Nim : 0601990
Tingkat : 2B
PUPUJIAN SUNDA
1. Kautamaan Solat Berjamaah
Eling-eling umat muslimin muslimat
Hayu urang solat berjamaah ……………
Estu kawajiban urang ker di dunia
Kanggo pibekelen jaga di akherat
Anu ngalanggengken solat berjamaah
Eta aya lima rupa kauntungannana
Hiji dilengitkeun kapakirannana
Dua dilengitkeun siksaan kuburna
Tilu dibere buku tikatuhuna
Opat bakal ngaliwatanna cukangna
Cara kilat nyamber bawaning kilat lepasna
Lima teu dihisab asup ka surgana.
4. Tobat ka Gusti
Ila hilas tulil pirdaus si ahlaa
Walaa akwaa alannaril jahiimii
Duh pangeran abdi sanes ahli surga
Namung teu kiat kanaraka teu ka duga
Lain tobat abdi the hampura dosa
Da gusti nu sok ngahampura dosa-dosa.
9. Anak Adam
Anak adam di dunia mayeuna ngumbara
Hirup anjeun di dunia the moal lila
Anak adam umur anjeun teh ngurangan
Saban poe saban peuting di centangan
Anak adam paeh anjeun te nyarengan
Ku anak salaki jeung babandaan
Anak adam paeh eweuh nu dibawa
Ngan asiwah jeung boeh anu dibawa
Anak adam pasaran teu lolongseran
Saban poe saban peting gegeroan
Anak adam ayena kaluar ti imah
Di garotong dina pasaran tugenah
Aduh bapa aduh ema abdi keeng
Rup kapandang rupkutaneh abdi sien
Anak adam di kubur the poek pisan
Nu nyaangan di jero kubur the maca quran.
Kacaritakeun jaman baheula aya oray naga geus lila ngalamun hayang nyaba ka
kahiyangan. Unggal isuk eta oray teh osok dangdan mapantes maneh. Tapi keukeuh
teu ngarasa ginding lantaran teu boga perhiasan, mangkaning arek ngadeheus ka
dewa.
Sanggeus mikir manehna inget ka sobatna sakadang titinggi, maksudna arek nginjeum
tanduk ka sakadang jago haritamah jago teh aya tandukan menta di anteur ka titinggi.
Sanggeus aprok dicaritakeun sakabeh pamasalahan naga ka jago. Maksudnamah
nginjeum tanduk ka jago, engke dianteurkeuna deui ku sakadang titinggi cak
sakadang naga.
Hayam jago teu nembalan lantaran apal jahat jeung licikna naga. Lila-lila naga
ngarayu, jago oge merekeun tandukna ka sakadang naga. Cak naga ka jago “engke
tandukna dibalikeun deui dianteurkeun ku titinggi samemeh balebat, lamun balebat
can balik wae bisi kaula poho ngawangkong jeung dewa, anjeun mere tanda weh
kongkorongok sing tarik.”
Geus kitumah jung weh naga jenug titinggi the arindit. Isukna samemeh balebat
hayam jago kongkorongok satakerna. Sakali dua kali titinggi teu datang wae, terus
jago teh kongkorongok sababaraha kali deui, tapi tetep titinggi teu dating keneh bae.
Nepi ka brayna berang titinggi teu datang-datang.
“Keun sugan cenah peuting engke” pok hayam teh. Tapi weleh ditunggu nepi kasubuh
titinggi teu dating keneh wae. Pohara ambekna hayam jago nepi ka nyancam lamun
titinggi dating arek di pacok nepikeun ka paehna.
Ti harita hayam jago teh tiap-tiap subuh kongkorongok sarta mun papanggih jeung
titinggi sok langsung dipacok nepi ka paehna, males pati dumeh kungsi ngabobodo.
Rincian Dongeng:
- Judulna : Hayam Kongkorongok Subuh
- Bahasana : Kasar
- Palakuna : Hayam Jago, Titinggi jeung Oray Naga
- Watek palakuna :
Oray Naga = jahat, sok nipu, teu sukur, sok hayang nu batur.
Titinggi = Daek wae di titah sanajan salah, teboga pamadegan.
Hayam Jago = Babari percaya, gampang dibobodo.
- Tempat/latar : Hiji tempat jaman bahela nyaeta di leuweung
- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Ari hirup teh ulah sombong, adigung, ulah sok nipu, jiga Oray Naga. Ulah sok daek
wae di titah lamun salah jiga Titinggi. Ulah gampang di bobodo bisi kaduhung, ulah
gampang percaya ka jalma jiga sakadang Hayam Jago.
