Anda di halaman 1dari 8

WAWACAN RENGGANIS

Oleh : R.H. Abdussalam (Dep P&K)

Pupuh Asmarandana8

Kacatur sahiji nagri, ngaran nagri Jamin erak, rajana tilar kadaton, anu matak luluasan, tina
bawaning tresna, sungkawa manah kalangkung, ku sabab pupus garwana Jeung Kagungan putra
istri, sahiji didama dama, tegesna langung dienod, Rengganis jenenganana, kalangkung matak
welas, rehing katilar ku ibu, tambah sumpeg manah rama.

Rengganis sedeng birahi, henteu acan carogean, baleg dek sengserang panon, jadi tambah
tambah welas, rama ningal ka putra, ku bawaning sumpeg kalbu raja nilar kawibawan. Rupana
kalangkung wingit mulus luis salirana, panceg pasipatan panon, capetang bisa bicara, dangah
wani ka tengah, imutna jadi pangirut, istri istri kaedanan jeung deui Dewi Rengganis, disebut
Kusumah Rara, tegesna rara awewe reujeung deui sok katelah, Nyaimas Argapura, sarta sakti
bisa ngapung, bisa ngambah ngambah mega istri surti sarta sakti, teu memper memper manusa,
Rengganis yen barang gawe, nyeples cara gagawean, Jin yen karajinan, Rengganis stu pinunjul,
bangsa manusa kajinan

Nu matak Retna Rengganis, teu aya nu mapakan, geulisna sarta kasakten, tamplok kabeh ti
ramana, karosan kadigjayaan, tuhu titih misah musuh, wanter jeung pinter aturan Ngider di
sakolong langit, di satangkaraking lemah, asa moal manggi bae, nu jiga Kususmah Rara, bagja nu
ngabogaan, jodo ka Sang Ratna Ayu, kusumah ing Argapura

Hiji mangsa Nyi Rengganis, disauran ku ramana, di payuneun rama mando, sarta hade panatana,
lajeng Raja Pandita, nyaur sarta manis mulut, "Aduh enung anak ama. Ama dek nanya ka Nayi,
Nyai teh entas timana, sajero ning tilu poe, Nyai teh bet undur datang, pulang anting ka mana,
ulah sok nyaba teu puguh, naha naon nu diteang. Reujeung deui eta Nyai, bet mawa kemban
timana, sumarsana jeung urgelo, jeung kembang naga puspita, alus matak kabita, reujeung
kembang tunjung tutur, timana Nyai nya meunang. Tapi ku ama ditaksi, eta nu kagungan
kembang, moal jalma jore jore, taksiran kagungan raja, ningal rupaning kembang, sumarsana
tunjung tutur, pantes kembang kalangenan. Cik gera bejakeun Nyai, ka ama nu saterangna'"

Retna Rengganis ngawalon, "Sumuhun pariksa rama, jisim kuring teh nyaba, patamanan anu
dijugjug, seja kuring ngadon siram. Caina kalangkung wening, dia jero patamanan, resep ningal
sai cfur cor, caina lunyu jeung herang, ngadon mandi di dinya, sim kuring pikir kapincut, endah
lir taman sawarga. Katelah Banjaran Sari, tegesna teh kebon kemban, nu kagungan eta kebon,
Rahaden Iman Suwangsa, sangputra Raja Arab, tapi kuring tacan wawuh, tacan uninga rupina".
Raja pandita ngalahir, kaget sarta nepak dada, "naha enung ku nahaon, sababna maneh nu
matak, wani wani ka dinya, ganggu kagungan ratu, lain sasama maneh. Ama mah inggis ku bisi
Nyai teh dikaniaya, diwirang wirang kantung goreng, masih mun teu kanyahoan."

Matur Kusumah Rara ," sugan moal dumeh ratu, murba teu mariksa heula. Sareng sim kuring
teu ajrih, perang tanding kadigjayaan, jeung Raden Dipati Anom, dumeh awese kuring mah,
disangka moal tahan."

