Anda di halaman 1dari 2

Sanggeus Maca Naskah Biantara di Luhur, Tuluy Analisis Struktur Biantara!

1. Salam Bubuka

Assalamu‘alaikum Wr. Wb.

2. Bubuka

Langkung tipayun, hayu urang panjatkeun puji sinareng sukur ka Gusti anu
Maha Suci, anu Maha Welas tur Maha Asih henteu aya pilih kasih kasugri nu kumelip di ieu
bumi, anu parantos maparin rahmat sareng hidayahna ka urang sadayana. Ku
rahmat sareng hidayah manten-Na urang sadaya tiasa kempel ngariung dina acara
Milangkala Kota Bandung ka 206 ieu.
Struktur Biantara
Teu hilap, shalawat sinareng salam mugia salamina dilungsurkeun ka jungjunan
urang sadaya, Nabi Muhammad SAW., ka kulawargana, ka sahabatna, katut ka urang
sadaya salaku umatna, amin ya Allah ya rabbal‘alamin

3. Eusi

Bapa miwah Ibu anu ku sim kuring dipihormat,


Dina danget ieu sim kuring bade ngadugikeun biantara ngeunaan micinta /
ngamumule budaya sunda. Micinta / ngamumule budaya sunda nya eta kawajiban
urang sadaya anu cicing ditataran Jawa Barat. Budaya urang teh saleresna mah seueur
pisan, tikawitan bahasana, kasenianana, kasusastraanana, kadaharanana, tingkah laku.
Anu kahiji nya eta bahasana, basa sunda. Basa sunda kedah dijaga
kalestarianana, sabab upami urang kedah ngamumule budaya sunda, kedah dikawitan
tina bahasa. Upami urang henteu ngalestarikeun bahasa urang, budaya sunda anu
sanesna pasti moal kalestarikeun kaayaanana.
Anu saterasna nya eta ngeunaan kasenian sunda. Saleresna dina widang
kasenian oge urang teh kalintang beungharna, diantarana bae aya Jaipongan,
Angklung, Calung, Degung, Reog, Wayang Golek, Kuda Lumping, Pencak Silat,
Bajidoran, Kacapi Suling, Cianjuran, Ronggeng Gunung, jste. Malah aya anu tos
dipikawanoh ku dunya luar, nya eta Jaipongan sareng Angklung. Tapi beuki dieu,
kasenian-kasenian sunda beuki kaelehkeun ku kasenian moderen, anu pangaruh tina
globalisasi tea. Tah, ieu janten emutan kanggo urang sadaya kanggo ngamumule
kasenian-kasenian urang anu jadi kabanggaan urang sarerea.
Saterasna aya kasusastraanan sunda, diantarana bae aya Babad Cirebon, Suluk
Wulung Aya, Wawacan Angling Darma, Kitab Waruga Jagat, Cariosan Prabu Siliwangi,
Cariosan Ratu Galuh, jste. Sastra sunda anu teu hilap kedah dilestarikeun nya eta aksara
sunda. Aksara sunda ieu, urang kedah tiasa ngamumule, pikeun anak incu urang isukan
masih keneh tiasa mikawanoh aksara sunda. Piraku ari urang sunda teu tiasa aksara sunda-
aksara sunda acan mah.
Anu salajengna nya eta kadaharan asli urang sunda. Aya Apeum, Awug,
Combro, Dodol, Onde, Peuyeum, Ranginang, Surabi, jste. Kadaharan urang sunda ieu
kedah dimumule, ulah nepi ka elehkeun ku kadaharan jaman kiwari anu loba pangaruh
ti budaya barat.
Anu terahir nya eta, tingkah laku / etika urang sunda anu kawentar ku someahna.
Sopan santun urang sunda ieu ulah nepi ka leungit. Ulah ngan basa we basa sunda tapi teu
nempokeun tingkah laku urang sunda. Supaya budaya urang tiasa dijaga kalestarianana,
aya sababaraha tarekah pikeun ngamumule budaya sunda, nya eta :
1. Urang kudu bener-bener mikanyaah jeung micinta budaya sunda.
2. Urang kudu bener-bener mikanyaah jeung micinta budaya sunda.
3. Buktikeun yen budaya sunda moal eleh ajenna ku budaya anu sejen.
4. Ngado‘a ka Gusti Allah sangkan para nonoman sunda dipaparin hidayah kanggo
miara, ngamumule, tur ngajenan budayana.
Hadirin anu dipihormat,
Jadi, urang teh kedah ngiring ngamumule kabudayaan urang. Kabudayaan anu
jadi kabeungharan urang ulah nepi ka geugeus ku kabudayaan luar anu ngajadikeun
urang poho kana kakayaan budaya sorangan. Piraku ari urang deungeun mikaresep
budaya urang, ari urang nu bogana make teu resep teu reueus ku budaya sorangan.
Upami sanes ku urang, bade ku saha deui. Ku kituna, simkuring bade umajak ka
sadayana, hayu urang micinta / ngamumule budaya sunda, budaya urang sarerea.
Mugi-mugi kabudayaan urang tiasa kalestarikeun salamina.
4. Panutup
Rupina sakitu anu kapihatur, mugia aya mangpaatna kanggo urang sadaya.
Hapunten bilih aya basa anu kirang merenah larapna, bilih aya nu teu raos kana
manah.

Meuli arang ka kota Banjar


Henteu poho meuli peda
Hayu urang sing saladar
Ngamumule budaya sunda
Saninten buah saninten
Dibantun ka parapatan
Hapunten abdi hapunten
Bilih aya kalepatan

5.Salam Panutup

Wassalamu‘alaikum Wr. Wb.

Anda mungkin juga menyukai