Anda di halaman 1dari 7

GAGAK JADI HIDEUNG

Kacariotakeun baheula dina hiji tempat aya oray naga keur nawu balong. Sungutna ngegel kana
tangkal huni, buntutna dibrlitkeun kana pancuh tambakan beulah dieu. Awakna malang dina
balong tea, tuluy di ayun keun goplak, goplak, goplak dipake nawu baloing tea.
Teu kungsi lila balong teh saat laukna sing kocopok loba. Jol datang gagak kadinya haritamah
gagak teh buluna bodas ngeplak. Ujug-ujug corokcok weh laukna dipacokan nepi beak lauk nu
baradagnamah.
Ku oray sanca katempoen gagak maling lauk, geuwat digenggereuhkeun, tapi gagak ngalah beuki
ngahajakeun. Atuh oray ambek sebrut bae diudag gagakteh. Gagak teh hiber kuorang diobrot,
gagak teh bingung da diberik wae sieunen katewak. Kabeneran aya nu keur neleum, gebrus bae
gagak teh asup ka jero pijanaan. Atuh ari muncul deui teh geus lestreng .
Barang jol oray sanca teh panglingeun, da jadi hideung lestereng. Pok weh oray sanca nanya,
mahlik hideung maneh nempo sakadang gagak teu bieu liwat kadieu?
Gagak teh sorana digedekeun, ngomongna oge basa Betawi, da sieunen katara, Engga, gaaaa!
Tah kitu sasakalana manuk gagak buluna hideung jeung sorana gaaa, gaaaak!
Rincian Dongeng:
- Judulna : Gagak Jadi Hideung
- Bahasana : Kasar
- Palakuna : Gagak jeung Oray Sanca
- Watek palakuna :
Gagak = Badeur, sok daek nyopet, te bisa digenggereuhkeun.
Oray Sanca = Getol, daek usaha, rajin.
- Tempat/latar : Caritana jaman baheula di hiji balong nu loba laukan
- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Ari jadi jalma teh kudu getol daekan, ulet, usaha lamun hayang bog amah kos sakadang Oray
Sanca. Ulah jiga Gagak baong, haying ngenah doing embung gawe.
AJI SAKA

