Anda di halaman 1dari 2

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Kumaha sadayana damang?


Hatur nuhun ka pembawa acara sim pribados dipasihan waktos.
Nu dipihormat ka dewan juri mugia salawasna aya dina ridho Allah SWT.
Ka cai jadi saleuwi
Ka darat jadi salogat
Ka cai sing geura mandi
Ka darat sing geura urang sholat
Dulur sadayana,
Bagja hate sim kuring trasa anclub tina kagiatan ngamumule urang sadayana,
nyaeta budaya sunda. Soalna saha deui anu rek ngamumule budaya sunda lamun
lain urang salaku urang sunda, ulah kawas kajadian kapungkur, sampe kasenian
angklung diklaim ku negara Malaysia. Rahayat daremo. Tapi, pas ditaros tiasa
maenkeun angklung? Gegeb teu bisa! Moal aya nu ngaku kabudayaan batur lamun
urang cinta kana budaya urang sarerea moal aya nu ngaku yen angklung the
kabudayaan anjeuna lamun urang salaku urang sunda, bangga sareng tiasa
maenkuenana. Akuur?
Dulur sadayana?!
Alhamdulillah di SD Negeri Cihideung Udik 02 aya hiji program kasundaan nyaeta
“Ngamumule Basa” dina dinten kamis. Teuras dina dintenn eta, jadi “Dinten Kamis
Nyunda”. Naon bae kagiatanana?
1. Diajar pupuh, mimiti tina pupuh Kinanti, Balak Bak, Maskumambang,
Pucung, Ladrang jeung sajabana;
2. Diajar ngaran-ngaran patukangan;
3. Diajar ngaran-ngaran anak sato;
4. Diajar ngaran-ngaran kekembangan jeung sajabana.
Teuras hiji deui nu penting nyaeta diajar nyarios nu lemes, ka rerencangan
sareng kasaluhureun. Barudak ge dina dinten kamis the ngangge pakean sunda, nu
istri ngangge kabaya, nu pamegeut ngangge baju pangsi sareng iket sirah atanapi
totopong. Meuni geulis jeung gagah katingalna. Tah eta praktek sabenerna ari
urang cinta kana kabudayaan sunda.
Pamungkas sim kuring bade medarkeun peribasa sunda
 Kudu akur jeung dulur, hade jeung baraya
 Kudu nulung ka nu butuh, nalang ka nu susah.
 Sing boga pamadegan hirup, ulah siga awi sumaer dipasir
 Tata titi duduga peryogi
Ka banten ka cisaranteun
Ereuna di parapatan
Hapunteun abdi hapunteun
Bilih aya kaleupatan
Wassalamu’alaikum Wr. Wb,

Anda mungkin juga menyukai