Anda di halaman 1dari 10

Cipeucang

Kacatur kacaritakeun cak kolot, dihiji tempat anu ayana di Kabupaten Bekasi, Kecamatan
Bojongmangu, Desa Sukamukti aya hiji lembur nu ngarana Cipeucang. Kunaon eta lembur
teh dingaranan Lembur Cipeucang, cak kolot baheula diieu lembur teh loba sasatoan terutama
Peucang, Sato bangsaning embe anu awakna letikan ti embe.
Di ieu tempat teh aya cai anu ngocor titungtung kidul nepi tungtung kaler nu di sebut
Cipamingkis. Tah di Cipamingkis ieu bangsaning sasatoan ngarinum terutama Peucang.
Kusabab cai teh jadi tempat kahirupan mahluk anu harirup sato, tatangkalan oge jalma kabeh
ngabutuhkeun cai.
Tah kusabab kitu ieu Lemburteh dingaranan Lembur Cipeucang. Asalna tina ngaran sato
nyaeta Peucang jeung cai anu ngalir di eta tempat, Ci = Cai anu ngalir di eta tempat, Peucang
= sato anu loba baheula didinya. Disebut weh Cipeucang.
Nepikeun kiwari oge masi aya keneh Cipamingkis anu ngalir di Cipeucang, jeung masi loba
jalma lamun usum halodo kacarainateh ka Cipamingkis eta.
Jeung hiji deui di ieu lembur teh lahir saurang jajaka nu ganteng ngalempereng koneng loba
nu resep jeung nu bogoh. Tepatna kaping 16 sasih Mei warsih 1987 di lahir keunana. Dugi
ayeuna eta jajakateh aya keneh ayeuna kuliah di UPI Kampus Purwakarta nu jenenganana
Ojim Suryana tea.

Siluman
Jaman baheula dihiji tempat/werwengkon didinya teh kacaritakeun lembur anu kacida
sarienen nana jelema ngaliwat kadinya, yen beja didinya ari peting tara aya lampu, pokona
paroek jeng loba begal. Lamun aya jalma peting-peting liwat kandinya cak beja sok dicegat
garong/begal pokona sakumaha harta nu dibawa ku jalma teh kudu dibikeun ka garong lamun
hente diancam bakal dipaehan atawa disiksa.
Caritana yen brgal/garong anus sok nyegat ditempat etateh nyaeta jalma anu cicing di tempat
eta, penduduk didinya kusabab kitu jalma sarieuneun liwat kadinya teh. Jeung deui anu jalma
anu nempatan tempat eta teh jaragoan utamana jago kadugalan.
Kusabab kitu jalma nyarebutna eta tempat Siluman, lembur Siluman terusnamah.
Eta tempat teh aya di Kabupaten Subang, Kecamatan Pabuaran. Tah ayenamah Silumanteh
jadi ngaran Desa nyaeta Desa Siluman. Da ayeunamah aman biasa wae kos daerah nu sejenna
eweuh begal eweuh garong, kecuali katukangeun lembur etateh aya trotoang panjang da nepi
ayeunage sok sarieuneun jalma liwat kadinya tipeuting mah.
Tah kitu caritana kunaon eta tempat teh disebut Siluman, nu ayeuna Desa Siluman.

Kuya Ngagandong Imahna


Jaman baheula aya Kuya imah-imah di sisi muara. Gawena ngahuma, ngahumateh indit isuk
datang sore magrib.
Hiji poe Kuya keur di huma, aya hujan geode bari jeung angina. Tatangkalan rarungkad imah
Kuya oge kaapungkeun murag ka leuwi brus ti teleum. Sakadang Kuya sedih kacida, isukana
manehna ngieun dei anu leuwih keker supaya te kabawa angina.
Hiji poe manehna balik ti hima, Kuya teh masak pikeun dahar sore. Sabot masak Kuya kacai
hela, keur di cai katingali hasep ngebul dina suhunan imahna ku Kuya diburu tapi imah geus
angus seneuna gede nakeranan. Kuya teh ceurik.
Keur kitu jol bae Monyet kolot. Monyet ngomong ka sakadang Kuya, tong ceuri sakadang
Kuya ngieun deui imahmah!
Anu matak sakadang Monyet lain sakali wae kacilakaan imah teh bareto kabawa angina.
Kudu kumaha akalnanya supaya imah awet? cak sakadang Kuya! Sakadang Monyet
ngajawab, gampang atuh, ngarah imah ulah cilakamah dibawa bae, ulah ditinggalkeun. Pek
ngieun dei anu alus tur kuat ke lamun geus anggeus arang tangkodkeun kana tonggong
anjeun, pantone sakira asup sirah supaya gampang ngelokeun sirah ka jero.
Eta papatah teh ku Kuya diturutkeun, saenggeus anggeus prak ditengkodkeun dina
tonggongna, monyet anu memenerna. Nah ti haritamah imah sakadang Kuya teh sok
dibabawa bae, digagandong.