2. Gagak Jadi Hideung
Kacariotakeun baheula dina hiji tempat aya oray naga keur nawu balong. Sungutna
ngegel kana tangkal huni, buntutna dibrlitkeun kana pancuh tambakan beulah dieu.
Awakna malang dina balong tea, tuluy di ayun keun goplak, goplak, goplak dipake
nawu baloing tea.
Teu kungsi lila balong teh saat laukna sing kocopok loba. Jol datang gagak kadinya
haritamah gagak teh buluna bodas ngeplak. Ujug-ujug corokcok weh laukna
dipacokan nepi beak lauk nu baradagnamah.
Ku oray sanca katempoen gagak maling lauk, geuwat digenggereuhkeun, tapi gagak
ngalah beuki ngahajakeun. Atuh oray ambek sebrut bae diudag gagakteh. Gagak teh
hiber kuorang diobrot, gagak teh bingung da diberik wae sieunen katewak. Kabeneran
aya nu keur neleum, gebrus bae gagak teh asup ka jero pijanaan. Atuh ari muncul deui
teh geus lestreng .
Barang jol oray sanca teh panglingeun, da jadi hideung lestereng. Pok weh oray sanca
nanya, “mahlik hideung maneh nempo sakadang gagak teu bieu liwat kadieu?”
Gagak teh sorana digedekeun, ngomongna oge basa Betawi, da sieunen katara,
“Engga, gaaaa!”
Tah kitu sasakalana manuk gagak buluna hideung jeung sorana gaaa, gaaaak!
Rincian Dongeng:
- Judulna : Gagak Jadi Hideung
- Bahasana : Kasar
- Palakuna : Gagak jeung Oray Sanca
- Watek palakuna :
Gagak = Badeur, sok daek nyopet, te bisa digenggereuhkeun.
Oray Sanca = Getol, daek usaha, rajin.
- Tempat/latar : Caritana jaman baheula di hiji balong nu loba laukan
- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Ari jadi jalma teh kudu getol daekan, ulet, usaha lamun hayang bog amah kos
sakadang Oray Sanca. Ulah jiga Gagak baong, haying ngenah doing embung gawe.
Kacatur jaman baheula di Pulo Jawa Beulah kulon, aya hiji karajaan anu rajana Prabu
Rakata. Sang Prabu gaduh dua putra. Anu cikal Raden Sundana anu bungsu Raden
Topobrana. Haritamah Pulo Jawa sareung Sumatra teh ngahiji.
Kumargi Prabu Rakata parantos sepuh pisan, mangka karajaan teh di titipkeun ka
putra-putrana, tur di bagi dua belah wetan ku Raden Sundana, belah kulon Raden
Topobrana. Terus Sang Prabu teh indit ngabagawan anu tempatna dibates dua nagara
nu dibagi dua tea, anjeunna teu nyandak nanaon tibang guci pusaka nu dicandak.
Hiji mangsa dina taun ka genep Sang Prabu teh ngadangu yen putrana parasea Raden
Sundana ngarugrug karajaan raina Raden Topobrana. Sang Prabu teh ceg ka guci anu
gtos dieusi cai laut tea, terus indit ka medan laga kasampak dua putrana keur perang
campuh atu bendu pisan snjeunanana.
Ningali ramana sumping reg weh perang liren, dua putrana langsung nyampeurkeun
cedok weh nyareumbah ka Prabu Rakata kitu dei para parajuritna. Atuh dua putrana
beak bersih diseukseukan pampangnaman Raden Sundana nu wani ngarug-gug nagara
raina.
Dua putrana anu tarungkul teh nyarek, atuh Sang Prabuteh langsung ngadeg, ceg kana
guci pusaka tea. Terus cai laut anu dina guci dikucurkeun disapanjang wates dua
nagara, teras guci anu tos teh kosong teh disimpen ditapal bates dua karajaan tea,
anjeunanana indit deui ka tempat pang tapaanana. Teu lami eta bates anu tilas disiram
ku cai laut teh ngajanggelek jadi selat. Nu kiwari disebut Selat Sunda.
Nu mawi dinamian Selat Sunda lantaran Raden Sundana sarakah hoyong wilayah anu
raina. Dugi ramana ngadamel wates nganggo guci pusaka anu caina dikucurkeun terus
jadi selat. Tur guci anu disimpen dina wates teh ngajanggelek jadi gunung, nu katelah
Gunung Rakata atanapi Gunung Krakatau. Tah kitu sasakala Selat Sunda sareng
Gunung Krakatau teh.