Cek Pandita, "Sok amberung, dengekeun omongan ama. Sarta regepkeun ku Nyai, ama arek
cacarita, sanajan rea dui ge, putrana Bagenda Hamzah, anging Iman Suwangsa, digadang
jumeneng ratu, sabab terusing kusumah. Ibuna perjurit sakti, Putri Kelan Kelaswara, jadi janget
kina telon, ibu padmi rama raja, sarta didama dama, anu ngasuh oge ratu urang Halab Raja
Maktal. Jeung deui putra kakasih, sarta enggeus beurat beunghar, geus ngadamel kadipaten,
sarta jeung anyaran nikah, pangereremokeun rama, nu matak ama palaur, reuwas rempan ku
manehna. Raden Dewi Sulasikin, jenengan garwa Suwangsa, anging tacan sapatemon, eta putra
Jamin toran, nu matak ama melang, kuma onam putra ratu, kuma lamun kauninga. Meunggeus
ulah deui deui, ngalaan kembang kagungan cua manah menak gede, meugeus bae ayeuna mah,
bisi maneh dirampas, temahna tangtu kabitur, yen maneh sok ngala kembang. Nu matak ulah
dek wani, ganggu ka kagungan raja, lamun nyai tacan nyaho, nu jenengan Sultan Arab terusing
waliyullah, upama manahna bendu, geus tangtu matak katulah."

Imut Nyai Rengganis, ngadangu piwuruk rama, cicing bae teu ngawalon, semu resep ka
piwulang, tapi dina manah mah, papahare jeung piwuruk, da resep ka kebon kembang.
Rengganis sok maling, ana dek nyaba ka taman, ku rama sieun katangen, teu aya pisan baturna,
taya anu maturan, sigeg heula teu kacatur, nu aya di Arga Pura.

Ganti anu dicatur deui, enya eta Raja Putra, nu di Karang Kadipaten, Rahaden Iman mSuwangsa,
linggihna di mandapa, parekan kumpul ngariung, kabeh sami ngadeuheusanGanti nu dicatur
deui, enya eta Raja Putra nu ki Karang Kadipaten, Rahaden Iman Suwangsa, linggihna di
mandapa parekan kumpul ngariung, kabeh sami ngadeuheusan. Raden Suwangsa sayakti tacan
salulut jeung garwa salamina papanganten, pasaur oge teu acan, sadaya emban emban milu
suahna kalangkung kusabab juragan pista.

Kabeh sedih kingkin kacida ngantosanana, kana saena panganten jengkel tacan kalagian, upama
nu ngantosan lir bulan ragrag ti luhur, kitu upama keselna. Warna warna para nyai anu
ngomongkeun juragan kusabab teu acan sae, warna warna ngarupatna, sawareh basa jawa,
kapan baya Gusti ningsun, jijimanah ingkang garwa. Sajeroning tujuh peuting, Rahaden Iman
Suwangsa, anggung gawe bendu bae, manahna rea kacua, tina lantarang kembang unggal poe
tangtu mundut, kembang keur anggoeunana.
Ka sakabeh para nyai, emban baku tukang kembang, nu purah metik ti kebon, ari di mangsa
harita pareng katitiwasan kapalingan tunjung tutur, suker pikiran juru sekar. Teu harti jalan nu
maling, bisa asup ka jero taman, kapan lawang ngunci keneh, saha bae manusana, wani
ngambah larangan tayoh enggeus bosen hirup, mun kapanggih dipaehan. Kabeh enggeus
baradami, para nyai jurusekar, geus datang ka Kadipaten, henteu ngantos dipariksa, lajeng bae
unjukan, kapalingan tunjung tutur, sami ruksak pepetetan.

