Anda di halaman 1dari 3

Biantara Basa Sunda

“TATAKRAMA GAUL RUMAJA DINA KAHIRUPAN SADIDINTEN”

Ku: Siti Aisah

Kelas IV

SDN MEKARMUKTI 02

UPTD PENDIDIKAN KECAMATAN TALEGONG

GARUT

2014
Biantara Basa Sunda
Judul: Tatakrama Gaul Rumaja dina Kahirupan Sadidinten

Bismillahirrohmanirrohim
Assalamualaikum Wr.Wb
Alhamdulillahiladzi wasolatu wasalamu a’la asrofil ambiyai walmursalin wa’ala alihi wasohbihi
ajmain ama ba’du.
Puji sareng syukur hayu urang panjatkeun ka hadirat Allah swt. Solawat sareng salam mudah-
mudahan salamina tetep dicurah limpahkeun ka jungjunan urang sadaya habibana wanabiana
Muhammad saw.
Dewan juri nu ku sim abdi dipihormat, sim abdi ngahaturkeun rebu nuhun ka bapa kalih ibu
nu parantos masihan kasempetan. Nepangkeun wasta abdi Siti Aisah salaku utusan lomba biantara ti
Kecamatan Talegong dina raraga Seleksi Prestasi dan Kreativitas Siswa atanapi nu sering di sebat
SPKS. Teu hilap ka Bapa miwah Ibu guru oge rerencangan sadayana ti Kecamatan Talegong, hatur
nuhun parantos masihan kapercantenan ka sim abdi.
Dewan juri miwah para saderek sadayana dina kasempetan ieu sim abdi seja medar judul
biantara nyaeta: “TATAKRAMA GAUL RUMAJA DINA KAHIRUPAN SADIDINTEN”
Dina kahirupan sadidinten tangtos urang teh kedah campur gaul, margi upama teu kitu tangtos
hirup urang bakal “kuper” alias kurang pergaulan pami saur bahasa gaul rumaja ayeuna mah, namung
kedah diemut omat dina campur gaul urang kedah terang tujuannana supados henteu salah kaprah,
komo dina milari sobat mah kedah leres-leres nu ku urang tiasa diajak dina kasaean sanes nu ngajak
ka urang kana jalan nu teu sae.
Dewan juri miwah para saderek sadayana,
gening aya kalimah nu nyebatkeun pangsae-saena sobat dina campur gaul teh nyaeta sobat anu
tiasa nuduhkeun urang kana jalan kasaean. Janten sanes sobat disebatna, upama eta jalma ngajak ka
urang kana jurang kahinaan. Ulah lepat masyarakat di urang mah masih keneh nyepeng tata, titi,
tindak, tanduk, sareng sopan santun nu ku urang kedah dipilampah. Upama urang teu milampah eta
tatakrama tinangtu urang bakal di cap jalma nu kirang tatakrama, jalma nu teu gaduh kasopanan,
sareng jalma nu teu hade budi basana.
Dewan juri miwah para saderek sadayana,
kiwari seueur pisan para rumaja nu teu nganggo tatakrama. Boh dina campur gaul, atanapi
dina ngajalankeun kahirupan sadidinten. Contona wae seueur rumaja putri kiwari nu teu tiasa
ngajalankeun tatakrama dina nganggo anggoan. Seueur rumaja anu nganggo acuk pungsat bahan
sareng merecet kawas leupeut, dugika nu sakedahna ditutupan kabuka ku acuk nu sapertos kitu. Pan
matak lingsem ninggalna oge. Tapi gening sok aya oge nu kadang istigfar bari nutup raray ku ramo
anu carang. Sapertos kieu. “Astagfirullohhaladzim”. Bari teras di tinggal ku anjeuna. Aya anu
sapertos kitu ibu bapa di palih dieu? Ah henteu panginten nya didieu mah, teu sakedik. Mung pami
dumasar kana kabudayaan urang mah seuseueurna anu lingsem pami ninggal anu kitu teh. Leres
kitu?
Dewan juri miwah para saderek sadayana,
hal nu sapertos kitu teh panginten hasil nitenan tina budaya deungeun. Hanjakal budaya nu
awon nu di candakna, sanes nu saena. Anggoan sapertos kitu pantes kanggo urang barat mah, tapi teu
pantes upama dianggo ku rumaja putri di urang anu nyepeng tata, titi, tundak, tanduk, duduga,
peryoga, sareng dumasar kana agama mah.
Dewan juri miwah para saderek sadayana,
Sakedahna mah panginten rumaja putri teh ngangge anggoan nu langkung sopan supados raos
katinggalna. Anu nutupan nu sakedahna kedah di tutup. Dina hal ieu peryogi pisan pangawasan tinu
janten sepuhna supados para remaja khususna dina hal ieu mah rumaja putri teu lepat dina milih
pergaulanna. Mudah-mudahan rumaja putri di urang mah tiasa janten rumaja putri anu soleha. Amin.
Dewan juri miwah para saderek sadayana nu ku sim abdi di pihormat,
mung sakitu biantara nu kapihatur, bilih aya basa nu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu
kirang merenah larapna mugi kersa ngahapunten. Hatur nuhun kana perhatosanna. Billahi taufik
walhidayah Wassalamualaikum Wr. Wb.

Anda mungkin juga menyukai