Anda di halaman 1dari 2

Assalamu‘alaikum Wr. Wb.

Langkung tipayun, hayu urang panjatkeun puji sinareng sukur ka Gusti anu Maha Suci, anu
Maha Welas tur Maha Asih henteu aya pilih kasih kasugri nu kumelip di ieu bumi, anu
parantos maparin rahmat sareng hidayahna ka urang sadayana. Ku rahmat sareng hidayah
manten-Na urang sadaya tiasa kempel ngariung dina acara ieu.
Teu hilap, shalawat sinareng salam mugia salamina dilungsurkeun ka jungjunan urang
sadaya, Nabi Muhammad SAW., ka kulawargana, ka sahabatna, katut ka urang sadaya salaku
umatna, amin ya Allah ya rabbal‘alamin.
Bapa miwah Ibu anu ku sim kuring dipihormat,
Dina danget ieu sim kuring bade ngadugikeun biantara ngeunaan micinta / ngamumule
budaya sunda. Micinta / ngamumule budaya sunda nya eta kawajiban urang sadaya anu
cicing ditataran Jawa Barat. Budaya urang teh saleresna mah seueur pisan, tikawitan
bahasana, kasenianana, kasusastraanana, kadaharanana, tingkah laku atanapi etika
paripolahna, jste.
Anu kahiji nya eta bahasana, basa sunda. Basa sunda kedah dijaga kalestarianana, sabab
upami urang kedah ngamumule budaya sunda, kedah dikawitan tina bahasa. Upami urang
henteu ngalestarikeun bahasa urang, budaya sunda anu sanesna pasti moal kalestarikeun
kaayaanana.
Anu saterasna nya eta ngeunaan kasenian sunda. Saleresna dina widang kasenian oge urang
teh kalintang beungharna, diantarana bae aya Jaipongan, Angklung, Calung, Degung, Reog,
Wayang Golek, Kuda Lumping, Pencak Silat, Bajidoran, Kacapi Suling, Cianjuran,
Ronggeng Gunung, jste. Malah aya anu tos dipikawanoh ku dunya luar, nya eta Jaipongan
sareng Angklung. Tapi beuki dieu, kasenian-kasenian sunda beuki kaelehkeun ku kasenian
moderen, anu pangaruh tina globalisasi tea. Tah, ieu janten emutan kanggo urang sadaya
kanggo ngamumule kasenian-kasenian urang anu jadi kabanggaan urang sarerea.
Saterasna aya kasusastraanan sunda, diantarana bae aya Babad Cirebon, Suluk Wulung Aya,
Wawacan Angling Darma, Kitab Waruga Jagat, Cariosan Prabu Siliwangi, Cariosan Ratu
Galuh, jste. Sastra sunda anu teu hilap kedah dilestarikeun nya eta aksara sunda. Aksara
sunda ieu, urang kedah tiasa ngamumule, pikeun anak incu urang isukan masih keneh tiasa
mikawanoh aksara sunda. Piraku ari urang sunda teu tiasa aksara sunda-aksara sunda acan
mah.
Anu salajengna nya eta kadaharan asli urang sunda. Aya Apeum, Awug, Combro, Dodol,
Onde, Peuyeum, Ranginang, Surabi, jste. Kadaharan urang sunda ieu kedah dimumule, ulah
nepi ka elehkeun ku kadaharan jaman kiwari anu loba pangaruh ti budaya barat.
 
Anu terahir nya eta, tingkah laku / etika urang sunda anu kawentar ku someahna. Sopan
santun urang sunda ieu ulah nepi ka leungit. Ulah ngan basa we basa sunda tapi teu
nempokeun tingkah laku urang sunda.
Supaya budaya urang tiasa dijaga kalestarianana, aya sababaraha tarekah pikeun ngamumule
budaya sunda, nya eta :
1. Urang kudu bener-bener mikanyaah jeung micinta budaya sunda.
2. Urang kudu bener-bener mikanyaah jeung micinta budaya sunda.
3. Buktikeun yen budaya sunda moal eleh ajenna ku budaya anu sejen.
4. Ngado‘a ka Gusti Allah sangkan para nonoman sunda dipaparin hidayah kanggo miara,
ngamumule, tur ngajenan budayana.
Hadirin anu dipihormat,
Jadi, urang teh kedah ngiring ngamumule kabudayaan urang. Kabudayaan anu jadi
kabeungharan urang ulah nepi ka geugeus ku kabudayaan luar anu ngajadikeun urang poho
kana kakayaan budaya sorangan. Piraku ari urang deungeun mikaresep budaya urang, ari
urang nu bogana make teu resep teu reueus ku budaya sorangan. Upami sanes ku urang, bade
ku saha deui. Ku kituna, simkuring bade umajak ka sadayana, hayu urang micinta /
ngamumule budaya sunda, budaya urang sarerea. Mugi-mugi kabudayaan urang tiasa
kalestarikeun salamina.
Rupina sakitu anu kapihatur, mugia aya mangpaatna kanggo urang sadaya. Hapunten bilih
aya basa anu kirang merenah larapna, bilih aya nu teu raos kana manah.
Meuli arang ka kota Banjar
Henteu poho meuli peda
Hayu urang sing saladar
Ngamumule budaya sunda
 
Saninten buah saninten
Dibantun ka parapatan
Hapunten abdi hapunten
Bilih aya kalepatan
 
Wassalamu‘alaikum Wr. Wb.

Anda mungkin juga menyukai