Anda di halaman 1dari 5

LUTUNG KASARUNG

(Cerita Dongeng Dari Jawa Barat)

Dina jaman kapungkur, di tatar pasundan aya hiji karajaan anu di pimpin ku saurang raja anu
wijaksana, namina nyaeta Prabu Tapak Agung. Prabu Tapak Agung ngagaduhan dua anak
awewe anu geulis, namina Purbararang sarta adi na Purbasari.

Dina wanci ngadeukeutan ahir hayatnya, raja Prabu Tapak Agung nunjuk Purbasari, putri bungsu
na pikeun nga gentosan jabatana. “Abdi atos sepuh teuing, waktuna abdi turun tahta." Ceuk raja
Prabu.

Lamun, dilain sisi Purbararang, nu mangrupakeun kakana purbasari manehna henteu satuju adina
diangkat ngagantikeun Bapana. “Abdi putri anu kedah bapa pilih, kuduna abdi anu
ngagantikeuna.” ceuk Purbararang naroskeun ka tunangan na, nu namina Indrajaya.

Ku sabab sirik, purbararang teras ngagaduhan niat jore ka purbasari. Manehna manggihan
saurang nini sihir kanggo nyilakakeun Purbasari. Nini sihir eta nyieun Purbasari kulitna barobah
jadi kaayaan totol-totol hideung.

Saentos kitu, Purbararang janten gaduh alesan kanggo ngusir kakana. “Jalma anu dikutuk
sepertos maneh, henteu pantes jadi saurang Ratu !” Ceuk Purbararang.

Saterusna, manehna nitah saurang Patih kanggo ngasingkeun Purbasari ka hiji leuweung.
Satepina di leuweung, patih eta ngarasa karunyaeun ka purbasari, sarta anjeuna mangnyieun
keun hiji pondok kanggo Purbasari.
Anjeuna oge masihan nasehat ka Purbasari,“Sing Tabah Tuan Putri. Cocobi ieu tangtos pasti
lekasan, Anu Maha Kawasa sareng Putri”. "Hatur nuhun.” Bales Purbasari.

Salila di leuweung, purbasari ngagaduhan seueur rerencangan nu mangrupakeun sasatoan anu


balalager ka manehna. Diantara sasatoan, aya hiji monyet anu buluan hideung nu misterius
namina nyeta lutung kasarung.

Nanging, monyet eta anu manawi paling perhatian ka Purbasari. Lutung kasarung terus ngahibur
Purbasari, masihan kekembangan anu endah sarta buah-buahan.

Dina wanci onggal wengi, di bulan purnama. Lutung Kasarung mapah ka tempat anu sepi teras
anjeuna ngalakukeun semedi. Manehna menta hiji hal ka Dewata. Ieu ngabuktikeun yen Lutung
Kasarung teh sanes makhluk biasa.

Dina semedi eta, taneuh nu aya di dekeut Lutung kasarung barobah jadi hiji telaga alit, cai na
herang kacidaan. Cai na ngandung ubar anu seungit pisan.

Enjing poena, Lutung Kasarung manggihan Purbasari sarta nitah purbasari ibak di telaga eta.
“Naon mangpaatna pikeun abdi?” Pikir Purbasari.

Nangging, anjeuna nurutkeun wae. Teu lami sanggeus manehna nyeburkeun awakna. Kulitna
barobah jadi bersih sarta geulis sepertos harita deui. Purbasari rewas pisan dicampur ku hawa
atoh sabot manehna ngaca ditelaga eta, kulitna bisa mulus deui.

Dina wartos lain di karajaan, Purbararang mutuskeun bade ningali kakana nu aya di leuweung.
Manehna mangkat sareng tunangana indrajaya sarta para pangawalna.

Satepina di hutan, purbararang manggihan adinya si purbasari. Purbararang teu percaya ningali
adina tiasa jadi geulis deui kos harita.

Purbararang embungen eleh, teras anjeuna ngajak Purbasari nitah ngadu papanjang-panjang
buuk. “Saha anu paling panjang buukna, manehna anu menang!” Saur Purbararang.

Mimitina Purbasari alimeun, nanging purbararang teras-terasan ngadesek. Nah  pas ditingali,
buuk Purbasari malah nu lewih panjang ti purbararang.