Di hiji lembur Medang kacarioskeun aya saurang nonoman namina Aji Saka anu
sakti, purah tutulung ka sakur jalmi kasusahan. Hiji dinten,Aji Saka junun nulungan
saurang aki-aki anu nuju dianiaya ku dua begal. Eta aki-aki akhirna ditulungan terus
dijadikeun bapak angkat ku Aji Saka. Sihoreng eta aki-aki teh salah saurang pengungsi ti
Medang Kamulan.
Janten aki teh ngahaja ngungsi ti Karajaan Medang Kamulan? tumaros Aji Saka
ka eta aki-aki.
Sumuhun, Ujang.... Margi Karajaan Medang Kamulang ayeuna diparentah ku hiji
raksasa anu buas tur kaemamanna ngamangsa manusa. Ku sabab eta, unggal dinten
ponggawa karajaan bakal masrahkeun saurang rakyat, utamina anu geus kolot siga aki
pikeun jadi mangsa Prabu...., saur eta aki-aki nyarioskeun kaayaan di nagarana.
Ngadangu carios ngeunaan kebuasan Prabu Dewata Cengkar, Aji Saka
ngagaduhan niat kangge nulungan rahayat Medang Kamulan. Harita keneh Aji saka indit
ka Medang Kamulang.
Nepi ka Medang Kamulang, Aji Saka nyanghareupan sagala rintangan jeung
halangan ti ponggawa Prabu Dewata Cengkar anu mangrupa-rupa siluman jeung jurig nyiri
wuri nu aya di sakuriling bungking leuweung anu kalangkungan. Nepi ka tarung salami
tujuh tujuh wengi jeung jurig siluman leuweung anu diliwatanna, kulantaran Aji Saka
nampik pikeun dijadikeun budak ku jurig leuweung.
Aji saka anu sakti mandra guna akhirna bisa ngelehkkeun sakabeh jurig leuweung
nepi ka eta jurig diusir jauh ti eta leuweung. Saentos tarung, Aji Saka neraskeun
lalampahanana pikeun nepangan Prabu Dewata Cengkar di istanana.
Aji Saka nepi di Karajaan Medang Kamulan anu sepi. Di karaton, Prabu Dewata
Cengkar nuju ngamuk kumargi Patih Jugul Anom henteu nyandak korban pikeun
kadaharan Sang Prabu.
Ningali kitu, aju Saka anu pinuh ku wawaneng, langsung nyamhareupan San Prabu.
Sampurasun Sang Prabu, saur Aji Saka bari nyembah ka Sang Parbu.
Rampes.......Haha.....saha andika? Rupana anu kasep ngalempereng koneng matak
lapar ieu tikoro aing.....Hahaha..., Prabu Dewata Cengkar ningali Aji Saka anu keur
ngamuk ngadadak eureun. Tikorona ngadadak lapar ningali Aji Saka di hareupeunna.
Ampun Sang Prabu, sumangga abdi pasrah sumerah diri bade dikumahakeun.....,
saur Aji Saka.
Bener andika geus siap jadi kadaharan kula, heh manusa? Prabu Dewata Cengkar
bari niat rek newak awak Aji Saka.
Aji Saka nyingcet, bari pok, Sabar, Sang Prabu! Abdi kersa janten mangsa Sang
Prabu tapi nuhunkeun syarat!
Hahaha..... Sayarat naon wae anu dipikahayang ku andika bakal dikabulkeun ku
kaula.... hahaha..., saur Prabu Dewata Cengkar anu tos teu kiat nahan lapar ningali Aji
Saka.
Aji Saka muka sorban anu dipakena, terus saurna,Syaratna sim kuring nuhunkeun
imbalan tanah karajaan salega ieu sorban....Sang Prabu.
Tanah karajaan salega eta sorban anu sagede kutil eta? Teu Masalah..... Ku kula
pasti dikabulkeun...! Prabu Dewata Cengkar nyakakak seuri nepi dunya asagempa bumi.
Ampun Sang Prabu, pami kitu samemeh sim kuring ninggalkeun ieu dunya janten
mangsa Sang Prabu.... Sim Kuring nuhunkeun Sang Prabu nedunan syarat sim kuring
kangge ngukur tanah salega ieu sorban. Pami tos diukur tur diwatesan.... Sumangga sim
kuring nyanggakeun sadaya-daya ka Sang Prabu! ucap Aji Saka deui.
Haha......hayu ayeuna keneh ku kaula diukurkeun...., Sang Prabu bari nyandak
sorban Aji Saka pikeun ngukur tanah karajaan.
Barang bray sorban dibuka diamparkeun kangge ngukur tanah karajaan. Eta
sorban terus manjangan teu eureun-eureun nepi ka panjangna eta sorban ngaleuwihan
tanah Karajaan Medang Kamulang. Prabu Dewata Cengkar kontan ngamuk kulantaran
ngukur tanahna teu nepi-nepi. Sabot Prabu Dewata Cengkar ngamuk, ujug-ujug aya angin
gede pohara. Nepi ka akhirna eta sorban Aji Saka meulit awak sang Prabu, nepi ka
sakujur awak Sang Prabuk kabeulit eta sorban. Eta sorban estuning meulit ti luhur sirah
sang Prabu nepi ka meulit kadua leungeun jeung tungtung handap sukuna. Antukna Sang
Prabu teu bisa kukumaha.
Auwwww......, teu lila Sang Prabu gegerung lantaran tikosewad ka sagara laut
kidul anu ombakna umpal-umpalan. Gejebur.......awak Sang Prabu diteleg ombak gede
tilelep ka laut kidul anu jero pisan, tur teu katulungan deui.
Kajadian ieu, estuning disambut bagja ku kabeh rahayat Medang Kamulang.
Lantaran sadaya rahayat bebas tina mangsa Sang Prabu. Aji Saka, dinobatkeun ku
rahayat pikeun mingpin karajaan. Diangkat jadi Raja Medang Kamulang. Ti saprak harita
Karajaan Medang Kamulang hirup kalayan aman tur sejahtera.
KUYA JENG MONYET NGALA NANGKA

