Anda di halaman 1dari 7

MAKALAH

DONGENG BAHASA SUNDA

Disusun oleh :

 Rifqi Nurhadi
 Mira Marisa
 Kurnia Ramdani
 Saepul Ulum
 Fariz Abdul Rizki

SMP NEGERI 1 PASIRWANGI


Tahun Ajaran 2024
LUTUNG KASARUNG
(Cerita Dongeng Dari Jawa Barat)

Kisah tentang dongeng bahasa sunda lutung kasarung ini merupakan cerita yang berasal dari
daerah jawa Barat. Nah, langsung saja berikut dibawah ini adalah cerita dongengnya.

Dina jaman kapungkur, di tatar pasundan aya hiji karajaan anu di pimpin ku saurang raja anu
wijaksana, namina nyaeta Prabu Tapak Agung. Prabu Tapak Agung ngagaduhan dua anak
awewe anu geulis, namina Purbararang sarta adi na Purbasari.Dina wanci ngadeukeutan ahir
hayatnya, raja Prabu Tapak Agung nunjuk Purbasari, putri bungsu na pikeun nga gentosan
jabatana. “Abdi atos sepuh teuing, waktuna abdi turun tahta." Ceuk raja Prabu.

Lamun, dilain sisi Purbararang, nu mangrupakeun kakana purbasari manehna henteu satuju
adina diangkat ngagantikeun Bapana. “Abdi putri anu kedah bapa pilih, kuduna abdi anu
ngagantikeuna.” ceuk Purbararang naroskeun ka tunangan na, nu namina Indrajaya.

Ku sabab sirik, purbararang teras ngagaduhan niat jore ka purbasari. Manehna manggihan
saurang nini sihir kanggo nyilakakeun Purbasari. Nini sihir eta nyieun Purbasari kulitna barobah
jadi kaayaan totol-totol hideung.

Saentos kitu, Purbararang janten gaduh alesan kanggo ngusir kakana. “Jalma anu dikutuk
sepertos maneh, henteu pantes jadi saurang Ratu !” Ceuk Purbararang.

Saterusna, manehna nitah saurang Patih kanggo ngasingkeun Purbasari ka hiji leuweung.
Satepina di leuweung, patih eta ngarasa karunyaeun ka purbasari, sarta anjeuna mangnyieun
keun hiji pondok kanggo Purbasari.

Anjeuna oge masihan nasehat ka Purbasari,“Sing Tabah Tuan Putri. Cocobi ieu tangtos pasti
lekasan, Anu Maha Kawasa sareng Putri”. "Hatur nuhun.” Bales Purbasari.
Salila di leuweung, purbasari ngagaduhan seueur rerencangan nu mangrupakeun sasatoan anu
balalager ka manehna. Diantara sasatoan, aya hiji monyet anu buluan hideung nu misterius
namina nyeta lutung kasarung.
Nanging, monyet eta anu manawi paling perhatian ka Purbasari. Lutung kasarung terus ngahibur
Purbasari, masihan kekembangan anu endah sarta buah-buahan.

Dina wanci onggal wengi, di bulan purnama. Lutung Kasarung mapah ka tempat anu sepi teras
anjeuna ngalakukeun semedi. Manehna menta hiji hal ka Dewata. Ieu ngabuktikeun yen Lutung
Kasarung teh sanes makhluk biasa.

Dina semedi eta, taneuh nu aya di dekeut Lutung kasarung barobah jadi hiji telaga alit, cai na
herang kacidaan. Cai na ngandung ubar anu seungit pisan.

Enjing poena, Lutung Kasarung manggihan Purbasari sarta nitah purbasari ibak di telaga eta.
“Naon mangpaatna pikeun abdi?” Pikir Purbasari.

Nangging, anjeuna nurutkeun wae. Teu lami sanggeus manehna nyeburkeun awakna. Kulitna
barobah jadi bersih sarta geulis sepertos harita deui. Purbasari rewas pisan dicampur ku hawa
atoh sabot manehna ngaca ditelaga eta, kulitna bisa mulus deui.

Dina wartos lain di karajaan, Purbararang mutuskeun bade ningali kakana nu aya di leuweung.
Manehna mangkat sareng tunangana indrajaya sarta para pangawalna.

