Anda di halaman 1dari 17

BUDAK PAHATU LALIS

Dua budak pahatu lalis reuwas kacida teuing.

adi lanceuk awéwé lalaki

kasarung di leuweung ganggong Manuk Cukrik disada semu nalangsa

adina ceurik ngalengis “Cukrik, cukrik turih ku pucuk eurih”

mana jalan geusan balik. pucuk eurih bakal matih

Si Nyai bakal kapanggih.

Budak lalaki ngala kupa

leungeunna parigel metik Geberan ku hihid aing

buah kupa dialungkeun hihid aing kabuyutan

dipulungan ku adina. mawa bayu kahuripan.

Tina rungkun buni kacida “Geber-geber hihid aing

luar-léor oray sanca hihid aing kabuyutan

gep ngegél awak adina titinggal nini awaking”.

nu keur anteng murak kupa.

Usik ngulisik raga tangtungan

Jrut turun budak lalaki paripurna hirup waras

ana rét ka sakuriling ku saktina rasa asih.

Si Nyai ka mana geuning


BUDAK SAKTI

Budak leutik bisa ngapung

jangjangna kulit salapis

hiberna di langit peuting

ludeung ngambah jomantara

disadana tingkoréak

karesepna bubuahan

nu amis semu kareueut

Budak leutik bisa ngapung

budak nu kacida sakti

nu kitu naon ngarana?


NINI ANTÉH

Di langit bulan nembongan

cahayana hurung ngempur

ngadamaran alam dunya.

Di bulan Nini keur anteng

ngentrung ninun kaén poléng

awak Nini mani bongkok

balas terus baé ninun

meureun geus rebuan taun.

Di bulan Nini bumetah

dibaturan Candramawat

buluna nu tilu warna

watekna matak diasih.


SAMAGAHA

Bulan di langit ngaleungit

meureun disumputkeun naga

bumi alam poék mongkléng.

barudak récét di buruan

sorana patembalan

Samagaha! Samagaha!

Aya kahariwang

dina haté séwang-séwangan

bulan sirna.

Ting berebet barudak ka pipir imah

tutunggulan dina lisung

rampak narakol kohkol

ngusir naga sina nyingkir

naga nyingkah

bulan ngempur

bumi alam caang deui.


SAKADANG MONYÉT MALING CABÉ

Sakadang kuya jeung Sakadang Sakadang kuya katéwak


monyét
dipangku dibawa balik
suka bungah maling cabé
dikurung tukangeun imah.
cabé beureum matak uruy

lada haneut kana beuteung.


Ngalongok Sakadang monyét

suka bungah ngahilian


Seuhah lata-lata, seuhah lata-lata
cenah bakal dikawinkeun
cabé beureum cabe lada
ka anakna Bapa Tani.
cabé arasak kacida.

Isukna datang Pa Tani


Keur jongjon datang Pa Tani
suka bungah muru kandang
Sakadang monyét ngabecir
nyorén bedog meunang ngasah.
sieun katéwak Pa Tani.

Pa Tani ambek kacida


Kuya geuwat gancang nyumput
nu aya di jero kurung
di tempat nu rada buni
bangké Sakadang monyét.
tapi katénjoeun mantén.

Monyét morongkol dicekel


Pa Tani bungah kacida
dibalangkeun ka nu bala
daging kuya rek diolah
monyét cengkat ngaréngkénék
lumayan keur deungeun sangu.
ngabecir lumpatna tarik.
PAPARAHUAN

Manintin manuk Manintin “Tin, tin, Manintin

paparahuan reujeung Tunggeu toroktok, tok

parahuna cangkang bonténg gengngng!”

bonténg suri anu gedé. Kapanggih ku anak Monyét

clak tumpak parahu

Soloyong angkleung- nu opatan kakawihan


angkleungan

kakawihan suka bungah


“Tin, tin, Manintin

toroktok, tok
“Tin, tin, Manintin
nguuuk
gengngng!”
gengngng!”

Katembong ku Caladi Kundang


Kitu jeung kitu
ngageleber hiber
disarada patémbalan
teup enteup na parahu
suka bungah kakawihan
nu tiluan kakawihan
méméh surup sarangéngé.
SILIH TULUNGAN

Nyiruan dina pancuran

titeuleum méh baé paéh

Titiran nenjo Nyiruan

kanyaah mapaés haté.

Geuwat metik dangdaunan

diragragkeun kana cai

ngarayap éta Nyiruan

teu tulus nemahan pati.

Titiran ku paninggaran

diintip-intip dipanah

Nyiruan mulang tarima

nyeureud bitis paninggaran.

Paninggaran ngagurubug

teu tulus manah Titiran

geus lésot kabéh bangbaluh

lantaran silih tulungan.