“Kajeun ayena abdi eleh, nanging ayeuna hayu urang paganteng-ganteng tunangan, tah ieu
tunangan abdi”, saur Purbararang sabari nyampeurkeun ka Indrajaya. Purbasari mimitina gelisah
da lantaran kabingungan.

Ahirna, purbasari narik panangan Lutung Kasarung. Lutung Kasarung ajol-ajolan kawas
mangmenangkeun Purbasari. Purbararang seuri nyalakatak ngabahak-bahak. “Jadi monyet eta
tunangan maneh?" Saur purbararang.

Dina wanci eta oge, Lutung Kasarung teras geura semedi sakedap, sarta lumangsung barobah
jadi lalaki anu ganteng kacidaan, lewih-lewih ganteng ti Indrajaya.
Sadaya nu aya didinya rewasen ningali kajadian eta. Purbararang ahirna ngaku kaelehan nana,
sarta menta maaf pikeun kalepatan salila ieu ka purbasari.

Manehna menta dihampurakeun sagala kasalahan nana ka purbasari, sarta menta supardos henteu
dihukum. Purbasari anu bageur, langsung ngahampurakeun sagala kasalahan kakana
purbararang.

Sanggeus kajadian eta, ahirna maranehna sadaya balik ka karajaan. Purbasari ahirna jadi saurang
ratu, di rendengan ku saurang lalaki idamana. Lalaki eta teu lain anu salila ieu maturan purbasari
salami dileweung, nyaeta lutung kasarung.

Dari cerita sasakala lutung kasarung diatas, bisa kita ambil hikmah yang sangat penting, yakni
bahwa "perbuatan yang syirik itu sangatlah tidak baik." Nah, demikianlah cerita sasakala bahasa
sunda kali ini, semoga bermanfaat.
Si kabayan ngala nangka
Dihiji lembur aya hiji jalma nu ngarana si kabaya,si kabayan teh lucu tur jika
nu lungguh dina hiji poe sikabayan teh di titah ngala nangka ku mitohana.

Cek mitohana:” kabayan,,kho,kho,kabayan,kho,kho,kabayannnnn!

Cek si kabayan :”Aya naon nyi ema gogorowokan teh meni tararik teuing!

Cek mitohana :” Yeh emak teh hayang nangka cing pang ngalakeun ka kebon nu
kolot nya.

Kencling si kabayan indit ka kebon ,bari di kopeah di iket teu poho di


sarung. Barang nepi ka kebon si kabayan teh :” alah geuning kaluhur
kahandap,kaluhur kahandap. Bari neangan nangka nu gede tur kolot. Cek si
kabayan:” tuh geuning aya nu kolot! Teu lila deui si kabayan terekel deui
naek.puguhan ngarasa bungah lantaran geus manggihan nagka nu gede tur
kolot.tapi kumaha nya mawa na da ari diragrageun mah karunya bisi nyeurieun,ah
kuring kan mawa sarung mening ieu nangka asup ken kana sarung.

Barang nepikeun ka handap eta nangka tehdi tanggul ku sikabayan niat


namah edek di bawa balik, cek si kabayan :” aduh geuning kacida beurat na ieu
nangka teh moal kadugi nepi keun ka imah mah.Barang miti sisi walungan si
kabayan mikir:”aha aha mening ieu nangka teh di palidkeun da geus gede tur kolot
ieu.jug weh maneh balik ti heula da geus gede tur kolot ieu maneh teh nangka”.

si kabayan nitah ka nangka. Tuluy si kabayan the leos balik ka imah mitohana.
Barang ka imah mitohana si kabayan di tanya ku mitohana:” kabayan meunang
ngala nangka teh.” Aa komo weh nya meunang nu gede tur kolot deui.”mana atuh
nangka na. tanya mitohana!” apan tadi teh nangka the dipalid keun titah balik
soranagan.” Naha atuh maneh teh kabayan innalilahi maneh meni bodo-bodo
teuing jadi jelema teh,maenya nangka bisa balik soranangan.” Ah ema the maenya
nangka gede-gede geus kolot deuih teu apal jalan balik.” Cek si kabayan bari
ngaleos.

Anda mungkin juga menyukai