Anda di halaman 1dari 14

HAYAM KONGKORONGOK SUBUH

Kacaritakeun jaman baheula aya oray naga geus lila ngalamun hayang nyaba ka kahiyangan. Unggal isuk eta
oray teh osok dangdan mapantes maneh. Tapi keukeuh teu ngarasa ginding lantaran teu boga perhiasan,
mangkaning arek ngadeheus ka dewa.
Sanggeus mikir manehna inget ka sobatna sakadang titinggi, maksudna arek nginjeum tanduk ka sakadang jago
haritamah jago teh aya tandukan menta di anteur ka titinggi. Sanggeus aprok dicaritakeun sakabeh pamasalahan
naga ka jago. Maksudnamah nginjeum tanduk ka jago, engke dianteurkeuna deui ku sakadang titinggi cak
sakadang naga.
Hayam jago teu nembalan lantaran apal jahat jeung licikna naga. Lila-lila naga ngarayu, jago oge merekeun
tandukna ka sakadang naga. Cak naga ka jago engke tandukna dibalikeun deui dianteurkeun ku titinggi
samemeh balebat, lamun balebat can balik wae bisi kaula poho ngawangkong jeung dewa, anjeun mere tanda
weh kongkorongok sing tarik. Geus kitumah jung weh naga jenug titinggi the arindit. Isukna samemeh balebat
hayam jago kongkorongok satakerna. Sakali dua kali titinggi teu datang wae, terus jago teh kongkorongok
sababaraha kali deui, tapi tetep titinggi teu dating keneh bae. Nepi ka brayna berang titinggi teu datang-datang.
Keun sugan cenah peuting engke pok hayam teh. Tapi weleh ditunggu nepi kasubuh titinggi teu dating keneh
wae. Pohara ambekna hayam jago nepi ka nyancam lamun titinggi dating arek di pacok nepikeun ka paehna.
Ti harita hayam jago teh tiap-tiap subuh kongkorongok sarta mun papanggih jeung titinggi sok langsung
dipacok nepi ka paehna, males pati dumeh kungsi ngabobodo.

Rincian Dongeng:
- Judulna : Hayam Kongkorongok Subuh
- Bahasana : Kasar
- Palakuna : Hayam Jago, Titinggi jeung Oray Naga
- Watek palakuna :
Oray Naga = jahat, sok nipu, teu sukur, sok hayang nu batur.
Titinggi = Daek wae di titah sanajan salah, teboga pamadegan.
Hayam Jago = Babari percaya, gampang dibobodo.
- Tempat/latar : Hiji tempat jaman bahela nyaeta di leuweung
- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Ari hirup teh ulah sombong, adigung, ulah sok nipu, jiga Oray Naga. Ulah sok daek wae di titah lamun salah
jiga Titinggi. Ulah gampang di bobodo bisi kaduhung, ulah gampang percaya ka jalma jiga sakadang Hayam
Jago.

Kumpulan Carpon Singkat





















GAGAK JADI HIDEUNG

Kacariotakeun baheula dina hiji tempat aya oray naga keur nawu balong. Sungutna ngegel kana tangkal huni,
buntutna dibrlitkeun kana pancuh tambakan beulah dieu. Awakna malang dina balong tea, tuluy di ayun keun
goplak, goplak, goplak dipake nawu baloing tea.Teu kungsi lila balong teh saat laukna sing kocopok loba. Jol
datang gagak kadinya haritamah gagak teh buluna bodas ngeplak. Ujug-ujug corokcok weh laukna dipacokan
nepi beak lauk nu baradagnamah.
Ku oray sanca katempoen gagak maling lauk, geuwat digenggereuhkeun, tapi gagak ngalah beuki ngahajakeun.
Atuh oray ambek sebrut bae diudag gagakteh. Gagak teh hiber kuorang diobrot, gagak teh bingung da diberik
wae sieunen katewak. Kabeneran aya nu keur neleum, gebrus bae gagak teh asup ka jero pijanaan. Atuh ari
muncul deui teh geus lestreng .Barang jol oray sanca teh panglingeun, da jadi hideung lestereng. Pok weh oray
sanca nanya, mahlik hideung maneh nempo sakadang gagak teu bieu liwat kadieu?

Gagak teh sorana digedekeun, ngomongna oge basa Betawi, da sieunen katara, Engga, gaaaa!. Tah kitu
sasakalana manuk gagak buluna hideung jeung sorana gaaa, gaaaak!

Rincian Dongeng:
- Judulna : Gagak Jadi Hideung
- Bahasana : Kasar
- Palakuna : Gagak jeung Oray Sanca
- Watek palakuna :
Gagak = Badeur, sok daek nyopet, te bisa digenggereuhkeun.
Oray Sanca = Getol, daek usaha, rajin.
- Tempat/latar : Caritana jaman baheula di hiji balong nu loba laukan
- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Ari jadi jalma teh kudu getol daekan, ulet, usaha lamun hayang bog amah kos sakadang Oray Sanca. Ulah jiga
Gagak baong, haying ngenah doing embung gawe.

