Anda di halaman 1dari 5

KELOMPOK :

 Khalishah Eddy
 Jodina Leora
 Mohammad Arsya
 Muhammad Naufal
 Muhammad Fabhian
Anggota kelompok dan pembagian tugasnya

1. Nama : Jodina Leora


Tugas : Menentukan novel yg akan di resensi, mencari artikel,
mencari cover, dan mencari identitas novel.

2. Nama : Khalishah Eddy


Tugas : Mencari kelebihan dan kekurangan novel dan Bahasa
novel

3. Nama : Mohammad Arsya


Tugas : menentukan amanat novel

4. Nama : Muhammad Fabhian


Tugas : Mencari artikel, Mencari isi resensi (sinopsis),

5. Nama : Muhammad Naufal


Tugas : mengetik keseluruhan resensi

NU NGAGEUGEUH LEGOK KIARA

1. Identitas Novel
 Judul buku : Nu Ngageugeuh Legok Kiara
 Pangarang : Dadan Sutisna
 Pamedal : PT. Kiblat Buku Utama
 Taun terbit : 2001
 Kandel buku : 51 kaca
 Harga Buku : Rp 13.500
2. Sinopsis

Teu jauh ti lembur aya tangkal kiara nu umurna geus ratusan taun,
nu disebutna Legok Kiara. Réa dongéngna yen nu lewat ka dinya
Legok Kiara téh cenah mah balikna sok terus gering Tapi si Emod
jeung Si Sadun panasaran hayang ngabuktikeun mitos yen mun
ngadeukeutan legok Kiara teh anjeuna bakal gering.
Sabab ceunah di legok Kiara teh aya tangkal kai nu hirupna geus
ratusan taun. Barudak teh jadi inget ka legok Kiara gara-gara
maranehana meunang pancen ti sakola titah melak tangkal kai di
deukeut sakola meh sakola jadi leuwih iuh jeung alus sarta jang
ngajaga alam, sabab zaman ayeuna alam teh geus beuki ruksak gara-
gara ku ulah manusa.
Ceuk Bapana Si Emod, di Legok Kiara teh loba jurig jeung
dedemit, tempatna sanget jeung geueuman. Da puguh aya tangkal
Kiara anu jangkungna kabina-bina. Areuyna ngagangseur kana
taneuh. Tapi Emod henteu percaya teuing kana eta beja teh. Manehna
angger panasaran. Malah hayang ngabuktikeun naha enya di dinya teh
aya jurigan.
Hiji waktu, Mang Apin anu sok babantu di sawah bapana
ngabejaan yen manehna rek ngabasmi beurit nu aya di kebon bapana.
Sawah bapana Si Emod teh aya di deuket legok Kiara. Tangtu wae Si
Emod teu nyia-nyiakeun eta kasempetan. Manehna tuluy menta ka
bapana sangkan bisa ngilu ngabantuan jeung Mang Apin. Sanggeus di
ijinan manehna tuluy ngajak Si Sadun meh manehna bisa
ngabuktikeun yen mitos nu aya teh teu bener.
Pas poe Minggu, manehna indit ka legok Kiara, di dinya si Emod
jeung Si Sadun ngahuleng ningali tangkal Kiara nu jangkung tur gede
kabina-bina. Tapi maranehna tuluy balik da rada sieun oge cicing di
dinya lila-lila mah. Di legok Kiara maranehna manggih ucing, tuluy
ku Si Emod dibawa balik ka imahna. Eta ucing dingaranan Si Buris.
Si Emod deukeut pisan ka Si Buris, nepi ka sare ge dibaturan ku Si
Buris. Tapi sanggeus kolotna nyaho yen Si Buris teh dibawa ti legok
Kiara, Si Emod di titah miceun Si Buris. Tapi si Emod teu bisa,
manehna tetep miara si Buris di imahna.
Panon poe keur meujeuhna moreret. Desa Si Emod jeung Si
Sadung mani paceklik. Tutuwuhan hareupeun mah Emod loba nu
kalempohan. Jujukutan nepi ka pirang kahalodoan. Emod inget kana
carita guruna yen keur halodo mah kudu melak tutuwuhan. Upama
hareupeun imahna pinuh ku tatangkalan meureun moal panas-panas
amat ayeuna teh.
Unggal tengah poe Si Buris sok ngereles, teuing kamana ulinna.
Hiji mangsa poe Minggu kusabab panasaran, manehna nuturkeun si
Buris. Si Buris tonggoy leumpang mapay pasawahan nu garing
kahalodoan. Ngalengkah siga nu lungse, kawasna mah awahing
panas. Beuki jauh Emod nuturkeun Si Buris, tungtungna mah anjog
ka Legok Kiara. Si Buris tuluy kukurusukan ka nu bala.
Ditempo teh tangkal di dinya mani harejo, apan mun tangkal
hayang alus teh kudu aya cai. Pas Si Buris kaluar, sirah Si Buris
kulimis siga tos di teuleumkeun kana cai. Emod ngahuleng
sajongjonan. Naha bet aya cai di dinya. Barang disidik-sidik ku
Emod, cai anu barijil tina taneuh teh siga kasedot deui ka jero.
Kawasna mah aya deui liangna. Emod jadi inget carita guruna yen
tangkal kai nu gede gunana keur nahan erosi jeung neundeun cai.
Geus apal di dinya aya cai, Emod gura-giru balik tuluy ngabejaan Pa
Kuwu. Isukna urang lembur ngabring ka Legok Kiara.
Urang lembur teu percaya keneh yen di dinya teh loba cai. Ayeuna
mah urang lembur teu aya nu sieun deui ka Legok Kiara, malah urang
lembur loba nu datang ka dinya jang mawa cai. Tina carita eta urang
apal yen mitos teh teu salamana bener.

