Bismillahirahmanirrohim, Alhamdulillah. Wassholatu wassalamu 'ala sayyidina wamaulana wasyafi'ana Muhammad Rasulillah wa 'ala alihi wa shohabatih wa man tabi'ahu wa jamaatahu min yaumina hadza ila yaumi nahdhoh. Amma ba’du. Sampurasun! Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka dzat anu Maha Suci Allah SWT. Kalayan qudrat sareng iradat Anjeunna sim kuring tiasa patepung lawung paamrok jonghok dina dinten anu bagja ieu. Kangjeng Nabi Muhammad SAW miwah kulawarga sareng para sohabatna, kalebet urang sadaya salaku umat di akhir jaman. Mugia dina dinten balitungan jaga urang sadaya kenging safa’at ti mantenna. Aamiin Yaa Robbal Alamin. Sholawat miwah salam mugia salamina dilelerkeun ka jungjunan alam. Juru pangajen miwah hadirin anu sami linggih di ieu tempat nu ku simkuring dipihormat. Simkuring kalintang ngaraos bingah tur bagjana rehna dina kasempetan ieu simkuring tiasa janten wakil ti SDN Kebonjati kangge lomba biantara dina acara Festival Bahasa Ibu tahun 2022. Wasta simkuring Muhammad Abidarda Kelas 5 SD Kebonjati dina kasempetan ieu simkuring kenging pancen kangge ngadugikeun biantara anu judulna “Ngamumule Basa Sunda”. Juru pangajen miwah hadirin sadaya, miara sareng Ngamumule Basa Sunda teh kacida pentingna. Utamina kangge urang sadaya nu netep di Banten nu ngagaduhan program “Banten Puseur Budaya Sunda”. Tangtos kedah ngagunakeun Bahasa Sunda kangge komunikasi sadidinten. Nanging, upami ditingali dina sadidinten ayeuna. Seueur murangkalih anu kirang wanoh kana Bahasa Sunda. Dina wanohna oge malahan mah kanu Bahasa Sunda nu kasar. Malihan mah teu apal undak usuk basa kumaha nyarios ka saluhureun, kasahandapaeun sareng kanu sapantaran. Rasa kareueus sareng rasa kacinta kana Bahasa Sunda tos luntur. Seueur ibu- bapa pituin urang Sunda. Tapi nyarios sadidinten ka putrana ngangge Bahasa Indonesia. Ningal kaayaan nu sapertos kitu, simkuring ngaraos ketir. Kumaha saupami dina mangsa nu baris dongkap. Bahasa Sunda teh baris kantun dongengna wungkul? Kujalaran eta hayu atuh urang kawitan ku urang anu ngaraos urang Sunda mah, urang Ngamumule Basa Sunda. Kumaha carana? Sarat utamina tangtos urang kedah gaduh rasa kacinta reujeung kareueus kana Bahasa Sunda. Eta rasa kacinta jeung kareueus teh tiasa kaujudkeun upami tos wanoh. Janten, supados generasi urang Sunda bisa ngamumule basa sareng sastra Sunda teh. Langkung tipayun kedah diwanohkeun ti alit keneh. Kumargi kitu, hayu urang gunakeun Bahasa Sunda anu leres undak usuk basana, lentongna sareng rengkuhna dina unggal gunem catur. Sok sanaos simkuring sakola di International Green School nu sok diajar Bahasa Inggris. Nanging sakola teu ninggalkeun kana Bahasa Sunda, kabuktos di sakola aya istilah “Sundanese Day". Unggal dinten kemis, simkuring sareng rerencangan sadayana diwajibkeun ngagunakeun Bahasa Sunda anu luyu sareng aturan. Sanes dina basa na wae, di sakola oge diajar kasenian Sunda sapertos kaulinan barudak. Kakawihan, pupuh, sareng sejarah-sejarah di daerah patilasan Sumedang Larang anu janten cikal bakal Basa Sunda. Oge teu hilap diajar tatakrama urang Sunda. Juru pangajen miwah hadirin sadaya, mung sakieu biantara ti sumkuring. Hapunten pami aya cariosan anu kirang merenah dina manah. Kumargi simkuring nuju diajar keneh. Dipungkas ku sisindiran urang sunda.
Jalan-jalan meuli tomat
Balikna meuli calana Juru pangajen nu dipihormat Sing ageung masihan nilaina
Nyai Inten Nyai Inten
Linggihna di parapatan Hapunten abdi hapunten Bilih seueur kalepatan