Anda di halaman 1dari 2

Assalamualaikum wr wb

Sampurasun!

Pangersa girang pangajen miwah wargi sadaya hormateun sim kuring

Sugrining puji, mugi ngamalir ka Gusti Anu Maha Suci Allohu Robbul Izzati. Sadaya puja muga
kasangga ka Nu Maha Kawasa Alloh Azza wazzala. Alhamdulillah wasyukurillah, urang sadaya dina
danget ieu tiasa kempel ngariung, Patepung lawung patepang raray dina raraga Festival Tunas
Bahasa Ibu tingkat kabupaten ciamis.. Teu kakantun

Sholawat miwah salam, mugia salamina ngocor ngagolontor langgeng ngagelenggeng ka jungjunan
panutan alam Habibanna wanabiyana Muhammad SAW, ka para kulawargana, sohabatna, sareng
muga natrat safaatna ka urang sadaya saamparing jagat.

Hadirin anu ku sim kuring dipihormat.

Tipayun, sim kuring ngahaturkeun nuhun ka panata calagara anu parantos masihan kasempetan
kanggo sim kuring ngadugikeun biantara anu jejerna “ Ngamumule Basa Sunda” .

Hadirin sadaya,

Sapertos kauninga ku urang sadaya, bangsa Indonesia teh beunghar ku budaya daerahna beunghar
ku basa daerahna. Numutkeun hasil panalungtikan kacatet aya 742 basa daerah. Namung Kiwari
nungtutan muguran, saurna nu masih hirup teh mung kantun 20 basa daerah, kalebet basa Sunda.
Alatanana, kumargi basa daerah tos langki digunakeun ku rahayatna, utamina ku para rumajana.

Nu janten pasualan ayeuna, naha basa Sunda oge masih dipikareueus keneh ku para nononan
kiwari?

Upami nilik Kana kanyatanana, memang leres dina hirup kumbuh sadidinten, bujeng- bujeng di kota,
di pilemburan oge, basa Sunda teh tos kirang dipikareueus deui. Ngobrol sempal guyon oge basana
tos kamalayon, campur aduk teu puguh, nu penting basana modern asal katembong gaul bari teu
paduli naon hartina sareng maksudna. Sotoy alias sok tahu tea.

Hadirin sadaya,

Urang Sunda sawadina Kedah reueus gaduh basa Sunda, margi apan basa Sunda teh ciciren ayana
Seler Sunda. Basa Sunda teh mah mangrupa jati diri urang Sunda. Basa Sunda teh basa indung
pikeun urang Sunda, anu ageung pisan pangaruhna kana kamekaran basa Indonesia. Malihan basa
Sunda parantos diangken janten basa indung nu aya di sakuliah dunya, anu ditetepkeun ku UNESCO
dina kaping 21 Pebruari. Kalihna ti eta, parantos jelas payung hukumna, Dina PERDA no 14 taun
2014.

Hadirin hormateun sim Kuring

Tah ku ayana hal eta, kumargi parantos jelas payung hukumna, urang Sunda utamina para nononan
kiwari teu kenging ham- ham deui, teu kenging hariwang deui sareng teu kenging minder. Ti kawit ti
ayeuna urang tumuwuhkeun kasadaran diri urang kana pentingna Ngamumule basa Sunda. Margi
maju mundurna hiji bangsa gumantung oge Kana basa nu digunakeunana. Buktosna sapertos bangsa
china, bangsa jepang. Aranjenna kacida pisan ngamumule basa sareng budaya na. Tapi tetap kalebet
Bangsa anu maju. Teh kakantun ku kamekaran jaman teh kakantun ku bangsa sejen,sapertos
amerika contona.

Salajengna, prak guunakeun basa Sunda boh sacara lisan atanapi tulisan dina hirup kumbuh
sadidinten. Ti kawit ti lingkungan kulawarga, lingkungan masarakat sabudeureunana, tos kantensn
upami di sakola mah, apan basa Sunda diajarkeun janten pangaran.muatan lokal di sakola. Lian ti
eta, urang Sunda oge Kedah ngindung ka waktu ngabapa ka jaman, nyaluyukeun sareng kaayaan
pajamanan kiwari. Kiwari jamanna teknologi, hartosna urang Sunda oge Kedah ngawasa teknologi.
Diantawisna Kedah kreatif ngamangfaatkeun sarana prasarana ngalangkungan media sosial sapertos
WA, instgram, twiter, tiktok atanapi web situs- situs kasundaan kanggo nambihan elmu pangaweruh
kasundaan atanapi nyebarkeun materi kasundaan ka nu sanes boh di lingkungan urang Sunda tanapi
seler bangsa sejen.

Hadirin sadaya, ngalangkungan rupi- rupi cara eta, pamugi janten cukang lantaran ngaronjatns ajen
– inajen basa sareng budaya Sunda. Insyaalla, basa Sunda bakal mayeng Ayana, henteu jati kasilih ku
junti tapi bakal nanjeur di buana. Sim kuring umajak ka sadayana ngalangkungan sisindiran ieu:

Yu urang ka toko sadar

Meuli helm jeung sapeda

Hayu urang sing saladar

Ngamumule basa sunda

Girang pangajen miwah hadirin hormateun sim Kuring,

Rupina cekap sakitu biantara ti sim kuring, mugi aya mangpaatna. Bobo sapanon carang sapakan
luhur saur bahe carek.

Billahitaufik walhidayah

Wassalamu’alaikum wr. Wb.

Hurip Sunda!

Anda mungkin juga menyukai