Sanggeusing ngadangu warti, Rahaden Iman Suwangsa, ngarengkol bawaning jengkel, sedih
kapalingan kembang raos dicaluntangan, tapi teu katawis bendu, disimpen di jero manah. Geus
kitu jengkar ti bumi, angkat ka Banjaransekar, saabdina turut kabeh upacara nu ti heula, emban
dangdan maridang, panggona hurung mancur, disawur ku paningkahna. Kacaturkeun enggeus
sumping, Raden Arya Narpatmaja lumebet ka jero kebon, anging henteu nyandak rencang,
kabeh kantun di lawang, ditimbalan tunggu tunggu, tuguran ku sarerea.

Raden Suwangsa lastari, ngaronda ka patamanan ditingal yen ruksak kabeh, peta peta
pepetetan, lajeng angkat ka wetan, ningal kembang naga santun, nguriling di patamanan.
Papageran tamansari, beres aturan sayuran, pepelakan pepek kabeh teu disebut sakabehna,
warnaning patamanan, jambe cengkir candana rum, kapol pala palawija. Kaciri urut nu maling,
barusik ruksak kacida, sarta geus dijajah kabeh, anu resik jadi ruksak, urut dikurusukan, tapi teu
burung kayungyun ningal peta pepetetan. Sakur sekar nu laleutik sami ngangsar kana lemah
jeung dina jambangan kabeh, ergulo jeung sumarsana, ngajajar kembang pacar, pacar cina
keling kuku, sakabeh dina jambangan. Gedah wungu, gedah putih, gedah beureum jeung
kasumba, sawareh ku gedah hejo, beunang ngadamel ngahaja, wantuning putra raja, Raden
Repatmaja maju, angkat ka tempat jambngan.

Kacatur Rengganis siram, geus disalin ku cawening, sutra ipis patelesan, sarta ngirab ngirab
weni, mawur gambir malati kembang layu dina gelung, rambutna patah lontar, panjang nepi
kana bitis, lulus lui teu aya huis salambar. Kacatur Rengganis siram Kusumah Rara Rengganis,
mesek ngosokan salira, sarta nganggo sabun wangi, ambrih wuwuh beresih, saban siram tara
rusuh, tumaninah kacida, ditingali ku nu ngintip, bitis tembong ngagebray cara parada.

Rengganis henteu uninga, yen Raden Suwangsa ngintip, tumaninah bae siram, ngaruru saluar
diri, siga emas disangling, salira anu ngaruru, siram di jero taman, babasah sutra cawening, yen
ditingal siga henteu nganggo sinjang. Rahaden Iman Suwangsa mingkin temen bae ngintip
socana kumedep tasma, teu pisan ngiceup saeutik, jeung pareng teu beresin, ambekan oge
dipegung, napas henteu dilepas, nyaur salebeting galih, boa ieu anu sok malingan kembang.
Rahaden Iman Suwangsa mingkin temen bae ngintip socana kumedep tasma, teu pisan ngiceup
saeutik, jeung pareng teu beresin, ambekan oge dipegung, napas henteu dilepas, nyaur
salebeting galih, boa ieu nu sok malingan kembang. Ayeuna mah kanyahoan tangtuna matak
balai lamun lumpat dek diudag dicerek sanajan ceurik, tayoh geus jadi carik, curuk metik
tunjung tutur, rupana geulis pisan, saumur kakara manggih, geus kagendam Suwangsa ku
kageulisan.

Nyaur deui dina manah, palangsiang jin iperi, henteu aya kalangkangan, henteu kajudi ku ati
lamun jalma istuning tmana jalma asup, henteu puguh datangna, lawang masih keneh ngunci,
jeung dijaga dilawang ku gulang gulang. Ku Suwangsa geus kamanah, ieu teh lantaran kami paeh
ku awewe eta, mun henteu kalakon panggih, sapoe tujuh kali, tangtu diri kami pupus sanajan
wurung hilang, moal burung diri kami kaedanan moal beunang diubaran.

