Anda di halaman 1dari 5

TUGAS MC PENTAS SENI ( PENSI ) BASA SUNDA

Disusun oleh :

 Nabilla Quina Nur Kusmawan


 Rio Saputra

XII IPA 4

SMA NEGERI 10 BANDUNG


MC BASA SUNDA

SUSUNAN ACARA

No Waktu Acara / Kagiatan Penanggung jawab


1. 09.00 – 09.10 Bubuka MC
2. 09.10 – 09.20 Maca Ayat Suci Aal-Qur’an Repan & Repin
3. 09.20 – 09.30 Pamapag ti ketua pelaksana Cristian
4. 09-30 – 09.40 Pamapag ti ketua osis Nufail
5. 09.40 – 09.50 Pamapag ti Komite Sakola Bapak Adi
6. 09.50 – 10.00 Pamapag ti kepala Sakola Bapak Yoyo
7. 10.00 -10.15 Nyanyian Daerah Eskul Padus
8. 10.15 – 10.20 Nyebutkeun sponsor MC
9. 10.15 – 10.45 Talkshow ngeunaan medsos Adjie
10. 10.45 – 11.00 Games berhadiah MC
11. 11.00 – 11.20 Tarian Daerah ( Jaipong ) Eskul Lises
12. 11.20 – 12.20 BREAK Panitia
13. 12.20 – 12.30 Pidangan Akustik Tian & Ian
14. 12.30 – 13.00 Kabaret budaya daerah Bengsas
15. 13.00 – 13.10 Stand Up komedi Rifky
16. 13.10 – 13.40 Pidangan band & Ansambel Kelas XII IPA 4
ti kelas XII IPA 4

17. 13.40 – 13.50 Do’a Repan & Repin


18. 13.50 - 14.00 Panutup MC
Assalamualaikum wr.wb
Sampurasun nu kasuhun ka pupuhu SMAN 10 Bandung, komite sakola, guru-guru
SMAN 10 Bandung, bagea ka siswa-siswi SMAN 10 Bandung, saderek sadayana nu hadir dina
acara ieu.
Sateuacana sumangga urang sasarengan nyanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti Nu
Maha Agung anu parantos maparin kasehatan sareng kakiatan ka urang sadaya. Alhamdulillah
ku jalaran nikmat ti manten-Na dina danget ieu urang tiasa kempel ngariung di ieu tempat dina
raraga “Pentas Seni ( PENSI ) SMAN 10 Bandung”.
Sholawat sinareng salam, urang sanggakeun ka jungjunan alam Nabi Muhammad SAW. ,
ka para kulawargana, para sohabatna, kalih urang salaku umatna. Amin.
Langkung tipayun simkuring nepangkeun wasta abdi Nabilla Quina Nur K sareng
rerencangan abdi Rio Saputra.
Sateuacana, didieun aya sababaraha rupi acara. Simkuring bade medarkeun heula
runtuyan acarana diantawisna:
1. Bubuka
2. Maca Ayat Suci Aal-Qur’an
3. Pamapag ti ketua pelaksana
4. Pamapag ti ketua osi
5. Pamapag ti Komite Sakola
6. Pamapag ti kepala Sakola
7. Nyanyian Daerah
8. Nyebutkeun sponsor
9. Talkshow ngeunaan medsos
10. Games berhadiah
11. Tarian Daerah ( Jaipong )
12. BREAK
13. Pidangan Akustik
14. Kabaret budaya daerah
15. Stand Up komedi
16. Pidangan band & Ansambel ti
kelas XII IPA 4
17. Do’a
18. Panutup
1. ( BUBUKA )
Supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga urang kawitan wae ieu acara ku aosan
basmallah sasarengan. Bismillahirrahmanirrahim.

2. maca ayat suci Al-Quran

Hadirin, salajengna hayu urang sami-sami regepkeun aosan ayat suci Al-Quran anu bade
didugikeun ku saderek Repan sareng repin dihaturanan.

