Anda di halaman 1dari 2

Pidato Sunda Melestarikan Budaya

Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh, hurif Sunda, bangga urang sarerea, para hadirin
anu parantos Aya Dina ya patempatan Sateuacana simkuring haturkan Sewu nuhun, panginten
sadayana parantos ngaluangkeun waktos tangtu anda nepi Aya Dina Ieu kasempatan.

Alhamdulillah simkuring bingah pisan, kumargi dengan wanoja budak ngora para bujangan Jeng
parawan hadir dengan acara. Atas nateh Sanes abdi bade nyirian parawan hehheh, Eh tapi teu
nanaon ketang.

Jadi sahur kok kolot baheula Mah, upami teu kenalteh cenah teu nyaah, Matak sateuacan
simkuring maparkeun usak usuk perkawis ngamumule budaya, simkuring Bade nepangkeun diri,
wasta Ujang Yogi hehhe.

Tah kumargi Tos kenalanmah, hayu Bae lah urang bahas Naha bet urangteh kudu ngamumule
budaya Sunda.

Alasan kahijimah, etateh ciciren kajayaan urang Sunda, inget kasasaha NU namina,budayana
moal lepas Tina seni, matakan kasenian Jeung budayateh kudu ku urang di mumule, diajarkeun
Jeung diterapkan Dina kahirupan sapopoe, inget ka sadayana ulah kawas sabagian budak jaman
ayeuna NU agul make budaya barat, barijeung leuheung lamun hademah. Ieu ningan tali kutang
kamana mendi.

Pan urangmah apal etateh salah, nusalahmah ulah diturutan, tapi kop geura make Kabaya
kreasikeun ku salareaa, modif kabaya. Pami keur si Jalu Tah pake pangsi meh katinggalna
leuwih dewasa. Inget Oge kabudayaan urangteh lain Tina segi pakean Jeung tatakrama hungkul,
tapi mumule Oge sabangsaning alat musik kawas calung, Tah calung mah pan alat musik
tradisional anu Tos katelah di Dunya. Matakan ulah sok agul ku produk Batur da produk urang
Oge Hade, Mun dihargaan ku urang urangmah kenehmah.

Inget kasadayana, jati diri Sunda teh salah sahijina Aya Dina kasenian Jeung kebudayaan,
matakan ulah nepika laas katinggalna mangsa, urang kudu langsung gerak ti ayeuna ngamumule
kesenian Jeung kabudayaan urang, inget ku salarea,. Lamun lain ku urang deuk ku Saha deui??
Lamun teu ayeuna deuk iraha deui?? Di engke engkena moal baleg.

Bae sok urang Ngurah jaman, tapi ingat ulah nepika mopohokeun geutih asli urang, Mun
bisamah jaman teh kudu urang anu negngteukeunana, lain urang NU katengtuan ku jaman.

Dupi sakitu Bae anu tiasa dipihatur ayeuna, hapunten Tina Sagala kalepatanana,
Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.

MIARA JEUNG MICINTA KASENIAN TRADISIONAL SUNDA


Assalamu`alikum Warohmatullohi Wabarokatuh

Sampurasun!

Ibu miwah bapa dewan juri nu luhung ku elmu panimu, jembar ku karsa, karya,
katut pangalaman nu ku sim kuring dipihormat. Teu hilap oge sadaya rerencangan anu
sami hadir di ieu tempat, anu ku sim kuring dipiheman.

Puji sinareng syukur Alhamdulillah urang sanggakeun ka dzat Illahi Rabbi, Allah
SWT, mungguhing ku kakawasaan anjeun-Na urang sadaya tiasa diparengkeun riung
mungpulung patepung lawung paamprok jonghok di ieu tempat . Shalawat sareng
salam mugia dilelerkeun ka jungjunan urang habibana wanabiyana Muhammad SAW,
ka kulawargina, ka sohabatna tur ka urang sadaya salaku umatna.

Kadang wargi anu mulya


Dina ieu kasempetan dina raraga pasanggiri pidato basa sunda tingkat
kacamatan cipaku sim kuring neda widi bade diajar cumarios di payuneun wargi
sadaya. Kaleresan sim kuring kapapancenan tugas ti sakola, janten wawakil sakola
ngiring pasanggiri pidato. Dupi judul anu baris dibiantarakeun nyaeta” Miara jeung
Micinta Kasenian Tradisional Sunda”.
Sakumaha ku urang kabandungan, dina jaman globalisasi pangaruh kabudayaan
luar teu tiasa disingkahan. Kaasup dina widang kasenian. Hal ieu matak
ngahariwangkeun, sabab seueur murangkalih urang sunda anu leuwih mikawanoh
kana kasenian anu jona ti luar batan kasenian asli titinggal ti karuhun. Minangka conto,
seueur murangkalih anu leuwih maher ngamaenkeun piano ti badan nabeuh calung,
degung, angklung atawa nu liana.
Teu salah upama urang ngulik seni anu jolna ti luar, tapi urang oge ulah
mopohokeun kana tradisi asli kasenian urang sunda saperti calung, angklung, degung,
tari ketuk tilu, jeung rea-rea deui. Ku saha deui rek dimumulena budaya sunda ari lain
ku urang sunda mah. Lamun urang hare-hare bae, teu nolih kana pangaboga urang,
bisa-bisa nu bisauen nabeuh degung teh urang amerika, urang jepang jeung urang
eropa. Naha geunig kitu ? Tangtu ku urang mindeng kabandungan, urang jepang,
urang amerika atawa urang eropa, daratang ka tanah sunda hayang diajar nabeuh
degung atawa ngadalang. Maranehna kacida segutna diajar, nepika sakabeh elmu ti
guruna bisa kapimilik.
Ibu miwah bapa dewan juri nu ku sim kuring dipihormat, rerencangan sadaya nu
ku ku sinkuring dipikaheman.
Miara kaasenian sunda teh teu cukup ku ngan ukur ngapalkeun ngaran rupa-rupa
alat kasenian sunda. Nu leuwih alus, urang kudu diajar nabeuh alat-alat kasenian
sunda sangkan urang boga pangabisa, teu eleh ku urang luar. Di sakola, biasana sok
aya alat-alat kesenian sunda kayaning degung, calung, angklung, kacapi jeung rea-rea
deui. Tah tia ayeuna, hayu urang mangpaatkeun sarana nu aya disakola kalayan
bimbingan ti bapa jeung ibu guru.
Pamungkas, mudah-mudahan ieu pedaran teh jadi panggeuing ka sim kuring
hususna umumna ka sadayana urang sunda sangkan leuwih soson-soson miara jeung
micinta budaya sunda. Nu dipiharep, budaya sunda teu leungit sarta terus nanjeur
sapanjang jaman.
Sakitu anu kapihatur, wabilahi taufik wal hidayah, wassalmu`alikum wr.wb.
********************************

Anda mungkin juga menyukai