Anda di halaman 1dari 2

Nama: Laila Kristina Hendrawan

Kelas: XII MIPA 1

Assalamu‘alaikum Wr. Wb.

            Langkung tipayun, hayu urang panjatkeun puji sinareng sukur ka Gusti anu Maha Suci, anu Maha
Welas tur Maha Asih henteu aya pilih kasih kasugri nu kumelip di ieu bumi, anu parantos maparin
rahmat sareng hidayahna ka urang sadayana. Ku rahmat sareng hidayah manten-Na urang sadaya tiasa
kempel ngariung dina acara Milangkala Kota Bandung ka 206 ieu.

            Teu hilap, shalawat sinareng salam mugia salamina dilungsurkeun ka jungjunan urang sadaya,
Nabi Muhammad SAW., ka kulawargana, ka sahabatna, katut ka urang sadaya salaku umatna, amin ya
Allah ya rabbal‘alamin.

            Bapa miwah Ibu anu ku sim kuring dipihormat,

Dina danget ieu sim kuring bade ngadugikeun biantara ngeunaan micinta / ngamumule budaya
sunda. Micinta / ngamumule budaya sunda nya eta kawajiban urang sadaya anu cicing ditataran Jawa
Barat. Budaya urang teh saleresna mah seueur pisan, tikawitan bahasana, kasenianana,
kasusastraanana, kadaharanana, tingkah laku atanapi etika paripolahna, jste.

Anu kahiji nya eta bahasana, basa sunda. Basa sunda kedah dijaga kalestarianana, sabab upami
urang kedah ngamumule budaya sunda, kedah dikawitan tina bahasa. Upami urang henteu
ngalestarikeun bahasa urang, budaya sunda anu sanesna pasti moal kalestarikeun kaayaanana.

Anu saterasna nya eta ngeunaan kasenian sunda. Saleresna dina widang kasenian oge urang teh
kalintang beungharna, diantarana bae aya Jaipongan, Angklung, Calung, Degung, Reog, Wayang Golek,
Kuda Lumping, Pencak Silat, Bajidoran, Kacapi Suling, Cianjuran, Ronggeng Gunung, jste. Malah aya anu
tos dipikawanoh ku dunya luar, nya eta Jaipongan sareng Angklung. Tapi beuki dieu, kasenian-kasenian
sunda beuki kaelehkeun ku kasenian moderen, anu pangaruh tina globalisasi tea. Tah, ieu janten emutan
kanggo urang sadaya kanggo ngamumule kasenian-kasenian urang anu jadi kabanggaan urang sarerea.

Saterasna aya kasusastraanan sunda, diantarana bae aya Babad Cirebon, Suluk Wulung Aya,
Wawacan Angling Darma, Kitab Waruga Jagat, Cariosan Prabu Siliwangi, Cariosan Ratu Galuh, jste. Sastra
sunda anu teu hilap kedah dilestarikeun nya eta aksara sunda. Aksara sunda ieu, urang kedah tiasa
ngamumule, pikeun anak incu urang isukan masih keneh tiasa mikawanoh aksara sunda. Piraku ari urang
sunda teu tiasa aksara sunda-aksara sunda acan mah.

Anu salajengna nya eta kadaharan asli urang sunda. Aya Apeum, Awug, Combro, Dodol, Onde,
Peuyeum, Ranginang, Surabi, jste. Kadaharan urang sunda ieu kedah dimumule, ulah nepi ka elehkeun
ku kadaharan jaman kiwari anu loba pangaruh ti budaya barat.
Anu terahir nya eta, tingkah laku / etika urang sunda anu kawentar ku someahna. Sopan santun
urang sunda ieu ulah nepi ka leungit. Ulah ngan basa we basa sunda tapi teu nempokeun tingkah laku
urang sunda.

Hadirin anu dipihormat,

Jadi, urang teh kedah ngiring ngamumule kabudayaan urang. Kabudayaan anu jadi
kabeungharan urang ulah nepi ka geugeus ku kabudayaan luar anu ngajadikeun urang poho kana
kakayaan budaya sorangan. Piraku ari urang deungeun mikaresep budaya urang, ari urang nu bogana
make teu resep teu reueus ku budaya sorangan. Upami sanes ku urang, bade ku saha deui. Ku kituna,
simkuring bade umajak ka sadayana, hayu urang micinta / ngamumule budaya sunda, budaya urang
sarerea. Mugi-mugi kabudayaan urang tiasa kalestarikeun salamina.

Rupina sakitu anu kapihatur, mugia aya mangpaatna kanggo urang sadaya. Hapunten bilih aya
basa anu kirang merenah larapna, bilih aya nu teu raos kana manah.

Wassalamu‘alaikum Wr. Wb.

Anda mungkin juga menyukai