Kumpulan Carpon Singkat



























SELAT SUNDA JEUNG GUNUNG KRAKATAU

Kacatur jaman baheula di Pulo Jawa Beulah kulon, aya hiji karajaan anu rajana Prabu Rakata. Sang Prabu
gaduh dua putra. Anu cikal Raden Sundana anu bungsu Raden Topobrana. Haritamah Pulo Jawa sareung
Sumatra teh ngahiji.
Kumargi Prabu Rakata parantos sepuh pisan, mangka karajaan teh di titipkeun ka putra-putrana, tur di bagi dua
belah wetan ku Raden Sundana, belah kulon Raden Topobrana. Terus Sang Prabu teh indit ngabagawan anu
tempatna dibates dua nagara nu dibagi dua tea, anjeunna teu nyandak nanaon tibang guci pusaka nu dicandak.
Hiji mangsa dina taun ka genep Sang Prabu teh ngadangu yen putrana parasea Raden Sundana ngarugrug
karajaan raina Raden Topobrana. Sang Prabu teh ceg ka guci anu gtos dieusi cai laut tea, terus indit ka medan
laga kasampak dua putrana keur perang campuh atu bendu pisan snjeunanana. Ningali ramana sumping reg weh
perang liren, dua putrana langsung nyampeurkeun cedok weh nyareumbah ka Prabu Rakata kitu dei para
parajuritna. Atuh dua putrana beak bersih diseukseukan pampangnaman Raden Sundana nu wani ngarug-gug
nagara raina. Dua putrana anu tarungkul teh nyarek, atuh Sang Prabuteh langsung ngadeg, ceg kana guci pusaka
tea. Terus cai laut anu dina guci dikucurkeun disapanjang wates dua nagara, teras guci anu tos teh kosong teh
disimpen ditapal bates dua karajaan tea, anjeunanana indit deui ka tempat pang tapaanana. Teu lami eta bates
anu tilas disiram ku cai laut teh ngajanggelek jadi selat. Nu kiwari disebut Selat Sunda. Nu mawi dinamian
Selat Sunda lantaran Raden Sundana sarakah hoyong wilayah anu raina. Dugi ramana ngadamel wates nganggo
guci pusaka anu caina dikucurkeun terus jadi selat. Tur guci anu disimpen dina wates teh ngajanggelek jadi
gunung, nu katelah Gunung Rakata atanapi Gunung Krakatau. Tah kitu sasakala Selat Sunda sareng Gunung
Krakatau teh.

Rincian Dongeng:
- Judulna : Selat Sunda Jeung Gunung Krakatau
- Bahasana : Lemes
- Palakuna : Prabu Rakata, sareng dua putrana: Raden Sundana sareng Raden Topobrana
- Watek palakuna :
Prabu Rakata = Arip, adil, tur bijaksana.
Raden Sundana = Sarakah
Raden Topobrana = Embung ditindes
- Tempat/latar : Jaman baheula di Pulo Jawa belah kulon.
- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Jadi jalma kudu arif, jujur, adil tur bijak sana kawas Prabu Rakata, ulah Sarakah jiga Raden Sundana.

Kumpulan Carpon Singkat





















CAI LAUT ASIN

Kacatur jaman baheula aya dua jalma adi lancek. Nu cikal ngarana Jana, ari nu bungsu Jani. Ki Jana ka asup
jelema benghar, lega sawah lega kebon. Tapi koret, tara barang bere jeung tutulung. Tapi Ki Jani mah bari
jeung miskin oge ari boga rejeki teh sok mere kanu butuh. Hiji poe Ki Jani nginjem beas ka Ki Jana tapi manan
dibere malah dicarekan. Untung pamajikan Ki Jana karunyaeun. Susulumputan ti salakina mere beas ka Ki Jani
sacangkir jeung lauk asin. Bari nalangsa Ki Jani balik ditengah jalan aprok jeung aki-aki awakna begang
lempangna rumanggieung atu karunyaeun diajakan ka imahna. Nepi imah beas dibubur saenggeus asak
didalahar bareng.
Isuk-isuk keneh aki-aki teh geus pamitan. Memeh indit aki-akit eh mere jiman ka Ki Jani mangrupa lilisungan
jeung haluna tina perak. Naon wae anu dipikahyang ku ujang, sebutkeun wae bari nyebut Tutu! Tutu!
Tutu!tilu kali, ca kaki-aki teh, engke tangtu haluna nutu sorangan, sarta anu dipikahayang kaluar tina jero
lisung. Ngereunkeunana lisung kudu dibere taneuh saetik. Gancangna carita Ki Jani geus benghar, tapi tetep
resep ngabantu jeung tutulung kanu susah.

Barang Ki Jana ngadenge adina beunghar manehna siri , bari boga niat jahat hayang miboga jimat eta. Hiji
peuting Ki Jana datang Ka Jani, ku Ki Jani dicaritekeun kabeh ka Ki Jana carana make lisung. Terus dibawa
minggat ku lanceukna ka alas pentas. Mangsa dina kapal geus eweuh uyah Ki Jana menta kalisung uyah kaluar
uyah teh teu ereun-ereun, Ki Jana poho teu mawa taneuh. Nepi ka kapalna kelebuh teleum. Ti harita cai laut
jadi asin.

Rincian Dongeng:
Judulna : Cai Laut Asin
Bahasana : Kasar
Palakuna : Dua urang adi lanceuk: lanceukna Ki Jana, Adina Ki
Jani.
Watek palakuna : Ki Jana :
Sarakar, koret, embung tutulung kanu susah.
Ki Jani :
Bageur, berehan, daek tutulung kanu susah.
Tempat/latar : Jaman baheula di hiji lembur.
Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Jadi jalma ulah koret jeung jahat, siga Ki Jana anu tung-tungna bakal cilaka. Kudu kos Ki Jani bageur sok daek
nulungan batur, hirupna jadi senang tur tentrem.

Kumpulan Carpon Singkat




















KUYA NGAGANDONG IMAHNA

Jaman baheula aya Kuya imah-imah di sisi muara. Gawena ngahuma, ngahumateh indit isuk datang sore
magrib. Hiji poe Kuya keur di huma, aya hujan geode bari jeung angina. Tatangkalan rarungkad imah Kuya oge
kaapungkeun murag ka leuwi brus ti teleum. Sakadang Kuya sedih kacida, isukana manehna ngieun dei anu
leuwih keker supaya te kabawa angina.

