Anda di halaman 1dari 5

KELOMPOK :

 I Dewa Gede Angga Mahardika (15)


 Indriyani Khairunnisa (16)
 Raihan Erlangga (27)
 Zahra shinta Guanzho (35)
Anggota kelompok dan pembagian tugasnya

1. Nama : I Dewa Gede Angga M (15)


Tugas : Menentukan novel yg akan di resensi, mencari artikel, mencari cover, dan
mencari identitas novel.

2. Nama : Indriyani Khairunnisa (16)


Tugas : Mencari kelebihan dan kekurangan novel dan Bahasa novel

3. Nama : Raihan Erlangga (27)


Tugas : Mengumpulkan foto dan menentukan amanat novel

4. Nama : Zahra Shinta (35)


Tugas : Mencari artikel, Mencari isi resensi (sinopsis), , dan mengetik keseluruhan
resensi
NU NGAGEUGEUH LEGOK KIARA
1. Identitas Novel
 Judul buku : Nu Ngageugeuh Legok Kiara
 Pangarang : Dadan Sutisna
 Pamedal : PT. Kiblat Buku Utama
 Taun terbit : 2001
 Kandel buku : 51 kaca
 Harga Buku : Rp 13.500

2. Sinopsis
Teu jauh ti lembur aya tangkal kiara nu umurna geus ratusan taun, nu disebutna Legok
Kiara. Réa dongéngna yen nu lewat ka dinya Legok Kiara téh cenah mah balikna sok terus
gering Tapi si Emod jeung Si Sadun panasaran hayang ngabuktikeun mitos yen mun
ngadeukeutan legok Kiara teh anjeuna bakal gering.

Sabab ceunah di legok Kiara teh aya tangkal kai nu hirupna geus ratusan taun. Barudak
teh jadi inget ka legok Kiara gara-gara maranehana meunang pancen ti sakola titah melak
tangkal kai di deukeut sakola meh sakola jadi leuwih iuh jeung alus sarta jang ngajaga alam,
sabab zaman ayeuna alam teh geus beuki ruksak gara-gara ku ulah manusa.

Ceuk Bapana Si Emod, di Legok Kiara teh loba jurig jeung dedemit, tempatna sanget
jeung geueuman. Da puguh aya tangkal Kiara anu jangkungna kabina-bina. Areuyna
ngagangseur kana taneuh. Tapi Emod henteu percaya teuing kana eta beja teh. Manehna
angger panasaran. Malah hayang ngabuktikeun naha enya di dinya teh aya jurigan.

Hiji waktu, Mang Apin anu sok babantu di sawah bapana ngabejaan yen manehna rek
ngabasmi beurit nu aya di kebon bapana. Sawah bapana Si Emod teh aya di deuket legok
Kiara. Tangtu wae Si Emod teu nyia-nyiakeun eta kasempetan. Manehna tuluy menta ka
bapana sangkan bisa ngilu ngabantuan jeung Mang Apin. Sanggeus di ijinan manehna tuluy
ngajak Si Sadun meh manehna bisa ngabuktikeun yen mitos nu aya teh teu bener.

Pas poe Minggu, manehna indit ka legok Kiara, di dinya si Emod jeung Si Sadun
ngahuleng ningali tangkal Kiara nu jangkung tur gede kabina-bina. Tapi maranehna tuluy
balik da rada sieun oge cicing di dinya lila-lila mah. Di legok Kiara maranehna manggih
ucing, tuluy ku Si Emod dibawa balik ka imahna. Eta ucing dingaranan Si Buris.

Si Emod deukeut pisan ka Si Buris, nepi ka sare ge dibaturan ku Si Buris. Tapi sanggeus
kolotna nyaho yen Si Buris teh dibawa ti legok Kiara, Si Emod di titah miceun Si Buris. Tapi
si Emod teu bisa, manehna tetep miara si Buris di imahna.

Panon poe keur meujeuhna moreret. Desa Si Emod jeung Si Sadung mani paceklik.
Tutuwuhan hareupeun mah Emod loba nu kalempohan. Jujukutan nepi ka pirang kahalodoan.
Emod inget kana carita guruna yen keur halodo mah kudu melak tutuwuhan. Upama
hareupeun imahna pinuh ku tatangkalan meureun moal panas-panas amat ayeuna teh.