Satepina di hutan, purbararang manggihan adinya si purbasari. Purbararang teu percaya ningali
adina tiasa jadi geulis deui kos harita.

Purbararang embungen eleh, teras anjeuna ngajak Purbasari nitah ngadu papanjang-panjang
buuk. “Saha anu paling panjang buukna, manehna anu menang!” Saur Purbararang.
Mimitina Purbasari alimeun, nanging purbararang teras-terasan ngadesek. Nah pas ditingali,
buuk Purbasari malah nu lewih panjang ti purbararang.

“Kajeun ayena abdi eleh, nanging ayeuna hayu urang paganteng-ganteng tunangan, tah ieu
tunangan abdi”, saur Purbararang sabari nyampeurkeun ka Indrajaya. Purbasari mimitina gelisah
da lantaran kabingungan.

Ahirna, purbasari narik panangan Lutung Kasarung. Lutung Kasarung ajol-ajolan kawas
mangmenangkeun Purbasari. Purbararang seuri nyalakatak ngabahak-bahak. “Jadi monyet eta
tunangan maneh?" Saur purbararang.

Dina wanci eta oge, Lutung Kasarung teras geura semedi sakedap, sarta lumangsung barobah
jadi lalaki anu ganteng kacidaan, lewih-lewih ganteng ti Indrajaya.

Sadaya nu aya didinya rewasen ningali kajadian eta. Purbararang ahirna ngaku kaelehan nana,
sarta menta maaf pikeun kalepatan salila ieu ka purbasari.

Manehna menta dihampurakeun sagala kasalahan nana ka purbasari, sarta menta supardos
henteu dihukum. Purbasari anu bageur, langsung ngahampurakeun sagala kasalahan kakana
purbararang.

Sanggeus kajadian eta, ahirna maranehna sadaya balik ka karajaan. Purbasari ahirna jadi
saurang ratu, di rendengan ku saurang lalaki idamana. Lalaki eta teu lain anu salila ieu maturan
purbasari salami dileweung, nyaeta lutung kasarung.
Dongeng Sunda Sasakala Situ Bagendit
(Cerita yang mengisahkan tentang janda kaya raya yang pelit dan kikir)

Nah, seperti apa cerita sasakalanya? Berikut kita simak dongeng sasakala legenda situ
bagendit yang berasal dari daerah kecamatan bayuresmi kabupaten garut, jawa barat
dalam bahasa sunda dibawah ini.
Sasakala situ Bagendit
Baheula geus rébuan taun ka tukang aya hiji randa beunghar nu katelah Nyi Endit. Ieu téh
saenyana mah ngaran nénehna, da ngaranna sajatina mah Nyi Bagendit. Manéhna téh kacida
pisan kumedna. Geus taya nu bireuk deui kana ka kumedannana. Salian ti pakacar-pakacarna
mah tara aya nu lar sup ka imahna. Éstuning lain babasan éta mah hirup nyorangan téh.

Kajaba ti teu aya anu ngawawuhan, Nyi Endit téh émang jalma nunggul pinang, geus teu kadang
warga, hirup téh éstu nunggelis. Ari beungharna téa mah tétéla. Béh kebonna béh sawahna,
imahna gé panggedéna di salembur éta mah. Turug-turug ngahaja mencilkeun manéh,
ngababakan di tengah pasawahan, nu upluk-aplak.

Maksudna teu aya lain, ku bawaning embung campur jeung babaturan, da sieun kasoro téa. Teu
kitu mah atuh moal disebut medit. Kacaturkeun basa usum panén. Di ditu di dieu ceuyah anu
dibaruat. Ka sawah Nyi Endit ogé réa nu gacong. Ari saréngsé dijieun jeung sanggeus paréna di
kaleuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun sedekah ngondang lebé jeung sawatara
tatanggana.

Popolahna saniskara ku sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu
mantuan ngakut tuluy diondang, ngariung tumpeng. Atuh nu ngariung téh nepi ka aya ratusna,
tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ngan sakotéap geus bérés bari tingkaretap kénéh.

