Anda di halaman 1dari 7

Rajah :

astagfirulloh hal adzim


astagfirulloh hal adzim
astagfirulloh hal adzim
astagfirulloh hal adzim
opat puluh kali

astagfirulloh hal adzim

bul kukus nurun ka manggung

ka manggung ka sang rumuhun


ka batara ka batari
ka batara neda suka
ka batari neda suci
ka nu agung neda maap

kuring rek diajar ngidung


nya ngidung carita pantun
ngahudang dongeng baheula
lulurung tujuh ngabandung
kadalapan keur disorang

bok bilik nerus nurutus


bok bilik narajang alas
palias nerus nurutus
palias narajang alas

neda agung cukup lumur


neja jembar pangampura
ka sakur para lelembut
ka sakur para dedemit
ka sadaya neda pangampura

nyanggakeun pangabakti

babakti ka nu jauh
babakti ka nu deukeut

ka sakur para karuhun


ka sakur para raja
nu kacatur dina galur
nu kakocap na carita
bisi kasebat namina
bisi salah ngadongengna
bisi salah nyaritana
teu cocok jeung saenyana
kula neda pangampura

hung ahung
hung ahung
ka nu linuhung di manggung
ka anu murba wisesa
nu ngawasa bumi alam
kula nyanggakeun pangbakti

urang gancangkeun carita


kocapkeun aya nagara
kacluk ka awun-awun
ka koncara mancanagara
nyaeta nagara Pajajaran
nagara sugih mukti
nagara aman santosa
sepi paling towong rampog
murah sandang murah pangan

ari anu jadi ratu

papayung nagara Pajajaran


jujuluk Prabu Siliwangi
ratu agung beurat beunghar
menak pete sing ratu rembesing kusuma
anu luhung budina
gede wibawana
ratu adil palamarta

ratu kagungan garwa teuing ku seueul


diantawisna anu jenengan Nyi Mas Padmawati
nu geulis kawanti-wanti endah kabina-bina
ratu asih kacida
tapi prameswari sejen aya nu sirik

teu weleh cemburuan jeung goreng hate


sarta neangan akal

sangkan Nyi Mas Padmawati nemahan pati

dina hiji dinten

Nyi Mas Padmawati unjukan ka ratu


yen mantena parantos ngimpen
ningali jimat dilangit
anu nelah Lalayang Salaka Domas
milikna Guriang Tujuh

Narasi :
bubuka ieu carita
baheula behditueun baheula
dongeng didongengkeun deui
carita dicaritakeun deui

ti aki pindah ka bapa


ti bapa pindah ka anak
ti anak pindah ka incu
kitu jeung kitu bae tug ka kiwari

sakapeung jadi manjangan


sakapeung jadi mondokan
ditambahan dikurangan
disusurup sangkan payus
dipapaes sangkan beres
direumbeuy ku basa heureuy
diselapan ku puisi loka
kaselang jadi carita

urang gancangkeun carita


kocapkeun aya nagara
kacluk ka awun-awun
ka koncara mancanagara
nyaeta nagara Pajajaran
nagara sugih mukti
nagara aman santosa
sepi paling towong rampog
murah sandang murah pangan

ari anu jadi ratu

papayung nagara Pajajaran


jujuluk Prabu Siliwangi
ratu agung beurat beunghar
menak pete sing ratu rembesing kusuma
anu luhung budina
gede wibawana
ratu adil palamarta

ratu kagungan garwa teuing ku seueul


diantawisna anu jenengan Nyi Mas Padmawati
nu geulis kawanti-wanti endah kabina-bina
ratu asih kacida

tapi prameswari sejen aya nu sirik

teu weleh cemburuan jeung goreng hate


sarta neangan akal

sangkan Nyi Mas Padmawati nemahan pati

dina hiji dinten

Nyi Mas Padmawati unjukan ka ratu


yen mantena parantos ngimpen
ningali jimat dilangit
anu nelah Lalayang Salaka Domas
milikna Guriang Tujuh

Dialog :

dina salebet di ngimpen


anjeuna ngadangu aya suara eces pisan
“sing saha anu miboga eta jimat
bakal bagja turta jaya
sarta bisa dipake tumbal paripih
pek geura bareunangkeun….
pek geura bareunangkeun….”