saenggeus reres siramna, Kusumah Rara Rengganis hanjat sarta salin sinjang limar peremas
raspati, raksukan sutra kuning wuwuh lucuk matak wuyung, jeung pantes paningkahna santeb
leleb andalemi, jeung panganggo murub mubyar diperemas. Panganggo Kusumah Rara kabeh
yasana pribadi, kekemben sinjang peremas, wantuning istri binangkit, Retna Dewi Rengganis
salira miyuni santun, panangan nganggo geulang, emas kolot anting anting, cucuk konde inten
mirah berlian.

wangina tanpa gagandan, wantuning bawa ngajadi, lain minyak lain kembang, wangi bijil ti
jasmani, nu matak Nyi Renggans disebut miyuni santun, santen kabina bina raspaati mumulet
ati salawasna Rengganis matak kabita. Rengganis lamun lumampah, taya nu bosen ningali
satingkah tingkah lampahna, saparipolahna wingit, lengkah Ratna Rengganis gandrung
gandrung matak nguyung, sinjangna nyapu lemah wuwuh matak tambah geulis, salampahna
Rengganis ngan matak bingbang.

Kersana dek metik kembang Kusumah Rara Rengganis kembang nu dilarang tea, sakur sekar nu
sareungit nu larangan istuning, enya eta tunjung tutur jeung kembang sumarsana, enggeus top
Retna Rengganis metik kembang sarta lajeng diambungan. Rahaden Iman Suwangsa nyaur dina
sajeroning galih, sidik yen ieu jalmana, nu maling puspitasari. Retna Dewi Rengganis eukeur
metik tunjung tutur, Raden Iman Suwangsa alon lungsur tina katil, ngedeukeutan ka Rengganis
di pungkurna. Rengganis keur bongoh pisan cara lampahna sasari suka suka milih kembang
nganteur sakarep ati,

Digeretak Rengganis, digebah ditunjuk tunjuk ku Raden Narpatmaja, tapi bari mesem manis,
"nyeta ie anu sok malingan kembang".

Rengganis kaget kacida, reuwas sarta semu isin, barang geus patingal tingal, lir kilat barung lan
tatit, hartosna geus sapikir, duanana ngandung semu, anging Rara Kusumah, wantu wantu
watek istri paribasa kerak pacampur jeung hayam, nyaur dina manahna Kusumah Retna
Rengganis "Tangtu ieu nu kagungan, saeusining tamansari, kasepna pilih tanding, estu pameget
pinunjul , mider ing rat buana, neangan teu sanggup manggih" bari emok Rengganis handapeun
kembang. Nya bener piwuruk ama, sakecap teu pisan sisip, ayeuna enggeus karasa, pinanggih
ku diri kami, jeung kajudi ku ati, nu kagungan sanget bendu, moal meunang sumingkah,
tanwande manggih balai, lara wirang ayeuna tangtu kasorang.

Cara ngagebah ka budak, si jenet ku matak sedih dumeh dumeh putra raja, matak reuwas teuing
pikir, ngagebah bari seuri, eukeur metik kembang tunjung tutur, kembang datang ka murag.
sibeler kandar ka sisi, abong kena ku kasep diugung pisan. Nagilir Iman Suwangsa, seja megatan
Rengganis, Kusumah Ing Argapura, resep pabaur jeung isin, Raden mandeng ningali, Retna
Rengganis tumungkul ngawatek kinasihan jeung sagala isim isim.

Lajeng Raden Iman Suwangsa mariksa. "Eneng nu timana? asa kakara papanggih, saha
jenengan Nyai?reujeung timana nya lembur? nyai teh putra saha?".

Ngawalon Retna Rengganis, mutuh lucu paningkah nu ngawalonan. Capetang jeung rada
centang, goyang dua antingna pokna," Sumuhun pariksa, sayaktosna jisim kuring istuning urang
sisi, imah lembur luhur gunung, patapan Argapura, Rengganis ngaran sim kuring, bapa kuring
katelah Raja Pandita."

