Anda di halaman 1dari 5

Dongeng Sasakala “Sangkuriang”

Dina hiji mangsa, dicaritakeun aya sahiji putri raja di jawa barat ngaranna dayang sumbi.
Dayang sumbi boga anak lalaki nu kasep ngaranna sangkuriang.
Sangkuriang kareseupna ngaburu sasatoan di leweng. Sangkuriang dibaturan ku hiji anjing nu
ngaranna tumang, anjing eta lain sawajar anjing, nu sabenerna anjing eta titisan dewa nu
mangrupakeun bapana sangkuriang.
Tina hiji poe, sangkuriang jeung tumang mangkat ka hiji leweng, naha kunaon pas sangkuriang
nitah si tumang ngudag buruan ka leweng, si tumang embungen nuturkeun kahayang sangkuriang,
nah akhirna si tumang diusir ka jero hutan ku sangkuriang.
Sa entos Sangkuriang balik deui ka istana, sangkuriang nyaritakeun kajadian eta ka indungna nyaeta
dayang sumbi.
Ngadenge carita eta, dayang sumbi teras ngambek kacida, teu sadar akhirna dayang sumbi
nakol sirahna si sangkuriang make sendok sangu anu keur di cekelna nepi ka aya urutna.
Sangkuriang ngambek, terus akhirna langsung mangkat ngembara ninggakeun istana karajaan na.
Saprak kajadian eta dayang sumbi nyesel ka anu tos naon dilakuken nana ka sangkuriang.
Sa entos kajadian eta, dayang sumbi terus nga-doa jeung tapa. Tina hiji wangsa, dewa-dewa masihan
hadiah ka dayang sumbi nyaeta rupa awet ngora jeung kageulisan anu abadi.
Entos lami pisan sangkuriang mangkat, akhirna sangkuriang mutuskeun balik dei ka istana. Sa entos
nepi ka istana, sangkuriang ningali kerajaan eta teh tos beda pisan.
Di dinya oge, sangkuriang ningali aya hiji awewe anu geulis kacida nu teu lain padahal mah
indungna.
Ningali tina kagelisan nana, akhirna sangkuriang niat rek ngalamarna. Sabalikna oge, sangkuriang teh
sosok jalmi anu kasep, nu mantak nyien dayang sumbi oge reseupen ka pamuda eta teh.
Dina hiji poe, sangkuriang caritana arek pamit menta izin rek ngaburu di leweng. Sangkuriang menta
dayang sumbi pang ngarapihan keun tali nu ditalian dina sirahna.
Dayang sumbi rewaseun pas ningali aya urut bared tina sirah sangkuriang nu arek jadi calon suamina
eta teh.
Urut bared eta, persis pisan kos anakna nu tos ngarantau bahela. Dayang sumbi merhatikeun
terus, dipikir-pikir beungetna oge mirip pisan jeung anakna nu mangkat harita.
Dayang sumbi mulai ngarasa curiga, akhirna dayang sumbi niat rek ngagagal keun perkawinan eta
teh, dayang sumbi teras ngajukeun dua syarat ka pamuda eta, nyaeta:
Ka hiji, dayang sumbi hoyong pamuda eta teh ngabendung cai citarum, kadua na, dayang sumbi
hayang hiji sampan parahu anu gede pikeun nyebrang cai citarum.
Kadua syarat eta kudu tos di lakukeun saencan panon poe mulai bijil. Nah dina peting eta keneh,
sangkuriang mulai ngalakukeun dua syarat eta.
Sangkuriang mulai tapa jeung ngerahkeun makhluk-makhluk gaib pikeun ngabantuan ngawujudkeun
dua syarat eta.
Dayang sumbi, mulai ningali lalaunan pagawean sangkuriang nu sabenerna ampir beres di
lakukeun.
Dina waktu eta keneh, dayang sumbi oge mulai marentahkeun pasukan nana pikeun
