Anda di halaman 1dari 2

(cepat)

[senyum] Assalamualaikum wr. wb.

Sampurasun //

Pamiarsa /wilujeung patepang di warta sunda, nu baris ngadugikeun bewara-bewara sabudereun


kabupaten Kuningan, bewara-bewara anu baris dipidangkeun diantarana(renggang): // [serius]

1. Kamekaran desa Cinagara / dina widang pamarentahan.


2. PERSIB Bandung tandang / makalangan ngalawan PESIK Kuningan.
3. Kasadaran masarakat dusun Ledug kacamatan Maleber dina perkara atikan.

Pamiarsa, bewara salengkepna baris dibacakeun ku sim kuring WINGGA HANDIKA.//

(pelan)
Bewara / anu munggaran,

Pamiarsa,
(cepat)
[datar] Kamekaran desa Cinagara / dina widang pamarentahan.//
(tinggi)
Nurutkeun salah saurang tokoh masarakat, (rendah)dina tanggal 21 April 2013 / nyaeta bapa
Suryaman. (tinggi)Di desa Cinagara / baris lumangsung pargantian kapala desa,(rendah)dina bulan
oktober /2013. (tinggi)Aya opat calon kapala desa Cinagara. (tinggi)Salah sahijina,(rendah)aya anu
dipunjulkeun ku masarakat / nyaeta bapa Jaenudin S.Pd,(rendah)lantaran umurna anu ngora keneh /
jeung pendidikana kaasup luhur. (tinggi)Salian eta, anjeunna kaasup jalma anu jujur / someah / tur
sopan kasasama.// (tinggi)Kalihna ti eta, di desa Cinagara / 3 minggu katukang tos diayakeun
pamilihan anggota BPD / wawakil ti unggal dusun. (tinggi)Anggota BPD anyar jumlahna 11 jalmi /
tos siap dilantik tur disahkeun / dina akhir bulan Mei 2013 ku bapa Bupati.

(pelan)
Bewara / anu salajengna,
(cepat)
[antusias] PERSIB Bandung tandang / makalangan ngalawan PESIK Kuningan.//
(tinggi)
PERSIB Bandung/ ngayakeun tandang makalangan silaturahmi ngalawan PESIK Kuningan,
(rendah)
di stadion Masud Kuningan. (tinggi)Pasukan PERSIB / anu ngabogaan jujuluk / maung
Bandung nu tandang ka Kuningan / lain PERSIB nu ayeuna / nu keur milu kompetisi,(rendah)tapi
PERSIB legenda / dina mangsa jaman baheula. (tinggi)Pamaen nu harita daratang ka Kuningan /
diantarana Yaris Riyadi, Sutiyono, Yudi Guntara, Asep Dayat, Samai Setiadi, Yusup Bahtiar,
jeung nu sejenna. (tinggi)Kalayan dibarengan ku pelatih Indra Tohir jeung Max Timisela. (tinggi)Sok
sanajan pamaen PERSIB / nu datang / pamaen nu geus karolot / nu geus langka / maen deui di
lapangan / tapi nu lalajo kacida tumplekna. (tinggi)Nepika lapangan stadion / pinuh ku bobotoh/ nu
datang ti dayeuh Kuningan jeung kota-kota disabudereunanna. (tinggi)Dina eta pertandingan /
PERSIB Bandung eleh 1-0 ku PESIK Kuningan.

(pelan)
Bewara / anu pamungkas,
(cepat)
[datar] Kasadaran masarakat dusun Ledug kacamatan Maleber dina perkara atikan.//
(tinggi)
Nurutkeun kapala sakola MI Ledug,(rendah)dina tanggal 26 April 2013 / nyaeta bapa KOSIM
A.Md. (tinggi)Jumlah siswa kelas genep / anu baris kaluar taun ajaran 2012 / 2013, (rendah)jumlahna
aya 42 urang. (tinggi)Anu baris neruskeun ka SLTP jumlahna 36 urang, (rendah)nyaeta 12 urang ka
SMP / jeung 24 urang ka MTs. (tinggi)Sedengkeun anu 6 urang mah / bade di teraskeun ka pondok
pasantren. (tinggi)Dina eta hal, yen tingkat kasadaran masarakat dusun Ledug / kana atikan cukup
hade. (tinggi)Rupina ieu mangrupa rojongan ti sepuh-sepuhna / jeung ti pamarentah anu tos
ngabebaskeun biaya sakola / ti mimiti tingkat SD nepi ka SMP.

Pamiarsa / sakitu warta daerah nu kasanggakeun. Wilujeung tepang deui dina waktos sareng
gelombang anu sami. Sim kuring WINGGA HANDIKA seja amit mundur amit mungkur.

Wassalamualaikum wr.wb.

Anda mungkin juga menyukai