Anda di halaman 1dari 3

Sampurasuuuuun

Bapa Dewan Juri anu ku sim abdi dipihormat


Rerencangan patandang dongeng sunda anu sami bakal masanggiri, anu ku sim abdi dipiasih

Wasta abdi ALYA patandang nomer undian 12,dina danget ieu bade ngaguar hiji carita
SASAKALA BATU KINYANG CIMERANG. Dina raraga pasanggiri dongeng sunda nu di
luluguan ku Dinas Pedidikan Kecamatan Cimanggu dina acara PESTIVAL TUNAS
BAHASA.
Cimerang,.......hiji lembur anu dumukna diantara kota Sukabumi sareng sagaranten, di eta
lembur teh kasohor seu’eur pisan batu nu rupina herang nu sok dijadikeun rupi-rupi hiasan
kayaning batu ali,gagantel,hiasan pinggel,mata kurabu,sareng hiasan nu sanesna.
Kieu sasakala na teh.............
Ehm.........ehm...........
Nagara Geger Witung di pupuhuan ku hiji Raja anu kalintang dipikaajrihna ku sakumna
rahayat,margi eta Raja kasohor ku handap asorna,kawentar ku ka nyaahna,kaceluk ka awun-
awun,estuning mikaasih kanu leutik ,mikanyaah ka balarea,tara aya istilah cueut kanu
hideung ponteng kanu koneng,estuning pikayungyuneun pisan.Raja Geger Witung
ngagaduhan putri anu ngan hiji-hijina .Ari eta Putri Raja anu geulis campernik,namina Nyi
Putri Laras Pandan Layung.
Dina hiji waktos , Raja nyaur kanu janten putrina.Langgeor nyi putri madep kanu janten
ramana....sampoyong bru tapak deku,bangun kacida ajrihna........
Sembah sungkem Rama Raja,aya pikersaeun naon kaulanun rama Raja asa rareuwas
sisinanteneun rama nyaur abdi............
Pok Raja ngandika..he..he...he ditampi ku Rama geulis .....tong reuwas ...ama nyaur hidep
teh asa tos sono we,tos lawas ama teu macangkrama jeung hidep.
Nyi putri sasauran deui bari anggeur ngeluk bangun beuki ajrih........bilih we ama aya
tataperyoga putri,anu kirang luyu sareng mamanahan rama.abdi pasrah nyanggakaeun
tihandap sausap dampal siluhur saujung rambut.
Gancangna carita....Saminggu si sa prak Raja nyaur nyi putri tea.Aya hiji kajadian anu teu
disangka-sangka,munguhing kersaning yang Widi,takdir nu bisa dipungkir.....katengtreman
nu salami ieu jadi ciri eta Nagara Geger Witung, sakedet netra jadi robah......ari anu jadi
sabab,waktos harita karajaan Pajajaran jeung sadaya wilayah anu jadi kakawasaanana di
obrak abrik diserang musuh bubuyutana anu aya dipalih wetaneun karajaan Pajajaran.
Raja,patih,mantri, sareng sadayana pangeusi eta karajaan ampir sadaya perlaya......mung aya
hiji wanoja anu harita keur ngayonan musuh di alun-alun palih kulon anu masih keneh
salamet... sihoreng eta wanoja teh putri Raja anu katelah Putri Laras Pandan Layung.
Gancangna carita.............bral nyi Putri Laras Pandan Layung angkat mapay-mapay jalan
satapak,bari teu puguh nu di jugjug,da curug cimerang nu sakumaha wangsit tadi oge
anjeuna teu terang dimana lebah –llebahna ....antukna anjeuna sakatamrang-tamrang
estuning nuturkeun indung suku lain beja,turun gunung unggah gunung,mipir-mipir
pasir,mapay-mapay alas nyorang lengkob,ngasruk leuweung geledegan,nu jadi harepan
sugan jeung sugan hiji waktu nepi ka patapaan Ki Resi Girang Madenda.
“ Sampurasuuuun......nyi putri uluk salam
“ Rampes.....aya aki-aki nembalan bari bray beunta terus ngudar sila malik mayun ka nyi
putri “ Calik geulis,tos lami eyang ngantos hidep.....Eyang teh meunang wangsit,yen bakal
aya teureuh putri ti Geger witung nu bakal datang ka patapaan eyang.
Dupi Eyang teh leres Eyang teh leres Resi Girang Madinda tea,saur nyi putri bangun anu teu
yakin. Eta aki-aki bangun nu surti kana kamelang nyi Putri. Pok anjeuna sasauran deui bari
gumujeng he he he.....tong mangmang geulis,hidep teu salah,nya eyang anu katelah Resi
Girang Madenda teh , Eyang tos terang kana sadaya anu karandapan ku hidep jeung karajaan
hidep.
Saparantos ngaraos yakin yen nyi Putri teh teu lepat jalmi,antukna ngobrol ngalor ngidul
sagala ditaroskeun,bari ditungtungan ku ku piwejang ti Eyang Resi anu matak
ngaleuleuskeun kana manah nyi Putri.
Dina ahir piwejangna Eyang Resi Girang Madenda sasauran “ Nyai geulis Putri laras Pandan
Layung, ayeuna geus cunduk kana waktuna,nitih kana wancina,nincak kana mangsana hidep
kudu ngahijikeun hate jeung pikiran .....hidep kudu tatapa manjatkeun doa kanu
kawasa ,geura beresihkeun hate ,tuh tempatna dina batu anu damprak tur rubak nu
muncunghul ,ayana di tengah cai anu ngajumleng handapeun curug Cimerang.
Tah sakitu nu kapihatur.....Sasakala Batu kinyang Cimerang.
Cag urang tunda di hanjuang siang,geusan alaeun............
Sampurasuuuun

Anda mungkin juga menyukai