Rincian Dongeng:
- Judulna : Selat Sunda Jeung Gunung Krakatau
- Bahasana : Lemes
- Palakuna : Prabu Rakata, sareng dua putrana: Raden Sundana sareng Raden
Topobrana
- Watek palakuna :
Prabu Rakata = Arip, adil, tur bijaksana.
Raden Sundana = Sarakah
Raden Topobrana = Embung ditindes
- Tempat/latar : Jaman baheula di Pulo Jawa belah kulon.
- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Jadi jalma kudu arif, jujur, adil tur bijak sana kawas Prabu Rakata, ulah Sarakah jiga
Raden Sundana.
Kacatur jaman baheula aya dua jalma adi lancek. Nu cikal ngarana Jana, ari nu
bungsu Jani.
Ki Jana ka asup jelema benghar, lega sawah lega kebon. Tapi koret, tara barang bere
jeung tutulung. Tapi Ki Jani mah bari jeung miskin oge ari boga rejeki teh sok mere
kanu butuh.
Hiji poe Ki Jani nginjem beas ka Ki Jana tapi manan dibere malah dicarekan. Untung
pamajikan Ki Jana karunyaeun. Susulumputan ti salakina mere beas ka Ki Jani
sacangkir jeung lauk asin. Bari nalangsa Ki Jani balik ditengah jalan aprok jeung aki-
aki awakna begang lempangna rumanggieung atu karunyaeun diajakan ka imahna.
Nepi imah beas dibubur saenggeus asak didalahar bareng.
Isuk-isuk keneh aki-aki teh geus pamitan. Memeh indit aki-akit eh mere jiman ka Ki
Jani mangrupa lilisungan jeung haluna tina perak. “Naon wae anu dipikahyang ku
ujang, sebutkeun wae bari nyebut Tutu! Tutu! Tutu!’tilu kali,” ca kaki-aki teh, engke
tangtu haluna nutu sorangan, sarta anu dipikahayang kaluar tina jero lisung.
Ngereunkeunana lisung kudu dibere taneuh saetik.
Gancangna carita Ki Jani geus benghar, tapi tetep resep ngabantu jeung tutulung kanu
susah.
Barang Ki Jana ngadenge adina beunghar manehna siri , bari boga niat jahat hayang
miboga jimat eta. Hiji peuting Ki Jana datang Ka Jani, ku Ki Jani dicaritekeun kabeh
ka Ki Jana carana make lisung. Terus dibawa minggat ku lanceukna ka alas pentas.
Mangsa dina kapal geus eweuh uyah Ki Jana menta kalisung uyah kaluar uyah teh teu
ereun-ereun, Ki Jana poho teu mawa taneuh. Nepi ka kapalna kelebuh teleum. Ti
harita cai laut jadi asin.
Rincian Dongeng:
- Judulna : Cai Laut Asin
- Bahasana : Kasar
- Palakuna : Dua urang adi lanceuk: lanceukna Ki Jana, Adina Ki Jani.
- Watek palakuna :
Ki Jana = Sarakar, koret, embung tutulung kanu susah.
Ki Jani = Bageur, berehan, daek tutulung kanu susah.
- Tempat/latar : Jaman baheula di hiji lembur.
- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Jadi jalma ulah koret jeung jahat, siga Ki Jana anu tung-tungna bakal cilaka. Kudu kos
Ki Jani bageur sok daek nulungan batur, hirupna jadi senang tur tentrem.
Jaman baheula aya Kuya imah-imah di sisi muara. Gawena ngahuma, ngahumateh
indit isuk datang sore magrib.
Hiji poe Kuya keur di huma, aya hujan geode bari jeung angina. Tatangkalan
rarungkad imah Kuya oge kaapungkeun murag ka leuwi brus ti teleum. Sakadang
Kuya sedih kacida, isukana manehna ngieun dei anu leuwih keker supaya te kabawa
angina.
Hiji poe manehna balik ti hima, Kuya teh masak pikeun dahar sore. Sabot masak
Kuya kacai hela, keur di cai katingali hasep ngebul dina suhunan imahna ku Kuya
diburu tapi imah geus angus seneuna gede nakeranan. Kuya teh ceurik.
Keur kitu jol bae Monyet kolot. Monyet ngomong ka sakadang Kuya, “tong ceuri
sakadang Kuya ngieun deui imahmah!”