ngabentangkeun laon sutra nu warna beurem ti sabelah kota timur, sa olah-olah okos panon poe nu
karak bijil.
Sangkuriang terus ningali warna bereum eta, jeung ngira panon poe tos mulai bijil. Sangkuriang
akhirna teu jadi neruskeun pagawean nana, ngambek lantaran nganggap teu bisa ngabulkeun dua
syarat eta.
Make kakuatan nana, akhirna sangkuriang ngabobol bendungan anu entos di jienna, teu lila jadi
banjir gede jeung nendang sampan parahu nu tos dijienna.
Sampan parahu eta ngalayang jeung akhirna ragag dina hiji gunung nu ayena disebut “gunung
tangkuban parahu.”
Sasakala Situ Bagendit
Jaman baheula di hiji lembur aya randa beunghar, ceuk paribasana beungharna Nyi Randa
téh éstu lubak-libuk sagala boga. Kakayaanana bru di juru bro di panto
Il Éta Nyi Randa téh katelahna Nyi Endit. Awakna jangkung rada ngeusi tapi sorana cempréng.
Mun pareng nyarékan bujangna atawa barudak sok laklak dasar bari sorana matak katorékan.
Rupana henteu geulis kitu wé saperti urang lembur nu séjén kasebut ngan ukur jajar pasar. Tapi
lantaran perbawa kabeungharanana, manéhna asa panggeulisna di lembur éta téh. Sapopoé gawéna
ngan ukur midang némbongkeun papakéan jeung perhiasan emas berlian anu sarwa alus.
Kongkorong emasna sagedé nyéré digantelan ku liontin sagede jengkol. Beulang kénca katuhu bari
alina reunceum dina ramona. Jaba ti éta antingna guntang-gantung beuki tambah gonjleng.
Dahareunana, unggal poé ngajagrag dina méja. Iwal ti sangu jeung deungeunna dina méja
séjén aya rupa-rupa bangbuahan. Éta kadaharan anu sakitu ngaleuyana téh éstu tara kasoro ku
batur, sanajan di imahna téh aya nu babantu. Jadi sanajan loba dahareun gé, Nyi Endit mah tara
daék barangbéré ka batur. Tah najan paparéntah kana gawé mah ceréwéd pisan ka bujang téh ari
muruhan mah itungan pisan. Ku kituna, ku urang dinya mah Nyi Endit téh katelah Nyi randa medit.
Batur salemburna geus apal pisan, meditna Nyi Endit lain baé karasa ku bujang-bujangna tapi ogé
karasa ku batur salemburna. Nyi Endit mah tara daék campur jeung urang lembur da cenah sieun
karebut harta bendana, tara daék méré sumbangan keur nu miskin. Mun pareng aya nu baramaén
ngalanto ka buruanana sok nitah bujangna ngabuburak, ngusir nitah jaun ulah asup ka buruan. Di
lembur éta Nyi Endit siga pisan nu hirup sorangan teu maliré ka tatangga, tara daék nulung ka nu
butuh tara daék nalang ka nu susah. Sapopoéna nu diriksa ditalingakeun téh ngan ukur harta
bandana, sieun aya nu leungit sieun aya nu maling. Leuit nu ngajajar digembok dikoncian, pakéan
ditumpuk-timpuk dilomarian, duit disumput-sumput dina handapeun kasur.
Dina hiji poé ka buruanana aya hiji aki-aki. Awakna begéng bari geus bongkok, maké dudukuy
samak geus rawing, léngkahna dibarengan iteuk, pakéanana rudin kuleuheu. Éta aki-aki teu
kanyahoan ti mana jolna ujug geus ngajengjen hareupeun panto bari pok uluk salam ka nu boga
imah. “Assalamualaikum, nu kagungan bumi aya linggih? Punten aki kamawantun … nyuhungkeun
sangu sakedik mah… lapar aki téh”. Kitu pokna bari brek diuk dina émpér.

