Anda di halaman 1dari 1

NAMA: NUR FADHILATUL RAHMAN

KELAS : XII IPS 3

Assalamualaikum Wr.Wb.

Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur kailahiirabbi nu mana kalayan hidayah
sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalwan dina kayaan sehat
walafiat.Solawat miwah salam mugia salamina kacurah limpahkeun ka Nabi Muhammad SAW.
Ka kulawargana, sahabatna, oge mudah-mudah dugi ka urang sadaya. Aamiin yaa rabbal alamin.

Bapak kalih ibu anu bade ngaregepkeun biantara simkuring, Urang titenan kahirupan kiwari
seueur pisan tontonan ti luar nagara urang, dipikaresep ku barudak ngora, anu sepuh oge sami

“Jati kasilih ku junti” teu minosea kana seni budaya, margi di Indonesia ti sabang dugi ka
maroke seueur pisan seni budaya. Di pulo Jawa bae aya budaya Jawa jeung Sunda. Ku hal kitu
dina biantara ayeuna bade bantun tema “ Ngala lele kasamawa meunang dua, ngamumule
kandaga Budaya Sunda”.Naon atuh ari budaya the? Ceuk emutan simkuring Budaya the hiji
kamonesan atanapi kapanigelan, boh dina seni atanapi dina kaolahan, tangtos ibu bapak
tumaros naha kadaharan make lebet kana budaya?.

Urang ngabantun conto: babantal, comro, misro, nutuan bubuy bawang, tutuan sareng cikur,
beuleum sampeu ditambih parud kalapa gegetuk ngarana moal aya di Amerika, iwal Obama
meureun apaleun, pedah kungsi di Indonesia. Dina widang seni di latar Sunda seueur pisan, aya
rengkong, reog, celempungan bajidor, jaipongan, wayang golek, sareng nu sanesna. Budak
ngora ayeuna sok ngaleos upami ngadangu kacapi, suling. Kop nu kitu mah keur nu huisan. Abdi
mah resep rok en roll, dag, dig, dug jreng.., bress….

cekap biantara abdi sesa nyuhunkeun dihapunten.

Wassalamualaikum Wr. Wb.

Anda mungkin juga menyukai