Anda di halaman 1dari 3

BIANTARA NGAMUMULE BASA SUNDA

 Assalamu‘alaikum Wr. Wb.

Langkung tipayun, hayu urang panjatkeun puji sinareng sukur ka Gusti anu Maha
Suci, anu Maha Welas tur Maha Asih henteu aya pilih kasih kasugri nu kumelip di
ieu bumi, anu parantos maparin rahmat sareng hidayahna ka urang sadayana.
Ku rahmat sareng hidayah manten-Na urang sadaya tiasa kempel ngariung dina
acara ieu.

 Teu hilap, shalawat sinareng salam mugia salamina dilungsurkeun ka jungjunan


urang sadaya, Nabi Muhammad SAW., ka kulawargana, ka sahabatna, katut ka
urang sadaya salaku umatna, amin ya Allah ya rabbal‘alamin.

 Bapa miwah Ibu anu ku sim kuring dipihormat,

Dina danget ieu sim kuring bade ngadugikeun biantara ngeunaan micinta /
ngamumule budaya sunda. Micinta / ngamumule budaya sunda nya eta
kawajiban urang sadaya anu cicing ditataran Jawa Barat. Budaya urang teh
saleresna mah seueur pisan, tikawitan bahasana, kasenianana,
kasusastraanana, kadaharanana, tingkah laku atanapi etika paripolahna, jste.

 Anu kahiji nya eta bahasana, basa sunda. Basa sunda kedah dijaga
kalestarianana, sabab upami urang kedah ngamumule budaya sunda, kedah
dikawitan tina bahasa. Upami urang henteu ngalestarikeun bahasa urang,
budaya sunda anu sanesna pasti moal kalestarikeun kaayaanana.

 Anu saterasna nya eta ngeunaan kasenian sunda. Saleresna dina widang
kasenian oge urang teh kalintang beungharna, diantarana bae aya Jaipongan,
Angklung, Calung, Degung, Reog, Wayang Golek, Kuda Lumping, Pencak Silat,
Bajidoran, Kacapi Suling, Cianjuran, Ronggeng Gunung, jste.

Malah aya anu tos dipikawanoh ku dunya luar, nya eta Jaipongan sareng
Angklung. Tapi beuki dieu, kasenian-kasenian sunda beuki kaelehkeun ku
kasenian moderen, anu pangaruh tina globalisasi tea. Tah, ieu janten emutan
kanggo urang sadaya kanggo ngamumule kasenian-kasenian urang anu jadi
kabanggaan urang sarerea.

 Saterasna aya kasusastraanan sunda, diantarana bae aya Babad Cirebon, Suluk
Wulung Aya, Wawacan Angling Darma, Kitab Waruga Jagat, Cariosan Prabu
Siliwangi, Cariosan Ratu Galuh, jste. Sastra sunda anu teu hilap kedah
dilestarikeun nya eta aksara sunda. Aksara sunda ieu, urang kedah tiasa
ngamumule, pikeun anak incu urang isukan masih keneh tiasa mikawanoh
aksara sunda. Piraku ari urang sunda teu tiasa aksara sunda-aksara sunda acan
mah.

Anu salajengna nya eta kadaharan asli urang sunda. Aya Apeum, Awug, Combro,
Dodol, Onde, Peuyeum, Ranginang, Surabi, jste. Kadaharan urang sunda ieu
kedah dimumule, ulah nepi ka elehkeun ku kadaharan jaman kiwari anu loba
pangaruh ti budaya barat.

 Anu terahir nya eta, tingkah laku / etika urang sunda anu kawentar ku
someahna. Sopan santun urang sunda ieu ulah nepi ka leungit. Ulah ngan basa
we basa sunda tapi teu nempokeun tingkah laku urang sunda.

Supaya budaya urang tiasa dijaga kalestarianana, aya sababaraha tarekah


pikeun ngamumule budaya sunda, nya eta :

1. Urang kudu bener-bener mikanyaah jeung micinta budaya sunda.


2. Urang kudu bener-bener mikanyaah jeung micinta budaya sunda.
3. Buktikeun yen budaya sunda moal eleh ajenna ku budaya anu sejen.
4. Ngado‘a ka Gusti Allah sangkan para nonoman sunda dipaparin hidayah
kanggo miara, ngamumule, tur ngajenan budayana.

 Hadirin anu dipihormat,

Jadi, urang teh kedah ngiring ngamumule kabudayaan urang. Kabudayaan anu
jadi kabeungharan urang ulah nepi ka geugeus ku kabudayaan luar anu
ngajadikeun urang poho kana kakayaan budaya sorangan. Piraku ari urang
deungeun mikaresep budaya urang, ari urang nu bogana make teu resep teu
reueus ku budaya sorangan. Upami sanes ku urang, bade ku saha deui. Ku
kituna, simkuring bade umajak ka sadayana, hayu urang micinta / ngamumule
budaya sunda, budaya urang sarerea. Mugi-mugi kabudayaan urang tiasa
kalestarikeun salamina.

Rupina sakitu anu kapihatur, mugia aya mangpaatna kanggo urang sadaya.
Hapunten bilih aya basa anu kirang merenah larapna, bilih aya nu teu raos kana
manah.
Meuli arang ka kota Banjar
Henteu poho meuli peda
Hayu urang sing saladar
Ngamumule budaya sunda
 

Saninten buah saninten


Dibantun ka parapatan
Hapunten abdi hapunten
Bilih aya kalepatan
 
Wassalamu‘alaikum Wr. Wb.
Sunda hurip

Anda mungkin juga menyukai