Hiji poe manehna balik ti hima, Kuya teh masak pikeun dahar sore. Sabot masak Kuya kacai hela, keur di cai
katingali hasep ngebul dina suhunan imahna ku Kuya diburu tapi imah geus angus seneuna gede nakeranan.
Kuya teh ceurik.
Keur kitu jol bae Monyet kolot. Monyet ngomong ka sakadang Kuya, tong ceuri sakadang Kuya ngieun deui
imahmah!

Anu matak sakadang Monyet lain sakali wae kacilakaan imah teh bareto kabawa angina. Kudu kumaha
akalnanya supaya imah awet? cak sakadang Kuya! Sakadang Monyet ngajawab, gampang atuh, ngarah imah
ulah cilakamah dibawa bae, ulah ditinggalkeun. Pek ngieun dei anu alus tur kuat ke lamun geus anggeus arang
tangkodkeun kana tonggong anjeun, pantone sakira asup sirah supaya gampang ngelokeun sirah ka jero.
Eta papatah teh ku Kuya diturutkeun, saenggeus anggeus prak ditengkodkeun dina tonggongna, monyet anu
memenerna. Nah ti haritamah imah sakadang Kuya teh sok dibabawa bae, digagandong.

Rincian Dongeng:
Judulna : Kuya Ngagandong Imahna
Bahasana : Kasar
Palakuna : Sakadang Kuya jeung sakadang Monyet
Watek palakuna :
Sakadang Kuya :
Getol daek digawe, gampang putus asa an, te kuat kena
musibah.
Sakadang Monyet :
Daek babantu jeung mere saran
Tempat/latar : Baheula dihiji kebon deket walungan
Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Jadi jalma kudu getol kos sakadang Kuya tapi tong gampang putus asa jeung tong bodo. Jeung kudu daek
babantu ka batur kos sakadang Monyet.













GIRIMIS TEU BA RAAT
Ku Dian Hndrayana

Asa geus peuting pisan. Girimis can ba raat. Basa lilir th, karrt adi kuring keur ngajanteng deukeut jandla.
Hordngna bangun ngahaja disingraykeun. Meureun ngarah laluasa nyawang ka luar. Leungeun katuhuna ba
nyampay kana sarigsig. Najan teu pati caang, cahaya lampu ti tebh buruan wasa ntlakeun yn adi kuring
keur alum ngungun.
Ti peuting kamari knh, adi kuring puguh bangun meunang pangabetah dina peta nu kawas kitu. Utamana mun
mangsa peuting lantis ku girimis cara ayeuna, manhna sok ngajanteng deukeut jandla, nyawang ka luar.
Kituna th sok bari ngembeng cimata.
Hiji mangsa mah kungsi dideukeutan, laju ditanya naha ku naon. Jawabna th majar keur ningali Apa.
Hawatos Apa kahujanan di buruan, omongna.
Emh.
Diteuteup deui, manhna bangun enya nu keur betah nyawang ka buruan nu majar Apa keur ngajanteng lebah
dinya. Sok lila kituna th. ta ba, mmh girimis raat mah, bangunna cadu teuing kudu gancang lugay tina
deukeut jandla geusan muru pangsaran.
Ari peuting ayeuna, adi kuring geus ngajanteng deui deukeut jandla. Lebah pipina katmbong ba aya nu
ngagurilap ssa cimata nu ngamalir taya reureuhna.
Girimis di luar can knh ba raat.
Pirajeuneun kuring turun tina pangsaran. Tuluy ngadeukeutan muru manhna. Sarrtan g laju katangn,
lebah juru panonna aya knh ssa cimata, ngeyembeng bangun nu ngadago limpas.
Ti mangkukna mula, teu kalis ku dibeberah jeung dililipur, ngungunna th bangun nu taya anggeusna. Tuda
enya, sarra g taya nu teu ngarasa duheulang basa Apa nilar th. Teu gering teu lungs ieuh, Apa bangun lah
dipundut ku Nu Kagungan. Bari calik keur ngariung balakcrakan satutas sambang Magrib, Apa rubuh
ngarumpuyuk. Kungsi neuteup ka sarra mmh enya nilar sabada ngucapkeun lapad Alloh.
Lah!
Diteuteup deui th, adi kuring anteng ba mencrong ka buruan. Ti tatadi g da teu sing aya sasaha ari lain
tangkal jambu jeung pager beusi mah. Tuh, najan enya lampu ti tebh buruan teu caang teuing g, puguh sidik
taya sasaha atawa sugan aya nu ngadon ngulampreng rumingkang.
Hawatos Apa kahujanan di buruan, omongna deui.
Ema nu kitu th deuih. Ti saprak Apa mulih ta, Ema mah taya pisan kabragan. Mh saban waktu Ema kudu
wa bedah cimata. Tuga g Apa ngerelekna dina lahunan anjeunnna pisan. Malahan Ema ku anjeun bangun
enya ngiring ngedalkeun lapad Alloh. Lailahaillalloh
Bet temahna, Ema
Sok rajeun katmbong numpi ngalangeu di kamarna. Ana pareng dilongokan mangsa usum dahar, walonna th
can hararayang atawa malik mariksakeun naha kuring jeung adi kuring geus dalahar atawa acan?
Leuh!
Di luar, girimis kalah asa beuki kerep. Sawarh mah sawr pisan kana kaca jandla. Sora sahna bet sada-sada
talatah Apa ti kaanggangan, Masing leket bebekelan ibadah keur bawaeun mulang
Ari dirrt, adi kuring kalah ka enya ngagukguk, cimatana limpas cara cihujan di luar nu murubut sanggeus
bah ti luhur langit.
Ku naon Apa teu keresaeun lebet ka bumi? cenahna th.
Disrangkeun ka buruan, cara tadi da puguh taya sasaha.
Kalah girimis beuki lila beuki kerep wa. Adi kuring anteng knh ngajanteng deukeut jandla. Leugeunna
beuki pageuh ngaranggeuman sarigsig. Tur kapireng deui inghakna beuki rosa wa. Sakapeung tmbong obah
taktakna tina nahan piceurikeun nu boa pohara kacida.
Teu lila tina kituna, manhna malik neuteup ka kuring. Mencrong salila-lila.
Ku naon Apa teu disina lebet? tuluyna th.
Kari kuring nu bati hmeng. Disrangkeun deui ka buruan, angger taya sasaha. Sanggeus ngaleupaskeun
leungeunna tina sarigsig, ngan deregdeg ba manhna ngejat ka luar ti kamar bari tuluy nelenyeng muru panto
hareup.



