Anda di halaman 1dari 2

Ngamumule Basa Sunda

Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakaatuh


Alhamdulillahirobbil ‘alamin wabihi nasta’in wa’ala umuriddunya waddin wassolatu’ala
asyrofil ambiya I walmursalin wa’ala alihi wa sohbihi azma’in amma ba’du.

Sampurasun!
Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka dzat anu Maha Suci Allah
SWT.
Kalayan qudrat sareng iradat Anjeunna sim kuring tiasa patepung lawung paamprok jonghok
dina dinten anu bagja ieu.
Teu hilap solawat miwah salam ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW miwah kulawarga
sareng para sohabatna, kalebet urang sadaya salaku umat di akhir jaman.
Mugia dina dinten balitungan jaga urang sadaya kenging safa’at ti mantenna.
Aamiin Yaa Robbal Alamin.

Juru pangajen miwah hadirin anu sami linggih di ieu tempat nu ku simkuring dipihormat. 
Wasta simkuring Alya Aulia Kelas 5 SD dina kasempetan ieu simkuring kenging pancen
kangge ngadugikeun biantara anu judulna “Ngamumule Basa Sunda”.
Juru pangajen miwah hadirin sadaya, miara sareng Ngamumule Basa Sunda teh kacida
pentingna.
Utamina kangge urang sadaya nu netep di Tasikmalaya. Tangtos kedah ngagunakeun
Bahasa Sunda kangge komunikasi sadidinten. Nanging, upami ditingali dina sadidinten
ayeuna. Seueur murangkalih anu kirang wanoh kana Bahasa Sunda.
Dina wanohna oge malahan mah kanu Bahasa Sunda nu kasar. Malihan mah teu apal undak
usuk basa kumaha nyarios ka saluhureun, ka sahandapeun sareng kanu sapantaran. Rasa
kareueus sareng rasa kacinta kana Bahasa Sunda tos luntur. Seueur ibu-bapa pituin
urang Sunda. Tapi nyarios sadidinten ka putrana ngangge Bahasa Indonesia.
Ningal kaayaan nu sapertos kitu, simkuring ngaraos ketir. Kumaha saupami dina mangsa nu
baris dongkap. Bahasa Sunda teh baris kantun dongengna wungkul?
Kujalaran eta hayu atuh urang kawitan ku urang anu ngaraos urang Sunda mah, urang
Ngamumule Basa Sunda. 
Kumaha carana?
Sarat utamina tangtos urang kedah gaduh rasa kacinta reujeung kareueus kana Bahasa Sunda.
Eta rasa kacinta jeung kareueus teh tiasa kawujudkeun upami tos wanoh. Janten, supados
generasi urang Sunda bisa ngamumule basa sareng sastra Sunda teh. Langkung tipayun kedah
diwanohkeun ti alit keneh.
Kumargi kitu, hayu urang gunakeun Bahasa Sunda anu leres undak usuk basana, lentongna
sareng rengkuhna dina unggal gunem catur. Sanes dina basa na wae, di sakola simkuring
nyaeta SDN 2 Neglasari oge diajar kasenian Sunda sapertos kaulinan barudak. Kakawihan,
pupuh, sareng sejarah-sejarah di daerah patilasan nu aya di Jawa Barat khususna anu janten
cikal bakal Basa Sunda. Oge teu hilap diajar tatakrama urang Sunda.
Juru pangajen miwah hadirin sadaya, mung sakieu biantara ti sumkuring. Hapunten pami aya
cariosan anu kirang merenah dina manah. Kumargi simkuring nuju diajar keneh. Dipungkas
ku sisindiran urang sunda.

Jalan-jalan meuli tomat


Balikna meuli calana
Juru pangajen nu dipihormat
Sing ageung masihan nilaina

Nyai Inten Nyai Inten


Linggihna di parapatan
Hapunten abdi hapunten
Bilih seueur kalepatan
Hatur nuhun.
Wallahul Muwafieq Ilaa Aqwamit Thariq
Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakaatu.

Anda mungkin juga menyukai