Anda di halaman 1dari 3

Assalamu'alaikum Wr. Wb.

sampurasun
Assholatu wassalamu ala ashrofil anbiya'i walmursalin. Wa'ala alihi washohbihi
azma'in.Amma ba'du.
Girang pangajen anu di simkuring di pihormat
Rencang sadayanna anu ku sim kuring di pikareues
Langkung tipayun, hayu urang panjatkeun puji sinareng sukur ka Gusti anu
Maha Suci, anu Maha Welas tur Maha Asih henteu aya pilih kasih kasugri nu
kumelip di ieu bumi, anu parantos maparin rahmat sareng hidayahna ka urang
sadayana. Ku rahmat sareng hidayah manten-Na urang sadaya tiasa kempel
ngariung dina raraga Tunas basa indung.
Teu hilap, shalawat sinareng salam mugia salamina dilungsurkeun ka jungjunan
urang sadaya, Nabi Muhammad SAW., ka kulawargana, ka sahabatna, katut ka
urang sadaya salaku umatna, amin ya Allah ya rabbal‘alamin.

Para wargi sadaya!!

Dina danget ieu sim kuring bade ngadugikeun biantara anu jejerna “utamakeun
basa indonesia ngamumule basa sunda sarta ngawasa basa dengeun”.
ngamumule budaya sunda nya eta kawajiban urang sadaya anu cicing ditataran
Jawa Barat. Budaya urang teh saleresna mah seueur pisan, tikawitan bahasana,
kasenianana, kasusastraanana, kadaharanana, tingkah laku atanapi etika
paripolahna, jste.

hadirin!!
basa teh mangrupa jandela dunia anu jadi ciri dina diri manusia anu ngancrik
dina hiji negeri.salaku warga nagara indonesia urang sadaya ngagaduhan basa
nasional anu di anggo ku sadayanna warga nagara boh dina acara formal
atanapi non formal ,basa eta teh nyaeta basa indonesia.
geus sakudu, urang sadaya ngutamakeun nganggo basa indonesia boh keur di
sakola atawa dian resmi lainna.
kitu deui basa sunda,salah sahiji cingciri daerah sakalgus cingcirir jati diri
bangsa .Basa sunda ,basa anu ngandung watak urang sunda anu handap
ashor,someah hade ka semah tur darehdeh.basa sunda bener bener basa anu
ngandung magnet ka jalmi anu ngadangu na.makasunda.nna urang sadayya ulah
bosen bosen ngamumule teras basa .
Hadirin!!!

salian basa indonesia,bahasa sunda,urang sadaya tong hilap urang gaduh


tungtunan kanggo ngawasa basa dengeun.bade bahsa inggris,bahasa cina,
bahasa prancis,bahasa jepang jeung sajabana.aya nu apal kunaon urang kudu
ngawasa basa dengeun???tah bener urang teh hirup di dunia anu maju, ceunah
mah, urang sadayana teh hirup di zaman milenial di era 4.0 .di zaman ayeuna
sagala rupi nganggo digital.alat alat digital biasana nganggo basa -basa
dengeun.lamun urang teu apal mana teuing urang sadaya
katinggaleun.makanna urang sadaya sabisa bisa kudu ngawasa basa dengeun
ameh tong katingaleun ku zaman.

Hadirin anu dipihormat ku simkuring!!

jadi, urang sadaya kudu bisa ngembangkeun sadayanna basa,basa indonesia


kudu bener,basa sunda ulah poho,sareng basa dengeun kudu di kawasa.hadirin
dina dangeut ieu sim kuring ngajak kasadayana warga hayu urang sadaya teras
ngagunakeun basa indonesia anu bener,ngamumule basa sunda anu janteun
cirining jatid iri bansa,sareng tong hilap ngawasa basa dengeun supados teu
katinggaleun ku zaman ayeuna.
Rupina sakitu anu kapihatur, mugia aya mangpaatna kanggo urang sadaya.
Hapunten bilih aya basa anu kirang merenah larapna, bilih aya nu teu raos kana
manah.

Meuli arang ka kota Banjar


Henteu poho meuli peda
Hayu urang sing saladar
Ngamumule budaya sunda

Nyai inteun -Nyai inteun


turunna di parapatan
Hapunten abdi hapunten
Bilih aya kalepatan
Wassalamu‘alaikum Wr. Wb

Anda mungkin juga menyukai