“Anu matak sakadang Monyet lain sakali wae kacilakaan imah teh bareto kabawa
angina. Kudu kumaha akalnanya supaya imah awet?” cak sakadang Kuya! Sakadang
Monyet ngajawab, “gampang atuh, ngarah imah ulah cilakamah dibawa bae, ulah
ditinggalkeun. Pek ngieun dei anu alus tur kuat ke lamun geus anggeus arang
tangkodkeun kana tonggong anjeun, pantone sakira asup sirah supaya gampang
ngelokeun sirah ka jero.
Eta papatah teh ku Kuya diturutkeun, saenggeus anggeus prak ditengkodkeun dina
tonggongna, monyet anu memenerna. Nah ti haritamah imah sakadang Kuya teh sok
dibabawa bae, digagandong.
Rincian Dongeng:
- Judulna : Kuya Ngagandong Imahna
- Bahasana : Kasar
- Palakuna : Sakadang Kuya jeung sakadang Monyet
- Watek palakuna :
Sakadang Kuya = Getol daek digawe, gampang putus asa an, te kuat kena musibah.
Sakadang Monyet = Daek babantu jeung mere saran
- Tempat/latar : Baheula dihiji kebon deket walungan
- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Jadi jalma kudu getol kos sakadang Kuya tapi tong gampang putus asa jeung tong
bodo. Jeung kudu daek babantu ka batur kos sakadang Monyet.
1. Siluman
Jaman baheula dihiji tempat/werwengkon didinya teh kacaritakeun lembur anu kacida
sarienen nana jelema ngaliwat kadinya, yen beja didinya ari peting tara aya lampu,
pokona paroek jeng loba begal. Lamun aya jalma peting-peting liwat kandinya cak
beja sok dicegat garong/begal pokona sakumaha harta nu dibawa ku jalma teh kudu
dibikeun ka garong lamun hente diancam bakal dipaehan atawa disiksa.
Caritana yen brgal/garong anus sok nyegat ditempat etateh nyaeta jalma anu cicing di
tempat eta, penduduk didinya kusabab kitu jalma sarieuneun liwat kadinya teh. Jeung
deui anu jalma anu nempatan tempat eta teh jaragoan utamana jago kadugalan.
Kusabab kitu jalma nyarebutna eta tempat Siluman, lembur Siluman terusnamah.
Eta tempat teh aya di Kabupaten Subang, Kecamatan Pabuaran. Tah ayenamah
Silumanteh jadi ngaran Desa nyaeta Desa Siluman. Da ayeunamah aman biasa wae
kos daerah nu sejenna eweuh begal eweuh garong, kecuali katukangeun lembur etateh
aya trotoang panjang da nepi ayeunage sok sarieuneun jalma liwat kadinya tipeuting
mah.
Tah kitu caritana kunaon eta tempat teh disebut Siluman, nu ayeuna Desa Siluman.
2. Cipeucang
Kacatur kacaritakeun cak kolot, dihiji tempat anu ayana di Kabupaten Bekasi,
Kecamatan Bojongmangu, Desa Sukamukti aya hiji lembur nu ngarana Cipeucang.
Kunaon eta lembur teh dingaranan Lembur Cipeucang, cak kolot baheula diieu
lembur teh loba sasatoan terutama Peucang, Sato bangsaning embe anu awakna
letikan ti embe.
Di ieu tempat teh aya cai anu ngocor titungtung kidul nepi tungtung kaler nu di sebut
Cipamingkis. Tah di Cipamingkis ieu bangsaning sasatoan ngarinum terutama
Peucang. Kusabab cai teh jadi tempat kahirupan mahluk anu harirup sato, tatangkalan
oge jalma kabeh ngabutuhkeun cai.
Tah kusabab kitu ieu Lemburteh dingaranan Lembur Cipeucang. Asalna tina ngaran
sato nyaeta Peucang jeung cai anu ngalir di eta tempat, Ci = Cai anu ngalir di eta
tempat, Peucang = sato anu loba baheula didinya. Disebut weh Cipeucang.
Nepikeun kiwari oge masi aya keneh Cipamingkis anu ngalir di Cipeucang, jeung
masi loba jalma lamun usum halodo kacarainateh ka Cipamingkis eta.
Jeung hiji deui di ieu lembur teh lahir saurang jajaka nu ganteng ngalempereng
koneng loba nu resep jeung nu bogoh. Tepatna kaping 16 sasih Mei warsih 1987 di
lahir keunana. Dugi ayeuna eta jajakateh aya keneh ayeuna kuliah di UPI Kampus
Purwakarta nu jenenganana Ojim Suryana tea.
PIDATO/CERAMAH
(Amal-amal anu bakal nulungan urang di jero kubur)
Assalamualaikum Wr.Wb.