Anda di halaman 1dari 3

Assalau’alaikum Warahmatullahi Wabarakaatuh

Bismillah, Alhamdulillah.

Wassholatu wassalamu 'ala sayyidina wamaulana wasyafi'ana Muhammad


Rasulillah wa 'ala alihi wa shohabatih wa man tabi'ahu wa jamaatahu min
yaumina hadza ila yaumi nahdhoh.

Amma ba’du.

Sampurasun!

Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka dzat anu
Maha Suci Allah SWT.

Kalayan qudrat sareng iradat Anjeunna sim kuring tiasa patepung lawung
paamrok jonghok dina dinten anu bagja ieu.

Kangjeng Nabi Muhammad SAW miwah kulawarga sareng para sohabatna,


kalebet urang sadaya salaku umat di akhir jaman.

Mugia dina dinten balitungan jaga urang sadaya kenging safa’at ti mantenna.

Aamiin Yaa Robbal Alamin.

Sholawat miwah salam mugia salamina dilelerkeun ka jungjunan alam.

Juru pangajen miwah hadirin anu sami linggih di ieu tempat nu ku simkuring
dipihormat. 

Simkuring kalintang ngaraos bingah tur bagjana rehna dina kasempetan ieu
simkuring tiasa janten wakil ti SDN Sirnagalih kangge lomba biantara FLS2N
Tingkat Kecamatan

Wasta simkuring Siti Syarifah Multafiani Kelas 3 SDN Siornagalih dina


kasempetan ieu simkuring kenging pancen kangge ngadugikeun biantara anu
judulna “Ngamumule Basa Sunda”.

Juru pangajen miwah hadirin sadaya, miara sareng Ngamumule


Basa Sunda teh kacida pentingna.

Utamina kangge urang sadaya nu netep di Cianjur nu ngagaduhan program


“ngaos mamaos sareng maenpo”. 

Tangtos kedah ngagunakeun Bahasa Sunda kangge komunikasi sadidinten.


Nanging, upami ditingali dina sadidinten ayeuna. Seueur murangkalih anu kirang
wanoh kana Bahasa Sunda.
Dina wanohna oge malahan mah kanu Bahasa Sunda nu kasar. Malihan mah
teu apal undak usuk basa kumaha nyarios ka saluhureun, kasahandapaeun
sareng kanu sapantaran.

Rasa kareueus sareng rasa kacinta kana Bahasa Sunda tos luntur. Seueur ibu-
bapa pituin urang Sunda. Tapi nyarios sadidinten ka putrana ngangge Bahasa
Indonesia.

Ningal kaayaan nu sapertos kitu, simkuring ngaraos ketir. Kumaha saupami


dina mangsa nu baris dongkap. Bahasa Sunda teh baris kantun dongengna
wungkul?

Kujalaran eta hayu atuh urang kawitan ku urang anu ngaraos


urang Sunda mah, urang Ngamumule Basa Sunda. 

Kumaha carana?

Sarat utamina tangtos urang kedah gaduh rasa kacinta reujeung kareueus
kana Bahasa Sunda.

Eta rasa kacinta jeung kareueus teh tiasa kaujudkeun upami tos wanoh.

Janten, supados generasi urang Sunda bisa ngamumule basa sareng


sastra Sunda teh.

Langkung tipayun kedah diwanohkeun ti alit keneh.

Kumargi kiti, hayu urang gunakeun Bahasa Sunda anu leres undak usuk


basana, lentongna sareng rengkuhna dina unggal gunem catur.

Sok sanaos simkuring sakola di SDN Sirnagalih nu sok diajar Bahasa Inggris.

Nanging sakola teu ninggalkeun kana Bahasa Sunda, kabuktos di sakola aya


istilah “Sundanese Day".

Unggal dinten Rebo, simkuring sareng rerencangan sadayana diwajibkeun


ngagunakeun raksukan sareng Bahasa Sunda anu luyu sareng aturan.

Sanes dina basa na wae, di sakola oge diajar kasenian Sunda sapertos


kaulinan barudak, diantawisna, maenpo,

Kakawihan, pupuh, sareng sejarah-sejarah di daerah patilasan Sumedang


Larang anu janten cikal bakal Basa Sunda.

Oge teu hilap diajar tatakrama urang Sunda. Juru pangajen miwah hadirin
sadaya, mung sakieu biantara ti sumkuring. Hapunten pami aya cariosan anu
kirang merenah dina manah.

Kumargi simkuring nuju diajar keneh.


Dipungkas ku sisindiran urang sunda.

Jalan-jalan meuli tomat

Balikna meuli calana

Juru pangajen nu dipihormat

Sing ageung masihan nilaina

Nyai Inten Nyai Inten

Linggihna di parapatan

Hapunten abdi hapunten

Bilih seueur kalepatan

Hatur nuhun.

Wallahul Muwafieq Ilaa Aqwamit Thariq

Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakaatu.

Sunda hurip

Anda mungkin juga menyukai