Anda di halaman 1dari 5

Nama : Davina Maharani

Kelas : XII IPS 2

RESENSI NOVEL SUNDA

I. COVER BUKU

II. IDENTITAS BUKU

1. Judul buku : Nu Ngageugeuh Legok Kiara

2. Penulis : Dadan Sutisna

3. Pamedal : PT Kiblat Buku Utama

4. Taun Terbit : 2001

5. Kandel Buku : 51 Kaca

III. RINGKESAN CARITA

Teu jauh ti lembur Cihaur aya tangkal kiara nu umurna geus ratusan taun, nu
disebutna Legok Kiara. Réa dongéngna yen nu lewat ka dinya Legok Kiara téh cenah
mah balikna sok terus gering,komo ceneh jang budak letik teh dilarang pisan ulin di Legok
Kiara.

Tapi aya dua budak nyaeta si Emod jeung Si Sadun panasaran hayang
ngabuktikeun mitos yen mun ngadeukeutan legok Kiara teh anjeuna bakal gering.Sabab
ceunah di legok Kiara teh aya tangkal kai nu hirupna geus ratusan taun. Barudak teh jadi
inget ka legok Kiara gara-gara maranehana meunang pancen ti sakola titah melak
tangkal kai di deukeut sakola meh sakola jadi leuwih iuh jeung alus sarta jang ngajaga
alam, sabab zaman ayeuna alam teh geus beuki ruksak gara-gara ku ulah manusa.Geus
mindeng pisan Emod ngadenge eta tempat teh. Lain teu hayang,ngan sok dicarekan ku
indungna.Ekeur mah batur oge tara aya nu wani arulin ka dinya. Tong boro budak anu
kolot oge sarieunen ka Legok Kiara teh.

Ceuk Bapana Si Emod, di Legok Kiara teh loba jurig jeung dedemit, tempatna
sanget jeung geueuman. Da puguh aya tangkal Kiara anu jangkungna kabina-bina.
Areuyna ngagangseur kana taneuh. Tapi Emod henteu percaya teuing kana eta beja teh.
Manehna angger panasaran. Malah hayang ngabuktikeun naha enya di dinya teh aya
jurigan.

Hiji waktu, Mang Apin anu sok babantu di sawah bapana ngabejaan yen manehna
rek ngabasmi beurit nu aya di kebon bapana. Kusabab tos 2 taun panen teh gagal da ku
beurit tea. Sawah bapana Si Emod teh aya di deuket legok Kiara.Emod teh nanya ka
Mang Pain naha teu menang ulin ka dinya,Mang Pain geu teu apalen da cenah ngan apal
mun aya nu ulin ti dinya teh pasti aya nu gering aya oge anu kasurupan.teh Emod the
beuki panasaran hayang apal ai tanah eta the nu bog ana teh saha,ceuk Mang Pain
ayeuna mah tos teu aya nu bogana, ngan baheula mah aya jelema beunghar, Bah Wirya
ngaranna,ngan cenah Bah Wirya teh teu akur jeung batur ditambah koretna kabina-bina
,Bah Wirya the muja sabangsaning siluman sangkan manehna jadi beunghar.Teuing
bener hentenna mah. Ngan aya nu manggihan Bah Wirya maot di handapeun tangkal
kiara.Bulu punuk Emod ngadadak carengkat,paingan atuh eweuh nu wani ulin ka dinya.

Subuh keneh Emod geus hudang bias ana ge ari poe Minggu mah sok rada telat
hudangna.Rusuh Emod ka tampian, gebrus mandi,tiris-tiris pge. Beres solat subuh , terus
nyamperkeun indungna nu keur keprak-keprek di dapur nanyakeun ari bapa dimana ,
bpa Emod the can balik ti tajug. Emod ngomong ka indungna bade ngilu ka sawah moro
beurit, awalna teu meunang tapi Emod mere nyaho da sareng Mang Pain.Tos kit uku
indungna di ijinan tapi kudu ati-ati da Emod leutik keneh. Teu lila bapanan datang atuh
Emod langsung menta ijin ka bapana bade ngilu ka Mang Apin, ku bapanan di ijinan asal
tong jauh-jauh ti Mang Apin..

