Anda di halaman 1dari 2

Assalamu’alaikum Wr.

W
Sampurasuuuuuunnn….!!!!!!

Puji sinareng syukur tipayun mangga urang haturkeun kahadirot Allah SWT.
Anu parantos maparin ni’matna ka urang sadayana dugika tiasa urang ngariung di
tempat ieu ngajalir silaturahmi.
Solawat miwah salam mangga urang panjatkeun ka junjunan alam nyaeta
habibana wanabiyana kangjeng Nabi Muhammad SAW.
Oge kakulawargina , ka para sohabatna, oge mudah-mudahan dugi ka urang
sadayana anu sami-sami mutaba’ah ka anjeuna dugi ka akhir zaman. Amiiiinnn
Girang pangajen , miwah hadirin samudayana anu ku sim kuring dipika
hormat.
Sim kuring bade ngadugikeun biantara “ ngamumule Baha Sunda “
Girang pangajen miwah hadirin sadayana, miara sareng ngamumule Basa
Sunda teh kacida pentingna. Utamina kangge urang sadayana anu netep di Jawa
Barat nu ngagaduhan program salasa nyunda. Tangtos kedah ngagunakeun basa
sunda kangge komunikasi sadidintena.
Nanging, upami ditingali dina sadidinten ayeuna seueur anu kirang wanoh
kana basa sunda. Aya dina wanohna oge wanoh kana basa sunda nu kasar.
Malahan mah teu apal undak usuk basa kumaha nyarios ka saluhureun, ka
sahandapeun, sareng kanu sapantaran.
Rasa ka reueus sareng rasa kacinta kana basa sunda tos luntur. Seueur ibu
rama pituin urang sunda tapi nyarios sadidinten ka putrana ngange basa Indonesia.
Ningal kaayaan anu sapertos kitu, sim kuring ngaraos ketir. kumaha saupami dina
mangsa nu baris dongkap basa sunda teh baris kantun dongengna wungkul ?
Ku jalaran eta hayu atuh urang kawitan ku urang anu ngaraoskeun urang
sunda mah,urang ngamumule basa sunda. Lagu..
Janten, supados generasi urang sunda bisa ngamumule basa sareng sastra
sunda teh langkung tipayun kedah di wanohkeun ti alit keneh. Kumargi kitu,hayu
urang gunakeun basa sunda anu leres undak usuk basana,lentong sareng rengkuhna
dina unggal gunem catur.
Girang pangajen miwah hadirin sadayana, rupina sakieu anu kapisangem ku
simkuring mugia teu aya gantar kakaitan. Rumaos sepi ku pangarti, sepa ku
pangabisa.
Dipungkas ku sisindiran
Tangkal paria jeung dongdoman
Parab lele jeng lauk nila
Kasadayana para nonoman
Hayu mumule basa sunda

Jalan – jalan meli tomat


Balikna meuli calana
Girang pangajen nu dipihormat
Sing angeung masihan nilaina

Nyai inten nyai inten


Linggihna di parapatan
Hapunten abdi hapunten
Bilih seueur kalepatan

Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakaatuh.

Anda mungkin juga menyukai