Unggal tengah poe Si Buris sok ngereles, teuing kamana ulinna. Hiji mangsa poe Minggu
kusabab panasaran, manehna nuturkeun si Buris. Si Buris tonggoy leumpang mapay
pasawahan nu garing kahalodoan. Ngalengkah siga nu lungse, kawasna mah awahing panas.
Beuki jauh Emod nuturkeun Si Buris, tungtungna mah anjog ka Legok Kiara. Si Buris tuluy
kukurusukan ka nu bala.
Ditempo teh tangkal di dinya mani harejo, apan mun tangkal hayang alus teh kudu aya
cai. Pas Si Buris kaluar, sirah Si Buris kulimis siga tos di teuleumkeun kana cai. Emod
ngahuleng sajongjonan. Naha bet aya cai di dinya. Barang disidik-sidik ku Emod, cai anu
barijil tina taneuh teh siga kasedot deui ka jero.

Kawasna mah aya deui liangna. Emod jadi inget carita guruna yen tangkal kai nu gede
gunana keur nahan erosi jeung neundeun cai. Geus apal di dinya aya cai, Emod gura-giru
balik tuluy ngabejaan Pa Kuwu. Isukna urang lembur ngabring ka Legok Kiara.

Urang lembur teu percaya keneh yen di dinya teh loba cai. Ayeuna mah urang lembur teu
aya nu sieun deui ka Legok Kiara, malah urang lembur loba nu datang ka dinya jang mawa
cai. Tina carita eta urang apal yen mitos teh teu salamana bener.

3. Tokoh dan Panokohan

Emod (Bager panasaran ), Sadun (Bager panasaran ), Bapa Emod (Bager, percaya ka
mitos), Mang apin (Bager, percaya ka mitos)

4. Kaleuwihan buku
Novel ieu teh sae pisan kanggo dibaca ku kabeh kalangan hususna barudak sabab ieu teh
novel barudak nu ngabogaan amanat nu loba tur sae pisan, novel ieu nyaritakeun kahirupan
urang sapopoe.

5. Kakurangan

Kurang dina alur caritana sareng rata rata tokoh marcaya mitos

6. Bahasa
Sanajan basa nu digunakeun basa loma, tapi basana tetep sopan, teu kasar teuing. Basa nu
dipake bisa nepikeun maksud ti pangarang ka nu maca novel ieu.

7. Amanat
Ngingetkeun urang yen alam teh penting pisan jang kahirupan urang, jadi urang teh ulah
ngaruksak alam. Urang oge ulah pasea jeung babaturan kusabab masalah nu leutik, urang
kudu silih ngarti.

8. Kacindekan dan Saran


Novel ieu ngingetan urang yen alam teh penting pisan jang kahirupan urang jadi
urang teh ulah ngaruksak alam. Sarua jiga nu dicaritakeun dina novel ieu, ceuk guruna Si
Emod jeung Si Sadun lamun urang teu ngajaga alam, urang bakal susah.

Urang oge ulah pasea jeung babaturan kusabab masalah nu leutik, urang kudu silih
ngarti. Tina novel ieu ge urang diingetan sangkan ulah percaya teuing kana nu ngarana
mitos saacan kabuktian kabeneranana

Novel ieu nyaritakeun tentang Legok Kiara nu dipercaya ku masarakatna bisa


ngakibatkeun gering mun ngadeukeutan Legok Kiara. Tapi nyatana sanggeus dideukeutan
ku Si Emod di dinya teh aya cai nu loba, nu bisa mantuan masarakat tina masalah
paceklik. Tina carita eta urang diingetan yen urang ulang percaya teuing kana mitos
saacan kabuktian kabeneranana.

Novel ieu teh sae pisan kanggo dibaca ku kabeh kalangan hususna barudak sabab ieu
teh novel barudak nu ngabogaan amanat nu loba tur sae pisan, novel ieu nyaritakeun
kahirupan urang sapopoe.
DAFTAR PUSTAKA

1. https://basasunda.com/contoh-resensi-novel-bahasa-sunda/
2. https://dokumen.tips/documents/resensi-novel-basa-sunda-nu-ngageugeuh-
legok-kiara.html
3. https://youtu.be/Qye28V4fTio

Anda mungkin juga menyukai