Gajah Mada
“Lamun huwus kalah Nuswantara isun amukti palapa, lamun kalah ring gurun, ring Seran,
Tanjung Pura, ring Haru, ring Pahang, Dompo, ring Bali, Sunda, Palembang, Tumasik,
Samana isun amukti palapa”
Hayam Wuruk
Kumaha ceuk paningal sampean paman, lamun kaula ngajadikeun putri Galuh Nyatana Diah
Pitaloka jadi prameswari kaula?
Gajah Mada
Apik, tangtu apik saupami panjenengan nancebkeun paji-panji kajayaan Majapahit di
Nusantara.
Hayam Wuruk
Kula nyaho! Kula Nyaho! Nanjeurna Majapahit teh lantaran jasa Paman. Tapi Paman poma
ulah mawa eta perkara dina mangsa kula rek panggih jeung kabungah.
Gajah Mada
Lamun kitu kahayang panjenengan, ku kaula bakal ditedunan, surat pangdahup ti Majapait
bakal geuwat nepi di wewengkon Sunda. Ngan tong lali Paman kungsi ngedalkeun sumpah
kapan, yen Paman rek reureuh sabada nalukkeun Gurun, Seram, Tanjungpura, Haru Pahan,
Dompo, Bali, Palembang, Tumasik, jeung Sunda!
NARATOR :
Kawali, puseur dayeuh Nagri Sunda, taun 1279 Saka.
Kadaton agung Surawisesa ngadangong agreng, ditiung langit Kawali. Adeg-adeg sarwaning
kai, kolong panggung tihang satangtung. Suhunan julang ngapak entep injuk, diseuseukeut
cula badak, ngadangong ka alun-alun Sanghyang Mayadatar.
Rampak
Sembah kapihatur kaula nun
P. Linggabuana
Katampi, Kaula geus nampa ieu surat pangdahup kersana Hayam Wuruk ti Majapait, kumaha
ceuk paningal salira yayi?
D. Laralinsing
Pami perkara eta tangtos kedah ditakon heula jinisna
Citraresmi
Aya pikersaeun naon manawi ama sareng ambu nyaur simkuring?
P. Linggabuana
Aya nu mikahayang hidep wastana Hayam Wuruk pangawasa Majapait, naha rek nampa
atawa nampik?
NARATOR
Kabingung teu manggih tungtung taya tembal ti sang putri, manahna nimbang ngilo geusan
kahareupna.
NARATOR
Bimbangna manah sang putri dugi ka taman Surawisesa nu endah kacaturna.
Citraresmi
Taman endah surawisesa, kaula nyanghareupan hiji perkara
Surawisesa
Perkara naon eta?
Citraresmi
Panglamarna Hayam Wuruk antara bagja jeung cilaka
Surawisesa
Tangtos Bagja ka salira
Citraresmi
Naha enya?
Surawisesa
Tampa, tampik 3x tampaaa
Citraresmi
Lamun ieu papasten duriat, kaula tangtu narima.
Rampak
Wong Sunda wis teko….! Wong Sunda wis tekoooo….!!! Wong Sunda wis tekooooo….!!!!
P. Linggabuana
Naha kami teu langsung dilawungkeun jeung Bre Majapahit?
Gajah Mada
Bre Majapahit geus masrahkeun ka kaula ngeunaan babadamian jeung panjenengan nu jadi
utusan!
Gajah Mada
Hampura mun kaula samemehna teu ngabejaan heula. Perlu panjenengan nyaho, yen
datangna ratu-ratu sa-Nusantara ka Trowulan, lain rek nyakseni upacara jatukrami, tapi rek
seba, tanda taluk ka Majapahit Raya!
P. Linggabuana
Jadi kahayang dia, Nagri Sunda ge kudu taluk ka Majapahit?
Gajah Mada
Demi Sumpah Amukti Palapa, Sunda kudu ditumpes! Sunda kudu taluk ka Majapahit!
Dagoan di alun-alun Bubat! Dagoan panarajang wadyabalad Majapahit!
NARATOR
Barasat, Prabu Linggabuana mesat pedang pusakana, Gurilapna lir baranyay gelap matak
serab. Ahungna mangprung ka manggung, sumarambah kana sela-sela bayah, mipi-mipir
kamalir getih. Jang-jung wadyabalad Sunda narangtung, mesat pakarang sewang-sewangan.
Citraresmi
Najan pangawak awewe, dia kabeh montong luwa-lewe! Pageuhkeun tangtungan. Geura
cabut patrem-patrem tina gelung. Hayu urang milu maju. Palias rek ngandar jangjang!
Rampak
Ngalinggamanik…!!!! Ngalinggamaniiiiiiik….!!!!!!
NARATOR
Alun-alun Bubat geus dikepung. Bayangkara jeung wadyabalad Majapahit geus ngambreg
ngalingkung sakuriling bungking.Perang geus campuh gumuruh! Beuki ragot beuki gangas
begalan pati. Pangagung Nagri Sunda ngamuk nguwak-ngawik lir banteng bayangan. Rakean
Mantri Usus, Rakean Senapatiyuda Sutrajali, Rakean Tumenggung Larang Ageng, Rakean
Mantri Sohan, Yuwamantri Gempong Lotong, Sang Panji Melong Sakti, Rakean Rangga
Kaweni, Rakean Mantri Saya, Rakean Juru Siring, Rakean Mantri Sabrang Keling, Rakean
Mantri Supit Kilingking, Rakean Nakoda Braja, Rakean Nakoda Bule.
Putri Citraresmi ngajerit maratan langit, barang mireungeuh ramana geus ngababatang. Ret
kana patrem pamere pamanna, Mangkubumi Bunisora Suradipati, geus lamokot ku getih.
Patrem diteuteup seukeut, dina leungeun nu ngeleter. Sukmana bingbang kumalayang.
Puuuun sapuuuunnnn…!!!
Patrem dilelempeng kana jajantung. Gabres! Ditubleskeun ku dua leungeunna. Teuteupna
kosong tanggah ka langit. Biwirna ngariut imut. Kerelek nyawana pisah jeung raga.
Seleber, wangi opat puluh rupa kembang. Para Pohaci lumungsur mapag putri nu tiwas di
palagan Bubat.
Pun… Sapun…..
NASKAH
SENDRATARI
THINK GLOBALLY, ACT LOCALLY: STORY CONSERVE DYAH PITALOKA SPIRIT
OF KAMAWANOHAN LINGGA INGKANA
SMPN 1 Kawali
Presents:
VII D
VII E
VII F
Fasilitator:
Santya Maesa, S.Pd.
Devi Komalasari, S.Pd.
Epi Taufiqurrohman, S.Pd.
Dea Nugraha, M.Sn.