Monolog :

barang ratu ngadangu


kasauran sang prameswari
anjeuna ngaraos heran
tapi percaya sarta kataji

lajeng nyalauran para putra


para ponggawa jeung mantri
miwarang milarian eta jimat
anu nelah Lalayang Salaka Domas
mun kapanggih gancang bawa

tapi sarerea heran sarerea bingung


teu aya saurang ge nu sanggup ngabuktoskeun
maranehna sareuri bari jeung silih rered
ah impian mah impian asa teu kudu digugu, ceunah….
langkung sae Nyi Mas Padmawati we sina neangan sorangan, ceunah….

kumargi raja kacida palai nami boga


lajeng Nyi Mas Padmawati kedah ngabuktoskeun
milari eta jimat keur raja
mun teu buktos bakal dihukum pati
sabab geus bohong ka nu jadi raja

atuh Nyimas Padmawati nangis ngaruk


bingung kasaha nya menta tulung
lajeng anjeuna emut ka nu janten putra
anu jenengan raden Mundinglaya Dikusumah
sugan sanggup ngabela nu jadi indung
lajeng bae Nyimas Padmawati nyaur lengser
Uwa lengser,

eh ieu uwa kaula nun


nuhun Uwa, kuring rek neda pitulung
pangangkirkeun anak kuring raden Mundinglaya Dikusumah,
hehe unjuk sumangga dunungan,
caritakeun ku andika sakumaha anu didawuhkeun ku ratu ka kuring,
hehehehe unjuk sumangga dunungan,
pangbejakeun kuring rek menta tulung
pangneangankeun jimat lalayang Salaka Domas
mun kapanggih kasik haturkeun ka ratu,
eh. unjuk sumangga. amit Uwa bade miang,
geura Uwa masing hasil maksud

berebet Uwa lengser lumpat tarikna kabina-bina


tarik batan mimis bedil gancang batan kuda lumpat

kocapkeun di hiji tempat


raden Mundinglaya Dikusumah
nuju calik bari jeung suka bungah
anjeuna teh hiji satriya nu utama
satia ka nagara jeung ibu rama

lengser teu lami anjog kadinya


bari eungap-eungapan bakating ku cape
sampura sun agan ieu Uwa nun,
eh bagea Uwa. mangga calik,
haturan agan haturan,
bagea uwa. aya naon siga nu rusuh,
e leres agan
uwa datang mawa beja. uwa diutus ku tuang ibu,
aya nu penting uwa? coba kuring bejaan,
e langkung ti penting agan. tuang ibu parantos ngimpen ningali jimat
anu nelah Lalayang Salaka Domas di langit
kumargi teu aya anu sangem ngabuktoskeun
nya tuang ibu kedah milarian
mun teu buktos bakal dihukum pati,
aduh aduh aduh aduh
atuh etamah bangga kacida Uwa
tapi keun bae. kaula bakal usaha ngabela nu jadi indung,
unjukeun,
keun etamah bagean kuring,
aduh nuhun agan. nuhun. tetela anjeun teh lalaki langit lalanang jagat.
mangga atuh urang enggal-enggal miang. tuang ibu parantos ngantos di karaton.
enggalna, raden Mundinglaya Dikusumah angkat
diiring ku lengser angkat muru karaton

indit tina pangcalikan, indit tina pangcalikan


lugay tina patempatan

adat menak, budi ludeung


ludeungnateh bari jeung teuneung, bari jeung teuneung

diiring ku Uwa lengser


leumpang bari heheotan, da heheotan
daun caringin nyalingray
katiup ku heot lengser, ku heot lengser

Anda mungkin juga menyukai