Anda di halaman 1dari 3

Assalamualaikum Wr..Wb…..

Sampurasun dulur dulur…………….

Nepangkeun wasta abi………………..

Girang pangajen anu ku sim kuring dipihormat,

Bapa, ibu guru, oge rerencangan sadayana kumaha damang ..?

Alhamdulillah, nuhun daramang mah , dina kasempetan ieu sim abdi bade ngadongeng
‘’Sasakala Situ Cibeureum ‘’.

Hey pamirsa …..tos terang teuacan..?

Kieu geura…………… derrr…ah….

“ Sasakala Situ Cibeureum”

Jaman baheula, kira-kira 500 taun katukang atawa taun 15 Masehi , hirup hiji tokoh
agama di jaman Batara Galunggung anu katelahna Ki Bagus Djamri. Kacaritakeun, dina hiji
peting, Ki Bagus Djamri ngimpi katadangan ku hiji jalma anu sakti mandraguna, dina eta
impian teh, eta jalma ujud-ujug datang bari dibarengan ku cahya anu hurung ngempur mantak
serab nu nempona, make jubah bodas, make keketu bodas, buukna panjang ngarumbay,
janggotna panjang sadada, leungeunna bari nyekel tasbe anu ngaberendil segede-gede siki
salak.

Ki Bagus Djamri kacida kagetna kalayan sieun nu teuaya papadana, awakna ngadeg-
deg, langsung sideku bari nyembah “ampun………………ampun…………………ampun
pangersa…..”

Teu lila tidinya , ngong kadenge sora anu agem “.. Ulah sieu anaking, kula moal
ngaganggu ngagunasika ka hideup, hidep teh jalma soleh , kula rek mere wasiat sangkan
hirup hidep manfaat pikeun kahirupan jalma rea, hideup kudu nyieun gunung anu pinuh ku
mangrupa kekembangan di tengah-tengah talaga, kalayan kudu nyieun saung Paguyuban
pikeun munajat ka Nu Maha Kawasa, ngumpul ngariung keur ngamalkeun elmu pangaweruh
hidep. Kula percaya, hideup bakal jadi jalma anu luhung ku elmu kalayan jadi panutan jalma
rea.’’

“Sumuhun pangersa….sumuhun pangersa………” tembal Ki Bagus Djamri, bari tetep hatena


mah sieun da teu wawuh jeung eta teh saha sabenerna.
Geus kitu, eta jalma jeung cahaya nu hurung ngempur teh lep sirna duka kamana jungna
ngiles hilang tanpa karana.

Ki Bagus Djamri ngarasa tanggung jawab hayang ngawujudkeu kana eta wangsit,
sabab wangsit teh yakin datangna lain ti jalma biasa, tapi ti jalma anu luhung ku elmu
pangaweruh kalayan sakti mandra guna.Tiharita Ki Bagus Djamri ngalalampah naek gunung
turun gunung nyorang lebak lamping pasir niat neangan tempat anu saluyu jeng wasiat nu aya
dina impian tea.

Anjog kahiji tempat anu saluyu jeng dina impian, nyaeta kudu nyieun gunung anu
pinuh ku kekembangan kalayan aya saung paguyuban di tengah talaga. Ki Bagus Djamri
mimiti ngagarap melakan eta gunung ku kekembangan anu endah, nyieun saung paguyuban,
jeung nyieun balong anu digalina kutangkal bungur mangrupakeun linggis pikeun ngali
taneuh. Sabab baheula mah can aya pakakas model jaman ayeuna sagala aya.

Ku kasabaran jeung tawakal, lila-lila ngali taneuh teh beuki ngalegaan mangrupakeun
balong,anu gede, ngaburial cai nyusu cur-cor minuhan eta balong, katurug-turug hujan badag
ngagebret. Cai balong teh leb………….leb……minuhan wewengkon sabudeureun balong
jadi situ anu lega mayakpak pinuh ku cai. Sanajan kitu, pagunungan nu dijadikeun
pangumpulan ku Ki Bagus Djamri teu kakeueum, cai teh ngan saukur ngurilingan eta tempat
anu ahirna ngambang ditengah talaga atawa situ.

Ki Bagus Djamri ngajak warga anu aya disabudeureun wewengkon situ, pikeun
ngadeukeutkeun diri kanu Maha Kawasa, babarengan nyuprih elmu kalayan ngamalkeun
elmu pangaweruh. Lila-lila beuki kasohor loba jalma nu ngajug-jug ka Pangumpulan Ki
Bagus Djamri anu aya di tengah-tengah situ. Eta tempat jadi endah dipapaes kumangrupa
kekembangan, katut ka situna oge dipelakan kembang. Dina mangsana kekembangan ligar
pasosore, kasorot ku layung beureum eta situ caina robah warnana jadi beureum, mantak
endah ningalina saha bae anu datang kadinya. Ti harita eta jadi katelah ‘’Situ
Cibeureum‘’nepi ka danget ayeuna.

Cag………………….

Sakitu anu kapihatur. Ieu dongeng mudah-mudahan ageung manfaatna sareng janten
pieunteungeun kangge urang sadayana. Jalma luhung ku elmu pangaweruh kudu diamalkeun
ka sasama jalma sangakan barokah dunya aherat. Urang kudu nyaah ka alam lingkungan
urang sangkan endah kalayan dipikareueus ku balarea.
Wassalamualaikum wr..Wb…

Anda mungkin juga menyukai