Hayam Kongkorongok Subuh


Kacaritakeun jaman baheula aya oray naga geus lila ngalamun hayang nyaba ka kahiyangan.
Unggal isuk eta oray teh osok dangdan mapantes maneh. Tapi keukeuh teu ngarasa ginding
lantaran teu boga perhiasan, mangkaning arek ngadeheus ka dewa.
Sanggeus mikir manehna inget ka sobatna sakadang titinggi, maksudna arek nginjeum tanduk
ka sakadang jago haritamah jago teh aya tandukan menta di anteur ka titinggi. Sanggeus
aprok dicaritakeun sakabeh pamasalahan naga ka jago. Maksudnamah nginjeum tanduk ka
jago, engke dianteurkeuna deui ku sakadang titinggi cak sakadang naga.
Hayam jago teu nembalan lantaran apal jahat jeung licikna naga. Lila-lila naga ngarayu, jago
oge merekeun tandukna ka sakadang naga. Cak naga ka jago engke tandukna dibalikeun
deui dianteurkeun ku titinggi samemeh balebat, lamun balebat can balik wae bisi kaula poho
ngawangkong jeung dewa, anjeun mere tanda weh kongkorongok sing tarik.
Geus kitumah jung weh naga jenug titinggi the arindit. Isukna samemeh balebat hayam jago
kongkorongok satakerna. Sakali dua kali titinggi teu datang wae, terus jago teh
kongkorongok sababaraha kali deui, tapi tetep titinggi teu dating keneh bae. Nepi ka brayna
berang titinggi teu datang-datang.
Keun sugan cenah peuting engke pok hayam teh. Tapi weleh ditunggu nepi kasubuh
titinggi teu dating keneh wae. Pohara ambekna hayam jago nepi ka nyancam lamun titinggi
dating arek di pacok nepikeun ka paehna.
Ti harita hayam jago teh tiap-tiap subuh kongkorongok sarta mun papanggih jeung titinggi
sok langsung dipacok nepi ka paehna, males pati dumeh kungsi ngabobodo.