Basa dituturkeun gagancangan, bet srog th horng Ema geus ngajanteng lebah dinya. Boa geus ti tatadi Ema
ngajantengna th. Pannona tmbong semu carindul. Cimatana ba gugurilapan katojo ku cahaya lampu ti tebh
buruan.
Sajongjongan mah anteng ba neuteup ka kuring.
Pangnyandakeun paying di pengker kanggo Apa, tuluyna th semu dareuda.
Basa diteuteup deui, Ema lir nu teu wasa ngabedahkeun deui cimatana. Geus kitu mah, ngan segruk wa Ema
muru korsi di rohangan tengah tuluy nyaluuh bari nginghak.
Harita pisan deuih adi kuring ceurikna bedah sapisan. Girimis mah duka iraha raatna.































Jurig Pengkolan Giribig Carita Misteri

Mang Ano imut basa rentang-rentang nenjo Neng Sari jeung Neng Anih baralik deui bari semu
rurusuhan. Leungeunna niungan buukna ku kantong nyieuhkeun cihujan ngaririncik tabuh dalapan
peuting.
''Mang Ano, hayu ah kana beca bae,'' ceuk Neng Sari.
''Tapi hoyong muter ka jalan komplek, alim ngaliwat ka pengkolan Giribig!'' Neng Anih mairan.
''Ari tadi moal kana beca?'' Mang Ano jual mahal. Tuda enya tadi mah ditawaran erek moalna kana beca dua mojang adi
lanceuk teh nyebut moalna ge bari teu ngareret-reret acan. Ari ayeuna, sasat maksa.
''Naha alim ka jalan makam pengkolan Giribig?''
''Iiiiy...embung dua kali komo opat kali!'' Neng Sari ngabirigidig.
''Aya...jur, jur, jur.....!'' tambah Neng Anih.
''Aya juru tulis?'' Mang Ano ngaheureuyan.
''Yey, Si Mang Ano mah. Pokona sabaraha ongkosna mun jalan muter ka komplek?'' tanya Neng Sari.
''Nya nikel Neng. Sakieu!''
''Sakieu sabaraha, sing puguh atuh ih!''
''Dua puluh!''
''Mani mahal-mahal teuing?''
''Ka nu sanes mah tilu puluh, bubuhan ka eneng we ieu mah tatangga sa-RW!'' cenah. Kituna teh Mang Ano cimekblek
keneh bangun teu napsu rek narik teh sok padahal duit sakitu teh gede pangajina keur tukang beca jaman kiwari anu
geus arang langka nu marake mah da kalindih ku ojeg jeung angkot. Ojeg oge lain di pasisian ayeuna mah di puseur
dayeuh ge galituk.
''Lima welas nya?''
''Sakitu bae Neng!''
Eleh deet Neng Sari jeung Neng Anih ngalacat kana beca. Puguh bae Mang Ano atoh kacida sasatna baris meunang upah
ngaboseh badag. Gorolong beca maju ka kulonkeun mapay jalan gede, henteu mengkol ka jalan makam nu aya
pengkolan Giribig.
''Jurig gelo!'' ceuk Neng Anih sabada beca ngageuleuyeung.
''Heueuh!'' tembal lanceukna.
''Jurig naon atuh nya?''
''Teuing atuh!''
Mang Ano bati imut we ngadedengekeun nu ngabuih bab jurig pengkolan Giribig teh. Jero hatena mah seuri malah
nganuhunkeun sagala ka sakadang jurig teh da cenah gara-gara jurig pengkolan Giribig, beubeunangan ngabecana
mucekil. Kaharti da ti beurang mah apan neangan panumpang sagorolong ge hese beleke. Jelema taya nu nawar beca,
kalis leumpang bae najan kudu nyorang makam gereng ge. Kaharti deuih da moal enya aya jurig liar ti beurang,
manasina rampog jaman kiwari, taya usumna. Ti peuting aksi ti beurang ngagalaksak. Jurig mah taat pakem.
Isukna, Neng Sari jeung Neng Anih ngabuih bab papanggihan jurig lebah pengkolan Giribig nu ngaheureuyan maranehna
tas balik nyoping kapeutingan. Cenah mani jentre aya nu nyikikik seuri ditungtungan ceurik ngadingdiut.
''Iiiyyy.....amit-amit jabang bayi teu hayang ngaliwat ka dinya deui!'' ceuk Neng Sari.
Antukna tul tel beja pabeja-beja, guyur salelembur ear sadesa di pengkolan Giribig aya jurig.
''Percaya teu kana omongan Neng Sari?'' ceuk Si Ojo ka Si Udin.
''Wah wadul!'' tembal Si Udin.
''Sia mah can ngasaan meureun nya? Tong sok suaban euy!'' Si Ojo ngarasa teu ngeunah teu dipercaya teh da manehna
mah yakin pisan naon nu dicaritakeun ku Neng Sari teh bener.
Si Udin kakara yakin basa manehna balik peuting ngaliwat ka dinya. Enya we naon nu diomongkeun ku Neng Sari teh teu
nyalahan. Masing lalaki ge sieun diheureuyan jurig mah. Teu hade teu balik ka imah mah, antukna manehna ge siga
Neng Sari jeung Neng Anih, minangsaraya ka Mang Ano, tumpak beca.
''Cenah moal kana beca Udin?''
''Moal tadina mah teu boga duit, kaya kieu mah nya kapaksa we,'' ceuk Udin bari cle kana beca. Meredih muter ka jalan
komplek. Ngan basa dijelaskeun ongkosna kudu nikel mah embungeun. Ka jalan makam we cenah sugan aya batur mah
moal keueung teuing.
''Mun aya jurig deui urang lawan ku duaan nya?'' ceuk Udin menta tanjakan. Kituna teh kusiwel ngaluarkeun bungkus
roko, ditololkeun sabatang laju disodorkeun ka Mang Ano. Nyombo ti dituna mah.
''Tenang Din, dibekok ku aing mah jurigna!'' ceuk Mang Ano bari metot roko.