Keur meujeuhna balakecrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun. Ku pribumi


teu ditarik teu ditakon, nya pok aki-aki waléh, yén teu kawawa ku lapar, sugan aya sih piwelas.
Ari kitu téh Nyi Endit bet nyarékan, nyeklek-nyeklekkeun, pajarkeun téh tau aya ka éra, teu
ngahutang gawé, ménta bagéan. Tungtungna nepi ka pundung, aki-aki dititah nyingkah.
Cindekna mah geus lain picaritaeun.
Aki-aki indit bari jumarigjeug, bangun teu nangan. Méméh indit manéhna ngomong kieu: "Sagala
gé boh ka nu hadé boh ka nu goréng, moal taya wawalesna." Ngomongna kitu téh kasaksian ku
sakur anu aya di dinya. Saréngséna nu dalahar tuluy amit rék baralik. Kakarak gé pating laléos,
rug-reg ngarandeg, sabab aya nu tinggarero: "Ca'ah! Ca'ah!" cenah.

Henteu kanyahoan deui ti mana datangna éta cai, ngan leb baé pakarangan Nyi Endit téh geus
ka keueum, atuh kacida ributna jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé.
Nyi Endit gé nya kitu, niat rék nyingkirkeun cai, tapi barang kaluar ti imahna, cai téh nepi ka lir
ombak laut ting garuling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus ka keueum méh laput.

Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bias mah teu weléh-weléh sasambat ménta
tulung. Tapi henteu kungsi lila jep baé jempé, sihoréng geus tikerelep. Imahna gé geus teu ka
tembong. Sumawonna sawahna nu upluk-aplak geus aya di dasar cai. Lembur sakuriling
bungking geus robah ngarupa jadi situ, anu nepi ka ayeuna katelah Situ Bagendit téa.

Rincian, Kesimpulan, Dan Ringkasan Cerita Situ Bagendit

Nah, sedangkan yang dibawah ini adalah ringkasan atau kesimpulan dari cerita situ bagendit
dalam bahasa sunda yang dapat kita tuliskan dari cerita diatas dengan lebih pendek.
Ringkasan Cerita:
Baheula aya hiji randa beunghar nu katelah Nyi Endit anu kacida kumedna, ari beungharna mah
tétéla. Béh kebonna béh sawahna, imahna gé panggedéna di salembur éta. Basa usum panén,
nyi Endit nyieun sedekah ngondang lebé jeung sawatara tatanggana nu ngariung nepi ka aya
ratusna, tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ngan sakotéap geus bérés bari tingkaretap
kénéh.

Keur kitu aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun kawawa ku lapar, ari kitu Nyi Endit bet nyarékan
pajarkeun téh tau aya ka éra, tungtungna aki-aki dititah nyingkah. Aki-aki indit jumarigjeug bari
ngomong: "Sagala gé boh ka nu hadé boh ka nu goréng, moal taya wawalesna." Ngomongna
kitu téh ka saksian ku sakur anu aya di dinya.

Saréngséna dalahar, rug-reg ngarandeg ting garero: "Ca'ah! Ca'ah!" Henteu kanyahoan ti mana
datangna cai, ngan leb baé pakarangan Nyi Endit ka keueum, Imahna ka keueum laput,
sawahna nu upluk-aplak geus aya di dasar cai. Lembur sakuriling bungking geus robah ngarupa
jadi situ, anu nepi ka ayeuna katelah Situ Bagendit.
Rincian Dongeng
Judul Dongeng : Sasakala Situ Bagendit
Tema : Akibat dari sifat kikir adalah kebinasaan
Fakta Cerita
1) Tokoh: Nyi Endit (kikir), Aki (sabar)
2) Alur : maju
3) Latar: pedesaan di wilayah Garut, Jawa Barat
Sarana Sastra
1) sudut pandang: orang ketiga tidak terbatas
2) gaya & tone : sederhana dan ringan
3) simbol: Nyi Endit (sifat kikir)
Nilai
1) moral manusia kepada Tuhan
2) moral manusia kepada pribadi
3) moral manusia kepada manusia
Sikap
1) iman/takwa
2) Jangan kikir
3) harus menolong sesama
Pesan dalam dongeng
Jadi orang janganlah kita serakah, pelit dan juga sombong, karena semua perbuatan pasti ada
balasannya. Dan ingat, harta hanyalah sebuah titipan, alangkah baiknya kita bersikap
dermawan, berbagi, saling menolong dengan orang lain yang membutuhkan.

Anda mungkin juga menyukai