Anda di halaman 1dari 2

PIDATO PERPISAHAN

Bismilaahirrohmanirrohiim,

Assalaamual'aikum wr. wb.


Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun hatur nuhun ka pihak panitia anu parantos
masihan waktos kanggo sasanggem dina ieu acara. Hapunten anu kasuhun, saupami aya
pisanggem anu kirang merenah, boh basana boh tata kramana.
Bapa Kapala Sakola miwah Bapa sareng Ibu Guru, katut para sepuh nu hadir di ieu
tempat,
Kitu deui sakumna réréncangan sakola sadaya,

Dinten ieu, dina raraga paturay tineung murid kelas genep tipayun mangga urang
sasarengan nyanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti Nu Maha Suci, réh maparinan
taufik sareng hidayah-Na, dugi ka danget ieu urang sadaya aya dina séhat wal afiat.
Pamugi ku kasumpingan urang sadaya kénging ridho ti Alloh SWT.
Solawat sinareng kasalametan mugia dilélérkeun ka jungjunan urang sadaya Nabi
Muhammad SAW., ku jasa mantenna anu parantos maparin patwa ka urang sadaya dugi
ka terang mana anu haq sareng mana anu bathil. Mugia urang sadaya kalebet umat anu
taat kana ajaran mantenna.

Bapa sareng Ibu Guru,sareng réréncangan sakola sadaya anu dipikacinta,


Sim kuring atas nami wakil murid kelas genep SD Negeri Tugu, seja ngadugikeun
katineung, kedal lisan dina raraga paturay tineung. Bapa sinareng ibu guru anu
dipikacinta, cunduk waktu ninggang mangsa, teu karaos sim kuring saparakanca diatik
dididik sagalaning elmu pangaweruh anu teu kinten seueurna jasa bapa miwah ibu guru
sadaya. Sim kuring sadar yén salami tilu taun tos tinangtos seueur ngalakukeun hal-hal
anu matak musingkeun sareng pikakeuheuleun. Kumargi sakitu, sim kuring saparakanca
seja neda sih hapuntenna tina samudayaning kalepatan.
Kalih ti éta sim kuring saparakanca seja neda pidua ka bapa, ibu guru supados tiasa
neraskeun diajar ka sakola nu langkung luhur. Teu hilap ka adi-adi sadaya nu masih
kénéh aya di bangku sakola, mugi sing getol diajar, sareng sing taat kana piwuruk bapa
sareng ibu guru. Kitu ogé ka almamater urang sadaya, mugia sakola ieu sing langkung
nanjeur ku préstasi-préstasina katut pangeusina diharepkeun sing tiasa ngajagi ngaran
ieu sakola.

Bapa, ibu guru, sadaya nu sami hadir nu dipikacinta.


Mung sakitu anu kasuhun, bade dipungkas waé ku sisindiran:
Saninten buah saninten
dipilih di parapatan
Hapunten abdi hapunten
bilih seueur kalepatan

Wabillahi taufik walhidayah


Wassalaamu'alaikum wr. wb.
PIDATO PERPISAHAN
Assalamu 'alaikum wr wb...
Bapa Kapala Sakola, Ibu Bapa Guru, Para Sepuh sareng tamu uleman anu hadir di ieu tempat
kango ngahadiran acara Paturay Tineung murangkalih kelas 6.

Langkung tipayun, hayu urang manjatkeun puji sinareng sukur ka dzat Ilahi Robbi. Kalayan
Qodrat Mantena urang tiasa patepang dina ieu waktos kalayan sehat wal afiat.

Solawat sinareng salam, mugia tetep dilimpahkeun ka junjunan urang sadayana habiibanaa wa
nabiyyanaa Muhammad Sollalloohu Alaihi wa Sallam. Atuh teu hilap oge ka kulawargana, ka
para sahabatna, sareng mudah-mudahan dugi ka para pengikutna anu setia ngajalankeun
sunnah anjeuna, kalebet urang. Aamiin.

Ibu-Ibu sareng Bapa-Bapa anu ku sim abdi dipihormat. Teu karaos, sababaraha taun ka pengker
abdi asa nembe dibantun ku pun Ema kadieu kanggo daftar sakola. Ayeuna, abdi teu karaos
parantos bade ninggalkeun sakola ieu.

Kenangan-kenangan anu tos diukir di ieu sakola boh ku abdi atanapi ku rerencangan nu sanes
karaos endah. Katambih deui, abdi sareng rengrengan parantos di bimbing kalayan tulus ku Bapa
sareng Ibu Guru.

Hapunten Pa... Hapunten Bu... pami salami ieu abdi sareng rengrengan sering ngadamel ka teu
raos dina manah Ibu sareng Bapa. Bilih mah aya nu ka hinis ku raheutna ieu lisan, neda
dihapunten kalayan peraosan anu tulus. Mugia Ibu sareng Bapa tiasa ngahapunten kana sagala
ka hilapan abdi sadayana.

Dina dinten ieu abdi sareng rengrengan bade papisah ti Ibu sareng Bapa, ngalampah kahirupan
engal. Hatur nuhun kana elmu anu parantos diwariskeun, mudah-mudahan janten elmu nu
manfaat sareng janten amal soleh kanggo guru nu parantos ngadidik abdi ku ka ikhlasan.

Pa... Bu...

Doakeun abdi supados janten jalmi anu berguna. Sok sanaos elmu ngan sakeupeul peureup,
namung abdi hoyong berusaha kanggo janten langkung sae ti ayeuna.

Sapertos papatah anu sering ku Ibu Bapa disebatkeun sok kakuping ku cepil sareng nyerep dina
hate ieu. Kirang langkung sapertos kieu: Jang... Nyi... Elmu mah moal beurat dicacandak. Upami
janten jalmi kedah nurut kana elmu pare, tambih eusina tambih tungkul.

Papatah eta Insya Allah bade dijantenkeun semboyan hirup abdi pribadi umumna panginten ku
rengrengan nu sanesna.

Mung sakitu anu tiasa didugikeun ku abdi salaku perwakilan ti kelas ... . Hatur nuhun kana sagala
perhatosanna.

Di tutup ku doa

Robbigfirlii wali waalidayya warhamhumaa kamaa rabbayaani shogiiron. Robbanaa aatinaa


fiddunya hasanah wa fil-aakhirati hasanah, waqinaa adzaabannaar.

Wassalamu alaikum wr wb...

Anda mungkin juga menyukai