Nyaan disuwuk udud mah beca teh ngadius da teu kungsi saparapat jam geus anjog ka pengkolan Giribig.
''Mang, Mang Ano, aw, aw, awaaaas....!'' Udin hariweusweus bangbaungeun urut tadi.
''Aya naon Din?'' Tanya Mang Ano kalahanan ngeureunkeun beca pas lebah pengkolan Giribig nu camewek.
''Jur, jur, jur...Mang!''
''Sok lawan aing wani mah jurig! Tong disebut Ano mun kudu taluk ku dedemit!'' ceuk Mang Ano bari nulak cangkeng,
malah meureup sagala. Jempling.
''Nyaan Mang Ano mah sakti!'' ceuk Udin sanggeus beak makam.
Isukna, basa ditanya ku Si Ojo, Udin teu bisa ngabantah deui da memang enya kaalaman ku sorangan.
''Ceuk uing ge,'' Ojo asa meunang.
''Tapi ditangtang ku Si Mang Ano mah jurig teh kalah nyingkir euy!''
''Kitu-kitu ge Si Mang Ano mah ngelmu.''
Iber yen Mang Ano jalma sakti dumeh bisa meruhkeun jurig pengkolan Giribig jadi nerekab. Teu wudu becana payu, boh
ti beurang angot ti peuting.
Nu baralik peuting tur kudu ngaliwat jalan makam ngarah tereh tepi ngarasa aman tumpak beca Mang Ano da memang
tara aya nu ngaganggu. Tapi, lamun ngedeplik, kudu aya bae jurig nu ngaheureuyan. Di lebah pengkolan Giribig, najan
geus dipasang lampu angger matak keueung. Tong boro ti peuting bari hujan, dalah ti beurang oge matak muringkak,
geueuman da puguh rea kakayon.
Katelah pengkolan Giribig pedah baheulana saacan makam ngalegaan di sisi jalan teh Bah Uya sok nyieunan jeung
ngajual giribig lebah dinya. Ngan sabada Bah Uya maot euweuh nu nuluykeun da puguh giribigna ge tilem marengan
pasawahan nu kalindih pabrik jeung gedong sigrong. Ari ngaranna mah nelah tepi ka kiwari. Puguh lelewek kaasup kota
najan di sisi, boh beurang boh peuting sok aya bae nu lalar liwat, anu hayang tumpak beca disadiaan najan ukur Mang
Ano saurang deui nu aya teh. Ngan sanggeus gujrud aya jurig, nu ngaliwat peuting pangpangna urang Cikembang rada
merod.
Genjlongna jelema padasieun ku jurig pengkolan Giribig tepi ka Ustad Deden. Malah sual Mang Ano anu cenah bisa
meruhkeun jurig ge apaleun. Ukur nyenghel we pangersa ustad teh. Nu matak basa peuting-peuting kira tabuh salapan
balik ceramah ditawaran beca ku Mang Ano, ustad teh gogodeg.
''Bade ngabeca Tad?''
''Moal Mang ah.'' Lain teu boga duit, lain teu karunya ka Mang Ano, baning panasaran we hayang ngabuktikeun bener
henteuna di pengkolan Giribig sok aya jurig. Kalah kumaha oge akidah umat kudu dilelempeng.
Teu kungsi lila ustad geus anjog ka lelewek kuburan. Hiuk angin ngagelebug, lebah pengkolan pisan. Dak dumadak listrik
pareum. Cikikik aya nu seuri...terus ceurik ngadingdiut. Kang ustad teu wudu ngarenjag, sajongjongan ngumpulkeun
pangacian jeung museurkeun kayakinan kana taohid. Tos leler, gantawang sasauran.
''Sok ganggu aing!'' socana ngulincer ka lebah datangna sora. Ditangtang kitu, dak dumadak jempe.
''Lamun sia embung datang, aing nu rek datang!'' Na atuh teu kungsi lila kadenge aya nu ngageblug ragrag. Beretek sada
aya nu lumpat ka jalan. Sidik jelema. Ustad Deden rikat ngudag. Tayohna si itu geumpeur terus tikedewet. Geblug labuh.
Puguh we ustad teu hese ngudag. Kerewek leungeun si itu dicerek.
''Ampun Tad, ampun!''
''Saha maneh hah?''
''Abdi Ojo!''
''Eueuh...nanaonan ari maneh Sarjo?''
''Punten, punten, da itu piwarang, piwarang.....''
''Titah saha?''
''Mang Ano.''
Geus dumuk kitu mah poe isukna Ojo Sarjo jeung Mang Ano digiring ka kantor RW.
''Nanaonan kitu peta Mang Ano?'' RW langsung papariksa.
''Rumaos nun abdi lepat,'' tembal Mang Ano halon. Anu cenah weduk bisa meruhkeun jurig pengkolan Giribig teh
anggur ngeluk badis bueuk meunang mabuk.
Kilang kitu Mang Ano padananggap, cenah kitu peta teh baning ku bingung dumeh usaha ngabecana beuki dieu teh
beuki surem. Tong ti beurang nu puguh loba saengan kayaning angkot jeung ojeg, ti peuting ge jelema teh teu ngareret-
reret acan kana beca teh tingaremplad we leumpang teu sieuneun kuburan.
''Kahoyong teh cik atuh ari wengi mah rejeki teh bagean abdi,'' pokna ngageuri.
''Meunang sabaraha peresen ilaing, Jo?'' giliran Sarjo nu didakwa.
''Saparapat ongkos beca, lumayan kanggo nambih-nambih ngelun haseup roko.'' Ojo tokblak. Ngeunaan oprasi demitna,
ceuk Mang Ano dideudeul nyetel sora nu seuri jeung ceurik ngadingdiut tina taperecorder katut HP. Mun peuting-
peuting aya nu nekad leumpang, teu tumpak beca Mang Ano, mang Ano gancang ngontak Si Ojo nu imahna teu jauh ti
makam sangkan eksen.
''Rek ngajungjurigan mah engke we geus maot, Jo!'' saur Ustad Deden bari keom, laju mapagahan Mang Ano jeung Ojo
Sarjo ulah kitu-kitu deui. ***

