Wanci haneut moyan, Emod jeung Mang Apin indit ka legok Kiara.Mang Apin
nanggung carangka,da rek terus ngarit.Emod ngajingjing kantong keresek dieusi
timbel.Sanggeus nyorang jalan rondaan,duanana turun kana solokan garing. Terus
leumpang dina galeng, maju ka girang. Lebakeun solokan, pasawahan upluk-
aplak.Sajeroning leumpang mapay galeng, Emod ngarasakeun hawa tiris anu lir
norojosan kulitna. Da puguh langka pisan manehna leumpang di pasawahan wanci isuk-
isuk kawas harita. Katambah jalan the can kapoyanan, cahaya panon poe kahalangan
keneh tatangkalan peuntaseun sawah. Aya kana sapaparapat jamna Emod leumpang
nuturkeun Mang Apin, teu lila anjog ka hiji saung di sisi solokan. Saung paranti reureuh
anu tos digarawe di sawah. Di dinya urang lembur Cihaur nu rek moro beurit mani geus
ngagimbung. Marawa pakarang. Pekteh aya babaturan Emod, keur narangtung dina
galeng. Si Sadun mani curinghak basa neangan si Emod. Sugan mah moal milu ceuk
Emod the, ceuk Sadun the nya hayang nyaho we, kumaha prak-prakanana moro beurit
teh. Sadun nepika mawa anjing jang moro beurit meh beurit na sienen cenah.Henteu
hese geuning moro beurit the lamun geus manggih liang na, liang beurit dipuput ku
haseup, atawa disemprot ku obat.Tara lila beurit na sok barijil tina liang.

Lila-lila Emod teu burung resepeun. Terus asruk-asruk mapay galengan sawah.
Poho ka Mang Apin mah. Malah teu kanyahoan, wanci geus tengah poe. Panonpoe mani
luhureun pisan sirah,panasna kabina-bina da keur halodo tea. Emod jeung Sadun
reureuh heula di handapeun tangkal cau. Terus murak bekel nu dubawa tadi. Der daha
bae duaan. Beres dahar, moro beurit the di teruskeun deui. Nepika henteu kanyahoan
manehna geus anjog ka tungtung pasawahan. Reg Emod ereun.Teu neteup ka hareup.
Gebeg teh, jajantungna ngadadak ratug. Sabab di harepeunana aya tangka kai anu
kacida badagna. Jangkung meh ngajul langit. Tina dahan-dahanna rambay areuy,
ngadangsar kana taneuh. Teu lila mararenha di dinya meren Emod inget kana carita
Mang Apin, Emod mah tos rada sien ai sdun mah hare-hare, teu lila meren manehna
ngarasa sien oge, Sadun the lumpat ninggalkeun Emod. Emod hayang lumpat oge tapi
hese da sukuna asa nempel di taneuh. Kareuwasan na the ngadadak leungit da ningali
naha aya ucing didinya, katenjo na ucing teh pikarunyaen pisan. Awakna beugang jiga
nu tara nyatu. Eta ucing ngarondang nyamperkeun Emod. Ucing teh dibawa ku Emod da
karunyaen.

Ucing na teh dinamaan Buris. Saenggeus dikukut ku Emod Buris the ngalintuhan,
atuh da tilu poe sapoe diparabanana oge.Si Emod deukeut pisan ka Si Buris, nepi ka
sare ge dibaturan ku Si Buris. Saenggeus gelut jeung SI Sadun teh geuningan aya
buntutna. Meunang sababaraha poe mah. Emod the ngarasa tenang. Komo saanggeus
bapana nepungan kolot si Sdun, menta dihampura. Emod dititah sasalaman jeung Si
Sadun.Ayeuna si Buris teu tara kaluar jauh cicing wae di imah.Hiji peuting bapana tiba-
tiba nanya ka Emod ai Buris teh timana, Emod jujur eta ucing teh ti Legok Kiara. Tapi
sanggeus kolotna nyaho yen Si Buris teh dibawa ti legok Kiara, Si Emod di titah miceun
Si Buris. Tapi si Emod teu bisa, manehna tetep miara si Buris di imahna.