Nyaur Raden Narpatmaja," Eh nyai Ratna Rengganis, maneh kumaha sababna wani ngambah
taman sari? jeung leuwih kumawani ngala kembang tunjung tutur, saha anu marentah?"

Ngawalon Retna Rengganis," Henteu aya ka sim kuring nu marentah. Kuring ngambah
patamanan seja sim kuring pribadi, metikan kembang kagungan, pon seja kuring pribadi, ayeuna
jisimm kuring nyanggakeun badan sakujur."

Nyaur Iman Suwangsa,"Maneh keuna hukum pati, tina sabab maneh teh nyorang larangan."

Lajeng Nyimas Argapura lambeyna imut saeutik. Raden Arya Narpatmaja diimutan ku
Rengganis, manahna langkung manis, raos kagunturan madu teu aya papadanana, yen diimutan
nu geulis, Narpatmaja micara di jero hate,"Rasa kami saayeuna, lamun ditinggalkeun balik, ku
ieu Nyi Argapura, gues tangtu kami teh gering, jeung moal cageur deui, kadangkala pondok
umur, geus karasa ayeuna, dibere imut saeutik, pikir kami lumenyap dek kapaehan."

Lajeung Nyimas Argapura, lambeyna imut saeutik, Raden Arya Narpatmaja diimutan ku
Rengganis manahna langkung manis, raos kagunturan madu teu aya papadana, yen diimutan nu
geulis, Narpatmaja micara di jero manah, “Rasa kami saayeuna, lamun ditingkalkeun balik, ku
ieu Nyi Argapura geus tangtu kami teh gering, jeung moal cageur deui, kadangkala pondok umur
geus karasa ayeuna dibere imut saeutik, pikir kami lumenyap kek kapaehan.”

Unjukan Kusumah Rara sarta bari melas melis, “Sim kuring kenging awisan asup ka Banjaransari
panuhun jisim kuring ngan hampura anu agung, sareng sim kuring moal purun nyaba nyaba deui
kana taman manawi teu jadi tuman. Amung timbangan gamparan, anu diajeng ku sim kuring da
jamak bubuhan menak, ngahampura sareng adil ka sadayana abdi, anu kasiput ku luput,
manawi di ahirna, menggah diri jisim kuring, werat males kasaean ka gamparan. Amung sim
kuring cacadna rea margina katampik lamun ngabdi ka gamparan. Wantu kuring urang sisi sarta
lain sasami, ngangken sobat ka nu agung. Ngan manawi gamparan aya kalunturan galih kersa
ngangken sobat dalit ka pun bapa”.

Ku Suwangsa geus kamanah kabeh pihatur Rengganis. Suwangsa geus samar rasa sarta teu
pegat ningali. Narpatmaja ngalahir, “Sukur sewu lamun enung aya niat ngawula ka nu nista papa
miskin. Lamun enya kumaha bae nya rasa. Palangsiang sambewara omongan Nyai ka kami.
Lawbang panyandet kuda, manawi eneng ngapusi.”

Matur Retna Rengganis, nyembah sarta bari imut ngawalon ku basa jawa jengkel dituding
ngapusi, “Lahir batin Pangeran atur kaula.”

Ngalahir Raden Suwangsa, “Eh Nyai Retna Rengganis, ayeuna urang barempang pasini masing
ngajadi manjing sudara wedi, tegesna asup kadulur, saha anu pantes raka, jeung saha nu pantes
rai.”

Enggal matur sosocaning Argapura, “Manawi sapuk jeung kersa, dupi panuhun sim kuring
gamparan nu kapiraka. Sim kuring nu kapirai.”

Kalangkung rena galih Raden Suwangsa ngarungu pihatur rai anyar, “Daun cau nu geus garing,
kaleresan Nyai kalangkung peryoga. Eneng teh tos carogean?”

Ngawalon Ratna Rengganis, “Sim kuring masih parawan, teu acan gaduh salaki.”