Barang Nyi Endit ngadéngé aya nu pupuntenan bari rék ménta sangu, gancang baé mukakeun
panto. Nyi Endit ngabedega dina panto bari tutunjuk, pok ngagorowok “Naon ménta sangu.. naha
kami boga dahareun téh beunang barangpénta kitu. Lapar... Usaha atuh lain baramaén”. Nyi Endit
pohara ambekna kadatangan aki-aki téh. Lin baé tutunjuk ngusir tapi bari jeung nyuntrungkeun aki-
aki ti émpér ka buruan. “Ka ditu indit montong datang ka dieu” bari nitah badegana ngusir aki-aki ti
buruanana. Aki-aki teu bisa kumaha, terus ka luar ditungtun ku tukang kebon. Hatena pohara
nyerina ngadéngé babasan Nyi Endit anu kasar, ngusir asa popohoan pisan. Barang geus kaluar ti
buruan Nyi Endit, éta aki-aki téh teu aya nu nganyahoankeun kamana léosna, tingal iteukna wé
nanceb diburuan Nyi Endit, poho mawa meureun aki-aki téh. Ambekna Nyi Endit acan leler, rét kana
iteuk anu nanceb, sérénténg baé, iteuk dicabut bari dibalangkeun ka jalan. Tapi anéh bin ajaib, tina
tapak iteuk dicecebkeun téh bet bijil cai mancer kaluhur. Beuki lila beuki gedé ngaburial ti jero
taneuh nepi ka ngagulidag minuhan buruan. Nyi Endit pohara reuwasanana, manéhna gogorowokan
ka bujang-bujangna nitah nyocokan liang cai. Tapi cai lain ngorotan malah beuki gedé, terus lebleban
ngeueum sagala nu aya kaasup imah jeung harta banda Nyi Endit. Nyi Endit jejeritan ménta tulung
bari teu leupas ngagagandong harta emas berlianana. Tatangga boro-boro hayang nulungan, kabéh
mupuas da bongan manéhna gé tara daék tutulung ka batur. Cai anu bijil tina iteuk aki-aki téa beuki
gedé ngumpul ngabalong. Imah Nyi Endit ngalelep kakeueum cai, Nyi Enditna tembong ngangkleung
di tengah cai bari keukeuh nanangkeup gembolan barang-barangna. Teu kungsi lila Nyi Endit teu
tembong deui ngilu tilelep ka jero cai. Éta cai nu terus ngagulidag, beuki lila terus ngabalong gedé
pisan nepi ka jadi situ. Éta situ nepi kiwari katelah Situ Bagendit. Pernahna di wewengkon Kabupaten
Garut
Cerita Sasakala Malin Kundang Bahasa Sunda