Basa Bandera Turun Carpon Basa Sunda

MangleFadil hulang-huleng ningali sabudeureun imahna. Pada rariweuh. Katingali kabh tatanggana ngariung di buruan
imahna swang-swangan, keur ngahias imahna. Aya nu masang umbul-umbul, aya nu ngan ukur masangkeun bandra
laleutik, aya og nu diselingan ku palastik leutik nu eusina cai warna-warni. Aya warna beureum, konng, hjo, og
bulao.
Mah, ieu th aya naon mani ram? Pan lebaranana og tos lami, ceuk Fadil nanya ka indungna bari culang-cileung
bingungeun.
Ih, sans kanggo lebaran ieu mah. Apan njing th ulang taun Indonesia, jadi kedah dihias bumina, tmbal indungna.
Naha atuh bumi Dd teu dihias jiga bumi batur?
Pan teu acan kasp.
Oh tmbal Fadil, bari angger teu ngartieun. Kangaranan budak kakark asup sakola TK, keur meujeuhna loba
tatanya. Can ngarti naon ta Indonsia, komo ari nu ngaranna po kamerdkaan mah. Rt manhna ka lebah panto,
bapana kaluar bari ngagigiwing tongkat jeung bandra.
Bapa ta kanggo naon? Fadil nanya deui, ayeuna mah ka bapana bari nunjuk kana tongkat.
Tuh ku Dd tingali bumina Mila sareng bumina Ateu! Sadayana masang bandra beureum bodas, bandra Indonsia,
ceuk bapana bari nuduhkeun bandra nu dipasang di buruan tatanggana.
Naha kudu masang bandra? Naha bandrana kudu warna beureum jeung bodas?
Pan tos dipasihan terang bieu ku mamah sans? njing th ulang taun Indonsia, tah ari Indonsia th bandrana
beureum jeung bodas.
Naha kalah masang bandra? Pan biasana mun Dd ulang taun sok ngadamel kuh. Naha teu ngadamel kuh wa?
Bapana ngan ukur seuri, ningali kapanasaran budakna nu kakara nincak lima taun. Engk, mun Dd tos ageung g
bakal terang. bari tuluy masangkeun bandra di buruan imah. Fadil angger teu ngartieun, naon nu dimaksud ku
bapana. Antukna mah manhna milu ngaririweuh bapana masang bandra.
Wancina solat magrib. Bapana Fadil geus rapih, rk indit solat ka masjid. Cara biasana, bapana ngajakan Fadil indit ka
masjid, ngarah jadi kabiasaan nu had cenah. Jadi ti leuleutik geus dibiasakeun.
Dd, hayu urang ka masjid. Tah Mang Karsim tos adan, ceuk bapana. Tapi Fadil masih anteng ulin jeung cocooanana.
Hayu nggal, engk tos solat urang jalan-jalan jeung bapa. Diolo kitu mah, Fadil kakark dakeun indit ka masjid jeung
bapana. Brs solat, Fadil buru-buru ngungunyeng bapana, ngajakan balik ka imah. Manhna geus teu sabar hayangeun
jalan-jalan ta. Antukna mah, duanana gasik baralik ka imah. Tuluy ganti baju. Los wh indit, ari indungna mah teu
milu, da kagok ku ku kumbahaneun cenah.
Peuting ta, di jalan kacida ramna. Mh sarua jeung malem takbiran kamari. Di ditu-di dieu loba umbul-umbul ngajajar
sapanjang jalan jeung spanduk nu rupa-rupa tulisanana. HUT RI ke-68, Dirgahayu Indonesia yang ke-68, jeung ra-ra
deui.
Barang ngaliwatan toko lktronik, teu kahaja Fadil ngadng sora nu ngajorowok, Indonesia Merdeka! Pas ditingali,
ari pk th iklan dina TV, nu milu ngareuah-reuah po kamerdkaan Indonsia.
Pa, merdka th naon? ceuk Fadil ka bapana.
Ngadng anakna nanya kitu, bapana ngahuleng sakedapan. Eum, merdka th bbas. Dd pan ayeuna tiasa sakola,
tiasa ameng sareng Mila, sareng Ateu, sareng A Adi. Tah ta th sami sareng merdka, tmbal bapana, bari teu yakin
kana jawabanana, da bingung ari rk nyontoan ka budak nu leutik knh mah.
Ari merdka th ram nya?
Ih, ram atuh! Engk th sok aya seueur lomba. Aya balap ngaemam kurupuk, aya balap karung, sareng nu sansna.
