Anda di halaman 1dari 1

IARA JEUNG MICINTA KASENIAN TRADISIONAL SUNDA

Assalamu`alikum Warohmatullohi Wabarokatuh

Sampurasun!

Ibu miwah bapa dewan juri nu luhung ku elmu panimu, jembar ku karsa, karya, katut
pangalaman nu ku sim kuring dipihormat. Teu hilap oge sadaya rerencangan anu sami hadir di
ieu tempat, anu ku sim kuring dipiheman.

Puji sinareng syukur Alhamdulillah urang sanggakeun ka dzat Illahi Rabbi, Allah SWT,
mungguhing ku kakawasaan anjeun-Na urang sadaya tiasa diparengkeun riung mungpulung
patepung lawung paamprok jonghok di ieu tempat . Shalawat sareng salam mugia dilelerkeun ka
jungjunan urang habibana wanabiyana Muhammad SAW, ka kulawargina, ka sohabatna tur ka
urang sadaya salaku umatna.

Kadang wargi anu mulya


Dina ieu kasempetan dina raraga pasanggiri pidato basa sunda tingkat kacamatan cipaku
sim kuring neda widi bade diajar cumarios di payuneun wargi sadaya. Kaleresan sim kuring
kapapancenan tugas ti sakola, janten wawakil sakola ngiring pasanggiri pidato. Dupi judul anu
baris dibiantarakeun nyaeta” Miara jeung Micinta Kasenian Tradisional Sunda”.
Sakumaha ku urang kabandungan, dina jaman  globalisasi pangaruh kabudayaan luar teu
tiasa disingkahan. Kaasup dina widang kasenian. Hal ieu matak ngahariwangkeun, sabab seueur
murangkalih urang sunda anu leuwih mikawanoh kana kasenian anu jona ti luar batan kasenian
asli titinggal ti karuhun. Minangka conto, seueur murangkalih anu leuwih maher ngamaenkeun
piano ti badan nabeuh calung, degung, angklung atawa nu liana.
Teu salah upama urang ngulik seni anu jolna ti luar, tapi urang oge ulah mopohokeun kana
tradisi asli kasenian urang sunda saperti calung, angklung, degung, tari ketuk tilu, jeung rea-rea
deui. Ku saha deui rek dimumulena budaya sunda ari lain ku urang sunda mah. Lamun urang
hare-hare bae, teu nolih kana pangaboga urang, bisa-bisa nu bisauen nabeuh degung teh urang
amerika, urang jepang jeung urang eropa. Naha geunig kitu ? Tangtu ku urang mindeng
kabandungan, urang jepang, urang amerika atawa urang eropa, daratang ka tanah sunda hayang
diajar nabeuh degung atawa ngadalang. Maranehna kacida segutna diajar, nepika sakabeh elmu ti
guruna bisa kapimilik.
Ibu miwah bapa dewan juri nu ku sim kuring dipihormat, rerencangan sadaya nu ku ku
sinkuring dipikaheman.
Miara kaasenian sunda teh teu cukup ku ngan ukur ngapalkeun ngaran rupa-rupa alat
kasenian sunda. Nu leuwih alus, urang kudu diajar nabeuh alat-alat kasenian sunda sangkan
urang boga pangabisa, teu eleh ku urang luar. Di sakola, biasana sok aya alat-alat kesenian sunda
kayaning degung, calung, angklung, kacapi jeung rea-rea deui. Tah tia ayeuna, hayu urang
mangpaatkeun sarana nu aya disakola kalayan bimbingan ti bapa jeung ibu guru.
Pamungkas, mudah-mudahan ieu pedaran teh jadi panggeuing ka sim kuring hususna
umumna ka sadayana urang sunda sangkan leuwih soson-soson miara jeung micinta budaya
sunda. Nu dipiharep, budaya sunda teu leungit sarta terus nanjeur sapanjang jaman.
Sakitu anu kapihatur, wabilahi taufik wal hidayah, wassalmu`alikum wr.wb.
********************************

Anda mungkin juga menyukai