi srikandi tos nincak gede. Anjena menta izin hoyong ameng ka luar
istana. Nyaeta kataman nu pinuh ku kembang.
Dewi uma
Bapa???
Semar
Hmmmmmm
Dewi srikandi
Eh bapa mah da fokus wanu hape, tinggal atuh putra nyrios teh
Semar
Eh kagok ieu bapa keur maen ML
Dewi uma
Maen weh tuluy meunang tara
Dewi sri
Bapa wios abi sareng uma ameng ka taman nu aya di timur karajaan
Semar
Walah, ke ke ke aya naon tara2 hayang kaluar intana?
Dewi uma
Kali kali atuh bapa abi teh hoyong refresing kuuleun cicing wae di istana
Semar
nya jung indit tapi ke kudu dikawal
prajurit....
dewi sri
atuh bapa meni di kawal wae da abi dsareng uma teh tong ageng
semar
prajurit, kawal ieu dewi uma jeng dewi srikandi kade bisi aya nu ti karajaan amarta
prajurit
siap baginda raja
tapi di jalan dewi uma jeung sri nitah prajuting cicing di warung tong ngilu ka ajenna.
Dewi uma jeng dewi sri culang cileung.
Prajurit
Aya naon dewi uma?
Dewi uma
Atos weh dugi dieu maraneh mah tungguan weh di warung
Prajurit
Ah teu wantun dewi ke raja ambek mun arurang te ngawal dewi
Dewi sri
Moal nanaon, yeung duit keur ngopi jeng ududna
Prajurit
Tah mun kitu jelas
Tapi omat nya dewi tong lami ke kadieu deui.
Gatot kaca
Atos sepuh
Bima
Sok deur..
Gatot kaca latihan jeung prajurit amarta. Torojol dewi anjani jeung dewi sinta.
Dewi anjani
Ah bapa nage nuju sibuk latihan geuning
Sok ku teteh nyariosna
Dewi sinta
Haling ku teteh weh(dengan gagah)
Bapa? Paaaa? Bapa?
Bima
Eh siah reuwas aya naon sinta??
Dewi sinta
Anjani bade nyarios cenah
Dewi anjani
Eh teteh mah..
Bima
Aya naon anjani??
Dewi anjani
Emmm, abi sareng teteh bade izin bade ngala kembang ka taman
Bima
oh enya jug kade
dewi sinta
eh naha teu ambeuk aruran kaluar istana??
Dewi anjani
Atos hayu teteh memepeung si bapana teu sadar.
Dewi sinta jeung dewi anjani indit. Tos lila bima karek sadar 2 putrina kaluar teu di kawal.
Gatot kaca ngaluarkeun ilmuna.
Bima
Aduuuuhhhh
Gatot kaca
Alah kunaon bapa??
Bima
Poho si sinta jeng anjani bieu indit teu di kawal
Gatot kca
Eeehhhh, sugan mah beunang bieu ku ilmu abi
Prajurit?? Susulan sinta jeng anjani kawal, bisi aya jelema ti pancala paehan weh.
Prajurit
Siap pangeran
Prajurit indit nyusulan. Tapi di sisi lain semar ngarsa ges waktuna ngajrkeun sastra jingga ilmu
luhur.
Semar
Pot??? Cepot??? Cepot???
Cepot
Aya naon bapa meni gogorowokan siga di leuweung??
Semar
dieu jang, ges waktuna maneh di ajar ilmu kujang sakti
cepot
naha keur naon kitu pa?
Semar
Keur ujian sakola engke meh pengawasna tunduh
Cepot
Tah eta pa butuh pisan ieu mh pangawas teh aya nu apai make hetset bari teu dihurungkeun musikna mh
Semar
Eh lain keur eta belegeung, keur engke maneh ngalawan itu si gatot kaca
Cepot
ah embung pa ah
semar
naha??
Cepot
Perkelahian teh tak baik pa??
Semar
gelut ge nu kumaha hela, ari keur ngajaga hargadiri jeung ngaran kolot mh nya teu nnaon. Dek sasa oge ari
salah mh nya kudu di benerkeun.
Cepot
Ah angger we pa embung?
Semar
Mun daek di pang meulikeun kuota 2 giga
Cepot
Oke siap les go ari kitu mh
Semar
Eh siah ari kanu kuota ni hageut
Di taman dewi uma jeung dewi sri papanggih jeung dewi sinta jeng dewi anjani.