Sasakala Gunung Kendang


JAMAN baheula kacaritakeun aya hiji jelema nu ngaran Ki Sutaarga. Ngabogaan maksud
hajat bari nanggap wayang. Ari lalakonna nu dipikahayangku manhna supaya dipidangkeun,
nyata lalakon nu paling dipantang kudalang. ta lalakon meunang dipidangkeun, tapi teu
meunang nepi ka tamatna.Sabah lamun tamat biasana sok aya kajadian nu teu
dipikahayang.Tapi Ki Sutaarga keukeuh peteukeuh hayang nyaho ta lalakon nepi ka
tamatna.Pokna kajeun mayaran sakumaha, moal burung dibayar asal ta lalakondipidangkeun
nepi ka tamatna.Pok Ki Dalang sasauran.Heug wa dipidangkeun nepi ka tamatna, asal
ongkosna wa dibayar tiheula?Teu loba carita, gocrak ba dibayar sapamnta dalang ta, ku
Ki Sutaagra th.Atuh kasurung ku ongkos nu ged, ger wa ngawayang anu pohara
ramna.Sindnna nu katelah Nyai Astrakembang, anu hrang mncrang, ceuk barudak ayeuna
mah siga enyoy-enyoyan, ngolar tembang hgar pisan.Atuh panongton daratang ti suklakna
ti siklukna. stuning ram pisan arak-arakan, nguping sora sindn anu ngagalideng
halimpu pisan. Barang lalakonampir tamat geus deukeut subuh, torojol dua jelema anu mak
pakan saragamupas kabupatn. ta upas ta nepikeun parntah Bupati, nu maksudna
supayata dalang, sindn, para nayaga, katut gamelan sapuratina, dibawa ngadeuheuska
kanjeng Bupati. Cenah ditunggu pisan.Atuh dalang th cuh-cih jeung cakah-cikih paparntah
ka batur baturna
kudu bbrs. Sarta manhna bbja ka Ki Sutaarga ta yn disaur ku Bupati.Kacaturkeun
bring arindit diiringkeun ku upas nu duaan ngajugjug ka
tempat panglinggihan Bupati. Jalanna lempeng molongpong, stuning senang pisanleuleumpa
ngan henteu loba sumarimpang.Caritana nu ngalabring ta gus nepi ka nu dijugjug. Breg
ngarimpak rareureuhdihareupeun gedong Kabupatn, harita th gus rk bray-brayan
beurang.Tapi anh bin ajaib! 11
ta dua Upas teu araya, kabupatn og suwung, leungit tampa lebih ilang tampakarana.
Sakabh nu hadir musna teu ngaho kamana leosna. Nu aya sesana ngangamelan-gamelan ta.
Kasur nu digulungkeun urut diuk sindn, kabh robahngajadi batu. Tug nepi ka kiwari,
nelah gunungna disebut Gunung Kendang.Dina mangsa nu geus kaliwat. Dina malem Salasa
atawa Jumah kaliwon sok aya raraman siga nu keur hiburan. Sora sindn gagalindeng
angin-anginan.Sora panjak nu senggak. Sora gamelan nangnngnong. Ditempas ku
sorakendang, dung plak dung plak, cs pisan. Dipungkas ku sora-sora goong, ar nu surak
nu senggak, kakuping ram pisan.Loba jelema katipu.Ti lembur nu beulah Kidul Gunung
Kendang, saperti Cikareo,
Bantarpeundeuy, jeung nu sjnna. Nu dek lalajo ngabring, manhna nyangka aya kariaan dik
ampung Cibitung. Urang lembur Kalreun Gunung Kendang, nyangkaynnunanggap wayang
th di Cikarosea atawa Bantar peundeuy.Burusut nu lalajo ngabring nuju ka beulah Kidul.
Dijalan abringan nu ti
Kalr jeung nu ti Kidul pasanggrok, terus silih tanya, dimana aya nu kariaan th.Masingmasing ting polongo, teu aya nu bisa ngajelaskeun. Terus baralik kalayan hatna
marurukusunu keuheul ngarasa katipu.Kaanhan Gunung Kendang nyata balatak batu-batu
nu siga kendang, goong,anggl, guguling, jeung gulungan kasur. Anu siga gulungan kasur
rana ayaopat blas, anu nangtung anu ngedng. Anu siga guguling panjangna hijisatengah
mter. Gunung Kendang ayana di Dsa Sukamukti KacamatanCisompt Kabupatn Garut,
dikomplk Kahutanan nu katelah Blok Jagasatru.
|

Jonggrang Kalapitung
Ku: Budi Rahayu TamsyahHidep kungsi ulin ka Jatiluhur? Jatiluhur th perenahna di
Purwakarta. Di dinyaaya bendungan anu lega. Katelahna Bendungan Jatiluhur. Ari
anu dibendungnaWalungan Citarum. ta bendungan th ged pisan mangpaatna. Dipak
pikeunrupa-rupa kaperluan.Caina dipak pembangkit tanaga listrik, anu listrikna dipak di
sakuliah PuloJawa. Salian ti ta dipak pikeun irigasi deuih. Nyaian sawah-sawah anu aya
dikalr, saperti di Purwakarta, Karawang, jeung Subang. Terus parat nepi kaBekasi jeung
Jakarta. Malah cai beresih anu aya di ta wewengkon, umumnamah asalna th ti Jatiluhur.Teu
saeutik deuih anu miara lauk di Jatiluhur, mak jaring anu disebut
kolam jaring terapung. Jatiluhur og jadi obyk wisata andelan. Salian ti pamandanganana
ndah, geus diwangun obyk wisata modern deuih. Sapertiwaterboom jeung kolam renang.
Atuh keur nu resep nguseup, di Jatiluhur ogloba tempat paranti nguseup.Tapi jaman baheula
mah, baheulaning baheula, cenah di sabudeureun Jatiluhur th, masih knh mangrupa
leuweung geledegan. Rembet ku kakayon,caranom jeung geueumeun. Lolobana tangkal jati,
galed jeung jarangkung.Tangkalna saged-ged beuteung munding. Can jadi bendungan cara
ayeuna.Malah can aya lembur-lembur acan.Leuweung sanget pikasieuneun. Anu matak tara
aya jalma anu lunta-lanto kadinya. Dina kapaksana og, teu welh sanduk-sanduk ka nu
ngageugeuh didinya. Ari anu ngageugeuh di ta leuweung katut gunung-gunung
disabudeureunana, hiji lelembut titisan siluman jaman Sangkuriang. NgarannaJonggrang
Kalapitung.Awakna jangkung badag tanding gunung. Kulitna hideung lestreng tandingareng.
Bulu kumisna saged-ged tambang injuk. Buukna gimbal cawigwigngarerewig. Kakara
oyag lamun katebak angin baliung. stu pikagilaeun
jeung pikasieuneun pisan. Mun ngomong, sorana handaruan tanding gugur. Hsngabdakeun
ana, keur leuleuy atawa keur ambek.