Harita, aya hiji keluargi di pesisir wilayah di Sumatra barat. Keluargi eta ngagaduhan
saurang anak anu dipasihan ngaran Malin Kundang. Kaayaan keluargi eta mani miskin pisan.
Nah, dina hiji poe bapana si malin kundang angkat ka negri peuntas. Ageung harepan malin sarta
indungna, hiji dinten engke bapana datang nyandak seueur artos, nu tiasa kanggo meser kaperluan
sapopoe. Saenggeus sa sasih-sasih lamina, nangging bapana teh heunte kunjung dongkap wae,
ahirna pupus harepan Malin Kundang sarta indungna.
Sanggeus Malin Kundang jadi dewasa, anjeuna mikir, sarta mutuskeun bade milarian nafkah
ka negri peuntas deui, dina nalika abeh kaya. Ahirna. Malin Kundang ngiring naek kapal dagang
sareng saurang nahkoda kapal nu aya di lembur halamana, anu atos sukses ti heula.
Salila malin kundang aya dina kapal, Malin seueur diajaran elmu pikeun pelayaran. Malin diajar
leukeunan, sareng rerencangana anu boga pangalaman, sarta ahirna anjeunna mani jago pisan dina
perkawis soal pelayaran. Atos loba pulau anu didatangan na.
Dugi nembe hiji dinten di teungah-tengah jalan, kapal anu ditaekan ku si malin kundang di
serang ku bajak laut. Sadaya barang dagangan anu aya di kapal dirampok kabeh ku bajak laut. Sarta
jalmi-jalmina anu aya di kapal diparaehan kabeh ku para bajak laut. Malin Kundang untung pisan,
heunte paeh, ku sabab, sabot kajadian eta lumangsung, Malin nyumput dina hiji ruang alit anu
katutupan ku kayu.
Malin Kundang ngarasa serba-salah ditengah laut, dugi ahirna kapal eta kadampar dina pesisir laut.
Dina sesa tanagana nu aya, Malin Kundang mapah nuju desa anu pangdeukeutna. Satibana di hiji
desa, Malin Kundang ditulungan ku balarea desa. Malin kundang teras nyaritakeun kajian sabenerna.
Desa eta, nyaeta hiji desa anu subur pisan. Singkat carita, salila malin kundang cicing didinya
ku getol sarta gigihna malin kundang dina didamel, akhirna malin kundang jadi jalma sukses jeung
kaya. Malin ngabogaan seueur kapal pikeun dagang sarta anak buah nugi nepi ka jumlahna langkung
ti 100 jalmi.
Sanggeus malin kundang jadi jalma kaya, Malin Kundang teras nikah. Dina hiji wartos, Malin jeung
pamajikanna mangkat ngalayar naek kapal anu ageung pisan sarta endah, nu dibarengan ku anak
buah kapal sarta pangawalna anu seueur.
Pas nepi ka hiji desa, nyeta kampung halamana. Indung Malin Kundang anu saban dinten ngadoan
anakna, ningali kapal anu endah pisan lebet ka palabuhan. Indungna ningali aya dua jalmi anu keur
tatih dina luhur kapal, sarta ngarasa yakin yen eta teh anakna, nyaeta si Malin Kundang anu mangkat
harita.
Malin Kundang turun tina kapal, teras manehna dipapag ku indungna. Di tingali-tingali ti
dekeut, aya urut goresan dipanangan katuhu lalaki eta, indungna beuki yakin bahwa eta teh anakna
si Malin Kundang. “Malin Kundang, anaking, anaking! Naha anjeun mios sakitu lamina, mani teu
masihan kabar?” Ceuk indungna sabari nangkeup keunceng ka si Malin Kundang.
Nanging, si malin Kundang malah ngalepaskeun tangkepan indungna, sarta ngajorongkeun indungna
dugi ka ragag, sarta nyarios: “Awewe teu nyaho diri, gagabah wae anjeun minangka jadi indung
kuring ” Ceuk Malin Kundang ka indungna.
Malin Kundang, pura-pura henteu wauheun ka indungna, ku sabab isin ningali indungna anu atos
kolot sarta make baju compang-camping. “Eta indung anjeun?” Taros pamajikana si Malin Kundang.
“Lain, manehna mah ngan saurang pengemis anu nyangka jadi indung kuring, supados meunangkeun
harta ti kuring ” Bales si malin kundang ka pamajikana. Ningali kalakuan sarta omongan anu semena-
mena eta, indung Malin Kundang ngambek pisan. Manehna henteu nyangka anakna bakal barobah
jadi budak anu doraka.
Nugi kaambek indungna anu beuki ageung pisan, teras anjeuna nedahkeun pananga bari
nyarios ” Oh.. Gusti pangeran anu ageung, lamun leres anjena anak abdi, abdi sumpahan manehna
barobah jadi batu”. Saur indungna. Henteu sabaraha lami saterusna angin kenceng datang, goncang
sarta badai dahsyat dongkap ngancurkeun sakabeh kapal si Malin Kundang.
Sanggeus eta, lalaunan awak si Malin Kundang barobah jadi kaku, jengker, sarta lami-kalami
Gajah elehku sireum
Hiji waktu di tegalan di Afrika, aya hiji gajah keur ngadigleu wé leumpang ngagéyot di
tegalan. Padahal di tegalan nu rék diliwatan ku gajah téh aya sireum lobana mangjuta-juta,
keur digawé nyieun sayang. Kapan di tegalan Afrika mah sireum téh nyarieun sayangna
marucunghul patingrunggunuk. Tampolana ku gedéna sayang sireum téh aya nu segedé
pasir leutik patingarenclo.
Di jero éta sayang sireum nu lobana jutaan téh ngarendog, baranahan. Jeung lain siga
sireum di urang. Sireum Afrika mah bentukna rék siga sireum tataman lamun di urang. Galak
sabab mun geus ngaronom mangsana, bakal amburadul. Singa, zébra ogé teu mangga pulia
mun geus dironom ku éta sireum mah.
Ari minangka alat komunikasina antarsireum téh nya éta “anténeu” opat jiga tanduk.
Lamun hiji sireum Afrika manggihan kadaharan, “anténeuna” téa tingarulang méré kode
jeung soara. Jauhna éta alat téh bisa rébuan méter. Nya kusabab kitu, mun hiji sireum
meunang kahakanan, dina waktu sababaraha menit jutaan sireum bisa nambrong hiji sato
gedé, umpamana singa nu geus rerémpo atawa zébra, bisa diserang ukur jamjaman kari
tulang-taléngna wungkul. Ngagéhan ajag.
Basa gajah ngaliwat ka éta tegalan téh, aya nu nangenan nya éta manuk dadali.
Manéhna karunyaeun bisi sayang sireum nu keur babareungan dijieun téh digelé ku gajah.
Nya gajah téh dibéjaan.