Panon poe keur meujeuhna moreret. Desa Si Emod jeung Si Sadung mani
paceklik. Tutuwuhan hareupeun mah Emod loba nu kalempohan. Jujukutan nepi ka
pirang kahalodoan. Emod inget kana carita guruna yen keur halodo mah kudu melak
tutuwuhan. Upama hareupeun imahna pinuh ku tatangkalan meureun moal panas-panas
amat ayeuna teh.

Emod teh sok heran kusabab unggal tengah poe Si Buris sok ngereles, teuing
kamana ulinna. Hiji mangsa poe Minggu kusabab panasaran, manehna nuturkeun si
Buris. Si Buris tonggoy leumpang mapay pasawahan nu garing kahalodoan. Ngalengkah
siga nu lungse, kawasna mah awahing panas. Beuki jauh Emod nuturkeun Si Buris,
tungtungna mah anjog ka Legok Kiara. Si Buris tuluy kukurusukan ka nu bala.

Ditempo teh tangkal di dinya mani harejo, apan mun tangkal hayang alus teh kudu
aya cai. Pas Si Buris kaluar, sirah Si Buris kulimis siga tos di teuleumkeun kana cai. Emod
ngahuleng sajongjonan. Naha bet aya cai di dinya. Barang disidik-sidik ku Emod, cai anu
barijil tina taneuh teh siga kasedot deui ka jero.Kawasna mah aya deui liangna. Emod
jadi inget carita guruna yen tangkal kai nu gede gunana keur nahan erosi jeung neundeun
cai. Geus apal di dinya aya sumber cai, Emod gera-gera balik tuluy ngabejaan warga
lembur Cihaur.Isukna warga the rame-rame datang ningali Legok kiara anu disebutkeun
ku Emod.

Awalna urang lembur teu percaya keneh yen di dinya teh loba cai. Pas dating
ningali langsung the bener aya sumber cai di Legok Kiara teh. Pas tos ningali Kaadaan
Legok Kiara teh ayeuna mah urang lembur teu aya nu sieun deui ka Legok Kiara, malah
urang lembur loba nu datang ka dinya jang mawa cai.Legok Kiara teh ayeuna mah
bermanpaat pisan jang warga desa Cihaur teh,bisa jang sawah jeung kabutuhan lainna.
Tina carita eta urang apal yen mitos teh teu salamana bener.

IV. TOKOH JEUNG WATAK


1. Emod ( Bageur, panasaran)
2. Sadun ( Panasaran)
3. Bapa Emod ( Bageur , percaya mitos)
4. Mang Apin (Bageur)
5. Indung Apin (Bageur , percaya mitos)

V. TEMA, ALUR , LATAR


Tema : Misteri
Alur : Maju
Latar : Legok Kiara

VI. KAUNGGULAN JEUNG KACINDEUKAN CARITA


Kaunggulan na teh nyaeta carita na alus pisan pikeun mere edukasi ka
sadaya, carita na oge mudah dipahami ku pembaca , teu loba teing
konflik. Buku ie bisa dibaca ku semua kalangan, buku na oge teu terlalu
landel jadi moal bosen bacana, anu jarang baca oge lamun baca ie pasti
dijamin moal bosen.
Lamun kacindeukanana dina Bahasa aya anu saetik kurang dipahami

VII. AMANAT
Sabagai manusia urang kudu ngajaga alam kusabab alam teh penting
pisan pikeun kahirupan urang sapopoe

Anda mungkin juga menyukai