3. pamapag ti Ketua pelaksana


Salajengna nyaeta laporan ti pupuhu panata calagara. Ka saderek Cristian dihaturanan.

4. pamapag ti Pupuhu Osis


Lajeng, acara nu kagenep nyaeta laporan ti pupuhu OSIS. Ka saderek Nufail dihaturan.

5. pamapag ti Komite Sakola


Salajengna, acara nu kasapuluh kedal lisan ti Komite Sakola . Bapak Adi anu ku
simkuring dipihormat dihaturanan.

6. pamapag ti pupuhu sakola


Salajengna, acara nu kasapuluh kedal lisan ti pupuhu sakola. Bapak Drs. H Yoyo anu ku
simkuring dipihormat dihaturanan.

7.Pidangan nyanyian daerah ku eskul padus


Nincak kana acara nu katujuh, hayu urang sami-sami nyakseni mangrupi pidangan
nyanyian daerah ti eskul padus.

8.Nyebutkeun sponsor
Sateuacan urang lanjut kana acara salanjutna aya sababaraha sponsor anu tos ikut
nyukseskeun ieu acara diantawisna aya : sosis so nice, mijon, pop mie, Kartu XL, jsb

9. TAKTINIT ngeunaan medsos


salajengna, acara nu kasalapan nyaeta mangrupi TAKTINIT. Naon sih Taktinit teh?
Nyaeta Talkshow tilu puluh menit. Mangga ka saderek Adjie dihaturan.

10. Games Berhadiah


Lajeng ti acara sateuacanna tah ieu acara teh aya sangkut pautna jeung talkshow, nyaeta
games ngeunaan talkshow nu bieu parantos ku adji di sampekeun.
11.pidangan jaipong ku eskul lises
salajengna, acara nu kasalapan nyaeta mangrupi pidangan tarian Jaipong ku eskul Lises.
Wilujeng nyakseni.

13. ( BREAK )
Kusabab waktosna mepet kana shalat dzuhur mangga urang ngalaksanakeun heula kawajiban
nyaèta sholat dzuhur, rengse ti sholat dzuhur hayu urang teraskeun deui tabuh 12.20.

Assalamualaikum wr.wb
Urang kempel deui neraskeun acara “PENSI X”. mangga hayu urang teraskeun kana
acara salanjutna nyaeta …

13. pidangan akustik ku Tian & Ian


Aya pidangan akustik ti Tian & Ian, Hayu urang sami-sami nyakseni.

14. pidangan kabaret daerh ku bengsas


Ayeuna urang nincak kana acara puncak atawa acara nu ditunggu tunggu, mangrupi
pidangan kabaret daerah ku bengsas, wilujeung nyakseni.

15. stand up comedy ku Rifky


Salajengna nyaèta aya nu resep ngabodor atawa tiasa disebat stand up comedy, ka
saderek Rifky dihaturan.

16.pidangan Band & Ansambel Ti XII IPA 4


Salajengna aya pidangan band sareng ansambel ti kelas XII IPA 4,supados
ngaefektifkeun waktos hayu urang sami-sami nyakseni.

17. DO’A
Lajeng, acara nu katujuh belas nyaeta doa. Ka saderek Repan sareng Repin .dihaturan
kanggo mingpin doa.

18. Panutup
bu miwah bapak sareng sadayana anu hadir dina ieu acara anu ku simkuring dipihormat.
Runtuyan acara parantos dilaksanakeun. Mugi-mugi ieu acara teh aya mangpaatna.
Rupina ieu acara teh urang pungkas wae, simkuring Nabilla Quina Nur Kusmawan
sareng Rio Saputra bade undur diri hapunten bilih aya atawa loba kalepatan. Hatur nuhun
kana perhatosannana. Mangga urang tutup ku Maca hamdallah sasarengan.
Alhamdulillahirabbilalamin….Wassalamualaikum wr.wb

Anda mungkin juga menyukai