Dewi sri
Teteh uma ieu didieu alus kembangna
Dewi uma
Cik mana??
Ahhhhhhhh eta aya hileud
Pas keur panik aya dewi sinta nu nulungan miceun eta hileud.
Dewi sri
Aduh, nuhun pisan
Dewi sinta
Sami-sami, lamun kembang aya nu bolong-bolong berarti aya hileudan
Dewi uma
Nuhun nya, abi uma ieu adi abi sri
Dewi sinta
Kenalkeun abi sinta, abi ge boga adi
Anjani??? Kdieu
Anjani
Kahhhh,,, aya naon teh?
Dewi sinta
Kenalkeun ieu uma ieu sri, mereka teh sarua siga arurang resep ngumpulkeun kembang
Dewi anjani
Waahhh geuning aya nu hobbyna sarua
Mereka jadi babaturan deket nu sok papanggih di taman ulin bareung. Tapi eweh nu apal bahwa 2
budak teh anak ti musuh kolotna.
Prajurit
Dewi?? Tos timana abi milarian??
Dewi anjani
Teu timana mana
Prajurit
Bieu pendak sareng sha?
Dewi sinta
Teu papendadak jeung sasaha biasa weh sepi didieu mh
Atos hayu balik ka istana
Prajurit
Oh mangga dewi
Teu lila di karajaan amarta curiga lantara dewi sinta jeung dewi anjani mineung kaluar istana.
Gatot kaca
Bapa??
Bima
Kumaha gatot kaca?
Gatot kaca
Puunten sanesna ngewa atau aya hate goreng, tapi itu rai abi
Bima
Emang kunaon sinta jeng anjani??
Gatot kaca
Ges sabaraha bulan ieu, anjeuna teh asa mineung indit ka taman, naha aya saha diditu
Bima
Hemmmmm, bapa ge asa aneh ku kalakuanna nu mineung ninggalkeun istana.
Cik gatot kaca susul naha aya naon adi maneh teh?
Gatot kaca
Siap sepuh punten
Bima
Mangga mangga
Ditaman dewi sri di paehan ku gatot kaca lantaran apal eta budak badranaya.
Dewi uma
Eh sinta resepna kembang naon?
Dewi sinta
Abi mah resep kembang mawar
Dewi sri
Komo nu berem nya endah pisan
Dewi anjani
Mun abi ma resep kem...
Gatot kaca
Anjani??
Gatot kaca
kadieu siah?? Tong ngariung jeung budak ieu, ieu budakna si semar
dewi anjani
semar saha raka?
Gatot kaca
Semar nyaeta badranaya ti karajaan pancala nu ngwiwirang si bapa??
Cicing siah maraneh bakal paeh didieu (ngaluarkeun ilmu)
Dewi uma
Hayu Sri lumpat???
Sriiii?????
Dewi sri
Teteh? Lumpat teh punten abi teu bisa ngiring sareng teteh
Dewi uma
Sriiii??????? (teriak)
Gatot kaca
Prajurit tangkap
Tapi dewi uma bisa kabur balik ka istana bebeja ka semar jeung satra jingga.
Semar
Cing tunjukeun elmu nu ku bapa ges di bikeun teh??
Cepot
Elmu nu mana pa?
Semar
Eta elmu wirwir yang wir
Cepot
Oh nu eta siap pa
Eh kumaha pa poho deui??
Semar
Angger maneh mh lemotna moal aya
Apgred atuh otak teh kanu porji
Cepot
Cik atuh contoan
Semar
Haling, kieu yeuh
Cepot
Cikan pa abieun
Semar
Eh sok sokieu ajian ajian wiwir yang wir nu bisa melah melah taneuh ngahancurkeun gunung
Cepot
Ah maenya ?? kunu kieu bisa melah taneuh
Semar
Ehhhh ari maneh teu percaya ka kolot
Tempokeun bapa
Semar
cing sok ayena maneheun
cepot
Wirwir yang wir wir yang
Dogdog jang dog dog jang2x
Domanini carkeuncarkeun
Dewi uma
Rakaaaaaa????(teriak)
Cepot
Alaaahhh deleun kunaon uma??
Alahhh siah bapa ieu si uma beunang ku wirwir yang wir
Dewi uma
Sanes raka abi mah sanes ku ajian raka
tapi itu dewi sri
semar
naha kunaon?? Aya naon?