“Gajah, kadé leumpang téh ulah noyod ka lebah dinya, sabab sireum keur nyarieun sayang
bisi katincak karunya,” ceuk manuk dadali ngingétan.

“Wah na asana téh pira sireum. Katincakan mah paling gé pejét!” gajah némbalanana téh
sombong pisan, asa aing gedé, asa aing kuat. Ka nu leutik téh teu ngahargaan pisan.

Kitu deu kadal Afrika gé nu haat ngabéjaan ka gajah sangkan ulah noyod bisi nincak sayang
sireum, teu diwaro anggur terus wé gajah téh ngadigleu muru jutaan sireum nu keur
parulang anting ngakutan taneuh ti jero lombang.
Na barang anjok kana gundukan imah sireum téa, ngan leyé .. leyé wé sireum nu aya
réwuna téh ditincakan, atuh ngan hos paraéh wé da teu kaburu kabur.
Ningali rayatna rébuan paraéh ditincakan ku gajah, raja sireum ambekun pisan. Gajah
ditangtang perang. Gajah ditantang kitu téh lain sadar kana kasalahanana, kalah ka atoh bari
sombong. Manéhna seuseurian. Ari sireum nyieun siasat keur perang jeung gajah téh
réwuan sireum téh nyieun lombang nu jeronan salaput gajah.

Dina waktu nu geus ditangtukeun perang dimimitian. Loba sato séjén nu ngalalajoan
perang campuhna antara pasukan sireum jeung gajah téh.

