Anda di halaman 1dari 1

Contoh pidato perpisahan sekolah dalam

bahasa sunda
02.42 Bahasa Sunda, Naskah Pidato 0 comments
Contoh pidato perpisahan sekolah dalam bahasa sunda (Pidato paturay tineung)

Bismilaahirrohmanir rohim,
Assalaamualaikum wr. wb.

Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka pihak panitia anu parantos masihan waktos
kanggo sasanggem dina ieu acara. Hapunten anu kasuhun, saupami dina ieu biantara aya
pisanggem anu kirang merenah, boh basana boh tatakrama.

Bapa Kapala Sakola miwah Bapa sareng Ibu Guru,


Kitu deui sakumna réréncangan sakola sadaya anu dipikacinta,
Dinten ieu, dina raraga paturay tineung murid kelas genep/salapan/dua belas, tipayun mangga
urang sasarengan manjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti Nu Maha Suci, réh maparinan taufik
sareng hidayah-Na, dugi ka danget ieu urang sadaya aya dina séhat wal afiat. Pamugi ku
kasumpingan urang sadaya kénging ridho ti Alloh SWT.
Solawat sinareng kasalametan mugia dilélérkeun ka jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad
SAW., ku jasa mantenna anu parantos maparin patwa ka urang sadaya dugi ka terang mana anu
haq sareng mana anu bathil. Mugia urang sadaya kalebet umat anu taat kana ajaran mantenna.

Bapa sareng Ibu Guru,sareng réréncangan sakola sadaya anu dipikacinta,


Sim kuring atas nami wakil murid kelas genep/salapan/dua belas, seja ngadugikeun katineung,
kedal lisan dina raraga paturay tineung. Bapa sinareng ibu guru anu dipikacinta, cunduk waktu
ninggang mangsa, ...... taun teu karaos sim kuring saparakanca diatik dididik sagalaning elmu
pangaweruh anu teu kinten seueurna jasa bapa miwah ibu guru sadaya. Sim kuring sadar yén
salami .... taun tos tinangtos seueur ngalakukeun hal-hal anu matak musingkeun sareng
pikakeuheuleun. Kumargi sakitu, sim kuring saparakanca seja neda sih hapuntenna tina
samudayaning kalepatan.

Kalih ti éta sim kuring saparakanca seja neda pidua ka bapa, ibu guru supados tiasa neraskeun
diajar ka sakola nu langkung luhur. Teu hilap ka adi-adi sadaya nu masih kénéh aya di bangku
sakola ti kelas ... dugi ka kelas ... , mugi sing getol diajar, sareng sing taat kana piwuruk bapa
sareng ibu guru.

Bapa, ibu guru, sadaya nu sami hadir nu dipikacinta.


Sakitu katineung ti sim kuring, kirang langkungna hapunten anu kasuhun.
Wabillahi taufik walhidayah
Wassalaamu alaikum wr. wb.

Anda mungkin juga menyukai