Anda di halaman 1dari 1

NASKAH BIANTARA FTBI 2023

Sampurasun,
Assalamualaikum warohmatullahi wabarokatuh

Girang Pangajen anu ku simkuring dipihormat, miwah sadaya anu ngaluuhan ieu
acara Festival Tunas Bahasa Ibu.

Puji kalih syukur urang sami-sami sanggakeun ka Gusti Alloh nu maha welas asih.
Sholawat sinareng salam pamugi tetep dumugi ka jungjunan alam Rasulullah
Solallahu Alaihi Wasallam.

Girang Pangajen anu ku simkuring dipihormat, sugri kadangwargi anu sami


sumping.

Kalintang reueusna simkuring kapeto janten wawakil ti sakola, kanggo aub janten
patandang Biantara dina acara FTBI taun 2023. Jujur bae reueus tur riweuh.
Riweuhna mah da kantenan tara nganggo Basa Sunda sagemblengna. Malih,
omat tong tumaros ihwal undak-usuk basa. Rumaos nembe taram-taram diajarna
ge, malih dadakan pisan.

Upami Girang Pangajen tumaros ihwal Sisindiran, Wawangsalan, oge Pupuh ka


simkuring, neda hapunten moal diwaler. Malih, bade disindiran oge moal matak
nanaon ka simkuring mah, da kantenan teu acan ngartos.

Nanging kitu, sanaos nikreuh simkuring bade ngeureuyeuh diajar Basa Sunda anu
samistina. Bade ngeureuyeuh dianggo diterapkeun. Pamugi Bapa/Ibu Guruna teu
bosen-bosen ngawulang sinareng ngabingbingna. Simkuring teureuh Sunda,
pituin Sunda hoyong nyunda anu sajati.

Girang Pangajen anu ku simkuring dipihormat,

Badanten urang badanten


Badanten di parapatan
Hapunten simkuring hapunten
Hapunten samudaya kalepatan

Gumujeng teu tembong waos


Disimbut bating ku tiris.

Imut bari ngagoreng siomay


Bangor oge matak nineung

Sakitu nu kapihatur, langkung saur bahe carek. Hapunten neda tawakup, amit
mundur amit mungkur.

Billahi taufik walhidayah, wassalamu’alaikum warohmatullahi wabarakaatuh.

Anda mungkin juga menyukai