Kacaturkeun... Aya Sakadang Kuya jeng Sakadang Monyet. Eta Kuya jeung monyet teh
estuning nyobat dalit pisan.
Hiji peuting, Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet sarar di sisi leuwi, dina tangkal
kiara. Sakadang Monyt sar dina dahan anu panghandapna. Ari Sakadang Kuya sar dina sela-
sela akar kiara. Henteu pajauh. Maksudna sangkan bisa ngobrol mmh sar. Atawa bisa
silihgeuingkeun mun aya nanaon. Ari dug, ari ker duanana sar tibra.
Tengah peuting, Sakadang Monyt nyaring. Tuluy ngageroan Sakadang Kuya.
Sakadang Kuya, ieuh, Sakadang Kuya! Hudang sakeudeung!
Aya naon Sakadang Monyt?
Uing ngimpi manggih tangkal nangka, buahna mani leubeut.
Di mana?
Di tengah leuweung. Tapi dina impian th dituduhkeun lebah-lebahna og.
Keun isukan urang tang. Ayeuna mah urang sar deui w da peuting knh! ceuk
Sakadang Kuya.
Ngadng jawaban kitu, Sakadang Monyt sar deui. Meni dug-ker. Ari Sakadang Kuya
mah rada hs kana sar deuina th. Keur kitu, kadng Jang Ony ngalindur. Cenah, Ah,
isukan mah rk ngala nangka. Diala ku sorangan, da Sakadang Kuya mah teu bisaeun nak.
Didahar kabh ku sorangan, Sakadang Kuya mah ku uing moal dibr.
Ngadng kitu, Sakadang Kuya ngahuleng, mikiran caritaan Sakadang Monyt. Tuluy
nangan akal, sangkan teu kalicikan ku Sakadang Monyt. Sanajan lila ulengna, tapi teu burung
kapanggih og. Geus kitu mah, reup ba Sakadang Kuya th sar deui.
Isuk-isuk, wanci carangcang tihang, Sakadang Monyt geus hudang. Jrut turun tina
dahan tempat sarna. Tuluy ba ngaguyah-guyah ngahudangkeun Sakadang Kuya.
Yeuh, Sakadang Kuya, hudang! Hudang, huy! Hayu urang nang nangka ta! ceuk
Sakadang Monyt.
Sakadang Kuya hudang, nololkeun sirahna, pok ngomong, K atuh Sakadang Monyt,
ayeuna mah isuk knh!
Ih, engk mah bisi kaburu diala ku batur!
Apal henteu jalanna?
Ih, puguh w, da dina impian th dituduhkeun lebah-lebahna.
Hayu atuh!
Bring ta dua sobat anyar th indit ka jero leuweung. Inditna teu bisa gancang, sabab
Sakadang Kuya mah leumpangna boyot. Kira-kira wanci pecat sawed, kakara nepi ka nu dituju.
Enya w, henteu salah impian Sakadang Monyt th. Di dinya aya tangkal nangka saged
beuteung munding. Buahna leubeut tinggarayot dina dahan-dahanna.
Sok-sok atuh geura nak, ulah ngahuhuleng ba! ceuk Sakadang Kuya ka Sakadang
Monyt.
K heula, gampang nak mah. Ngan uing th teu nyaho, kumaha carana
ngabdakeun nangka anu geus asak jeung nangka anu atah knh, ceuk Sakadang Monyt.
Sakadang Kuya seuri leutik ngadng omongan Sakadang Monyt kitu th. Asa manggih
jalan pikeun metakeun akalna, anu meunang mikiran tadi peuting. Gampang atuh
ngabdakeunana mah. Ditepakan w. Lamun sorana plk-plk-plk, tandana ta nangka geus
asak. Lamun sorana pluk-pluk-pluk, hartina atah knh, ceuk Sakadang Kuya.
Henteu talangk deui, trkl Sakadang Monyt nak kana tangkal nangka.
Gugurayangan. Ceuk pikirna, Si Kuya mah rk dibr anu aratah ba, ari anu arasakna keur
uing, rk didahar di luhur ku sorangan. Terus nepakan nangka anu ngagarayot. Anu sorana
plek-plek-plek dirawatan ku manhna. Ari anu sorana pluk-pluk-pluk mah dipuragkeun bari
ngajorowok, Tah, Uya, mr nangka. Pk w dahar ku sorangan. Lamun hayang nu asak, nak
ka dieu! cenah.
Sakadang Monyt tuluy ngagorogotan nangka dina luhur tangkal. Leungeunna,
sungutna, malah sukuna og pinuh ku geutah. Ari sababna, nangka anu didaharna th nangka
atah. Sakadang Monyt teu nyahoeun, saenyana nangka asak mah lamun ditepakan th sorana
ngagepluk, lain ngageplk.
Aha euning Huya, angkra th atrah, ceuk Sakadang Monyt, ngomongna teu bnts,
lantaran biwirna rapet ku geutah nangka. Sakadang Kuya teu nmbalan.
Ari rt Sakadang Monyt ningali ka handap, katmbong Sakadang Kuya keur ngalimed
ba ngadaharan nangka asak. Karonng jeung seungit deuih. Malah nangka th ampir bak,
tinggal jaramina jeung sikina anu balatak di sabudeureunana.
Sakadang Monyt kacida kagtna. Geus teg ba boga rasa yn manhna geus
kabelejog ku Sakadang Kuya. Buru-buru manhna tuturubun nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.
Emh, Sakadang Kuya mah teungteuingeun, nangka asak didahar ku sorangan, ceuk
Sakadang Monyt.
Apan ieu og pamr ti Sakadang Monyt, da uing mah teu bisa nak, tmbal
Sakadang Kuya.
Cing atuh uing ngasaan nangka asak, da anu didahar ku uing mah nangka atah!
Tah, aya sanyamplung deui! ceuk Sakadang Kuya.
Nangka anu sanyamplung th dicokot ku Sakadang Monyt, tuluy didahar. Enya w
ngeunah, amis kareueut. Sakadang Monyt gantung teureuyeun. Mnta deui ka Sakadang Kuya,
puguh da geus bak.
Sakadang Kuya mah kawas lain jeung sohib ba! ceuk Sakadang Monyt bari
jamedud. Tuluy lumpat, trkl nak kana tatangkalan, indit ninggalkeun Sakadang Kuya.
Sakadang Monyt th pundung tayohna mah.
Sanggeus kitu mah, Sakadang Kuya og balik deui ka tempat asalna. Leumpangna
beuki ngaddod ba, lantaran beuteungna seubeuh teuing ku nangka.
"Si udin tukang nyieunan bandring"
Sebut weh ngarana si udin, umur 36 tahun, ka reseupna nyienan bandring da lantaran manehna
osok ngabandringan manuk di lemburna teh.