Dd hoyong ngiringan lombana?
Hoyong! Dd hoyong ngiring balap emam kurupuk! tmbal Fadil. Atuh ram nya Pa, merdka th?
Muhun, ari merdka mah sok raram.
Antukna Fadil jeung bapana nuluykeun indit ka alun-alun di puseur kota. Di dinya, Fadil jeung bapana ningali nu pawy
abring-abringan. Kembang api ngajelegur di ditu-di dieu. Peuting ta ram pisan.
Keur anteng-antengna ningali nu abring-abringan, aya musafir nyampeurkeun. Lalaki tengah tuwuh jeung budakna, nu
kira-kira saumuran jeung Fadil. Bajuna bell, harideung, geus jiga elap. Awakna hideung lestreng jeung kucel. Duanana
teu marak sendal. Bapana Fadil ngodok psak, rk nangan duit rch. Song w lima rbu, da nu beunangna nu ta.
Geus dibr mah duanana arindit, mnta deui ka nu sjn. Fadil tuluy melongkeun musafir nu dua bieu. Rt ka tukang,
kaciri barudak leutik sapantaran manhna. Keur baraman.
Ningali ta kajadian, Fadil nu masih knh budak nanya ka hatna sorangan, naha maranhna bet karucel kitu? Teu
senang cara batur nu keur ningali kembang api jeung nu abring-abringan? Manhna teu ngartieun.
Po kamerdkaan Indonsia teu burung cunduk. Fadil geus anteng hareupeun TV, rk lalajo film kartun karesepna.
Ngan, barang ngahurungkeun TV sihorng nu aya kalah ka upacara bandra.
Mah, ta th nuju nanaonan? Sadayana diaracuk bodas, ngajarajar, ceuk Fadil nanya ka indungna.
ta th bad upacara bandra, tmbal bapana.
Ari upacara bandra th naon?
Upacara masangkeun bandra, cara di buruan bumi Dd. Pan kamari masang bandra.
Naha ta mah tihangna jangkung? Teras naha kudu ngahormat? Fadil nanya deui.
Eum, ta th supaya katingali ku sadayana, yn urang th tos merdka. Tah ari hormat mah, nandakeun urang th
nyaah ka Indonsia, tmbal bapana bari arap ap-eureup eup.
Jadi Dd g kudu ngahormat nya Pa? Apan Dd g nyaah ka Indonsia.
Muhun, tmbal bapana bari unggeuk.
Geus lalajo upacara nakkeun bandra, Fadil jeung kulawargana arindit ka lapangan, ningali rupa-rupa perlombaan. Aya
lomba ngasupkeun paku kana botol, balap kalci, balap karung, tarik tambang, nepi ka nu pamungkas nu pangramna,
man rebutan. Fadil atoheun pisan ningali nu keur lalomba.
Kabh perlombaan rngs jam satengah tilu. Geus brs mah, kabhanana balubar. Baralik ka imahna swang-
swangan. Satepina di imah, Fadil langsung nyokot momobilanana, tuluy ulin di patengahan imah. Bapa jeung indungna
lalajo.
Tuh D, nu upacara deui! ceuk indungna.
Ieu bad naon deui? tmbal Fadil malik nanya.
Ieu th bad nurunkeun bandra nu tadi ditakkeun, tmbal bapana.
Naha geuning kalah diturunkeun? Fadil nanya, bari jeung bingungeun.
Pan atos brs acara ulang taunna og, jadi diturunkeun deui, tmbal indungna.
Atuh meureunan moal katingali deui? Apan bandra dikaluhurkeun th supaya katingali ku sadayana.
Bapa jeung indungna silih teuteup. Caricing. Teu apal kudu ngajawab kumaha keur ngajelaskeun ka anakna. Nyh,
bapana ngan ukur imut. Jung wa budak th dipangku ku bapana, tuluy dilahun.
Ih, enya nya, naha atuh nya kalah diturunkeun? tmbal bapana api-api teu nyaho. Bener nya atuh moal katingali deui
ari diturunkeun mah. Pinter pisan putra bapa! ceuk bapana bari imut, bangun atoh kana sikep anakna nu ngan hiji-
hijina.



















Cilaka Bongan Mokaha Carita Misteri
"Bah, Si Olng tuh ceurik mani awong-awongan!" ceuk Si Didi ka Bah Odi.

