Anda di halaman 1dari 3

Tugas Maluruh Novel tur néangan amanat nu aya dina novel

Mata Kuliah : Filsafat Ilmu


Dosen Pengampu : Prof. Dr. H. Asep Syamsul Bachri
Ditulis Ku : Yanti Tianawati
NIM : 2105141

1. Identitas Novel
Judul buku : Nu Ngageugeuh Legok Kiara
Pangarang : Dadan Sutisna
Pamedal : PT. Kiblat Buku Utama
Taun terbit : 2001
Kandel buku : 51 kaca
Harga Buku : Rp 13.500

2. Sinopsis
Teu jauh ti lembur aya tangkal kiara nu umurna geus ratusan taun, nu disebutna Legok
Kiara. Réa dongéngna yen nu lewat ka dinya Legok Kiara téh cenah mah balikna sok terus
gering Tapi si Emod jeung Si Sadun panasaran hayang ngabuktikeun mitos yen mun
ngadeukeutan legok Kiara teh anjeuna bakal gering.
Sabab ceunah di legok Kiara teh aya tangkal kai nu hirupna geus ratusan taun. Barudak
teh jadi inget ka legok Kiara gara-gara maranehana meunang pancen ti sakola titah melak
tangkal kai di deukeut sakola meh sakola jadi leuwih iuh jeung alus sarta jang ngajaga alam,
sabab zaman ayeuna alam teh geus beuki ruksak gara-gara ku ulah manusa.
Ceuk Bapana Si Emod, di Legok Kiara teh loba jurig jeung dedemit, tempatna sanget
jeung geueuman. Da puguh aya tangkal Kiara anu jangkungna kabina-bina. Areuyna
ngagangseur kana taneuh. Tapi Emod henteu percaya teuing kana eta beja teh. Manehna
angger panasaran. Malah hayang ngabuktikeun naha enya di dinya teh aya jurigan.
Hiji waktu, Mang Apin anu sok babantu di sawah bapana ngabejaan yen manehna rek
ngabasmi beurit nu aya di kebon bapana. Sawah bapana Si Emod teh aya di deuket legok
Kiara. Tangtu wae Si Emod teu nyia-nyiakeun eta kasempetan. Manehna tuluy menta ka
bapana sangkan bisa ngilu ngabantuan jeung Mang Apin. Sanggeus di ijinan manehna tuluy
ngajak Si Sadun meh manehna bisa ngabuktikeun yen mitos nu aya teh teu bener.
Pas poe Minggu, manehna indit ka legok Kiara, di dinya si Emod jeung Si Sadun
ngahuleng ningali tangkal Kiara nu jangkung tur gede kabina-bina. Tapi maranehna tuluy balik
da rada sieun oge cicing di dinya lila-lila mah. Di legok Kiara maranehna manggih ucing, tuluy
ku Si Emod dibawa balik ka imahna. Eta ucing dingaranan Si Buris.
Si Emod deukeut pisan ka Si Buris, nepi ka sare ge dibaturan ku Si Buris. Tapi sanggeus kolotna
nyaho yen Si Buris teh dibawa ti legok Kiara, Si Emod di titah miceun Si Buris. Tapi si Emod teu
bisa, manehna tetep miara si Buris di imahna.
Panon poe keur meujeuhna moreret. Desa Si Emod jeung Si Sadung mani paceklik.
Tutuwuhan hareupeun mah Emod loba nu kalempohan. Jujukutan nepi ka pirang kahalodoan.
Emod inget kana carita guruna yen keur halodo mah kudu melak tutuwuhan. Upama
hareupeun imahna pinuh ku tatangkalan meureun moal panas-panas amat ayeuna teh.
Unggal tengah poe Si Buris sok ngereles, teuing kamana ulinna. Hiji mangsa poe
Minggu kusabab panasaran, manehna nuturkeun si Buris. Si Buris tonggoy leumpang mapay
pasawahan nu garing kahalodoan. Ngalengkah siga nu lungse, kawasna mah awahing panas.
Beuki jauh Emod nuturkeun Si Buris, tungtungna mah anjog ka Legok Kiara. Si Buris tuluy
kukurusukan ka nu bala. Ditempo teh tangkal di dinya mani harejo, apan mun tangkal hayang
alus teh kudu aya cai. Pas Si Buris kaluar, sirah Si Buris kulimis siga tos di teuleumkeun kana
cai. Emod ngahuleng sajongjonan. Naha bet aya cai di dinya. Barang disidik-sidik ku Emod, cai
anu barijil tina taneuh teh siga kasedot deui ka jero.
Kawasna mah aya deui liangna. Emod jadi inget carita guruna yen tangkal kai nu gede gunana
keur nahan erosi jeung neundeun cai. Geus apal di dinya aya cai, Emod gura-giru balik tuluy
ngabejaan Pa Kuwu. Isukna urang lembur ngabring ka Legok Kiara. Urang lembur teu percaya
keneh yen di dinya teh loba cai. Ayeuna mah urang lembur teu aya nu sieun deui ka Legok
Kiara, malah urang lembur loba nu datang ka dinya jang mawa cai. Tina carita eta urang apal
yen mitos teh teu salamana bener.

3. Kaleuwihan Buku:
Novel ieu teh sae pisan kanggo dibaca ku kabeh kalangan hususna barudak sabab ieu teh
novel barudak nu ngabogaan amanat nu loba tur sae pisan, novel ieu nyaritakeun kahirupan
urang sapopoe.
4. Bahasa:
Sanajan basa nu digunakeun basa loma, tapi basana tetep sopan, teu kasar teuing. Basa nu
dipake bisa nepikeun maksud ti pangarang ka nu maca novel ieu.
5. Amanat:
1. Ngingetkeun urang yen alam teh penting pisan jang kahirupan urang, jadi urang teh
ulah ngaruksak alam, sanajan kabutuhan urang loba tapi salah jalan lantaran urang ku
cara milampah salah ngaruksak alam sakitar.
2. Urang oge ulah pasea jeung babaturan kusabab masalah nu leutik, ku cara silih ngarti
silih pikanyaah, inget kana kahadéanana salama jadi babaturan jeung urang.

Anda mungkin juga menyukai