SIKABAYAN DICUKUR
si kabayan teh kandulan pisan. ari kandulan teh jahe=jago he-es (beuki sare), teu
kaop nyangkere atawa nyarande sok ker wae kerek.
sakali mangsa si kabayan teh di cukur. di cukurna handapeun tangkal gede disisi
jalan supratman. ari tukang cukur teh ruruntuk dalang, tadina hayang jadi dalang tapi
teu kataekan, kalah jadi tukang cukur. teu wudu payu nyukurna teh da eta ari nyukur
sok bari ngadalang.
si kabayan ti barang gek diuk dina korsi panyukuran geus lelenggutan wae
nundutan. saperti biasa tukang cukur teh ari ceg kana gunting jeung sisir tuluy wae
ngabuih ngadalang, pok na teh. tah kacatur keun di nagara alengka, rajana
jenengan Dasamuka. ari dasa hartina sapuluh ari muka eta hartosna beungeut
atanapi raray . si kabayan nu keur ngalenggut ngarasa ka ganggu ku nu keur
ngadalang, bari heuay si kabayan nyarita pondokeun wae mang trek-trek tukang
cukur teh ngaguntingan buuk si kabayan bari pok deui ari geus kitu eta
Dasamuka teh bogoh ka dewi Sinta, geureuhna sri Rama pondokeun wae
mangceuk si kabayan nyaritana selang seling antara inget jeung heunteu
bakating ku tunduh, teu lila reup deui sare.. lilir sakeudeung, tukang cukur teh keur
ngadongeng keneh, .. urang tunda dewi Sinta nu keur di Alengka, sabab di paling
ku Rahwana. caturkeun sri Rama. si kabayan asa ka ganggu sarena terus
nyarita bari lulungu pondokeun mang..terus reup deui peureum. trek..trek
tukang cukur ngaguntingan buuk si kabayan bari nuluykeun ngadongengna. ari tiap
si kabayan lilir, tukang cukur teh keur ngabuih keneh wae ngadalang, tapi ari
leungeunna mah tetep teu eureun-eureun ngaguntingan buuk si kabayan. si
kabayan keuheuleun pisan sabab sarena kaganggu ku sora tukang cukur, nu
sakapeung sok ngagerem nurutan sora buta atawa ngajerit nurutan sora dewi sinta
basa di paling ku Rahwana antukna si kabayan ngambek ka tukang cukur bari
nyarita ceuk aing ge pondokeunpondokeun tukang cukur nembalan
dipondokeun kumaha ieu geus lenang kieu.. ari ret si kabayan kana eunteung enya
wae sirahna geus gundul teu sa lembar-lembar acan, puguh wae si kabayan teh
ambek nu dipondokeun teh dongeng maneh lain lain buuk aing si kabayan
morongos, tukang cukur nembalan bari nyentak bongan sorangan, naha atuh sare
wae batur di gawe teh, lain nuhun di embohan ku dongeng teh ngan hing wae si
kabayan teh ceurik bakating ku handeueuleun jaba ari balik ku barudak di poyokan
bari di abring-abring penjol.penjol.

Kuya Nyieun Suling


Sakadang kuya manggih tulang maung ti leuweung. Ceuk pikirna alus lamun
dijieun suling. Ngan kusabab menehna mah teu bisaeun ngaliangan, kapaksa menta
tulung ka sakadang bangbara. Sanggeus diliangan tulang maung teh bisa ditiup.
Tret trot tret trot,
suling aing tulang maung,
diliangan ku bangbara,
torotot heong.
Ngan ceuk pikir kuya masih keneh kurang alus, kudu ditroktrokan heula. Harita
keneh manehna nepungan sakadang caladi. Kabeneran caladi teh daekeun. Sanggeus
ditroktrokan mah suling teh rada alus.
Tret trot tret trot,
suling aing tulang maung,
diliangan ku bangbara,
ditroktrokan ku caladi,
torotot heong.
Sakadang kuya ngarasa can sugema, sabab ceuk rasana suling teh tacan sampurna. Keur
nyampurnakeunana kudu dipasieup heula. Ceuk dina pikir kuya nu ahli masieup teu aya deui
lian ti sakadang sireupeun. Harita keneh kuya indit nepungan sireupeun. Sanggeus dipasieup
suling teh ditiup deui.
Tret trot tret trot,
suling aing tulang maung,
diliangan ku bangbara,
ditroktrokan ku caladi,
dipasieup ku sireupeun,
torotot heong.

