Anda di halaman 1dari 2

SASAKALA CI’KAO

Ka catur ka caritakeun di belah kaler taneh pasundan aya hiji lalaki nungarana jaka
purta. Jaka purta teh ka asup hiji lalaki langit lalanang jagad sakti manggulang
mangguling. Taina oge teuterak di gegel anjing. Jaka purta teh keurneangan adina
nungarana nyi arum. Sing horeng nyiarum teh rek dikawin keun jeung ci kao hiji lalaki
katurunan cina macau nu kasep nu hirup hayang beunghar ku jalan usaha anu salah
anjeuna muja ka Ratu Siluman Hileud.
Gancangna carita nyiarum jeung ci kao geus di rapalan ku leube nandakeun manehna
geus sah jadi salaki pamajikan. Waktu geus nincak kapeuting kadenge sora nyi arum
panganten anyar, keur ocon silih cabak silih toel bangun anu bungah pisan ka
tingalna kitu deui Ci kao salakina. Dina peuting eta ci kao hayang nunjukan kanu jadi
pamajikannana yen maneh na teh ka asup hiji lalaki pajantan tangguh. Ngan pas rek
narima pambuktian ti cikau sabagai pajantan tangguh Nyi Arum reuwassss ningali
cikau salakina nu tadina sakitu kasepna geus salin jinis jadi hileud nu sakitu gedena.
Nyi arum ngajeurit menta tulung ka nu jadi lanceukna. Kang jaka …akang tulungan
aya hileud…… hileud Kasurr.. gedee.. gedee pisan akaang. . Duhhh… akang teu
kuattt…. tingali hileud teh salain gede, buluna meuni loba kieu matak getek jeung lalinu
kieu karasana akang. {Koreal…koreal eta hileud ngagarayang awak nyi arum]. Leup
eta hileud neleg awak nyiarum. Saeutik saeutik leup deui eta hileud neleg awakna
nyiarum.. { lagu : kang… kang tulungan aya nu kakarayapan geus neupi kana
cangkeng. Kang…tulungan aya nu kakarayapan geus neupi kana dada}
Dina sesa sesa tanagana nyiarum ngajeurit deui menta tulung kanu jadi lanceuk na.
kang jakaa…akang tulungan ayeuna mah geus asup sapotooong. Sora nyi arum
kadenge kunu jadi lanceukna . Naon nu geus asup sapotong teh rum ? ceuk jaka purta
bari lumpat nga belesat ngudag asal sora, ngan ukur sajorelat manehna geus aya di jero
kamar nyi arum, katingali ku maneh na adina geus asup sapotong kana jero beuteung
eta hileud.
Tong sabat kaniayaya siah wani wani ngarohala adi aing………aing nu di
sanghareupana ceuk jaka purta bari nalapung eta hileud neupi ka meucleung ragrag ka
walungan, tuluy jaka hiber newak awak nyi arum anu mecleng tina jero beuteung eta
hileud.
Tuluy jaka purta ngahajaran eta hileud. Jegerrr….jegerrr jegerr . keur di hajaran
teeh pamiarsa eta hileud saeutik….sautik salin jinis deui jadi cikao salaki nyi arum…
Ningali kitu nyi arum tuluy lumpat ngajewang lanceukna. Eunggeuss…eunggeus kang
kitu kitu ge salaki kuring. Ceuk nyi arum bari ceurik teu ereun ereun nyeng ceurikan
layon salakina. Bari ngagerentes di jero hatena. Kang….kang Cikao teung teuingenn
akang…… nu bener mah muja teh sanes ka siluman akannng …. nu bener mah muja
teh kudu ka gustiiii…….allah.
Tah ceuk ujaring carita tempat paehna siluman hileud teh katelahna jadi cikao. Ari
cai panon nyiarum nu ceurik teu ereun ereun nyeng cerikan layon salakina geus jadi
walungan citarum , ari jaka purta mibanda arti sorangan jajaka asal purwakarta, tah
ku kituna mun hideup ulin ka purwakarta bakal manggihan hiji tempat cikao jeung
citarum.

Anda mungkin juga menyukai