Anda di halaman 1dari 5

PANCEN LAPORAN BAHASA SUNDA

RESENSI

WASTA :
FAUZAN RIZKY RAMADHAN

SMA NEGERI 2 MAJALENGKA


TAHUN AJARAN 2021
1

Identitas Novel
Judul buku : Nu Ngageugeuh Legok Kiara
Pangarang : Dadan Sutisna
Pamedal : PT. Kiblat Buku Utama
Taun terbit : 2001
Kandel buku : 51 kaca
Harga Buku : Rp 13.500

Sinopsis
Teu jauh ti lembur aya tangkal kiara nu umurna geus ratusan taun, nu disebutna
Legok Kiara. Réa dongéngna yen nu lewat ka dinya Legok Kiara téh cenah mah
balikna sok terus gering Tapi si Emod jeung Si Sadun panasaran hayang
ngabuktikeun mitos yen mun ngadeukeutan legok Kiara teh anjeuna bakal gering.

Sabab ceunah di legok Kiara teh aya tangkal kai nu hirupna geus ratusan taun.
Barudak teh jadi inget ka legok Kiara gara-gara maranehana meunang pancen ti
sakola titah melak tangkal kai di deukeut sakola meh sakola jadi leuwih iuh jeung
alus sarta jang ngajaga alam, sabab zaman ayeuna alam teh geus beuki ruksak
gara-gara ku ulah manusa.
Ceuk Bapana Si Emod, di Legok Kiara teh loba jurig jeung dedemit, tempatna
sanget jeung geueuman. Da puguh aya tangkal Kiara anu jangkungna kabina-bina.
Areuyna ngagangseur kana taneuh. Tapi Emod henteu percaya teuing kana eta
beja teh. Manehna angger panasaran. Malah hayang ngabuktikeun naha enya di
dinya teh aya jurigan.

Hiji waktu, Mang Apin anu sok babantu di sawah bapana ngabejaan yen manehna
rek ngabasmi beurit nu aya di kebon bapana. Sawah bapana Si Emod teh aya di
deuket legok Kiara. Tangtu wae Si Emod teu nyia-nyiakeun eta kasempetan.
Manehna tuluy menta ka bapana sangkan bisa ngilu ngabantuan jeung Mang
Apin. Sanggeus di ijinan manehna tuluy ngajak Si Sadun meh manehna bisa
ngabuktikeun yen mitos nu aya teh teu bener.

Pas poe Minggu, manehna indit ka legok Kiara, di dinya si Emod jeung Si Sadun
ngahuleng ningali tangkal Kiara nu jangkung tur gede kabina-bina. Tapi
maranehna tuluy balik da rada sieun oge cicing di dinya lila-lila mah. Di legok Kiara
maranehna manggih ucing, tuluy ku Si Emod dibawa balik ka imahna. Eta ucing
dingaranan Si Buris.

Si Emod deukeut pisan ka Si Buris, nepi ka sare ge dibaturan ku Si Buris. Tapi


sanggeus kolotna nyaho yen Si Buris teh dibawa ti legok Kiara, Si Emod di titah
miceun Si Buris. Tapi si Emod teu bisa, manehna tetep miara si Buris di imahna.

Panon poe keur meujeuhna moreret. Desa Si Emod jeung Si Sadung mani paceklik.
Tutuwuhan hareupeun mah Emod loba nu kalempohan. Jujukutan nepi ka pirang
kahalodoan. Emod inget kana carita guruna yen keur halodo mah kudu melak
tutuwuhan. Upama hareupeun imahna pinuh ku tatangkalan meureun moal
panas-panas amat ayeuna teh.

Unggal tengah poe Si Buris sok ngereles, teuing kamana ulinna. Hiji mangsa poe
Minggu kusabab panasaran, manehna nuturkeun si Buris. Si Buris tonggoy
leumpang mapay pasawahan nu garing kahalodoan. Ngalengkah siga nu lungse,
kawasna mah awahing panas. Beuki jauh Emod nuturkeun Si Buris, tungtungna
mah anjog ka Legok Kiara. Si Buris tuluy kukurusukan ka nu bala.

Ditempo teh tangkal di dinya mani harejo, apan mun tangkal hayang alus teh
kudu aya cai. Pas Si Buris kaluar, sirah Si Buris kulimis siga tos di teuleumkeun
kana cai. Emod ngahuleng sajongjonan. Naha bet aya cai di dinya. Barang disidik-
sidik ku Emod, cai anu barijil tina taneuh teh siga kasedot deui ka jero.

Kawasna mah aya deui liangna. Emod jadi inget carita guruna yen tangkal kai nu
gede gunana keur nahan erosi jeung neundeun cai. Geus apal di dinya aya cai,
Emod gura-giru balik tuluy ngabejaan Pa Kuwu. Isukna urang lembur ngabring ka
Legok Kiara.

Urang lembur teu percaya keneh yen di dinya teh loba cai. Ayeuna mah urang
lembur teu aya nu sieun deui ka Legok Kiara, malah urang lembur loba nu datang
ka dinya jang mawa cai. Tina carita eta urang apal yen mitos teh teu salamana
bener.

Tokoh:
Budak (Kuring)
Indungna (Ema)
Lanceuk : Hadi, Ahmad,
Bapa

Alur Carita:
Maju
Latar
Tengah peuting
Isuk-isuk

Latar tempat:
Imah
Sawah
Leuweng
Desa anu jauh tina karamean

Kaleuwihan Novel:
Dina carita ieu boga kaleuwihan nyaeta nyaritakeun carita anu pikasediheun
jeung ngagambarkeun kaayaan jaman baheula masyarakat pilemburan di tatar
sunda anu pikawatireun. Méré pelajaran jang barudak ngora anu ayeuna hirup di
tatar sunda yén kahirupan baheula téh bener-bener pikasediheun jeung pinuh ku
derita, teu siga jaman ayeuna. Jeung eta kajadian teh mangrupa kajadian anu bisa
waé nini-aki urang ngalaman kana kaayaan éta.

Kakurangan Novel:
Kakurangannana nyaeta carita ieu teu nyebutkeun saha ari ngaran nu jadi budak
lalaki anu jadi pameran utamana dina ieu carita novel sunda, jeung teu
dicaritakeun naon wae sababna 2 lanceukna heunteu sare di imahna.
Amanat :

Kudu patuh taat kana aturan-aturan pamerantah, urang teu menang ngalawan
atawa ngabarontak ka nagara, mun baheula mah gerombolan, mun ayeuna mah
teroris. Urang kudu bisa milih mana anu hade di lakukeun jeung mana anu
goreng.

Anda mungkin juga menyukai