Anda di halaman 1dari 1

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Bahasa Sunda teh disebut bahasa nu beunghar. Sok ku urang perhatikeun


anggota badan urang. Dina Bahasa Indonesia kepala, naon deui kira-kira,
teu aya? Dina Bahasa Inggris nyaeta head, teu aya deui nya? Tapi dina
Bahasa Sunda aya mastaka, sirah, hulu, babatok. Lamun Bahasa
Indonesiana dahar nyaeta makan, teu aya deui. Dina Bahasa Inggris oge
ngan eat, teu aya deui. Tapi dina Bahasa Sunda aya neda, tuang, emam,
dahar, madang, nyatu, ngenyoh, gagares, hahakan, cacapek, cacapluk,
tetegek, tetelih, lelebok, lolodok, papacok, jeung jajablog. Dina Bahasa
Indonesia pan sok aya istilah 7 turunan, dina Bahasa Sunda mah 13
turunan, ti mimiti anak, incu, buyut, bao, janggawareng, udeg-udeg,
gantung siwur, bau sinduk, gerpak, tambak galeng, dengdeng, gumleng,
amleng.

Malah Bahasa Inggris oge loba nu asalna tina Bahasa Sunda.


“Ke sini” Bahasa Inggrisna “come here”, asalna tina “kadieu”
“Diam saja” Bahasa Inggrisna “stay cool” asalna tina “kuuleun”
Dina ciki oge sok aya ngaran “berat kotor” atawa istilah asingna “bruto”,
asalna tina “bureuteu”
“Pintu” Bahasa Inggrisna “door” asalna tina “gegedor panto”

Terus aya sasatoan,


“Angsa” Bahasa Inggrisna “swan”, asalna tina “soang”
“Burung” Bahasa Inggrisna “bird”, asalna tina “hiber”
“Ayam jago” Bahasa Inggrisna “cock”, asalna tina “kongkorongok”
“Anak ayam” Bahasa Inggrisna “chick”, asalna tina “ciak”
“Ikan” Bahasa Inggrisna “fish”, asalna tina “pais lauk”

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Anda mungkin juga menyukai