"Ku naon cenah Di?"
"Geubis tina sapdah. Lebah jalan mudun ngajago lepas tangan, teu engeuh aya batu, gubrag tijurahroh!"
"Lalawora atuh. Ka mana Si Olngna?"
"Tuh ningan ingkud-ingkudan ka dieu Bah."
"Cing sina ka dieu Di, urang ubaran kituh."
"Mangga Bah, muhun karunya heug indung bapana keur ka sarawah," ceuk Asp jeung Ujang mairan.
"Kagungan landongna Bah?"
"Aya lah. Malah dibonusan ku Abah mah."
Barudak, kayaning Si Didi, Asp, Ujang jeung Si Olng nu pupuringisan knh nahan kanyeri ngariung payuneun Bah Odi.
"Naon bonusna Bah?" tanya barudak panasaran.
"Keur sarra bonusna mah lain keur Si Olng wa, nyata dongng."
"Asiiiik...hor....dongng deui euy!" Barudak kaleprok.
"Kalakuan Si Olng th cilaka bongan mokaha, rasa manh, teu tarapti. Siga haphap tath. Nu matak ayeuna Abah rk
ngadongng haphap jeung bajing. Nyaraho lin haphap? ta ningan sato nu siga londok nu sok aya dina tangkal kai di
kebon."
"Terang lah Bah, sato anu lamun eunteup na tangkal kai th sok dieundeuk-eundeuk heula," ceuk Si Didi nu sok mindeng
dibawa ka kebon ku bapana.


"Bener Di," saur Abah Odi bari tatan-tatan bad ngadongng ngeunaan sakadang haphap.
Jaman baheula, Raja Leuweung, nyatana Maung, ngayakeun saymbara. Demi maksudna keur nangan prajurit nu jago
nak jeung ujlang-ajleng dina tatangkalan naon ba. Sing saha nu kapeto jadi jawara ku raja baris diangkat jadi prajurit
petingan jeung hadiah ubar nu bisa nyageurkeun sagala kasakit. ta saymbara diiluan ku pirang-pirang sato ti suklakna
ti siklukna.
Caturkeun aya dua sato anu nyobat dalit, bajing jeung haphap. Harita mah bajing teu bisaeun nak kana tangkal, komo
ujlang-ajleng sagala. Bda jeung haphap nu geus jago nak jeung ujlang-ajleng dina tatangkalan.

Harita si bajing gawna ngan ceurik ba. Manahorng manhna th keur mikiran indungna anu gering ripuh. Diubar-
aber ka ditu ka dieu teu cageur ba. Barang ngadng aya saymbara ta, manhna kacida atoheunana sok sanajan teu
bisa nak og. Nya nyarita ka si haphap.
"Uing rk ngiluan saymbara nak ah sugan ba meunang hadiah," ceuk bajing.
"Hahaha...manh mah nakan tangkal cikur ba sawan. Montong, bisi labuh!" ceuk sakadang haphap mangmelangkeun.
"Ih manh mah kalah ngahina, haphap, lain kadua ngadoakeun ka babaturan th. Nyaho uing keur bingung nangan
ubar keur ema." Bajing rumpah-rempih rk ceurik bakating ngenes.
"Jh...ilaing mah sok salah sangka. Ari teu bisa nak, komo bari luncat, apan meureun matak cilaka. Karunya uing
mah, di henteu-henteu og manh th sobat dalit uing!" ceuk haphap siga nu heueuh mikarunya. Padahal dina hatna
mah manhna atoheun lamun si bajing ngiluan th da pasti moal nguntup teu cara manhna nu geus ngarasa jago
ttrklan bari luluncatan dina tangkal kai nu luhur.

"Ah rk diajar w heula da saymbarana g lila knh," tmbal sakadang bajing ged hat. Da jeung saenyana, ti harita
g manhna diajar ttrklan kana tangkal, gajleng tina tangkal hiji kana tangkal sjnna. Mimitina tina tangkal nu
parendk jeung leutik, terus kana tangkal ged jeung jarangkung nepi ka bisana da diajarna wekel. Geus kitu mah
manhna madep ka indungna rk ngiluan saymbara nak.
"Neda pidu'ana Ma, uing rk ngiluan saymbara," pokna bari nyium leungeun indungna nu keur gering. Indungna
melangeun, tapi bajing maksa. Nya antukna mah diidinan bari dido'akeun mugia tinekanan.
Der saymbara. Pada ngalalajoan ku pirang-pirang sato. Sakadang haphap seuri ngc basa nnjo si bajing ngiluan
saymbara th. Unggal sato nu ngiluan saymbara dititah nmbongkeun wewesnna, ra nu ragrag. Ayeuna kari dua
sato deui nyata haphap jeung bajing.
"Uing nu baris unggul mah!" gorowok haphap ka balara. Ger kaleprok. Kituna th gajleng si haphap luncat kana dahan-
dahan kakayon bari sakapeung jujuralitan hayang kapuji. Pada nyurakan puguh wa liang irungna rebh, manhna
nmbongkeun wewesn sjn, gajleng luncat maksudna mah rk muntang kana dahan sjn, orokaya salah muntang
kana dahan regas alias rangrang. Ana gep kolaaaang....awakna ragrag, meubeut kana batu.
"Huuuuh.....!" raong nu nyurakan ngc.

Ayeuna giliran sakadang bajing mintonkeun wewesnna. Kalacat kana tangkal kiara, gajleng luncat kana tangkal sjn.
Tapi teu sagawayah, mmh luncat th matana cingeus culang-cileung. Antukna bajing jadi jawara. Ku raja diangkat jadi
prajurit, meunang hadiah ubar nepi ka indungna cageur.
Tepi ka ayeuna bajing mah jago nak jeung ujlang-ajleng atawa luncat dina kakayon.
"Demi sakadang haphap, alatan kapok cilaka bongan mokaha, tepi ka ayeuna mun rk nakan tatangkalan th boh nu
leutik boh nu ged sok dieundeuk-eundeuk heula," saur Abah Odi mungkas dongngna. ***

Anda mungkin juga menyukai