Anda di halaman 1dari 2

Nama : Ala Anistia Widya

Kelas : XI IPA 5

Kabudayaan, budaya Basa Sunda


Assalamu’alaikum wr wb..

Puji sareng syukur ti payun mangga urang dihaturkeun ka hadirat allah swt, anu parantos
maparin nikmatna ka urang sadaya dugi ka tiasa urang ngariung dina tempat ieu ngajalin
silaturahim. Solawat sareng salam mangga urang panjatkeun ka jungjunan alam nabi
panungtung anu parantos masihan cahya kaimanan ka para umatna, nyaeta nabi panutan
urang sadaya, habibana wanabiyana nabi Muhammad S.A.W.

Para hadirin anu ku simabdi dipikahormat, dina kasempatan ieu simabdi bade
ngadugikeun hiji pidato atawa biantara nu judulna “pentingna ngalestarikeun budaya bahasa
sunda dikalangan remaja atawa budak ngora dijawa barat”. Nanging sateuacan simabdi
ngadugikeun ieu biantara, simabdi bade nyuhunkeun heula hapunten bilih engkina aya
cariosan ti simabdi anu mungkin kirang saluyu sareng harepan urang sadayana.

Para wargi anu kusimabdi dipikahormat, sakumaha anu kauninga ku urang sadaya,
dijaman sapertos ayena, dimana loba rupa-rupa budaya asing anu datangna tiluar nu asup ka
lingkungan masyarakat urang, ulah nyampe ngajadikeun budaya sunda jadi semah di
lemburna sorangan nyaeta di jawa barat. Ku kituna urang sadayana utamina nu aya dijawa
barat kanggo tiasa terus ngalestarikeun budaya sunda khususna bahasa sundana. Urang kedah
saluyu pikeun mikadeudeuh kana budaya sunda, guyub akur sauyunan, ngahiji sapamadegan,
pikeun ngamumule budaya bahasa sunda. Tujuana tangtu wae supardos ngahontal hiji tujuan,
supardos budaya sunda teh ulah nyampe leungit, nah ku ie riungan mudah-mudahan
tiasa ngingetan urang sadaya pikeun nambah mikareseup kana budaya sorangan numana
ayena mulai dipopoho nyaeta kana bahasa sundana.

Upami urang parantos sapanyawangan kana jentulna masalah soal budaya sunda, anu gaduh
kawajiban milarian tarekah kanggo ngungkulan masalah eta aya 3 pihak diantawisnya nyaeta
teh:

1. Masyarakat Jawa Barat


2. Ka Para Seniman
3. Pamarentah Jawa Barat

Janten eta pandangan teh kacida pisan salahna tur kudu dilelempeng ku para seniman,
pamarentah, tur masarakat urang sunda sorangan. Nah, para hadirin hormateun simabdi
mugia basa jeung budaya sunda titinggal karuhun urang teh, tiasa sirungan deui, tandang
makalangan, ngigelan jaman.

Rupina sakitu nu kapisanggem, neda hapunten ka sadayana bilih dina cariosan simabdi anu
nembe didugikeun se’eur kakirangan nana.

Wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh..

Anda mungkin juga menyukai