3. Tokoh dan Panokohan


Emod (Bager panasaran ), Sadun (Bager panasaran ), Bapa Emod
(Bager, percaya ka mitos), Mang apin (Bager, percaya ka mitos)

4. Kaleuwihan buku
Novel ieu teh sae pisan kanggo dibaca ku kabeh kalangan hususna
barudak sabab ieu teh novel barudak nu ngabogaan amanat nu loba
tur sae pisan, novel ieu nyaritakeun kahirupan urang sapopoe.

5. Kakurangan

Kurang dina alur caritana sareng rata rata tokoh marcaya mitos

6. Bahasa
Sanajan basa nu digunakeun basa loma, tapi basana tetep sopan, teu
kasar teuing. Basa nu dipake bisa nepikeun maksud ti pangarang ka nu
maca novel ieu.
7. Amanat
Ngingetkeun urang yen alam teh penting pisan jang kahirupan
urang, jadi urang teh ulah ngaruksak alam. Urang oge ulah pasea
jeung babaturan kusabab masalah nu leutik, urang kudu silih ngarti.

8. Kacindekan dan Saran


Novel ieu ngingetan urang yen alam teh penting pisan jang
kahirupan urang jadi
urang teh ulah ngaruksak alam. Sarua jiga nu dicaritakeun dina novel
ieu, ceuk guruna Si
Emod jeung Si Sadun lamun urang teu ngajaga alam, urang bakal
susah.

Urang oge ulah pasea jeung babaturan kusabab masalah nu leutik,


urang kudu silih
ngarti. Tina novel ieu ge urang diingetan sangkan ulah percaya teuing
kana nu ngarana
mitos saacan kabuktian kabeneranana

Novel ieu nyaritakeun tentang Legok Kiara nu dipercaya ku


masarakatna bisa
ngakibatkeun gering mun ngadeukeutan Legok Kiara. Tapi nyatana
sanggeus dideukeutan
ku Si Emod di dinya teh aya cai nu loba, nu bisa mantuan masarakat
tina masalah
paceklik. Tina carita eta urang diingetan yen urang ulang percaya
teuing kana mitos
saacan kabuktian kabeneranana.

Novel ieu teh sae pisan kanggo dibaca ku kabeh kalangan hususna
barudak sabab ieu
teh novel barudak nu ngabogaan amanat nu loba tur sae pisan, novel
ieu nyaritakeun
kahirupan urang sapopoe.

Anda mungkin juga menyukai