Narpatmaja ngalahir, “Da engkang oge nya kitu, bujang tacan garwaan, lalaki taya kabeuki.”

Lajeung mesem Rengganis leleb kacida. Sarta ngucap jero manah Kusumah Rara Rengganis,
“komo teuin ieu jalma, bohongna mun jadi istri.”Narpatmaja ngalahir, Rengganis diwujuk wujuk
, “Mirah dunungan engkang, cik meuting bae sapetuing!”

Pok ngawalon Rengganis bari ngeletan, “Lah, engkang kuring kumaha?lain ku teu hayang
meuting ngan kuring tacan haturan ka rama di Argapuri, manawi jajaga deui sakersa Engkang
diturut, sim kuring ayeuna mah ngan seja nyuhunkeun widi jeung pangdunga mugi salamet di
jalan. Dek mundur ka Argapura. Manawi widi sim kuring diantos antos ku rama.”

Raden Suwangsa pok deui, “Meuting bae sapeuting, wandoning rama di gunung, montong jadi
karempan da moal enya tingali.” Bari maju Suwangsa dek newak tangan. Dewi Rengganis
peryatna, caringcing teu ngeunah cicing, barang dek ditewak ngejat, sarta ngomong, “Sanggeuk
teuing!” Barang dek ditewak deui, Nyi Rengganis ngapung. Raden Iman suwangsa lajeng rubuh
henteu eling, Narpatmaja kalengerna lila pisan.
Aya watara tilu jam, kakara usik ngalilir, ngahuleng barina tanggah geregetan ku Rengganis,
angin Dewi Rengganis anu jadi buah kalbu. Raden teu kendat kendat ka awang awang ningali
lajeng bae lumebet ka papanggungan. Katingal bae gandangna paningkah Retna Rengganis
kelinga bae imutna, manis sarta kempot pipi. Suwangsa dina katil kana bantal ebog nyuuh jeung
nyusutan cisoca, kemutan ka semah mulih. Narpatmaja manahan kanti kedanan.

Pupuh Kinanti (U-I-A-I-A-I)

Suwangsa teu suwung suwung, mikiran Retna Rengganis, jadi manah salawasna, sarehing ditilar
mulih, teu- beunang di ulah ulah, diandeng mondok sapeuting.

Narpatmaja unggah turun ka panggung ka taneuh deui sarta henteu petot tanggah , ningalan
Dewi Rengganis, suganna katon ngolebat di awang-awang Rengganis. Cat deui bae ka panggung,
Suwangsa kanduhan kingkin, tegesna geus kaleleban, sarta sering ngahariring, nangis bari
sisindiran sumungkem kana guguling. Guguling nu di gugulung dianggo tilam kaeling, kawas
katingal hilang ku nu mulang mentas maling.

Maling kembang tunjung tutur, katuturkeun ku pangliring, lila lila henteu terang, wekasan
Suwangsa gering, gering maneh karungrungan, kuru aking ngajangjawing. Bawaning manahna
kusut, teu kaop pisan kaseuit sewot lamun kasuat. Kesesekan ku kasakit juwet ku Retna Juwita,
tacan wareg silih ciwit. Kitu nu matak nguluwut ka Rengganis enggeus muhit, kagendam cara nu
ngundam dendem demem diri, wekasan jadi sangsara geseh ti adat sasari.

Semua kalangkung alum tina kaleleban galih. Kacatur teu gugah gugah ngaguligah hoyong
panggih, sakapeung sok turun unggah Reungganis sugan kapanggih. Lewang manah jadi liwung,
awang awang nu dilingling sok sering katuralengan, lelembutan geus ngelewing, tegesna raosing
manah, geus aya di Argapuri.

Kayungyun nu nandang wuyung alumna ngahudang wingit, teu aya nu kacipta ngan Rengganis
buah ati, lali ka saliring barang teu aya nu katolih. Di jero panggung mangungkung, keneng
rimang emeng galih, asa ningal kembang-kembang, katembong urutna ngeumbing, kembang nu
dina jambangan, matak wuwuh bingbang galih.