BUDAK BUNCIR

Si Buncir naheunkeun bubu munding milikna Si Buncir.

pareng meunang anggay-anggay Mundingna katinggang limus

diwadahan kana batok. paéh ménta digantian

ku Ki Tani diturutkeun

Hayam macok anggay-anggay buah limus matak uruy.

Si Buncir boga paménta

hayam nu jadi gantina. Demi Nyi Putri ningali

kacida pisan palayna

Hayamna katinggang halu limus dipesék dituang

atuh paéh saharita séép ngan tinggal pelokna.

halu nu jadi gantina.

Nyi Putri jadi gantina

Haluna katincak munding Buncir teras salin rupa

sabab potong ménta ganti jangkung pohara kasépna

Si Buncir dakwa ka hakim katelahna Gandarasa.


BUDAK HIDEUNG

Budak hideung goréng rupa

buuk ngarambueuk rintit

ku indung pulung diasih

lantaran ku daékanana.

Teu saeutik nu ngahina

pasrah narimakeun nasib

kanikmatan tanpa tepi

permata nu pangmahalna.

Si hideung muka buntelan

horéng eusina teh waluh

dibantingkeun kana batu

bray beulah hérang ngagenyas.

Janggélék hiji nagara

budak hideung salin rupa

satria gagah perkasa

Danuwarsa katelahna.
CINGCIRIPIT

Ngariung di pakalangan

waspada ngantelkeun curuk

curuk inggis kacapit

kacapit ku dampal leungeun

dampal leungeun dikeupeulkeun

“jék-jék nong”

nu kacapit tunggu lawang.


NGADU PANGGAL

Prung tarung di pakalangan

nu jadi kawih pamuka:

“Tung-tung-brung

kali tanjung

barangbang kali parangpang

padakutik padasemprung”.

Breng panggal diparuihkeun

muih dina jero kalang

beletak papada panggal

panggal ngacleng ngagolépak

panggal muih pangleletna

punjul ngajadi raja.


TITINGGI ULA-ALI

Karémbong meulit na cangkéng

tungtungna pada nyekelan

antay-antayan leumpangna

niru-niru titinggi

majuna ongko-ongkoan

bulat-beulit, arula-arileu

nguriling kukurilingan

hulu ngudag-ngudag buntut

sina néangan nu leungit.

Nu dimaksud geus kapanggih

buntut kudu jadi hulu

ari hulu jadi beuheung

kitu jeung kitu tuluyna

sagala-gala walatra

taya nu paheula-heula.
LANGLAYANGAN

Langlayangan kumalayang

ngalayang di méga malang

paheula-heula jeung heulang

sukan-sukan sukahayang.

Mipir langit nyorang méga

nyawang anggang di buana

amparan handapeunana

tanah éndah alam Sunda.


SURUNG MUNDING

Surung munding, surung munding

kaulinan budak lalaki

ngutamakeun kakuatan

nu maén pahareup-hareup

pakuat-kuat tanaga.

Surung munding, surung munding

nu lalajo suka bungah

ngariung bari ngarawih:

“géré tong-géré tong

nu éléh dipotong

géré tong-géré tong

nu éléh dipotong”.

Géré tong-géré tong

parancah méméh lumampah

ngagéré haté lalaki

ludeung teuneung

rahayu jaya waluya.


CAANG BULAN

Baheula nu dipigandrung

caang bulan opat welas

ngabungbang pinuh kabungah

galumbira gogonjakan

bari kakarawihan

laguna lagu bulan tok;

“Bulan tok, bulan tok,

bulanna sagede batok,

didudut disantok,

aya ucing keur anakan”.

Meungpeung bulan ngaganteng

arulin masing aranteng

nganteur kahayang nu manteng.


PACICI-CICI PUTRI

Dampal leungeun nu katuhu

nu kénca oge nya kitu

ditangkubkeun ka palupuh

disodorkeun keur ngariung

ditunjukan bari imut

ditetel-tetel ku curuk

kawihna lagu nu matuh

dikawihkeun ku lulugu:

“Pacici-cici putri

térélék kembang celempung

ada nona ada tuan

kalau mau kembang apa?”

“Hayang kembang Kamuning!”

“Hoyah, ari balik nungtun munding!”

Nu ngariung surak kabéh

gogonjakan suka bungah.


ULIN DI WALUNGAN

Ngabring arindit

arulin ka walungan seja ngojay

jleng gejebur, jleng gejebur

ngarojay patengah-tengah

ngalangkarak babalapan

papalidan ka hilirkeun

palila-lila teuleumna

icikibung peperangan

silih simbeuh silih cemplang.

Anda mungkin juga menyukai