Gajah nyuruntul rék ngaleyek réwuan sireum nu nangtang perang ka gajah. Sireum
ngahajakeun nangtang ti jajalaneun nu geus meunang ngagali téa. Atuh ditangtang kitu asa
diléléwéan, gajah téh beuki ambek. Sebrut nyuruntul ka hareup teu tolih tincakeun. Atuh
puguh wé barang nepi kana lombang téa, ngan gurawil wé gajah téh asup kana lombang bari
tigurawil kana lombang. Gajah ukur bisa ugal-ugil teu bisaeun hanjat. Sireum geus puguh
nempo lawanna tigebrus téh teu ngengkékeun deui terus wé napuk nyarocoan. Teu dibéré
ampun beuki lila sireum téh beuki loba, antukna gajah bobor karahayuan teu kuat ngalawan
sireum nu ceuk ukuran mah sakitu
SASAKALA BATU NU BISA CEURIK
Kacaturkeun jaman baheula, di hiji désa atawa lembur di sisi gunung nu aya di wewengkon
Kalimantan, aya hiji awéwé randa nu hirup babarengan jeung saurang anakna, awéwé, nu umurna
geus mangkat rumaja atawa sawawa. Éta budak awéwé téh kacida geulisna! Da cacak lamun cicingna
di kota mah tinangtu geus jadi pamajikan sudagar kaya atawa kaum bangsawan. Sok sanajan geulis
rupana, éta budak awéwé téh ngabogaan sipat anu goréng, adigung, jeung kacida pisan ngedulna!
Biasana lamun indungna indit ka kota rék ngiangkeun hasil tatanén jeung suluh, anakna téh tara
diajak, sok sina cicing wé nungguan imah. Tapi dina hiji poé mah anakna téh diajak, ngarah apal
kayaan kota sarta ngarah nyaho kawas kumaha ripuhna nu jadi indung dina sual pangabutuh
sapopoé. Puguh wé anakna ngarasa bungah naker diakan ka kota téh, da puguh arang langka nyaba.
Manéhna tuluy dangdan sateker kebek, ngarah katingal leuwih geulis! Pasusubuh arindit ti imahna
téh, laleumpang. Inditna ngakeup suluh bari angkaribung ngajingjing sarta nyunyuhun karanjang nu
dieusian ku hasil tatanén jualeun ka pasar. Ari anakna mah leumpang ti heula, ngagandeuang teu
barangbawa nanaon pisan! Dangdananana ginding, maké papakéanana nu wareuteuh. Sabalikna ari
indungna mah maké papakéanana téh estuning basajan pisan, maké papakéan nu biasa dipaké gawé
sapopoéna!

Di jalan di pasampangan, unggal panggih jeung jelema teu weleh waé maruji kana kageulisan budak
awéwé téa bari puk-pok naranyakeun ka indungna:

“Leuh, aya ku geulis éta Si Nyai! Tuang putra éta téh, Bu? Ceuk nu nanya. Saméméh pok indungna
ngajawab kaburu dipiheulaan ku anakna dijawab kieu:

“Oh, sanés, abdi mah sanés putrana, tapi dununganana! Ieu téh pakacar abdi!” ceuk budakna téh
bari nuduhkeun indungna.

Kitu jeung kitu wé, unggal aya nu nanyakeun ngeunaan indungna, si budak awéwé téh sok ngajawab
yén anu ditukangeun manéhna téh pakacarna atawa babuna, lain indungna!

“Aya ku teungteuingan Nyai, ka indung ngakukeun babu! Ieuh, najan hadé-goréng ogé apanan Ema
téh indung hidep! Ceuk indungna.

“Da éra atuh, Ema! Moal enya ari kuring sakieu gindingna, ku batur pada nyarebut geulis,
sedengkeun ari indung sorangan meuni sakitu rudinna! Éra atuda ngakukeunana gé!” tembal anakna
bari kuraweud, jamotrot.

Di satengahing jalan indung jeung anak paréaréa omong, pacental-cental! Ahirna bakating ku
nyeri haté dihina ku anakna, pok wé indungna téh nyarita kieu:

“Nya enggeus atuh Nyai, ari sakirana manéh bedegong sarta gurat batu mah, embung ngakukeun
yén Ema indung manéh, ti semet ayeuna kénéh manéh mah bakal jadi batu …! Ceuk indungna.
Réngsé indungna nyarita kitu, dadak sakala langit ujug-ujug angkeub! Gelap pating beledag! Si budak
awéwé anu doraka ti indungna kabentar ku gelap! Awakna tutung, sarta harita kénéh robah jadi
batu!

Éta batu téh ngaluarkeun cai, nu dipercaya cenah éta téh cipanon budak awéwé téa anu keur ceurik
lantaran ngarasa kaduhung! Nepi ka kiwari éta batu téh nelah disarebut “batu menangis.***

Anda mungkin juga menyukai