Anda di halaman 1dari 2

GURU NGOBROL JEUNG KOLOTNA MURID

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Boga budak sakumaha ayana, kolot mah kudu narimakeun. Hayang budak kawas “Megan Fox” ari
borojol kawas “Megantropus”. Hayang kawas “Brithnispear” ari breh kawas “Beurit Nispir”. Hayang
kawas “Justin Biber” ari torojol jadi “Justin Bebel”, tarimakeun ulah kalah diwiwirang. Keur mah kitu,
ari ku batur disebut ABG (Asa Beuki Goreng patut). Tetep kudu sabar.

Salain ti kolot, nu kudu sabar teh nyaeta guru. Manggih murid rupa-rupa, nu kulimis jeung nu koromod
geus biasa. Aya nu matana cileuhan, irungna lehoan, ceulina congean, kulitna

hapuran, sirahna kutuan, nepi ka organ tunggalna tongoan. Tapi ari nu ngaranna guru mah minangka
kolot di sakola, kudu narimakeun.

Sakabeh guru kahayang mah murid teh cageur, bageur, jalingeur, bener, pinter, singer, tata-titi, nastiti,
sareng surti. Ulah sologoto, balata-boloto, bodo katotoloyo, kodomoyo, adigung, culangung, harung-
gampung, nurustunjung, sareng linglung. Tapi ari di imahna unggal poe dahar jeung nu 4 sehat 5
seubeuh wae, mangrupa sambel, kurupuk, tarasi, jeung lauk asin. Pagawean ngan saukur ngome HP.
Tungtungna mah di sakola teh boga panyakit B8 (Bodo, Belet, Butek, Biko, Boloho, Boloto, Boloon,
jeung Belegug). Nepi ka guruna ge ngan gawe istighfar wae, teh kuat hayang ngahuapkeun.

Tapi sakumaha gorengna ge murid, guru mah tong gaduh sifat sirik, pidik, jail, kaniaya, iren,
panastren, dudupak, rurumpak, ngumpat, simuat, teu kaopan, teu payaan, ujub, takabur, nyaci, maki,
pedit, linyok, dengdek, jeung bohongna. Salilana kudu sabar jeung nyaah ka murid.

Wassalamu’alaikum Wr. Wb.


BAHASA SUNDA BEUNGHAR

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Bahasa Sunda teh disebut bahasa nu beunghar. Sok ku urang perhatikeun anggota badan
urang. Dina Bahasa Indonesia kepala, naon deui kira-kira, teu aya? Dina Bahasa Inggris
nyaeta head, teu aya deui nya? Tapi dina Bahasa Sunda aya mastaka, sirah, hulu,
babatok. Lamun Bahasa Indonesiana dahar nyaeta makan, teu aya deui. Dina Bahasa
Inggris oge ngan eat, teu aya deui. Tapi dina Bahasa Sunda aya neda, tuang, emam,
dahar, madang, nyatu, ngenyoh, gagares, hahakan, cacapek, cacapluk, tetegek, tetelih,
lelebok, lolodok, papacok, jeung jajablog. Dina Bahasa Indonesia pan sok aya istilah 7
turunan, dina Bahasa Sunda mah 13 turunan, ti mimiti anak, incu, buyut, bao,
janggawareng, udeg-udeg, gantung siwur, bau sinduk, gerpak, tambak galeng,
dengdeng, gumleng, amleng.

Malah Bahasa Inggris oge loba nu asalna tina Bahasa Sunda.


“Ke sini” Bahasa Inggrisna “come here”, asalna tina “kadieu”
“Diam saja” Bahasa Inggrisna “stay cool” asalna tina “kuuleun”
Dina ciki oge sok aya ngaran “berat kotor” atawa istilah asingna “bruto”, asalna tina
“bureuteu”
“Pintu” Bahasa Inggrisna “door” asalna tina “gegedor panto”

Terus aya sasatoan,


“Angsa” Bahasa Inggrisna “swan”, asalna tina “soang”
“Burung” Bahasa Inggrisna “bird”, asalna tina “hiber”
“Ayam jago” Bahasa Inggrisna “cock”, asalna tina “kongkorongok”
“Anak ayam” Bahasa Inggrisna “chick”, asalna tina “ciak”
“Ikan” Bahasa Inggrisna “fish”, asalna tina “pais lauk”

Assalamu’alaikum Wr. Wb. 

Anda mungkin juga menyukai