Di handapeun tunjung tutur, Rengganis urutna calik, calik emok teu disamak, hadena keusikna
resik, Suwangsa mendak nalangsa, lalangse geus lingkup deui. Narpatmaja dina bangku, henteu
petot ngahariring, kersa ngalilipur manah, malar paler ka nu mulih, sisindiran, basa jawa, supaya
nambahan rasmi. Puter putih wismeng panggung, Rengganis bendara mami, gelepung pilih
wadana, sesulung kang medal enjing, sataun mangsa lipura, yen durung slilironsih.

Kembang biru mungging kubur, anging ulah pegat asih, Renganis ka diri engkang, bantal dawa
mungging keri, mustika ning pagulingan, ngan Eneng Retna Rengganis. Sing emut saur
kapungkur, kang siti petak kabasmi, sanggup maneh kumawula, buron galak saba kali, Rengganis
pupujan engkang, kapan baya sumping deui.

Gedong kambang mungging laut, kapalang temen Rengganis, sosobatan sareng engkang, bet
wani ninggalkeun mulih, gunung kembar mungging dada, susunanku Nyi Rengganis. Aduh Nyai
patrem sawung, Kang manira puji puji, ing wengi kalayan siang, ngan Eneng Retna Rengganis,
kakayon rineka jalma, mangsa wurung anggoleki.

Aduh yayi sering kalbu, seja engkang nu sayakti, andeg andeg ing ukara, pada temen ulah licik,
ulah cidra ti subaya, Rengganis kapan geus jangji. Naha henteu geura jebul, ngajabel puspitasari,
sarina kudu kabawa, ka patapan Argapuri, kidang desa mungging kandang, dening kang aminda
sasih. Rengganis ratuning ayu, kang etung sanga lan kalih, mugi sing agung kawelas, gegelang
munggin dariji, mun Eneng dek carogean, ka engkang ulah lali. Ulah dek lali sawaktu, Rengganis
ka diri kami, wedus bang kang saba wana, sun kukudang Nyi Rengganis, kalong cilik saba
gedang, sumedot rasaning ati.

Kebo bang kagok ing susu, ku hayang sapisan deui, engkang jeun Eneng patempang, engkang
ngantos ngantos jangji, majah maneh moal lila, kuring meureun balik deui. Enggeus dek
langkung saminggu, henteu acan bae sumping, sugan masih keneh welas, ka nu boga tamansari,
sabarilen saba toya, wong ayu ambibisani.

Umpama eneng geus tangtu, henteu kersa mulih deui, angka ka Banjaransekar, engkangna nu
kantun nyeri, wader bang mawa curiga, kurang tamba lila gering. Daek daek pondok umur, mun
teu dilayad ku Nyai, meureun burung jadi raja, ngaganti jeneng bupati, ngagentosan jeneng
rama, engkang moal awet hurip.

Duh aduh Rengganis Enung, Nyai teh ngawaadung pari, estu Nyai nganiaya, Rengganis ka diri
kami, naha henteu geura datang, ka Banjaransari deui. Engkah teh ngajukut laut, mun Nyai
ayeuna sumping, meureun seger diri engkang, hate moal ngentab teuing, bulan keur surem
sabeulah, moal samagaha pikir.

Henteu aya dua tilu, kajaba ti Nyai Rengganis, anu jadi pikir engkang, sahingga nemahan pati,
engkang sumeja bumela, ngabujang di Argapuri. Gumantung dina jajantung, bulat beulit kana
peujit, sumarambah kana bayah, jadi kulit jadi daging, geus nyayang dina sungsuam, gandesna
Retna Rengganis.

Panjang lamun dipicatur, anu keru kanduhan kingkin, nu matak Kusumah Rara, disebut Retna
Rengganis, tayohna kitu hartina, karengga dening mamanis.

Anda mungkin juga menyukai