GAGAK HAYANG KAPUJI


Aya gagak maling dengdeng ti pamoean. Geleber hiber bari ngaheumheum dengdeng tea
kana tangkal dadap sisi lembur. Kabeneran harita katangeneun ku anjing nu kacida
kabitaeunana da puguh kabeukina. Kusabab kitu, ku anjing disampeurkeun. Tapi sanggaus
anjing aya dihandapeun, boro-boro ditanya teu direret-reret acan.
Anjing mikir piakaleun supaya dendeng tea kapimilik ku manehna. Sanggeus manggih
anjing ngomong, Leuh aya manuk alus-alus teuing. Pamatukna panjang bulu hideung tapi
mani lemes kitu. Manuk naon nya ngaranna? Kawasna mah moal aya tandingna
dibandingkeun jeung cendrawasih ge moal eleh.
Mimitina mah omongan anjing teh teu didenge . Tapi sanggeus aya omongan moal eleh
ku cendrawasih, gagak atoheun pisan. Manehna kungsi beja yen cendrawasih teh manuk
pang hadena. Tapi ceuk anjing manehna moal eleh. Kitu nu matak manehna ngarasa
ngeunah kupamuji anjing. Malah ceuk pikirna deui asa haying ngabagi dengdeng jeung
anjing. Ngan kusabab hese meulahna kahayangna teu kalaksanakeun.
Anjing nempo beungeut gagak marahmay sanggeus dipuji ku manehna. Ceuk pikirna
pasti usahana hasil. Ceuk pikirna deui naon hesena muji-muji keur ngahontal
kahayangna.Kusabab kitu pok deui anjing,Lamun daekeun mah haying nyobat jeung manuk
nu sakitu lucuna. Ngan rumasa sorangan mah sato hina. Saumur-umur kudu ngadunungan,
sare digolodog, rajeun manggih hakaneun oge pasesaan. Tapi najan teu bisa nyobat oge jeung
manuk lucu, atuh ngadenge-ngadenge sorana. Meureun moal panasaran teuing!.
Barang ngadenge pamuji anjing anu sakitu ngeunahna, gagak poho keur ngaheumheum
dengdeng, ngan ngong we disada, Gaak Gaaak cenah. Atuh barang engab pamatukna
barang pluk we dengdeng teh murag. Anjing gancang nyantok dengdeng nu murag tea tuluy
dihakan di nu bala.
Gagak nu hanjakaleun mah teu ditolih. Sababaraha jongjonan gagak teh cindekul we
dina dahan bari ngararasakeun teu ngeunahna ku kalakuan anjing. Manehna karek ngarti yen
anjing muji bebeakan teh haying dengdeng nu keur diheumheum ku manehna.
Ti dinya mah geleber gagak teh hiber kana tangkal kai rek neangan hileud keur ganti
dengdeng nu disantok ku anjing.

Kuda Hade Budi


Aya Maung eukeur mah geus kolot katambah gering, ngalungsar handapeun tangkal kai
bari gegerungan. Sato-sato nu kungsi menang kanyeri ti manehna ngarumpul ngariung nu
keur gegerungan tea. Ceuk Munding, Ah siah make gegerungan! Rek nyambat ka saha?
Moal aya nu nyaaheun ka sia mah! Sato jahat! Munding ngomongna kitu bari ngagadil nu
keur gegerungan. Nempo kalakuan Munding kitu sakur sato nu harita aya di dinya sareuri
akey-akeyan.
Kabeh sato nu aya di dinya ngaheureuykeun Maung nu keur sakarat, kajaba sakadang
Kuda. Nempo sato-sato sejen galumbira teh manehna mah ukur gogodeg. Ceuk Domba,
Kunaon sakadang Kuda kalah gogodeg kitu? Lain tejeh tah si Belang teh ku sampean! Lain
baheula si Belo ditekuk? Tembal Kuda, Kaula mah lain teu ngewa kana kalakuan Maung
teh. Ngan waktu ieu kaayaanana pan keur gering parna. Manehna teh keur sakarat,
sakeudeung deui oge paeh. Kuduna mah sato nur keur sakarat teh ulah dihareureuykeun kitu.
Meureun ceuk batur teh, rajeun aya kawani ka anu keur sakarat! Sanggeus ngadenge
omongan Kuda kitu, sakur sato nu aya di dinya jempe sarta patinglaleos ka leuweung
deui.
Dicutat tina: Bacaan Barudak Kuda Hade Budi

Anda mungkin juga menyukai