Anda di halaman 1dari 2

PEMERINTAH KOTA BANDUNG

DINAS PENDIDIKAN
SEKOLAH MENENGAH PERTAMA NEGERI 51
Jl. Derwati-Rancasari Telepon (022) 7563831 Bandung 40296

Lembar Kerja Materi Kecap Rajekan


Bahasa Sunda Kelas 8
Tahun ajaran 2021-2022

WASTA : Athallah Muafa Shidqi


KELAS : 8.1
Materi

Kecap Rajékan (Basa Sunda)

Kecap rajekan nya eta kecap anu disebut dua kali boh engangna atawa wangun
dasarna. Salian ti di rajek engang atawa wangun dasarna, ilaharna aya oge nu
ditambahan ku rarangken, boh rarangken hareup atawa rarangken tukang.

Kecap Rajekan kabagi kana sababaraha jinis, diantarana:


1. Rajekan Dwipurwa
Rajekan dwipurwa asalna tina dua kecap nya eta "dwi" nu hartina dua
jeung "purwa" nu hartina mimiti atawa awal. Rajekan dwi purwa kaasup kana
rajekan nu dirajek engangna atawa suku katana. contona: Mobil jadi
momobilan, motor jadi momotoran.
2. Rajekan Dwimadya
Rajekan dwi madya asalna tina dua kecap nya eta "dwi" nu hartina dua
jeung madya nu hartina tengah. Jadi rajekan dwimadya nya eta kecap anu
dirajek engang tengahna. contona: Sapeuting jadi sapeupeuting, sapoe jadi
sapopoe.
3. Rajekan Dwilingga
Rajekan dwilingga nya eta kecap anu dirajek wangun dasarna. Anu di
dirajek wangun dasarna bari teu ngarobah sora (Dwimurni), jeung dirajek
wangun dasarna bari ngarobah sora (Dwi reka). Conto kecap rajekan
dwimurni: mobol-mobil, motor-motor, jalma-jalma, jrd. conto kecap rajekan
dwireka: Pulang-pelong, luak-lieuk, tual-toel, jrd.
4. Rajekan Trilingga
Rajekan trilingga nya eta kecap anu dirajek atawa disebut tilu kali wangun
dasarna. ilaharna ngan kecap nu dirajek ku rajekan trilingga ngan diwangun
ku 3 atawa 4 hurup. Contona: tang-ting-tung, dat-dit-dut, trang-tring-trung,
jrd.
Latihan soal
A. Lengkepan kecap rajekan anu merenah tina kecap anu aya dina kurung
ditukangnana.
1. Ari maneh Ujang budak bedok bet kawas kolot . (Budak)
2. Ngomong teh ulah bari jeung popolotan atuh! (popolot)
3. Ku naon nyai, iimutan bae aya nu lucu? (imut)
4. Manehna mah ti laleutik resep kana wayang. (leutik)
5. Oman mah laleutik oge tanagana mah bedas . (leutik)
6. Eta jelema teh rek naon nya bulak balik bae ka dieu . (bulak)
7. Bakating ku sieun nepi ka blug blig blog labuh. (blug)
8. Kang iman keur bebedil ka leuweung tiis (bedil)
9. Aki wira teh kokolotan dilangkaplancar. (kolot)
10. Ari balik sakola teh ulah sok luas leos ka mana bae. (leos)

B. Jieun kecap rajekan tina kecap-kecap dihandap tuluy larapkeun kana kalimah
anu merenah!

1. Balik
Kecap rajekan dwipurwa : mun balik tong momotoran heula
Kecap rajekan dwimurni : mun maen tong sapopoe
Kecap rajekan dwireka : mun balik tong luas leos heula
2. Koreh
Kecap rajekan dwipurwa : tong kokorehan, ngke kotor tangan na
Kecap rajekan dwimurni : mun hayang ngoreh tong sapopoe
Kecap rajekan dwireka : mun ngoreh kudu melang melong sakitar
3. Tulung
Kecap rajekan dwipurwa : mun gotong royong kudu tutulungan
Kecap rajekan dwimurni : maneh kudu tutulungan meh teu aya nu iri
Kecap rajekan dwireka : mun ujian tong tulang tulung sarerea
4. Bedil
Kecap rajekan dwipurwa : kakek rek bebedil heula ka sawah
Kecap rajekan dwimurni : mun rek nga bedil tong sapopoe
Kecap rajekan dwireka : bedal bedil wae, tulungan ieu

Anda mungkin juga menyukai