Tapi ema na.. Hayang buru-buru ningali si udin teh geura kawin, lantaran ningali umur si udin teh tos
mulai kolot. Dina hiji wangsa, si udin jeung ema na teh keur ngararobrol di hareupen imahna, nah
kieu caritana:
Ema : " Din umur maneh teh geus kolot, maneh arek iraha kawin?! "
Udin : " Enya, engke ma..! " ( Bari ngomean bandring)
Ema : " Ih ari maneh mah engke, engke wae! Iraha din? Ema teh tos hayang boga incu!!! "
Udin : " Engke ma! " (Jongjon bari ngoprek keneh bandring)
Ema : " Maneh emang nyaho din carana kawin teh? " (Ngahareupkeun si udin bisa)
Udin : " Deh.. gampang ma! Piraku udin teu nyaho mah.."
Ema : " Coba atuh cing kumaha carana..?! "
Udin : " Kieu ma, kahiji.. Buka bajuna.."
Ema : " Terus?"

Udin : " Kadua.. buka calanana. "


Ema : " Terus.. terus..?" (Bari panasaran)
Udin : " Ka tilu.. pas tos ka tingali cangcut na, terus di... euh???"
Ema : " Bisa gening maneh din, terus dikumaha keun terakhirna???"
Udin : " Enya, bisa atuh ma! terus... Di cabak hela ma.."
Ema : " Terus..din !" (Bari seura-seuri)
Udin : " Tah geus kitu, di buka.. Urang jieun bandring weh ma cangcutna teh!!"
Ema : " Goblog siah..!! budak teh ngagawean aing!"
Udin : " Hehee..!!!" (Bari cengar-cengir siga teu boga dosa).

Nah mungkin sakitu wae hala kanggo Carita pondok (carpon) bahasa sunda lucuna, ke urang
terusken dei lah caritana. Kumaha lucu henteu? Nah, mudah-mudahan dulur-dulur bisa kahibur ku
ayana carita pendek sunda lucu diluhur. Nuhun ah.. Permios..!

Anda mungkin juga menyukai